PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es22 kaca 7-17
  • Januari

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Januari
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
  • Subjudul
  • Saptu, 1 Januari
  • Minggu, 2 Januari
  • Senén, 3 Januari
  • Salasa, 4 Januari
  • Rebo, 5 Januari
  • Kemis, 6 Januari
  • Jumaah, 7 Januari
  • Saptu, 8 Januari
  • Minggu, 9 Januari
  • Senén, 10 Januari
  • Salasa, 11 Januari
  • Rebo, 12 Januari
  • Kemis, 13 Januari
  • Jumaah, 14 Januari
  • Saptu, 15 Januari
  • Minggu, 16 Januari
  • Senén, 17 Januari
  • Salasa, 18 Januari
  • Rebo, 19 Januari
  • Kemis, 20 Januari
  • Jumaah, 21 Januari
  • Saptu, 22 Januari
  • Minggu, 23 Januari
  • Senén, 24 Januari
  • Salasa, 25 Januari
  • Rebo, 26 Januari
  • Kemis, 27 Januari
  • Jumaah, 28 Januari
  • Saptu, 29 Januari
  • Minggu, 30 Januari
  • Senén, 31 Januari
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
es22 kaca 7-17

Januari

Saptu, 1 Januari

Ti bubudak hidep geus nyaho kana Kitab Suci, anu ka hidep mere pangarti, nungtun kana jalan salamet lantaran percaya ka Yesus Kristus.​—2 Tim. 3:15.

Timotius boga iman nu kuat lantaran nyobat jeung Yéhuwa. Sadérék gé kudu mariksa sorangan eusi Alkitab ngarah yakin éta téh bebeneran. Mimitina, Sadérék kudu ngabuktikeun sorangan tilu bebeneran dasar. Kahiji, Allah Yéhuwa téh nu nyiptakeun sagalana. (Bud. 3:14, 15, NW; Ibr. 3:4; Wahyu 4:11) Kadua, Alkitab téh wahyu ti Allah keur manusa. (2 Tim. 3:16, 17) Jeung katilu, aya kelompok nu dibingbing ku Yéhuwa keur ibadah ka Mantenna. Kelompok ieu dipingpin ku Kristus. Kelompok ieu téh nyaéta Saksi-Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10-12; Yoh. 14:6; Ras. 15:14) Sadérék teu kudu apal sakabéh eusi. Nu penting mah Sadérék ngagunakeun ”akal pikiran” supaya bisa beuki yakin yén Sadérék geus nyekel bebeneran.​—Rum 12:1, NW. w20.07 10 ¶8-9

Minggu, 2 Januari

Semet dinyenyeri bae ku kanyeri, . . . lima bulan lilana.​—Wahyu 9:5.

Ayeuna perhatikeun alesan nu kaopat. Salila ieu, urang ngahubungkeun abrulan simeut dina buku Yoel jeung pangwawaran lantaran aya nubuat nu sarupa dina buku Wahyu. Dina nubuat buku Wahyu, aya abrulan simeut nu beungeutna siga beunget jelema jeung ”huluna siga make makuta emas”. (Wahyu 9:7) Maranéhna nyiksa jalma-jalma, nyaéta musuh Allah ”anu tarangna teu make cap Allah”, salila lima bulan, nyaéta rata-rata umurna simeut. (Wahyu 9:​4) Nubuat ieu mémang ngagambarkeun hamba-hamba Yéhuwa nu diistrénan. Maranéhna wani nguarkeun yén Allah bakal ngahakiman dunya nu jahat ieu. Balukarna, nu ngadukung dunya ieu ngarasa kaganggu. Jadi, naha simeut dina Yoel 2:​7-9 téh béda jeung simeut dina buku Wahyu? Enya. Dina Alkitab, geus teu anéh lamun hiji hal bisa ngalambangkeun hal nu béda-béda. Contona dina Wahyu 5:​5, Yésus disebut ”Singa kaom Yuda”, tapi dina 1 Petrus 5:​8, singa digunakeun pikeun ngalambangkeun Iblis. w20.04 3 ¶8; 5 ¶10

Senén, 3 Januari

PANGERAN uninga kana kajadian di mana-mana. Kalakuan urang boh nu hade boh nu goreng ku Mantenna katilik.​—Sil. 15:3.

Hajar, palayanna Sarai, nyieun tindakan nu teu bijaksana sanggeus manéhna disérénkeun ka Abram sina ditikah. Waktu Hajar hamil, manéhna ngahina Sarai nu teu boga budak. Balukarna, Hajar dikejeman ku Sarai nepi ka ahirna kabur. (Kaj. 16:​4-6) Lantaran urang teu sampurna, meureun urang nganggap Hajar téh awéwé adigung nu pantes dihukum. Tapi, Yéhuwa teu ngarasa kitu ka Hajar. Mantenna ngutus malaikat ka Hajar, tuluy malaikat éta ngabantu Hajar ngarobah sikepna, Hajar ogé diberkahan. Hajar ngarasa Yéhuwa merhatikeun jeung paham kana sagala kaayaanana. Manéhna kageuing pikeun nyebut Yéhuwa téh ”Anu Maha Tingali”. (Kaj. 16:​7-13) Naon nu ditingali ku Yéhuwa ti Hajar? Mantenna apal pisan kumaha Hajar baheulana jeung naon waé nu geus kaalaman ku manéhna. Sikep Hajar nu teu ngahormat Sarai teu dianggap bener ku Yéhuwa, tapi Mantenna bageur lantaran mikirkeun parasaan jeung kaayaan Hajar. w20.04 16 ¶8-9

Salasa, 4 Januari

Bapa enggeus beres balap, geus nepi ka garis ahir.​—2 Tim. 4:7.

Rasul Paulus nyebutkeun yén kabéh urang Kristen sajati keur nempuh pangbalapan. (Ibr. 12:1) Jadi, teu sual ngora atawa kolot, jagjag atawa leuleus, urang kabéh kudu terus lumpat nepi ka ahir lamun hayang meunang hadiah ti Yéhuwa. (Mat. 24:13) Paulus teu asa-asa ngomong sotéh lantaran manéhna ’geus beres balap, nepi ka garis ahir’. (2 Tim. 4:​7, 8) Tapi, pangbalapan naon nu sabenerna keur diomongkeun ku Paulus? Pikeun ngajarkeun hal-hal penting, Paulus sok maké istilah pangbalapan nu diayakeun di Yunani kuno. (1 Kor. 9:​25-27; 2 Tim. 2:5) Sababaraha kali Paulus ngibaratkeun kahirupan urang Kristen siga balap lumpat. (1 Kor. 9:24; Pil. 2:​16, NW) Saurang jalma mimiti milu ”balap” téh waktu manéhna ngabaktikeun diri ka Yéhuwa tuluy dibaptis. (1 Pet. 3:21) Manéhna nepi ka garis ahir téh waktu Yéhuwa masihan hadiah hirup langgeng.—Mat. 25:​31-34, 46; 2 Tim. 4:8. w20.04 26 ¶1-3

Rebo, 5 Januari

Pake pakarang perang ti Allah.​—Epe. 6:​13.

”Aranjeun bakal dikuatkeun ku Gusti anu sipat satuhu, diraksa ti si Jahat.” (2 Tes. 3:3) Kumaha Yéhuwa ngalindungan urang? Yéhuwa geus nyadiakeun pakarang perang anu bisa ngalindungan urang ti serangan Sétan. (Epe. 6:​13-17) Pakarang perang rohani ieu téh kuat jeung gedé mangpaatna! Supaya urang bisa dilindungan, urang kudu maké kabéh pakarang perang ieu unggal waktu. Misalna, Sabuk téh ngagambarkeun bebeneran nu aya dina Firman Allah, nyaéta Alkitab. Ku naon urang kudu maké sabuk ieu? Supaya urang teu katipu ku si Sétan, ”bapana sagala bohong”. (Yoh. 8:44) Geus rébuan taun manéhna ngabohong jeung nyasarkeun ”saalam dunya”! (Wahyu 12:9) Kumaha carana maké sabuk ieu? Ku cara diajar bebeneran ngeunaan Yéhuwa, ibadah ka Mantenna ku ”bingbingan roh suci sarta luyu jeung bebeneran”, sarta ku cara terus jujur dina sagala hal.—Yoh. 4:​24, NW; Epe. 4:25; Ibr. 13:18. w21.03 26-​27 ¶3-5

Kemis, 6 Januari

Malah ka Nagri nu Éndah ogé bakal narajang.​—Dan. 11:​41, ”NW”.

Nu nyieun éta nagri istiméwa téh lantaran di dinya aya ibadah nu sajati. Ti saprak Péntakosta 33 M, ”Na­gri nu Éndah” geus lain ngamaksudkeun hiji nagri sacara harfiah. Éta moal mungkin, sabab umat Yéhuwa geus nyebar ka sakuliah dunya. Kiwari, ”Nagri nu Éndah” téh ngamaksudkeun cara hirup umat Allah. Éta kaasup ibadah maranéhna ka Yéhuwa ku cara masamoan jeung dines. Dina ahir jaman, raja kalér mangkali-kali narajang ”Nagri nu Éndah”. Misalna basa Nazi Jerman jadi raja kalér, hususna dina Perang Dunya II, éta raja narajang ”Nagri nu Éndah” ku cara nganiaya jeung maéhan umat Allah. Sanggeus Perang Dunya II, Uni Soviet nu jadi raja kalér. Éta raja narajang ”Nagri nu Éndah” ku cara nganiaya umat Allah jeung miceun maranéhna ka pangbuangan. w20.05 13 ¶7-8

Jumaah, 7 Januari

PANGERAN misobat ka anu nurut ka Mantenna, perjangjiana-Na ka maranehna bakal diteguhkeun.​—Jab. 25:14.

Perhatikeun sababaraha sobat Allah nu hirup saacan jaman Yésus. Contona Ibrahim. Imanna téh kuat pisan. Leuwih ti 1.000 taun sanggeus manéhna maot, Yéhuwa masih nyebut Ibrahim ”sahabat Kami”. (Yes. 41:8) Ibrahim masih tetep diinget ku Yéhuwa. (Luk. 20:​37, 38) Hartina, sosobatan jeung Yéhuwa moal pegat sanajan saurang jalma maot. Conto séjénna téh Ayub. Di hareupeun para malaikat, Yéhuwa nunjukkeun yén Mantenna yakin Ayub jalma nu satia. Ayub disebut jalma nu ”estu gumusti, tata titi ati-ati, nyingkah tina lampah salah”. (Ayub 1:​6-8) Conto séjénna deui nyaéta Daniél. Salila kira-kira 80 taun Daniél satia ngawula Yéhuwa di nagri nu jalma-jalmana teu nyembah Mantenna. Tilu kali para malaikat nyebut yén Yéhuwa ”nyaah” pisan ka Daniél. (Dan. 9:23; 10:​11, 19) Urang yakin, Yéhuwa hayang pisan ngahirupkeun deui kabéh sobat-Na nu geus maot.—Ayub 14:15. w20.05 26-​27 ¶3-4

Saptu, 8 Januari

Katangtosan-katangtosan Gusti wulangkeun ka abdi.​—Jab. 119:68.

Meureun saurang palajar Alkitab diajar hukum-hukum Allah, malahan bisa waé resep pisan kana hukum-hukum éta. Tapi, naha éta bisa nyieun manéhna nyaah jeung hayang taat ka Yéhuwa? Baheula, Hawa gé apal kana hukum Allah, tapi manéhna teu bener-bener nyaah ka Allah. Adam gé kitu. (Kaj. 3:​1-6) Jadi, urang kudu ngajarkeun hal séjén ogé, teu ngan saukur hukum jeung patokan hirup ti Allah. Hukum ti Yéhuwa téh loba mangpaatna. (Jab. 119:​97, 111, 112) Tapi, bisa waé palajar Alkitab urang teu ngarasa kitu sabab manéhna teu paham Yéhuwa méré hukum éta téh pédah nyaah ka urang. Jadi, urang bisa nanya ka manéhna: ”Ceuk manéh, ku naon Yéhuwa nitah kitu? Ku naon Yéhuwa ngalarang urang ngalakukeun éta? Paréntah ieu nunjukkeun Yéhuwa téh Pribadi nu saperti kumaha?” Lamun urang ngabantu palajar Alkitab mikirkeun ngeunaan Yéhuwa jeung mekarkeun kanyaah ka nami-Na nu mulya, haténa bakal leuwih kageuing. Jadi, manéhna teu ngan saukur resep kana hukum, tapi ogé nyaah ka Pribadi nu méré hukumna. Iman manéhna bakal leuwih kuat. Manéhna gé bakal leuwih sanggup nyanghareupan tangtangan.—1 Kor. 3:​12-15. w20.06 10 ¶10-​11

Minggu, 9 Januari

Sing cepet kana ngadenge,sing lambat kana nyarita.​—Yak. 1:​19.

Urang kudu sabar sabab butuh waktu mun saurang jalma rék balik deui ka Yéhuwa. Loba nu baheulana teu aktif ngomong yén maranéhna bisa balik deui sanggeus sababaraha kali didatangan ku kokolot jeung dulur saiman. Ceuk Nancy ti Asia Tenggara, ”Sobat abdi di sidang ngabantu pisan. Manéhna geus jiga lanceuk sorangan. Abdi diingetan deui hal-hal éndah nu pernah kaalaman ku urang duaan. Basa abdi ngungkabkeun parasaan, manéhna sabar sarta teu asa-asa méré naséhat. Manéhna téh sobat sajati nu siap nulungan iraha waé.” Sikep saperasaan téh jiga ubar nu bisa nyageurkeun haté nu raheut. Sababaraha pawarta nu teu aktif meureun geus mangtaun-taun nyeri haté ka dulur saiman di sidang. Parasaan éta bisa ngahalangan maranéhna balik deui ka Yéhuwa. Maranéhna ngarasa batur téh geus teu adil ka maranéhna. Nu teu aktif butuh babaturan nu daék ­ngadéngékeun jeung ngarti kana parasaan maranéhna. w20.06 26-27 ¶10-​11

Senén, 10 Januari

[Maraneh] geus bisa ngelehkeun si Jahat.​—1 Yoh. 2:​14.

Unggal suksés ngalawan gogoda, anjeun bakal leuwih gampang ngalakukeun nu bener. Tong poho, pandangan nu salah ngeunaan séks téh asalna ti Sétan. Jadi mun anjeun nolak pandangan éta, anjeun téh ”ngelehkeun si Jahat”. Urang ngakukeun Yéhuwa boga hak keur nangtukeun mana nu dianggap dosa. Urang gé sabisa-bisa teu ngalakukeun dosa. Tapi mun ngalakukeun dosa, urang hayang ngaku ka Yéhuwa dina doa. (1 Yoh. 1:9) Mun ngalakukeun dosa sérius, urang hayang ménta bantuan kokolot nu geus dilantik ku Yéhuwa keur ngurus urang. (Yak. 5:​14-16) Tapi, urang sakuduna teu teterusan ngarasa salah lantaran dosa nu baheula dilakukeun. Ku naon? Lantaran Bapa urang geus nyadiakeun tebusan, nyaéta Putra-Na. Ku jalan tebusan éta, dosa-dosa urang bisa dihampura. Waktu Yéhuwa ngomong bakal ngahampura nu tarobat, éta nu bener-bener dilakukeun ku Mantenna. Ku kituna, urang bisa ngawula Yéhuwa jeung teu teterusan ngarasa salah.—1 Yoh. 2:​1, 2, 12; 3:​19, 20. w20.07 22-​23 ¶9-​10

Salasa, 11 Januari

Gusti teh sumbering hirup.​—Jab. 36:10.

Baheula, Yéhuwa téh sorangan. Sanajan kitu, Mantenna teu ngarasa sedih, da Mantenna mah teu butuh sasaha supaya bisa bagja. Tapi, Mantenna hayang nu séjén gé ngarasakeun bagjana hirup. Lantaran sipat-Na nu nyaahan, Yéhuwa mulai nyiptakeun. (1 Yoh. 4:19) Mimitina, Yéhuwa nyiptakeun Putra-Na, Yésus. ­Babarengan jeung Yésus, Yéhuwa ”ngajadikeun saniskara”, kaasup jutaan malaikat. (Kol. 1:16) Yésus resep pisan bisa digawé bareng jeung Bapana. (Sil. 8:30) Para malaikat gé tangtu senang sabab bisa ningali langsung Yéhuwa jeung Yésus nyiptakeun langit jeung bumi. Naon buktina? Para malaikat ”sarurak bungah” waktu bumi diciptakeun, sarta muji Yéhuwa waktu Mantenna nyiptakeun hal-hal séjénna, utamana waktu nyiptakeun manusa. (Ayub 38:7; Sil. 8:31) Unggal ciptaan ngabuktikeun yén Yéhuwa téh nyaahan jeung bijaksana.—Jab. 104:24; Rum 1:​20, SF. w20.08 14 ¶1-2

Rebo, 12 Januari

Bakal dipikageuleuh ku unggal ­jelema dumeh anut ka Kami.​—Mat. 24:9.

Urang diciptakeun ku Yéhuwa pikeun nyaah ka batur jeung dipikanyaah ku batur. Jadi mun aya anu ngéwa ka urang, urang bisa ngarasa sedih, jeung jadi sieun. Saurang sadérék nulis, ”Waktu tentara neunggeul, ngahina, jeung ngancam abdi lantaran abdi téh Saksi-Saksi Yéhuwa, abdi sieun jeung ngarasa direndahkeun.” Mun dipikangéwa saperti kitu, urang bisa ngarasa sedih pisan. Tapi urang teu kudu héran kana hal éta, lantaran Yésus geus ngaramalkeun yén urang bakal dipikageuleuh ku batur. Ku naon dunya ieu ngéwa ka murid-murid Yésus? Jiga Yésus, urang téh ”geus lain bogana” dunya. (Yoh. 15:​17-19) Misalna, najan urang hormat ka pamaréntah manusa, urang mah moal ngang­kat leungeun pikeun hormat bandéra, jeung moal ngawihkeun lagu-lagu nasional. Urang ngan ngabakti ka Yéhuwa wungkul. Urang gé ngadukung hak Yéhuwa pikeun maréntah manusa. Ari Sétan jeung ’turunanana’ mah nangtang hak éta. (Kaj. 3:​1-5; Kaj. 3:15, NW) Urang ngawartakeun yén hiji-hijina harepan keur umat manusa téh nyaéta Karajaan Allah. Moal lila deui, ieu Karajaan bakal ngancurkeun kabéh musuh. (Dan. 2:44; Wahyu 19:​19-21) Keur jelema bener mah ieu téh warta hadé, tapi keur jelema jahat mah sabalikna. w21.03 20 ¶1-2

Kemis, 13 Januari

Urang apal urang téhasalna ti ­Allah.​—1 Yoh. 5:​19.

Kumaha jeung para sadérék istri? Yéhuwa gé nganggap maranéhna penting. Maranéhna téh dipuji lantaran bijaksana, boga iman, sumanget, wani, béréhan, jeung bageur ka batur. (Luk. 8:​2, 3; Ras. 16:​14, 15; Rum 16:​3, 6; Pil. 4:3; Ibr. 11:​11, 31, 35) Urang gé diberkahan ku ayana sadérék-sadérék nu geus sepuh di sidang. Bisa jadi, maranéhna téh boga masalah kaséhatan. Tapi, maranéhna téh geus méré nu panghadéna dina dines pangwawaran. Maranéhna gé sabisa-bisa nguatkeun jeung ngalatih batur! Urang tangtu diajar loba hal tina pangalaman maranéhna. Maranéhna téh penting sarta dipikanyaah pisan ku Yéhuwa jeung ku urang. (Sil. 16:31) Pikirkeun ogé barudak ngora di sidang. Maranéhna téh nyanghareupan loba masalah lantaran hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan si Iblis jeung pinuh ku pangajaran-pangajaran palsuna. Urang pasti gedé haté mun ningali maranéhna méré koméntar dina pasamoan, miluan dines, jeung wani ngabéla kapercayaanna. Barudak ngora, hidep téh dibutuhkeun di sidang!—Jab. 8:​2, NW. w20.08 21-​22 ¶9-​11

Jumaah, 14 Januari

Maraneh diutus teh lir domba nyampeurkeun ajag-ajag.​—Mat. 10:16.

Waktu urang ngawawar jeung jadi Saksi Yéhuwa, bisa jadi urang ditarajang ku ”angin ribut”. Maksudna, bisa jadi urang meunang tangtangan ti kulawarga, dipoyokan ku batur, jeung teu diwaro waktu ngawawar. Kumaha supaya Sadérék bisa leuwih wani? Kahiji, Sadérék kudu yakin Yésus terus ngabingbing kagiatan pangwawaran ti sawarga. (Yoh. 16:33; Wahyu 14:​14-16) Kadua, Sadérék kudu boga iman yén Yéhuwa bakal ngurus Sadérék. (Mat. 6:​32-34) Mun iman Sadérék beuki kuat, Sadérék bakal beuki wani. Sadérék nunjukkeun iman nu kuat waktu méré nyaho kulawarga jeung babaturan yén Sadérék geus diajar Alkitab bareng Saksi Yéhuwa sarta milu masamoan! Sadérék gé pasti geus ngarobah kalakuan jeung cara hirup supaya bisa nuturkeun patokan hirup ti Yéhuwa. Nyieun parobahan jiga kitu téh butuh iman jeung kawani. Bari terus ngupayakeun sangkan leuwih wani, tong poho ”PANGERAN Allah maneh ka mana-mana oge tan wande nyarengan.”​—Yos. 1:​7-9. w20.09 5 ¶11-​12

Saptu, 15 Januari

Ku PANGERAN dipaparin reureuh.​—2 Bab. 14:​6.

Raja Asa méré tuladan nu alus. Manéhna bijaksana sabab bener-bener ngandelkeun Yéhuwa. Boh keur susah boh keur tengtrem, manéhna terus ngawula Yéhuwa. Sapanjang hirupna, Asa ngawula Yéhuwa ku sapinuh haté. (1 Rja. 15:14) Salah sahiji buktina, Asa nyingkirkeun agama palsu ti Yuda. Ceuk Alkitab, ”Altar-altar bangsa sejen jeung tempat-tempat ngabakti ka brahala ku anjeunna disingkir-singkirkeun, pilar-pilar karamatna dirugrug-rugrugkeun, arca-arca Asera diteukteukan.” (2 Bab. 14:​3, 5) Malah ninina sorangan, nyaéta Maaka, diléngsérkeun tina kadudukan ibu suri. Ku naon? Sabab ninina ngajurung rahayat pikeun nyembah brahala. (1 Rja. 15:​11-13) Raja Asa teu ngan saukur nyingkirkeun agama palsu. Manéhna gé ngabantu urang Yuda balik deui ka Yéhuwa. Yéhuwa ngaberkahan Asa jeung rahayatna ku katengtreman. Waktu Asa maréntah, nagri téh ”euweuh nu ngaganggu” salila sapuluh taun.​—2 Bab. 14:​1, 4; 14:​6, NW. w20.09 14-15 ¶2-3

Minggu, 16 Januari

Timoteus anaking! Sing tigin kana pangajaran-pangajaran anu geus dipercayakeun ka hidep.​—1 Tim. 6:​20.

Urang sering mercayakeun hal nu penting ka batur. Misalna, urang nyimpen duit di bank. Urang hayang duit urang aman jeung teu leungit atawa dipaok. Rasul Paulus ngajurung Timoteus pikeun ngajaga naon nu geus dipercayakeun ka manéhna. Timoteus geus dibéré hal nu istiméwa, nyaéta pamahaman nu akurat ngeunaan tujuan Allah pikeun umat manusa. Timoteus gé dibéré kapercayaan pikeun terus ’ngamashurkeun Injil Kasalametan’. (2 Tim. 4:​2, 5) Jiga Timoteus, urang gé geus dipercayakeun hal-hal nu penting ku Yéhuwa, nu ibarat harta. Yéhuwa téh bageur sabab geus mantuan urang paham kana bebeneran nu aya dina Firman-Na, Alkitab. Bebeneran éta penting pisan lantaran ngajarkeun carana nyobat jeung Yéhuwa sarta ngajelaskeun carana supaya urang bisa bener-bener bagja. Lamun urang narima jeung nuturkeun bebeneran éta, urang bakal bébas tina pangajaran palsu. Urang gé bakal jadi jalma bener.—1 Kor. 6:​9-11. w20.09 26 ¶1-3

Senén, 17 Januari

Aranjeun terang kumaha soson-­sosonna sim kuring basa di aranjeun, keur paedah aranjeun.​—1 Tes. 1:5.

Palajar kudu bisa ningali yén Sadérék resep jeung yakin kana pangajaran tina Alkitab. Ku kituna, manéhna gé bakal sumanget waktu diajar. Mun perlu, Sadérék bisa nyaritakeun kumaha Alkitab geus ngabantu hirup Sadérék. Engké manéhna bisa ningali, nuturkeun bingbingan Alkitab téh aya mangpaatna keur manéhna. Waktu ngajar, caritakeun pangalaman dulur-dulur saiman nu boga masalah nu méh sarua jeung si palajar, terus béré nyaho naon nu dilakukeun ku maranéhna. Sadérék gé bisa ngajak pawarta séjén di sidang nu boga pangalaman alus jeung aya mangpaatna keur palajar. Éta bisa mantuan si palajar pikeun ningali, nuturkeun naséhat Alkitab téh aya mangpaatna. Mun palajar Alkitab geus kawin, batur hirupna milu diajar teu? Mun henteu, ajak manéhna diajar bareng. Jurung palajar pikeun nyaritakeun bebeneran ka kulawarga jeung babaturanana.​—Yoh. 1:​40-45. w20.10 16 ¶7-9

Salasa, 18 Januari

Ajarkeun ka anak. Ucapkeun tong weleh.​—Pam. 6:7.

Sanggeus gedé, Yésus dipikaresep ku Allah. Yésus bisa kitu téh lantaran diajar ku kolotna. Yusup jeung Mariam nuturkeun paréntah Allah keur kolot. (Pam. 6:​6, 7) Maranéhna nyaah pisan ka Yéhuwa. Maranéhna gé hayang barudakna mikanyaah Yéhuwa jiga kitu. Yusup jeung Mariam nyieun pilihan nu alus dina kahirupan. Maranéhna ngupayakeun ngarah kulawargana boga rutin rohani nu alus. Unggal minggu, maranéhna sakulawarga indit ka imah ibadah di Nasarét. Terus, maranéhna gé indit ka Yérusalém unggal taun pikeun miluan Pésta Paska. (Luk. 2:41; 4:16) Katingalina pas di jalan ka Yérusalém, Yusup jeung Mariam ngajar Yésus jeung adi-adina sajarah ngeunaan umat Yéhuwa. Meureun maranéhna gé ngaliwatan tempat-tempat nu dicatet dina Kitab Suci. Waktu barudakna beuki loba, pasti teu gampang ngajaga rutin rohani téh. Tapi, tingali hasilna! Lantaran Yusup jeung Mariam ngutamakeun ibadah ka Yéhuwa, maranéhna sakulawarga nyobat jeung Mantenna. w20.10 28 ¶8-9

Rebo, 19 Januari

[Ezra] manahna geus gilig seja ngulik jeung ngalakonan ­Hukum PANGERAN . . . sarta seja ngajarkeun eta hukum-hukum.​—Ezra 7:​10.

Sadérék gé bisa nyiapkeun bahan anu rék dibahas. Dorin, saurang panaratas istiméwa, ngomong, ”Abdi senang mun pawarta nu maturan abdi geus nyiapkeun bahanna. Jadi, manéhna bisa méré koméntar tambahan nu alus.” Terus, palajar gé jadi bisa ningali Sadérék duaan geus bener-bener persiapan. Éta bisa dipiconto ku manéhna. Tapi saupama Sadérék teu bisa bener-bener nyiapkeun bahanna, sahenteuna baca heula bahanna saliwat supaya Sadérék apal inti palajaran nu bakal dibahas. Doa téh salah sahiji bagian nu penting dina palajaran Alkitab. Jadi, pikirkeun heula naon nu bakal diucapkeun lamun engké Sadérék dipénta ngadoa. Ku kituna, doa Sadérék bisa keuna kana haté palajar. (Jab. 141:2) Hanae ti Jepang, inget kénéh kana doa ti sadérék nu maturan guru Alkitabna baheula. Ceuk manéhna, ”Abdi bisa ngarasakeun, manéhna téh deukeut pisan jeung Yéhuwa. Abdi jadi hayang jiga manéhna. Abdi gé ngarasa dipikanyaah lantaran ngaran abdi disebutkeun dina doana.” w21.03 9-​10 ¶7-8

Kemis, 20 Januari

Ulah sieun! . . . Engke di Rum oge kudu kitu.​—Ras. 23:11.

Yésus geus jangji Rasul Paulus bakal salamet nepi ka Rum. Tapi, harita sababaraha urang Yahudi di Yérusalém nyieun rencana rék nyerang jeung maéhan Paulus. Kumaha Paulus ditulungan? Komandan pasukan Rum, Klaudius Lisias, nyahoeun ngeunaan rencana éta. Manéhna buru-buru nyalametkeun Paulus. Paulus dikirim ka Késaréa bari dikawal ku loba prajurit. Di ditu, Gupernur Péliks méré paréntah supaya Paulus ditahan di karaton Raja Hérodés. Musuh-musuh jadi teu bisa ngalakukeun nanaon ka Paulus. (Ras. 23:​12-35) Tapi, Féstus diangkat jadi gupernur pikeun ngagantikeun Péliks nu hayang nyenangkeun urang Yahudi. Manéhna nanya kieu ka Paulus, ”Daek lamun perkara maneh dipariksa di Yerusalem, diputus di ditu disaksian ku kami?” Tapi Paulus apal, mun balik ka Yérusalém, manéhna bisa dipaéhan ku urang Yahudi. Paulus ngomong, ”Jisim abdi nyuhunkeun apel ka Prabu.” Geus kitu manéhna ngomong, ”Pamenta maneh apel ka Prabu diluluskeun.” Moal lila deui, Paulus bakal aya di Rum, jauh ti urang Yahudi nu hayang maéhan manéhna.​—Ras. 25:​6-12. w20.11 13 ¶4; 14 ¶8-​10

Jumaah, 21 Januari

Urang osok oge disalahkeun ku budi rasa sorangan.​—1 Yoh. 3:​20.

Boga parasaan salah téh wajar. Misalna, aya nu ngarasa salah sabab baheulana nyieun kasalahan saacan diajar bebeneran, atawa ngalakukeun dosa sanggeus dibaptis. (Rum 3:23) Urang pasti hayang ngalakukeun nu bener, tapi kabéh ogé ”remen nyieun kasalahan”. (Yak. 3:2; Rum 7:​21-23) Euweuh nu resep ngarasa salah, tapi éta aya alusna ogé. Ku naon? Sabab mun urang ngarasa salah, urang jadi hayang barobah sarta embung ngalakukeun kasalahan nu sarua. (Ibr. 12:​12,13) Tapi najan urang geus tobat sarta Yéhuwa geus nunjukkeun Mantenna ngahampura urang, urang bisa teterusan ngarasa salah. Parasaan jiga kitu téh bahaya. (Jab. 31:11; 38:​4, 5) Jadi urang kudu ati-ati, ulah nepi ka teterusan ngarasa salah. Ku naon? Sabab éta nu diarep-arep ku Sétan. Manéhna hayang urang eureun ngawula Yéhuwa. Padahal mah, Yéhuwa geus ngahampura urang!​—Bandingkeun 2 Korinta 2:​5-7, 11. w20.11 27 ¶12-​13

Saptu, 22 Januari

Jadi percumah kaula hirup ­beresih, teu guna ngajauhan dosa oge.​—Jab. 73:13.

Urang Léwi nu nulis Jabur sirik téh lain pédah hayang sangeunahna ngalakukeun hal nu goréng, tapi lantaran ningali jalma-jalma éta hirupna mani ngeunah. (Jab. 73:​2-9, 11-14) Maranéhna jiga nu teu kakurangan nanaon. Urang Léwi ieu kudu boga cara pikir jiga Yéhuwa. Ku kituna, manéhna bisa bagja jeung teu teterusan susah haté. Manéhna ngomong, ”Di dunya gé hoyong naon deui, da parantos gaduh [Yéhuwa]”. (Jab. 73:25) Jadi, ulah pernah sirik ka jalma-jalma nu teu ngutamakeun Yéhuwa jeung hirupna katingali senang. Kasenangan maranéhna téh ngan saharitaeun. (Pan. 8:​12, 13) Mun urang sirik, urang bisa leutik haté. Sosobatan urang jeung Yéhuwa gé bisa ruksak. Jadi mun urang geus mulai sirik, pék conto urang Léwi tadi. Tuturkeun naséhat Allah, sarta gaul jeung jalma-jalma anu ngalakukeun kahayang Yéhuwa. Jadikeun Yéhuwa sumber kabungah Sadérék. Sadérék bakal bagja sarta bakal tetep aya dina jalan anu nungtun kana ”hirup sajati”.​—1 Tim. 6:19. w20.12 19 ¶14-​16

Minggu, 23 Januari

Urang mah henteu terang kumaha kuduna neneda. Nya Roh ku anjeun anu melas-melis ka Allah mangunjukkeun ucap-ucap anu henteu bisa kedal.​—Rum 8:​26.

Salian ti nyaritakeun masalah urang ka Yéhuwa, urang gé kudu ngucap sukur. Sanajan kaayaanna hésé, pék inget-inget deui berkah naon waé nu geus ditarima ku urang. Tapi, kumaha lamun urang bingung rék ngomong naon? Sing inget, Yéhuwa bakal ngajawab doa urang, najan urang ngan ngomong, ”Yéhuwa, tulungan abdi!” (2 Bad. 18:31) Andelkeun hikmat ti Yéhuwa, lainna diri sorangan. Dina abad kadalapan SM, urang Yuda sieuneun basa rék diserang ku bangsa Asur. Jadi, maranéhna ménta tulung ka bangsa Mesir. (Yes. 30:​1, 2) Yéhuwa méré paringetan ka maranéhna, mun ngandelkeun bangsa Mesir, maranéhna bakal cilaka. (Yes. 30:​7, 12, 13) Liwat Nabi Yésaya, Yéhuwa méré nyaho urang Israil kumaha carana supaya salamet. Mantenna ngomong, ”Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.”​—Yes. 30:15. w21.01 3-4 ¶8-9

Senén, 24 Januari

Kaula dibejaan yen anu dicapan tarangna ku cap Allah tehaya 144.000 urang.​—Wahyu 7:​4.

Lantaran geus satia, dulur-dulur Kristus nu diistrénan ieu bakal jadi raja sarta imam di sawarga bareng jeung Kristus. (Wahyu 20:6) Yéhuwa, Yésus, jeung para malaikat bakal kacida bungahna waktu 144.000 nu diistrénan narima hadiahna di sawarga. Sanggeus nyarita ngeunaan 144.000 raja jeung imam, Yohanes ningali ”jelema kacida lobana” salamet tina Armagédon. Mun dibandingkeun jeung nu diistrénan mah, jumlah jelema kacida lobana téh jauh leuwih loba, malah nepi ka teu kaitung. (Wahyu 7:​9, 10) Maranéhna maraké jubah bodas, nunjukkeun yén maranéhna ngajaga diri tetep bersih ti dunya Sétan, sarta terus satia ka Allah jeung Kristus. (Yak. 1:27) Maranéhna sarurak bungah lantaran geus disalametkeun ku Yéhuwa jeung Yésus. Maranéhna gé nyarekel palapah daun palem. Éta nunjukkeun maranéhna bungah ngakukeun Yésus sabagé raja nu geus dilantik ku Yéhuwa.​—Bandingkeun Yohanes 12:​12, 13. w21.01 15-​16 ¶6-7

Salasa, 25 Januari

Abdi jadi mulya ku pitulung Gusti.​—2 Sam. 22:36.

Saurang priya bisa jadi kapala kulawarga nu hadé mun manéhna nyonto carana ­Yéhuwa jeung Yésus ngagunakeun wewenang. Misalna, sipat karendahan haté. Yéhuwa téh Pribadi nu paling bijaksana. Najan kitu, Mantenna daék ngadéngékeun hamba-Na. (Kaj. 18:​23, 24, 32) Terus najan sampurna, Yéhuwa teu ngarepkeun urang ngalakukeun hal-hal nu di luar kasanggupan urang. Justru Yéhuwa daék ngabantu manusa anu teu sampurna supaya suka bungah ngalayanan Mantenna. (Jab. 113:​6, 7) Dina Alkitab gé, Yéhuwa disebut ”Panulung”. (Jab. 27:9; Ibr. 13:6) Raja Daud apal, manéhna bisa suksés téh lantaran Yéhuwa rendah haté sarta daék nulungan manéhna. Perhatikeun tuladan Yésus. Yésus téh Jungjunan, tapi anjeunna daék ngumbah suku murid-muridna. Yésus gé ngomong, ”Kami teh mere tuladan, supaya maraneh oge milampah sakumaha anu ku Kami dipilampah ka maraneh.” (Yoh. 13:​12-​17) Sanajan Yésus boga wewenang anu luhur, anjeunna henteu hayang dilayanan. Justru, anjeunna anu ngalayanan batur.​—Mat. 20:28. w21.02 3-4 ¶8-​10

Rebo, 26 Januari

Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana.​—Sil. 20:29.

Budak lalaki, aya loba hal nu bisa anjeun lakukeun keur sidang. Kalolobaan ti aranjeun téh gedé tanaga jeung euweuh kacapé. Anjeun téh kurnia keur sidang. Anjeun meureun boga cita-cita pikeun jadi palayan sidang. Tapi bisa waé anjeun ngarasa, batur nganggap anjeun ngora teuing atawa kurang pangalaman pikeun ngajalankeun tugas penting. Tapi sanajan anjeun ngora kénéh, aya hal-hal nu bisa anjeun lakukeun ayeuna ngarah bisa dipercaya jeung dihargaan ku sadérék-sadérék di sidang. Ari anjeun kumaha? Loba barudak ngora nu ngagunakeun pangabi­sana pikeun mantuan sadérék-sadérék di sidang. Misalna, mun anjeun ngarti kana alat-alat éléktronik, anjeun bisa mantuan sadérék-sadérék nu geus sepuh pikeun ngagunakeun tablét atawa alat éléktronikna keur palajaran pribadi jeung masamoan. Sadérék-­sadérék nu geus sepuh ngahargaan pisan bantuan anjeun. Pangpangna, dina sagala hal pék senangkeun Bapa urang di sawarga. w21.03 2 ¶1, 3; 7 ¶18

Kemis, 27 Januari

Masing-masing kudu tanggung jawab kana kalakuanana sorangan.​—Gal. 6:5.

Tapi saupama pamajikan leuwih pinter tibatan salaki gé, anu boga tanggung jawab pikeun mingpin ibadah kulawarga sarta kagiatan rohani séjénna téh tetep salaki. (Epe. 6:​4, NW) Pamajikan kudu tunduk ka salaki, tapi manéhna gé kudu tanggung jawab kana karohanianana sorangan. Ku kituna, manéhna kudu nyadiakeun waktu pikeun diajar Alkitab sarta ngalenyepanana. Éta bisa ngabantu manéhna tetep nyaah jeung hormat ka Yéhuwa. Terus, manéhna gé bakal réla tunduk ka salakina. Para pamajikan nu tunduk ka salaki lantaran nyaah ka Yéhuwa bakal leuwih bagja jeung sugema tibatan pamajikan nu embung nuturkeun aturan ti Yéhuwa. Maranéhna jadi tuladan keur barudak ngora, boh lalaki boh awéwé. Maranéhna gé bisa nyieun kaayaan di imah jeung di sidang jadi tengtrem. (Tit. 2:​3-5) Ayeuna, nu jadi umat Yéhuwa téh lolobana para wanita.​—Jab. 68:12. w21.02 12-13 ¶21-​23

Jumaah, 28 Januari

Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.​—Yak. 4:8.

Rasul Paulus téh tuladan nu hadé. Manéhna teger jeung tabah. Mémang, Paulus osok ngarasa lemah. Tapi, manéhna bisa teger lantaran ngandelkeun kakuatan ti Yéhuwa. (2 Kor. 12:​8-​10; Pil. 4:​13) Urang bisa teger jeung dibéré kakuatan jiga Paulus mun urang rendah haté, ngakukeun yén urang butuh bantuan Yéhuwa. (Yak. 4:​10) Sing yakin, mun urang keur ngalaman cocoba, éta téh lain hukuman ti Yéhuwa. Yakobus nulis, ”Jelema ari keur meunang gogoda ulah ngarasula, ’Ieu cocoba teh ti Allah.’ Sabab Allah mah moal kagoda ku kajahatan, jeung tara ngadoja ka sing saha bae.” (Yak. 1:​13) Mun urang yakin kana hal éta, urang bisa leuwih ngadeukeutkeun diri ka Bapa urang di sawarga. Yéhuwa mah ”mustahil barobah”. (Yak. 1:​17, SF) Mantenna mantuan urang Kristen dina abad kahiji waktu maranéhna nyanghareupan cocoba. Jadi, Mantenna gé pasti mantuan urang ayeuna. Pék ngadoa ménta hikmat, iman, jeung kategeran ti Yéhuwa. Mantenna bakal ngajawab doa Sadérék. w21.02 31 ¶19-​21

Saptu, 29 Januari

Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.​—Sil. 27:17.

Sadérék bisa nguatkeun palajar Alkitab nu masamoan, ku cara terus nunjukkeun perhatian. (Pil. 2:4) Upayakeun pikeun leuwih kenal ka manéhna, tapi ulah tatanya ngeunaan kahirupan pribadina. Sadérék bisa muji manéhna sabab geus nyieun parobahan. Sadérék gé bisa nanyakeun kumaha palajaran Alkitabna, kulawargana, atawa pagawéanana. Engké Sadérék jeung manéhna téh bakal leuwih akrab. Terus, manéhna gé bakal leuwih gampang pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Waktu palajar geus nyieun kamajuan, urang kudu ngabantu supaya manéhna ngarasa jadi bagian ti sidang. Carana, sing akuan ka manéhna. (Ibr. 13:2) Terus lamun palajar Alkitab geus jadi pawarta, Sadérék bisa ngajak manéhna dines bareng. Diego, saurang pawarta ti Brasil, nyarita, ”Loba nu ngajak abdi dines bareng. Abdi jadi leuwih deukeut jeung maranéhna. Abdi gé bisa diajar loba hal. Terus, abdi jadi leuwih akrab jeung Yéhuwa sarta Yésus.” w21.03 12 ¶15-​16

Minggu, 30 Januari

Nu goreng ulah dibales ku goreng.​—Rum 12:17.

Yésus ngajarkeun murid-muridna pikeun nyaah ka musuh-musuh. (Mat. 5:​44, 45) Ieu téh teu gampang. Tapi, urang bisa ngalakukeunana ku bantuan roh suci Yéhuwa. Buah padamelan roh téh kaasup nyaahan, sabar, hadé ka batur, lemah lembut, jeung nahan napsu. (Gal. 5:​22, 23) Sipat-sipat ieu bisa ngabantu urang tetep teger najan dipikangéwa. Loba jalma jadi teu ngéwa deui ka urang lantaran salaki, pamajikan, barudak, atawa tatanggana anu Saksi nunjukkeun sipat-sipat éta. Malah mah, loba anu jadi dulur saiman urang. Jadi, lamun Sadérék ngarasa hésé pikeun mikanyaah jalma nu ngéwa ka Sadérék lantaran Sadérék ngawula Yéhuwa, pék ngadoa ménta roh suci. (Luk. 11:13) Sarta sing yakin, urang moal pernah rugi mun taat ka Allah! (Sil. 3:​5-7) Mun urang terus mikanyaah jalma-jalma nu ngéwa ka urang, bisa waé maranéhna barobah. Pangpangna mah, éta téh nyenangkeun Yéhuwa. Tapi sa­upama batur tetep mikangéwa urang, urang bisa tetep bagja. w21.03 23 ¶13; 24 ¶15, 17

Senén, 31 Januari

Nagri urang diambreg ku balad simeut, baredas tur kacida lobana.​—Yoel 1:6.

Yoél keur ngaramalkeun serangan militér. (Yoel 2:​1, 8, 11) Yéhuwa nyebutkeun bakal ngagunakeun ”balad” (pasukan Babilon) pikeun ngahukum urang Israil nu teu taat. (Yoel 2:25) Pasukan ieu cocog mun disebut ”daratangna ti kaler” lantaran urang Babilon téh nyerang Israil ti kalér. (Yoel 2:20) Pasukan ieu siga abrulan simeut nu diatur kalawan tartib. Yoél nyebutkeun yén unggal prajurit ”maju bareng . . . Breg ambreg ka jero kota, . . . naraekan imah-imah, terus arasup tina jandela kawas bangsat”. (Yoel 2:​8, 9) Kabayang teu ku Sadérék? Aya prajurit di mamana. Euweuh nu bisa nyumput. Teu aya nu bisa nyingcet tina pedang urang Babilon! Urang Babilon (Babul) nyerang kota Yérusalém siga simeut dina taun 607 SM. Catetan Alkitab nyebutkeun, ”Raja Babul ka lalaki ka awewe, ka nu cageur ka nu gering . . . teu aya pisan rasrasanana.”​—2 Bab. 36:​17. w20.04 5 ¶11-​12

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun