PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es21
  • Januari

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Januari
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
  • Subjudul
  • Jumaah, 1 Januari
  • Saptu, 2 Januari
  • Minggu, 3 Januari
  • Senén, 4 Januari
  • Salasa, 5 Januari
  • Rebo, 6 Januari
  • Kemis, 7 Januari
  • Jumaah, 8 Januari
  • Saptu, 9 Januari
  • Minggu, 10 Januari
  • Senén, 11 Januari
  • Salasa, 12 Januari
  • Rebo, 13 Januari
  • Kemis, 14 Januari
  • Jumaah, 15 Januari
  • Saptu, 16 Januari
  • Minggu, 17 Januari
  • Senén, 18 Januari
  • Salasa, 19 Januari
  • Rebo, 20 Januari
  • Kemis, 21 Januari
  • Jumaah, 22 Januari
  • Saptu, 23 Januari
  • Minggu, 24 Januari
  • Senén, 25 Januari
  • Salasa, 26 Januari
  • Rebo, 27 Januari
  • Kemis, 28 Januari
  • Jumaah, 29 Januari
  • Saptu, 30 Januari
  • Minggu, 31 Januari
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2021
es21

Januari

Jumaah, 1 Januari

Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.​—Mat. 28:19.

Sakabéh hamba Allah nu satia hayang diajar carana ’ngalaksanakeun sagemblengna’ palayanan. (2 Tim. 4:​5, NW) Dibandingkeun jeung pagawéan séjénna, pagawéan ieu téh leuwih penting, jeung teu bisa diengké-engké. Tapi, nyadiakeun loba waktu keur palayanan téh bisa jadi teu gampang. Aya kagiatan penting séjénna nu ngabutuhkeun waktu jeung tanaga urang. Urang bisa jadi kudu digawé mangjam-jam unggal poé keur nganapkahan diri sorangan jeung kulawarga, atawa boga tanggung jawab séjén di kulawarga. Meureun urang gé keur gering, strés, atawa loba nu karasa lantaran geus kolot. Lamun urang teu bisa ngagunakeun leuwih loba waktu pikeun ngawula Yéhuwa, ulah leutik haté. Yésus apal yén teu unggal jalma bisa ngahasilkeun buah Karajaan nu sarua jumlahna, nyaéta méré waktu jeung tanaga nu sarua dina palayanan. (Mat. 13:23) Yéhuwa ngahargaan pisan sagala hal nu dilakukeun ku urang dina palayanan salila éta téh nu panghadéna.​—Ibr. 6:​10-12. w19.04 2 ¶1-3

Saptu, 2 Januari

Iblis . . . tukang bohong, bapana sagala bohong.​—Yoh. 8:44.

Yéhuwa dipitnah. Salah sahiji kabohongan Sétan téh nyaéta nu maot disiksa di naraka. Ieu téh mitnah Allah! Éta saolah-olah ngagambarkeun Allah nu asih sarua kejemna jeung Iblis. (1 Yoh. 4:8) Kumaha parasaan Sadérék kana hal ieu? Tah komo deui parasaan Yéhuwa! Sabenerna, Mantenna ijid kana sagala hal nu kejem. (Yer. 19:5) Jalma-jalma jadi ngarasa teu perlu percaya kana tebusan Kristus. (Mat. 20:28) Kabohongan Sétan séjénna téh nyaéta manusa boga jiwa nu teu bisa maot. Lamun kitu mah manusa téh geus hirup langgeng. Jadi, Kristus teu perlu deui nebus urang. Sing inget, korban Kristus téh bukti kanyaah nu panggedéna ka umat manusa. (Yoh. 3:16; 15:13) Jadi, bayangkeun kumaha parasaan Yéhuwa jeung Putra-Na kana kabohongan nu nyapirakeun kurnia nu luar biasa ieu! w19.04 14 ¶1; 16 ¶8-9

Minggu, 3 Januari

”Saha anu bisa neuleuman manah Pangeran? Saha anu bisa mere nasehat ka Mantenna?” Tapi urang mah kapan geus kaserepan ku panggalih Kristus.​—1 Kor. 2:​16.

Di mana pangajaran Yésus dicatet? Opat Injil nyatet loba hal ngeunaan ucapan jeung tindakan Yésus basa keur di bumi. Kitab-Kitab Yunani Kristen séjénna ngabantu urang paham kana cara pikir Yésus, lantaran nu nulisna diilhamkeun ku roh suci jeung boga ”panggalih Kristus”. Pangajaran Yésus mangaruhan kabéh widang kahirupan. Jadi, ”hukum Kristus” ngatur tindakan urang di imah, di pagawéan atawa sakola, jeung di sidang. (Gal. 6:2) Urang diajar hukum ieu ku cara maca jeung ngalenyepan Kitab-Kitab Yunani Kristen. Urang taat kana hukum ieu lamun nyaluyukeun hirup urang jeung pituduh, paréntah, sarta prinsip-prinsip nu aya dina kitab-kitab éta. Lamun urang taat kana hukum Kristus, éta hartina urang taat ka Yéhuwa, Allah nu nyaahan, nu jadi Sumber pangajaran Yésus.—Yoh. 8:28. w19.05 3 ¶6-7

Senén, 4 Januari

Anu daroraka, anu marunapek, geus jahat teh bakal beuki jahat.​—2 Tim. 3:​13.

Loba jalma nuturkeun cara Sétan. Tapi, Yéhuwa ningali naon nu dilakukeun ku Sétan. Mantenna apal pisan kana kasangsaraan urang, jeung bakal ngalilipur urang. Sukur pisan urang bisa ngawula Allah nu jadi sumber panglilipur. ”Dina kasusahan anu kumaha bae oge batin [urang] ku Allah disina teger, sarta ku sabab ditegerkeun ku Mantenna, [urang] oge bisa negerkeun ka batur anu eukeur nandang kasusah.” (2 Kor. 1:​3, 4) Nu paling butuh dililipur téh jalma nu teu dilindungan ku kolotna atawa nu dilécéhkeun ku barayana. Nu nulis jabur, Daud, ngarasa nu paling bisa ngalilipur manéhna téh Yéhuwa. (Jab. 27:10) Daud yakin Yéhuwa bakal narima saha waé nu geus ditolak ku kulawargana. Kumaha? Ku cara ngagunakeun hamba-hamba-Na nu satia. Dulur-dulur saiman urang téh kulawarga urang. Yésus ogé ngomong yén saha waé nu nyembah Yéhuwa diaku sabagé adi, lanceuk, jeung indungna.—Mat. 12:​48-50. w19.05 15-​16 ¶8-9

Salasa, 5 Januari

Terang ka anu panghadena.​—Pil. 1:​10.

Utamana, urang kudu diajar naon? Urang tangtu kudu nyadiakeun waktu unggal poé pikeun diajar Firman Allah. Ayeuna, jumlah ayat Alkitab nu dijadwalkeun pikeun dibahas di pasamoan geus dikurangan sangkan urang bisa boga loba waktu keur ngalenyepan jeung ngarisét. Tujuan urang téh sakuduna lain saukur maca kabéh ayatna, tapi sangkan haté urang kageuing ku warta Alkitab jeung sangkan urang beuki raket ka Yéhuwa. (Jab. 19:15) Palajaran Warta Hadé ngabantu urang paham kana Alkitab. Jadi, pariksa ayat-ayatna, hususna ayat nu bakal dibaca waktu artikel éta dibahas di sidang. Perhatikeun ogé kumaha kecap atawa frasa konci dina ayat éta ngadukung naon nu keur dibahas dina paragrap. Geus kitu, sadiakeun waktu keur ngalenyepan ayat nu dibaca sarta pikirkeun kumaha cara ngalarapkeunana.​—Jab. 119:27. w19.05 27 ¶5; 28 ¶9

Rebo, 6 Januari

Dahareun Kami nya eta pagawean ti pangersa anu ngutus, anu kudu dipigawe nepi ka anggeus.​—Yoh. 4:​34.

Sikep Yésus kana palayanan bisa jadi conto keur urang. Nu paling penting dina kahirupan anjeunna téh nyaritakeun Karajaan Allah ka batur. Anjeunna leumpang ratusan kilométer pikeun ngawawar ka saloba-lobana jalma. Unggal aya kasempetan, anjeunna ngawawar ka jalma-jalma di imahna atawa di tempat umum. Yésus miheulakeun palayanan dina kahirupanana. Urang bisa nyonto Yésus ku cara néangan kasempetan pikeun ngawawar iraha jeung di mana waé. Urang réla nyieun pangorbanan sangkan bisa ngawawar. (Mar. 6:​31-34; 1 Pet. 2:21) Di sidang, aya nu bisa ngawula jadi panaratas ékstra, biasa, jeung istiméwa. Aya ogé nu diajar basa séjén atawa pindah ka daérah nu leuwih ngabutuhkeun pawarta. Tapi, kagiatan pangwawaran téh lolobana dilakukeun ku para pawarta nu teu bisa ngalakukeun hal éta tapi tetep méré nu panghadéna. Teu sual kumaha kaayaanana, Yéhuwa teu ménta urang ngalampahkeun hal-hal nu moal kahontal. w19.04 4 ¶7-8

Kemis, 7 Januari

Sakur ucap abdi katut usiking sanubari, sing matak kamanah ku Gusti nun PANGERAN.​—Jab. 19:15.

Pék pikirkeun, ’Naha masih kénéh aya parasaan sirik dina haté abdi?’ (1 Pet. 2:1) ’Naha abdi ngarasa agul kana kasang tukang, pendidikan, atawa status ékonomi abdi?’ (Sil. 16:5) ’Naha abdi ngarendahkeun batur nu béda status sosial atawa nu béda sélérna?’ (Yak. 2:​2-4) ’Naha abdi kabita kana hal-hal nu ditawarkeun ku dunya Sétan?’ (1 Yoh. 2:​15-17) ’Naha abdi panasaran kana hiburan nu cabul jeung telenges?’ (Jab. 97:10; 101:3; Amos 5:15) Jawaban tina pananya-pananya ieu nunjukkeun dina hal naon waé Sadérék kudu barobah. Sadar atawa henteu, babaturan téh gedé pisan pangaruhna ka urang. (Sil. 13:20) Di tempat gawé atawa di sakola, urang dikurilingan ku jalma-jalma nu teu ngajurung urang ngamekarkeun cara pikir Allah. Tapi, urang bisa boga babaturan nu panghadéna di sidang Kristen. Di dinya, urang bisa dijurung pikeun ”nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah”.—Ibr. 10:​24, 25. w19.06 12 ¶13-​14

Jumaah, 8 Januari

Lamun urang digogoreng tapi ku urang teu ditolih, estu mulya kacida.​—Sil. 19:11.

Yéhuwa teu pernah boga maksud sangkan manusa boga masalah jeung ngalaman strés. Jadi, urang maklum lamun aya hamba Yéhuwa nu ngomong sangeunahna jeung teu dipikir heula waktu keur strés. (Ayub 6:​1-3) Sanajan manéhna nyebutkeun hal nu salah ngeunaan Yéhuwa atawa urang, ulah gancang ambek atawa nyalah-nyalahkeun manéhna. Sakapeung, jalma nu keur loba masalah gé butuh sababaraha naséhat jeung pépéling. (Gal. 6:1) Kumaha kokolot bisa ngalakukeunana? Maranéhna kudu nyonto Élihu nu rasrasan waktu ngadéngékeun carita Ayub. (Ayub 33:​6, 7) Élihu méré naséhat sanggeus manéhna ngarti naon nu dipikirkeun ku Ayub. Kokolot nu nyonto tuladan Élihu bakal bener-bener ngadéngékeun jeung hayang ngarti kana kaayaan saurang jalma. Mun geus kitu, naséhat maranéhna bakal leuwih katarima. w19.06 22-​23 ¶10-​11

Saptu, 9 Januari

Tunduk ka Allah ti batan ka manusa.​—Ras. 5:​29.

Kumaha Sadérék bisa tetep ngajalankeun ibadah ka Yéhuwa waktu kagiatan urang dilarang? Kantor cabang bakal méré pituduh jeung saran ka para kokolot sidang. Lamun kantor cabang teu bisa kontak jeung para kokolot, para kokolot bakal ngabantu Sadérék jeung kabéh anggota sidang pikeun tetep ibadah ka Yéhuwa. Maranéhna bakal méré pituduh nu luyu jeung bingbingan tina Alkitab jeung publikasi urang. (Mat. 28:​19, 20; Ibr. 10:​24, 25) Yéhuwa jangji hamba-hamba-Na moal kakurangan kadaharan rohani. (Yes. 65:​13, 14; Luk. 12:​42-44) Jadi, Sadérék bisa yakin yén organisasi-Na bakal ngupayakeun sangkan Sadérék tetep kuat sacara rohani. Naon nu bisa dilakukeun ku Sadérék? Waktu ibadah urang dilarang, téangan tempat nu buni pikeun nyamunikeun Alkitab sarta kadaharan rohani séjénna. Ati-ati, ulah ninggalkeun bacaan nu penting éta, boh nu kacitak boh nu éléktronik, di tempat nu gampang kanyahoan. Urang masing-masing kudu ngupayakeun pikeun tetep kuat sacara rohani. w19.07 10 ¶10-​11

Minggu, 10 Januari

Pikeun nu itu sim kuring kudu kawas kitu, pikeun nu ieu kudu kawas kieu, supaya bisa meuli hatena, sugan bae ku jalan kitu bisa nyalametkeun maranehanana saeutik-eutikeun.​—1 Kor. 9:​22.

Salila rébuan taun, kalolobaan jalma di dunya boga agama. Tapi puluhan taun katukang, kaayaanana barobah pisan. Beuki loba waé jalma nu teu paduli kana agama. Malahan di sababaraha nagri, kalolobaan pendudukna ngaku teu boga agama. (Mat. 24:12) Ku naon? Aya nu disimpangkeun ku kasenangan jeung kahariwangan hirup. (Luk. 8:14) Aya ogé nu jadi atéis. Nu séjénna percaya ka Allah tapi nganggap agama geus tinggaleun jaman, naséhatna teu kapaké, sarta teu luyu jeung sains tur logika. Maranéhna bisa jadi ngadéngé babaturan, guru, atawa jalma-jalma nu kasohor ngajelaskeun yén kahirupan téh tina évolusi, tapi jarang ngadéngé alesan nu asup akal pikeun percaya ka Allah. Nu séjénna deui geuleuh ka pamingpin agama nu sarakah kana duit jeung kakawasaan. Salian ti éta, di sababaraha nagri, pamaréntah ngawatesan kagiatan agama. w19.07 20 ¶1-2

Senén, 11 Januari

Kudu teger jeung pengkuh, kudu garetol, rajin ngalakonan kawajiban pikeun Gusti. Sabab aranjeun nyaho yen sakur lampah aranjeun pikeun Gusti moal aya anu mubadir.​—1 Kor. 15:58.

Sadérék teu kudu boga awak nu kuat pikeun terus lumpat dina pangbalapan rohani. Malah, loba nu boga masalah kaséhatan ogé sumanget rohanina mah tetep ngagedur. (2 Kor. 4:​16, NW) Sadérék meureun geus mangtaun-taun ngawula Yéhuwa tapi ayeuna boga masalah kaséhatan, jadi teu bisa méré loba siga baheula. Mun kitu, ulah sedih. Sing yakin, Yéhuwa inget jeung ngahargaan palayanan nu geus dilakukeun ku Sadérék ti baheula. (Ibr. 6:10) Sing inget, pangabdian sapinuh jiwa téh teu diukur tina lobana palayanan Sadérék. Urang kabukti nyaah jeung ngabdi ka Yéhuwa lamun tetep suka bungah, neuteup harepan, jeung ngawula sakamampuh urang. (Kol. 3:23) Yéhuwa paham kana kalemahan urang jeung teu ngarepkeun leuwih ti urang.—Mar. 12:​43, 44. w19.08 3 ¶6; 5 ¶11-​12

Salasa, 12 Januari

Caang maraneh ge kudu mencar ka sarerea, sangkan dipiconto kalakuan maraneh nu hade.​—Mat. 5:​16.

Ku ’kalakuan nu hade’ ti hamba-hamba-Na, Yéhuwa narik jalma-jalma pikeun ngaraket ka Mantenna. (Mat. 5:​14, 15; 1 Pet. 2:12) Lamun batur hirup Sadérék lain Saksi, naha manéhna pernah panggih jeung anggota sidang? Ajak manéhna datang ka pasamoan. (1 Kor. 14:​24, 25) Urang miharep kabéh kulawarga urang milu ngawula Yéhuwa. Tapi bisa jadi, sanggeus urang ngupayakeun sagala cara, maranéhna tetep wé teu jadi hamba Allah. Lamun kitu, ulah nyalahkeun diri sorangan. Urang pan teu bisa maksa batur boga kapercayaan nu sarua jeung urang. Tapi, lamun kulawarga ningali sakitu bagjana Sadérék ngawula Yéhuwa, bisa waé maranéhna kageuing. Pék doakeun maranéhna. Sing bijaksana waktu ngomong jeung maranéhna. Ulah nyerah! (Ras. 20:​20, SF) Sing yakin, Yéhuwa bakal ngaberkahan sagala upaya Sadérék. Lamun ahirna kulawarga Sadérék daék ngadéngékeun, maranéhna bisa salamet! w19.08 18-19 ¶15-​17

Rebo, 13 Januari

Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas, sakujur awak ngempray caang.​—Mat. 6:22.

Naon maksud Yésus? Nu dimaksud ku anjeunna téh urang kudu ngajaga hirup urang tetep saderhana atawa boga hiji tujuan jeung teu disimpangkeun ku loba hal. Yésus ogé méré tuladan ku cara ngutamakeun palayanan dina kahirupanana. Anjeunna ogé ngajar murid-muridna pikeun ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa jeung Karajaana-Na. Urang nyonto Yésus lamun ngajalankeun kahirupan nu ’mentingkeun heula Karajaan Allah sarta kaadilanana’. (Mat. 6:​33, SF) Urang bisa leuwih ngutamakeun palayanan lamun ngurangan waktu pikeun hal-hal nu teu pati penting sangkan boga leuwih loba waktu pikeun mantuan batur wanoh jeung nyaah ka Yéhuwa. Misalna, naha urang bisa ngurangan waktu gawé sangkan boga leuwih loba waktu pikeun ngawawar dina tengah minggu? Naha urang bisa ngurangan rékréasi nu méakkeun waktu? w19.04 5-6 ¶12-​13

Kemis, 14 Januari

Panglinggihan Kami luhur jeung suci, tapi Kami oge ngareujeungan ka anu rarendah hate.​—Yes. 57:15.

Sababaraha taun katukang, loba sadérék nu geus mangpuluh-puluh taun ngawula Yéhuwa narima tugas anyar. Loba ti sadérék-sadérék éta ngarasa hésé nyaluyukeun diri jeung parobahan. Jelas, éta téh lantaran maranéhna cinta kana tugasna jeung loba ogé nu geus mangtaun-taun ngalaksanakeun tugasna. Aya nu ngarasa sedih lantaran kudu nyaluyukeun diri jeung kaayaan nu anyar. Tapi, lila-lila maranéhna bisa nyaluyukeun diri. Naon sababna? Utamana lantaran nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna nyaho ngabakti téh ka Allah, lain kana tugas atawa hak istiméwa. (Kol. 3:23) Maranéhna bungah bisa terus ngawula Yéhuwa kalawan rendah haté dina tugas naon waé. Maranéhna gé ’ngunjukkeun sagala kasusah ka Mantenna’ lantaran apal Mantenna nyaah ka maranéhna. (1 Pet. 5:​6, 7) Waktu urang mekarkeun sipat rendah haté, urang jeung batur bakal narima mangpaatna. Urang jadi leuwih sanggup nyanghareupan tangtangan dina kahirupan. Nu pangutamana, urang jadi beuki raket jeung Bapa urang nu di sawarga. w19.09 6-7 ¶15-​17

Jumaah, 15 Januari

Papakon PANGERAN saestu, matak bagja nu mituhu. . . . tigin ka eta kenging ganjaran.​—Jab. 19:​9, 12.

Yéhuwa ngalantik Daud teu ngan saukur jadi kapala keur kulawargana, tapi ogé keur sakabéh bangsa Israil. Sabagé raja, Daud boga kawasa nu gedé. Hiji waktu, Daud pernah nyalahgunakeun kawasana jeung nyieun kasalahan gedé. (2 Sam. 11:​14, 15) Tapi, manéhna tunduk ka Yéhuwa ku cara daék narima disiplin. Liwat doa, manéhna ngungkabkeun eusi haténa ka Yéhuwa. Manéhna gé sabisa-bisa nuturkeun naséhat Yéhuwa. (Jab. 51:​3-6) Salian ti éta, manéhna rendah haté daék narima saran, teu saukur ti lalaki tapi ogé ti awéwé. (1 Sam. 19:​11, 12; 25:​32, 33) Daud diajar tina kasalahanana jeung ngutamakeun palayananana ka Yéhuwa. Manéhna nyaho mangpaatna tunduk ka Yéhuwa. Kiwari, urang bisa ningali bédana jalma nu tunduk ka Yéhuwa jeung nu nampik naséhat-Na. Jalma nu tunduk ka Yéhuwa ”bakal barungah”.​—Yes. 65:​13, 14. w19.09 17 ¶15; 19 ¶21

Saptu, 16 Januari

Kaula ningal jelema kacida lobana . . . narangtung di hareupeun tahta jeung Anak Domba.​—Wahyu 7:9.

Dina taun 1935, Saksi-Saksi Yéhuwa ahirna paham yén kelompok ieu teu kudu aya di sawarga pikeun narangtung ”di hareupeun tahta jeung Anak Domba”. Éta téh mangrupakeun lambang. Sanajan bakal hirup di bumi, maranéhna bisa narangtung ”di hareupeun tahta” ku cara narima Yéhuwa sabagé Pangawasa jeung tunduk kana wewenang-Na. (Yes. 66:1) Maranéhna bisa narangtung ’di hareupeun Anak Domba’ ku cara némbongkeun iman kana korban tebusan Yésus. Aya ayat séjén nu ngabantu urang paham yén kecap ”di hareupeun” téh boga harti lambang. Dina Mateus 25:​31, 32, ”jelema-jelema saalam dunya”, kaasup nu jahat, ’dijagragkeun ka payuneun’ tahta Yésus nu mulya. Jelas, jalma-jalma éta téh aya di dunya, lain di sawarga. Pamahaman nu geus disaluyukeun ieu asup akal. Éta sababna Alkitab teu pernah nyebutkeun jelema nu kacida lobana diangkat ka sawarga. Ngan aya hiji kelompok nu bakal ka sawarga, nyaéta ka-144.000 nu bakal ”marentah bumi” bareng jeung Yésus.—Wahyu 5:10. w19.09 28 ¶9

Minggu, 17 Januari

Sing nyaraah ka PANGERAN, he sakabeh umat nu saratia!​—Jab. 31:24.

Yéhuwa hoyong umat-Na misahkeun diri ti Babul Raya. Tapi, teu cukup ngan saukur mutuskeun hubungan jeung agama palsu. Urang gé kudu terus ngajalankeun agama nu sajati, nyaéta ibadah nu murni ka Yéhuwa. Perhatikeun dua carana. Kahiji, urang kudu nyekel pageuh papakon moral Yéhuwa nu bener. Urang teu bisa narima papakon jeung prinsip dunya ieu. Misalna, urang teu satuju kana sagala rupa lampah cabul, kaasup perkawinan sasama jenis jeung gaya hirup homoséksual. (Mat. 19:​4, 5; Rum 1:​26, 27) Kadua, urang kudu terus ibadah bareng jeung dulur saiman. Urang sabisa-bisa ngalampahkeun ieu di mana waé, misalna di Balé Karajaan, atawa lamun perlu di imah-imah atawa susulumputan di tempat séjén. Teu sual kumaha kaayaanana, urang kudu rutin ibadah babarengan. Sabenerna, urang kudu beuki getol masamoan ”sabab Poe pisumpingeunana Gusti geus beuki deukeut”.​—Ibr. 10:​24, 25. w19.10 15-16 ¶6-7

Senén, 18 Januari

Maneh kudu nyembah ka Pangeran, Allah maneh. Ngan Mantenna anu kudu dibakti!​—Mat. 4:10.

Yéhuwa hoyong urang bungah, jeung hiburan gé bisa ngabungahkeun. Malah Firman Allah nyebutkeun, ”Anu matak jelema mah panghadena teh geus bae nyatu nginum, beubeunangan usaha teh pake senang-senang.” (Pan. 2:24) Tapi, kalolobaan hiburan di dunya ieu pangaruhna goréng. Éta ngaruksak moral jalma-jalma. Hal-hal nu dikutuk ku Firman Allah jadi dianggap lumrah, malah dipikaresep. Urang hayang ngabakti ngan ka Yéhuwa, jadi urang teu meunang ngadahar ”Jamuan Gusti” bari jeung ”ngadahar susuguh pikeun roh jahat”. (1 Kor. 10:​21, 22) Dahar bareng téh bukti sosobatan. Lamun urang milih hiburan nu nonjolkeun kakerasan, spiritisme, lampah cabul, atawa hasrat jeung sikep nu salah, éta sarua jeung ngadahar dahareun nu disiapkeun ku musuh Allah. Balukarna, urang teu ngan saukur ngaruksak diri sorangan, tapi ogé ngaruksak sosobatan jeung Yéhuwa. w19.10 26 ¶2; 29-​30 ¶11-​12

Salasa, 19 Januari

Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci.​—2 Pet. 1:​21.

Lamun saurang palaut rék ngamangpaatkeun angin, manéhna kudu ngalakukeun dua hal. Kahiji, kapalna kudu aya di tempat nu anginna gedé. Lamun kapalna tetep di palabuhan mah, kapalna moal maju. Kadua, palaut kudu ngabébérkeun layar sagedé-gedéna. Jadi, sanajan aya angin gé lamun layarna teu dibébérkeun mah kapalna moal maju. Kitu ogé, urang bisa tetep satia ngawula ka Yéhuwa lamun dibantu ku roh suci. Supaya bisa kitu, aya dua cara. Kahiji, urang kudu aya di tempat nu loba roh sucina ku cara ngalakukeun kagiatan nu dituduhkeun ku roh suci. Kadua, urang kudu ”ngabébérkeun layar” sagedé-gedéna ku cara bener-bener ngalakukeun kagiatan éta, tong asal-asalan. (Jab. 119:32) Ku kituna, roh suci bakal méré kakuatan ka urang pikeun tabah nyanghareupan tentangan jeung masalah sarta terus satia. w19.11 9 ¶8; 10 ¶11

Rebo, 20 Januari

Maraneh ku Kami rek ditinggalan kakertaan, kakertaan Kami pribadi.​—Yoh. 14:27.

Dina poé panungtunganana di bumi, Yésus susah haté. Moal lila deui anjeunna bakal disiksa nepi ka maot ku jalma-jalma nu jahat. Tapi, Yésus ngarasa susah téh lain lantaran éta wungkul. Anjeunna nyaah pisan ka Bapana jeung hayang nyenangkeun Mantenna. Yésus apal lamun anjeunna tetep satia nyanghareupan cocoba ieu, nami Yéhuwa bakal dibersihkeun tina sagala pitnah jeung dimulyakeun. Yésus ogé nyaah ka manusa. Anjeunna apal yén harepan manusa pikeun hirup langgeng téh gumantung kana kasatiaan anjeunna nepi ka maot. Sanajan ngalaman loba kasusah, Yésus ngarasa tengtrem. Yésus ngarasakeun kakertaan atawa ’katengtreman ti Allah’, nyaéta parasaan tenang nu dihasilkeun tina sosobatanana jeung Yéhuwa. Ku kituna, Yésus jadi teu hariwang. (Pil. 4:​6, 7) Euweuh nu pernah nyanghareupan tangtangan kawas Yésus, tapi kabéh muridna bakal nyanghareupan kasusah. (Mat. 16:​24, 25; Yoh. 15:20) Saperti Yésus, sakapeung urang ngarasa susah haté. w19.04 8 ¶1-3

Kemis, 21 Januari

Ulah nahan Roh Suci.​—1 Tes. 5:​19.

Alus lamun urang ngalenyepan, ’Naha abdi muji sukur lantaran geus aya di organisasi Yéhuwa?’ Yéhuwa tos masihan bukti kuat nu nunjukkeun Mantenna ngaberkahan umat-Na kiwari. Urang tangtu muji sukur ka Yéhuwa. (1 Tes. 5:18) Kumaha carana urang ngadukung organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa ieu? Ku cara nuturkeun pituduh tina Alkitab nu aya dina publikasi, di pasamoan, jeung di kongrés-kongrés. Salian ti éta, urang ogé ngadukung organisasi ku cara satékah polah ngawawar jeung ngajar. (1 Kor. 15:58) Urang hayang kamanah ku Yéhuwa supaya korban urang ditarima. Urang hayang ngawula Yéhuwa lantaran nganuhunkeun ka Mantenna. Urang hayang méré nu panghadéna ka Yéhuwa lantaran nyaah pisan ka Mantenna. Urang gé hayang satékah polah ngadukung organisasi nu digunakeun ku Yéhuwa kiwari. Ku cara-cara ieu, urang ngabuktikeun ka Yéhuwa yén urang ngahargaan hak istiméwa pikeun jadi Saksi-Saksi-Na! w19.11 25 ¶17-​18

Jumaah, 22 Januari

Sing saha anu percaya ka Kami . . . bakal ngalampahkeun anu leuwih ti kitu.​—Yoh. 14:12.

Ieu lain hartina urang bakal nyieun mujijat saperti Yésus. Tapi, murid-muridna bakal ngawawar jeung ngajar ka daérah nu leuwih lega, ka leuwih loba jalma, jeung dina waktu nu leuwih lila. Lamun Sadérék digawé néangan napkah, pék pikirkeun, ’Naha di pagawéan, abdi katelah jalma nu getol? Naha pagawéan abdi bisa bérés dina waktuna? Naha abdi geus méré nu panghadéna?’ Mun jawabanana enya, Sadérék bisa jadi dipercaya ku dunungan. Batur gawé ogé bakal leuwih daék dibéré kasaksian. Ngeunaan ngawawar jeung ngajar, pék pikirkeun, ’Naha abdi katelah pawarta nu getol dines? Naha abdi persiapan waktu rék ngadatangan deui? Naha abdi gancang ngadatangan deui jalma-jalma nu minat? Naha abdi rutin dines ku rupa-rupa cara?’ Mun jawabanana enya, Sadérék bakal bungah dina dines. w19.12 5 ¶14-​15

Saptu, 23 Januari

Unggal salaki kudu nyaah ka pamajikan saperti ka awak sorangan, unggal pamajikan kudu hormat ka salaki.​—Epe. 5:33.

Pasangan nu mutuskeun rék boga budak kudu ngabahas dua pananya penting ieu: Kahiji, iraha maranéhna rék boga budak? Kadua, hayang boga budak sabaraha? Jadi, iraha waktu nu pangcocogna pikeun ngabahas éta? Jeung, ku naon dua pananya éta téh penting pisan? Biasana mah, pasangan nu rék kawin ngabahas sual boga budak saacan kawin. Ku naon alus ti saacan kawin? Salah sahiji alesanana nyaéta boga pandangan nu sarua ngeunaan hal éta téh penting. Salian ti éta, maranéhna kudu mikirkeun naha geus siap nyekel tanggung jawab éta. Aya pasangan nu mutuskeun teu boga budak heula hiji atawa dua taun sanggeus kawin lantaran jadi kolot mah butuh loba waktu jeung tanaga. Pasangan éta mikir lamun teu boga budak heula, maranéhna duaan bisa beuki deukeut sarta bisa ngabiasakeun diri jeung kahirupan rumah tangga. w19.12 23 ¶4-5

Minggu, 24 Januari

Sobat . . . jadi dulur pikeun silih tulungan dina kasusah.​—Sil.  17:​17, ”NW”.

Di sakuliah dunya, loba hamba Yéhuwa keur sedih jeung leutik haté lantaran kaayaanana. Aya dulur urang nu keur gering ripuh atawa ditinggal maot ku nu dipikanyaah. Nu séjénna keur sedih pisan lantaran aya anggota kulawarga atawa sobatna nu ninggalkeun Yéhuwa. Aya ogé nu sangsara ku musibat alam. Maranéhna téh butuh dikuatkeun. Kumaha carana nulungan maranéhna? Jadi sobat nu satia. Sobat nu satia daék nyieun pangorbanan pikeun dulur saimanna. Misalna, saurang sadérék nu ngaranna Peter dibéjaan ku dokter yén manéhna boga panyakit parah nu moal bisa dicageurkeun. Kathryn, pamajikanana, nyarita, ”Aya salaki pamajikan di sidang nu mawa abdi duaan ka dokter nu ngadiagnosa panyakit Peter. Ti saprak harita, maranéhna teu pernah ngantep urang nyanghareupan kasusahan ieu sorangan. Maranéhna siap nulungan urang iraha waé.” Urang tangtu dikuatkeun boga sobat sajati nu ngabantu urang tabah nyanghareupan tangtangan! w20.01 8 ¶1; 9 ¶5; 10 ¶6

Senén, 25 Januari

Harita keneh aranjeunna geus kacalikan ku Roh Suci, tuluy salasauran ku basa-basa sejen.​—Ras. 2:4.

Lamun Sadérék aya di antara murid nu ngarumpul dina loténg imah pas Péntakosta 33 M, tangtu Sadérék yakin pisan geus diistrénan ku roh suci. (Ras. 2:​5-12) Tapi, naha carana jalma-jalma diistrénan ku roh suci téh sarua kabéh? Henteu. Pikirkeun, iraha saurang jalma diistrénan. Dina poé éta, nu diistrénan ku roh suci téh lain ngan saukur kelompok nu jumlahna kira-kira 120 jalma. Poé éta kénéh, aya kira-kira 3.000 jalma deui nu narima roh suci sakumaha nu dijangjikeun ku Yésus. Maranéhna diistrénan pas keur dibaptis. (Ras. 2:​37, 38, 41) Tapi sababaraha taun sanggeusna, aya nu diistrénanana lain pas keur dibaptis. Contona, urang Samaria diistrénan sababaraha waktu sanggeus maranéhna dibaptis. (Ras. 8:​14-17) Malah Kornélius jeung rumah tanggana mah béda pisan. Maranéhna diistrénan saacan dibaptis.—Ras. 10:​44-48. w20.01 20-​21 ¶2-4

Salasa, 26 Januari

Ama ku Abdi parantos dikenalkeun ka maranehna.​—Yoh. 17:26.

Dina opat Injil waé, Yésus nyebut ”Rama” atawa Bapa ka Yéhuwa kira-kira 200 kali. Ku naon Yésus sering pisan nyebut Yéhuwa téh Bapa? Salah sahiji alesanana nyaéta supaya jalma-jalma yakin yén Yéhuwa téh Bapa nu nyaahan. (Yoh. 17:​25, 26) Urang bisa diajar naon tina sikep Yéhuwa ka Yésus, Putra-Na? Doa Yésus pasti didangu ku Yéhuwa. Mantenna teu saukur ngadangu, tapi ogé ngajawab doa Yésus. (Yoh. 11:​41, 42) Teu sual cocoba naon nu disanghareupan, Yésus ngarasakeun kanyaah jeung dukungan Bapana. (Luk. 22:​42, 43) Salaku Bapa nu nyaahan, Yéhuwa mastikeun yén Yésus ngarasakeun dukungan Bapana. (Mat. 26:53; Yoh. 8:16) Mémang Yéhuwa teu ngalindungan Yésus ti sakabéh cocoba, tapi Mantenna ngabantu anjeunna tabah. Yésus apal, sakabéh kasukeranana ngan saheulaanan. (Ibr. 12:2) Yéhuwa ngabuktikeun kanyaah-Na ku cara ngadangukeun Yésus, nyadiakeun pangabutuhna, ngalatih, jeung ngadukung anjeunna.​—Yoh. 5:20; 8:28. w20.02 3 ¶6-7, 9

Rebo, 27 Januari

Dina sagala hal . . . ulah tinggal ti tujuan pikeun kamulyaan Allah. Omat, ulah nyieun picurigaeun jeung pinyerieun hate batur.​—1 Kor. 10:​31, 32, ”SF”.

Waktu rék mutuskeun bakal miluan hiji kabiasaan atawa henteu, pikirkeun pangaruhna kana haté sanubari batur, hususna dulur saiman. Urang embung nganyenyeri haté batur! (Mar. 9:42) Urang gé embung nyinggung batur nu lain Saksi. Lantaran nyaah, urang bakal ngomong ku cara nu merenah. Éta ngamulyakeun Yéhuwa. Urang tangtu moal paréa-réa omong atawa ngaléléwé tradisi maranéhna. Sing inget, kanyaah téh gedé pangaruhna! Lamun urang némbongkeun kanyaah bari tetep sopan jeung mikirkeun parasaan batur, batur nu nentang bisa leuleuy haténa. Béré nyaho batur yén Sadérék téh Saksi-Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10) Sadérék leuwih bisa nenangkeun kulawarga lamun geus méré nyaho baraya jeung tatangga yén Sadérék nyembah ka Allah Yéhuwa. Urang ulah nepi ka éra ngabéla bebeneran.​—Rum 1:​16, SF. w19.04 17-​18 ¶14-​16

Kemis, 28 Januari

Jadi rasul oge panglaipna; simkuring mah, teu pantes-pantes acan jadi rasul.​—1 Kor. 15:​9, ”SF”.

Dua belas rasul terus babarengan jeung Yésus salila palayananana di bumi, tapi Rasul Paulus mah can jadi Kristen nepi ka Yésus maot tuluy dihirupkeun deui. Sanajan Paulus dilantik jadi ”rasul pikeun bangsa-bangsa sejen”, manéhna teu boga hak istiméwa pikeun jadi salah sahiji ti 12 rasul. (Rum 11:13; Ras. 1:​21-26) Paulus teu sirik ka 12 priya nu akrab jeung Yésus, tapi manéhna ngarasa cukup kana nu dipibogana. Lamun urang rendah haté jeung boga rasa cukup, urang bakal siga Rasul Paulus nu ngajénan jalma-jalma nu dibéré wewenang ku Yéhuwa. (Ras. 21:​20-26) Mantenna geus ngalantik priya-priya pikeun mingpin sidang Kristen. Sanajan teu sampurna, maranéhna téh mangrupa ”kurnia-kurnia” ti Yéhuwa. (Epe. 4:​8, 11) Lamun urang ngajénan jalma-jalma nu dilantik jeung rendah haté nuturkeun pituduhna, urang bakal tetep raket jeung Yéhuwa sarta rukun jeung dulur saiman. w20.02 17 ¶13-​14

Jumaah, 29 Januari

Urang bisa nyaahan teh lantaran Allah miheulaan asih ka urang.—1 Yoh. 4:19.

Saacan diajar jeung Saksi Yéhuwa, Sadérék meureun geus resep diajar ngeunaan Allah jeung sagala hal nu geus dilakukeun ku Mantenna. Ayeuna sanggeus kenal jeung Saksi Yéhuwa, Sadérék resep campur gaul jeung maranéhna. Tangtu Sadérék resep jeung ngahargaan hal-hal hadé éta. Tapi, éta kabéh can tangtu ngalantarankeun Sadérék hayang ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Hal utama nu bakal ngajurung Sadérék dibaptis téh nyaéta kanyaah ka Allah Yéhuwa. Lamun Sadérék leuwih nyaah ka Yéhuwa ti batan ka nu séjénna, moal aya nu bisa ngahalangan Sadérék ngawula Mantenna. Kanyaah ka Yéhuwa téh ngajurung Sadérék dibaptis jeung ngabantu Sadérék tetep satia. Ceuk Yésus, urang kudu nyaah ka Yéhuwa ku sapinuh haté, jiwa, budi akal, jeung kakuatan. (Mar. 12:30) Kumaha urang bisa boga kanyaah jeung panghargaan nu sakitu gedéna? Lamun mikirkeun Yéhuwa téh kacida nyaahna ka urang, urang jadi malik nyaah ka Mantenna. w20.03 4 ¶4-5

Saptu, 30 Januari

Laksanakeun sagemblengna palayanan manéh.​—2 Tim 4:​5, ”NW”.

Naon hartina ngalaksanakeun sagemblengna palayanan urang? Singgetna, pikeun sagemblengna dina palayanan, urang kudu sabisa-bisa milu ngawawar jeung ngajar. Tapi nu penting pikeun Yéhuwa mah lain jumlah waktu nu digunakeun, tapi alesan urang ngawawar. Lantaran nyaah ka Yéhuwa jeung sasama, urang resep ngalaksanakeun palayanan ku sakuat tanaga. (Mar. 12:​30, 31; Kol. 3:23) Ngawula Allah sakuat tanaga téh hartina urang ngagunakeun sagala kakuatan jeung kamampuh urang dina palayanan bari suka bungah. Lamun urang ngahargaan pangwawaran, urang bakal ngabagikeun warta hadé ka saloba-lobana jalma. Meureun urang teu bisa leuwih sering ngawawar. Tapi, éta nu dipikaresep ku urang. Urang hayang leuwih tarampil ngageuing haté jalma-jalma ku warta hadé. Urang ngutamakeun kagiatan pangwawaran. w19.04 2-3 ¶3-4, 6

Minggu, 31 Januari

Teu kaancikan ku sipat bener.​—Yoh. 8:​44.

Manusa jadi beuki sedih jeung sangsara. Kolot nu sedih lantaran budakna maot bisa jadi dibéjaan yén budakna dipénta ku Allah rék dijadikeun malaikat di sawarga. Naha kabohongan ieu téh nyieun maranéhna kalilipur atawa kalah ka beuki sedih? Pangajaran palsu ngeunaan naraka pernah dijadikeun dasar pikeun nyiksa jalma-jalma. Aya nu diduruk dina tihang lantaran ngalawan pangajaran garéja. Numutkeun buku ngeunaan Inkuisisi Spanyol, sababaraha jalma maréntahkeun tindakan nu kejem éta téh tujuanana sangkan jalma nu dianggap murtad ”ngasaan kumaha rasana seuneu abadi di naraka”. Jadi, maranéhna bisa tobat saacan maot jeung teu kudu disiksa di naraka. Di sababaraha nagri, jalma-jalma ngarasa kudu muja karuhunna pikeun ngahormat atawa ménta berkah ka maranéhna. Nu séjénna méré sasajén pikeun nenangkeun karuhunna supaya teu ngahukum maranéhna. Hanjakalna, kapercayaan nu dumasar kana kabohongan Sétan téh teu bener-bener ngalilipur. Nu aya jalma-jalma kalah ka beuki hariwang jeung sieun. w19.04 14 ¶1; 16 ¶10

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun