Pébruari
Salasa, 1 Pébruari
Batur kudu dianggap leuwih hade ti batan diri sorangan.—Pil. 2:3.
Urang bisa nyonto Yéhuwa ku cara sabisa-bisa paham ka dulur-dulur saiman. Sing leuwih kenal ka maranéhna. Pék ngobrol saacan jeung sanggeus pasamoan, ajak dines, sarta lamun bisa, ajak dahar bareng. Ku kituna, Sadérék bakal nyaho yén sadérék istri nu katingalina judes téh sabenerna mah éraan, sadérék nu beunghar téh lainna beuki duit tapi béréhan, atawa sadérék istri jeung barudakna nu sering telat téh sabenerna ditentang ku salakina. (Mat. 7:1) Tangtu, ulah nepi ka ”campur kana urusan batur”. (1 Tim. 5:13) Tapi, lamun urang nyaho ngeunaan dulur-dulur urang jeung kaayaanana, urang bakal leuwih paham ka maranéhna. Lamun Sadérék nyaho kasang tukang ti dulur saiman nu pikakeuheuleun, Sadérék bakal leuwih rasrasan ka manéhna. Butuh upaya sangkan kenal ka dulur saiman. Tapi lamun Sadérék nuturkeun naséhat Alkitab pikeun muka haté, Sadérék nyonto Yéhuwa nu mikanyaah ”sakabeh jelema”.—1 Tim. 2:3, 4, SF; 2 Kor. 6:11-13. w20.04 16-17 ¶10-12
Rebo, 2 Pébruari
Kanyaah nu panggedena ti hiji jalma ka sobat-sobatna, nya eta lamun nepi ka iklas ngorbankeun jiwa pikeun ngabelaanana.—Yoh. 15:13.
Dina peuting saacan Yésus maot, anjeunna ngingetan murid-muridna supaya silih pikanyaah. Anjeunna apal mun murid-murid silih pikanyaah, maranéhna bisa tetep ngahiji jeung tetep teger najan dipikangéwa ku dunya ieu. Perhatikeun naon nu kaalaman ku sidang di Tésalonika. Ti saprak ieu sidang diadegkeun, sadérék-sadérék di ditu téh teterusan dikaniaya. Najan kitu, maranéhna bisa tetep satia jeung silih pikanyaah. Ieu téh tuladan nu alus keur urang. (1 Tes. 1:3, 6, 7) Paulus ngajurung maranéhna pikeun terus silih pikanyaah, malah kudu ”leuwih ti kitu”. (1 Tes. 4:9, 10) Mun maranéhna silih pikanyaah, maranéhna bisa nguatkeun anu lemah jeung nu leutik haté. (1 Tes. 5:14) Dulur-dulur saiman di ditu nuturkeun naséhat ti Paulus. Éta kabukti tina surat Paulus anu kadua, nu ditulis kira-kira sataun sanggeusna. Ceuk Paulus, maranéhna téh ”mingkin silih pikanyaah”. (2 Tes. 1:3-5) Lantaran silih pikanyaah, maranéhna bisa tetep teger waktu nyanghareupan kasusah jeung waktu dikaniaya. w21.03 22 ¶11
Kemis, 3 Pébruari
Supaya bisa nempuh pangbalapan nu keur dilakonan.—Ibr. 12:1.
Lamun hayang meunang hadiah hirup langgeng, urang kudu nuturkeun jalan kahirupan Kristen. (Ras. 20:24; 1 Pet. 2:21) Tapi, Sétan jeung jalma-jalma nu nuturkeun manéhna hayang urang milih jalan séjén jeung lumpat cara maranéhna. (1 Pet. 4:4) Maranéhna ngaléléwé jalan hirup urang jeung ngaku-ngaku yén jalan hirup maranéhna bakal ngabébaskeun. Tapi, éta bohong. (2 Pet. 2:19) Nuturkeun jalan hirup nu bener téh kacida pentingna! Sétan hayang urang kabéh eureun nuturkeun jalan nu ”brasna kana kahirupan” tuluy pindah jalur ka jalan nu rubak nu dituturkeun ku kalolobaan jalma di dunya. Jalan éta dipikaresep ku loba jalma jeung gampang dituturkeun. Tapi, éta jalan ”brasna kana kabinasaan”. (Mat. 7:13, 14, NW) Ngarah aya di jalan nu bener jeung teu disimpangkeun, urang kudu ngandel jeung nurut ka Yéhuwa. w20.04 26 ¶1; 27 ¶5, 7
Jumaah, 4 Pébruari
Bapa menta supaya hidep mangnyuhunkeun, mangnedakeun . . . supaya urang hirup teh ayem jeung tengtrem, ibadah ka Allah.—1 Tim. 2:1, 2.
Sababaraha taun katukang, Rusia jeung balad-baladna ogé narajang ”Nagri nu Éndah”. (Dan. 11:41) Ku cara naon? Dina taun 2017, Rusia ngalarang kagiatan umat Yéhuwa jeung ngagebluskeun sababaraha dulur urang ka panjara. Manéhna ogé ngalarang publikasi urang, kaasup Alkitab Terjemahan Dunia Baru. Terus manéhna nyita kantor cabang, Balé-Balé Karajaan, jeung Balé-Balé Kongrés di Rusia. Sanggeus kajadian éta, dina taun 2018, Badan Pingpinan ngumumkeun yén Rusia jeung balad-baladna téh raja kalér. Tapi umat Yéhuwa mah rék di mana waé gé, embung pipilueun ngalawan atawa ngaléngsérkeun pamaréntah sanajan dikaniaya sacara kejem. Sabalikna, maranéhna nurut kana naséhat Alkitab pikeun ngadoakeun ”kapala-kapala pamarentahan”, hususna waktu para pajabat ieu nyieun putusan nu mangaruhan kabébasan pikeun ibadah. w20.05 14 ¶9
Saptu, 5 Pébruari
Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.—1 Tim. 4:16.
Indung Bapa, mun hayang barudak yakin kana bebeneran, maranéhna kudu nyobat jeung Allah sarta yakin yén nu diajarkeun Alkitab téh bener. Waktu ngajarkeun bebeneran ngeunaan Allah ka barudak, Sadérék kudu méré tuladan. Sadérék kudu jadi palajar Alkitab nu hadé. Sadérék kudu nyadiakeun waktu keur ngalenyepan bebeneran Alkitab. Mun geus kitu, kakara Sadérék bisa laluasa ngajar barudakna pikeun ngalakukeun nu sarua. Sadérék gé kudu ngajarkeun barudak pikeun ngagunakeun pakakas keur diajar Alkitab, misalna Perpustakaan Online Menara Pengawal jeung aplikasi JW Library, sakumaha maranéhna ngajarkeun palajar Alkitabna sorangan. Ku kituna, barudak bakal beuki nyaah ka Yéhuwa jeung percaya yén Mantenna ngagunakeun gandék nu satia jeung bijaksana keur ngabantu umat-Na paham kana Alkitab. (Mat. 24:45-47) Ulah ngarasa puas mun geus ngajarkeun bebeneran dasar Alkitab ka barudak. Bantu barudak nguatkeun imanna ku cara ngajarkeun pangajaran nu jero ngeunaan Allah, luyu jeung umur atawa kamampuh éta budak.—1 Kor. 2:10. w20.07 11 ¶10, 12-13
Minggu, 6 Pébruari
Saha anu diwidian marek ka Bait Gusti? Nya eta anu dina sagala hal tuhu ka Allah, anu salawasna migawe nu bener.—Jab. 15:1, 2.
Kiwari, aya sabaraha loba jalma nu jadi sobat Yéhuwa? Jutaan. Di sakuliah dunya, aya loba lalaki, awéwé, jeung barudak nu laku lampahna nunjukkeun maranéhna téh hayang jadi sobat Allah. Lamun boga iman kana tebusan Yésus, urang kabéh bisa nyobat jeung Yéhuwa. Urang gé jadi bisa ngabaktikeun diri ka Mantenna jeung dibaptis. Ku kituna, urang bisa jadi bagian ti jutaan umat Allah nu ngabaktikeun diri, dibaptis, sarta nyobat jeung Pribadi nu Maha Agung! Kumaha urang bisa ngahargaan sosobatan jeung Allah? Ibrahim jeung Ayub satia ka Allah salila leuwih ti saratus taun. Urang kudu nyonto maranéhna, tetep satia ka Yéhuwa teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Mantenna di dunya ieu. Urang gé bisa nyonto Daniél nu nganggap sosobatan jeung Mantenna leuwih penting ti batan hirupna. (Dan. 6:7, 10, 16, 22) Ku bantuan Yéhuwa, urang bisa tabah nandangan kasusah naon waé sarta tetep nyobat jeung Mantenna.—Pil. 4:13, NW. w20.05 27 ¶5-6
Senén, 7 Pébruari
Buleudkeun haté abdi.—Jab. 86:11, ”NW”.
Sakali waktu, Daud ningali pamajikan batur nu keur mandi. Manéhna apal Yéhuwa téh ngalarang kieu, ”Ulah mikahayang pamajikan batur.” (Bud. 20:17) Tapi, Daud kalah ka terus ningalian éta awéwé. Haténa jadi ngadua, ka Yéhuwa jeung ka éta awéwé, nyaéta Batséba. Sanajan geus lila nyaah jeung ngahormat ka Yéhuwa, ayeuna Daud éléh ku hasratna nu mentingkeun diri. Ahirna, manéhna nyieun kasalahan nu gedé pisan. Tindakanana ngagogoréng nami Yéhuwa. Salian ti éta, batur nu teu salah sarta kulawargana sorangan gé jadi milu sangsara. (2 Sam. 11:1-5, 14-17; 12:7-12) Yéhuwa méré disiplin ka Daud. Ahirna, Daud bisa nyobat deui jeung Yéhuwa. (2 Sam. 12:13; Jab. 51:4-6, 19) Daud pasti inget sakumaha peurih balukarna mun ngadua haté. Kekecapanna dina Jabur 86:11 bisa ogé ditarjamahkeun jadi: ”Bantu abdi sangkan teu ngadua haté.” Na Yéhuwa ngabantu Daud sangkan teu ngadua haté deui? Enya. Buktina ka dieunakeun, Firman Allah nyebut Daud sabagé jalma nu ”sapinuh haté ka Yéhuwa Allahna”.—1 Rja. 11:4; 15:3, NW. w20.06 11 ¶12-13
Salasa, 8 Pébruari
Ku Kami, maranéhna terusditarik ku tali kanyaah.—Hos. 11:4, ”NW”.
Alkitab nyaruakeun kanyaah Yéhuwa jiga tali. Ku naon? Bayangkeun Sadérék tigejebur ka laut nu ombakna gedé jeung caina tiis. Terus aya nu ngalungkeun pelampung, jadi Sadérék teu tilelep. Pasti Sadérék nganuhunkeun pisan kana bantuan éta. Tapi mun hayang salamet, éta téh teu cukup. Sadérék kudu geura naék ka parahu. Jadi, kudu aya nu ngalungkeun tali sarta ngabetot Sadérék ka parahu. Sakumaha disebutkeun dina ayat poé ieu, ku kanyaah-Na, Yéhuwa terus narik bangsa Israil nu ngajauh ti Mantenna. Kiwari, parasaan Yéhuwa masih sarua ka jalma nu geus teu ngawula Mantenna sarta saolah-olah tilelep ku masalah jeung kahariwangan. Yéhuwa hayang maranéhna ngarasakeun kanyaah-Na sarta hayang narik maranéhna. Bisa waé urang nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun nunjukkeun kanyaah-Na. Nu teu aktif téh kudu terus diyakinkeun yén Yéhuwa jeung urang nyaah ka manéhna. w20.06 27-28 ¶12-13
Rebo, 9 Pébruari
Salamet jelema anu tabah ku gogoda.—Yak. 1:12.
Sanggeus Stépanus dipaéhan, loba urang Kristen kabur ti Yérusalém sarta ”paburencay ka sakuliah Yudea jeung Samaria”. Malahan aya nu kabur nepi ka Siprus jeung Antioki. (Ras. 7:58–8:1; 11:19) Pék bayangkeun, sakumaha beurat tangtangan nu disanghareupan ku maranéhna. Tapi hébatna, maranéhna tetep getol jeung sumanget nguarkeun warta hadé ka mana waé maranéhna indit. Ahirna, sidang-sidang gé diadegkeun di wilayah-wilayah karajaan Rum. (1 Pet. 1:1) Tapi kahareupna, maranéhna bakal nyanghareupan tangtangan nu leuwih hébat! Misalna kira-kira dina taun 50 M, kabéh urang Yahudi dititah ninggalkeun Rum ku Kaisar Klaudius. Jadi, urang Kristen Yahudi dipaksa naringgalkeun imahna jeung pindah ka tempat séjén. (Ras. 18:1-3) Kira-kira dina taun 61 M, Rasul Paulus nyaritakeun yén dulur-dulur saimanna ieu dihina di hareupeun umum, diasupkeun ka panjara, sarta pangabogana dirampas. (Ibr. 10:32-34) Terus jiga nu kaalaman ku loba jalma, sababaraha urang Kristen gé aya nu miskin jeung gering.—Rum 15:26; Pil. 2:25-27. w21.02 26-27 ¶2-4
Kemis, 10 Pébruari
Sabab Iblis geus turun bari napsu ngagugudug, da nyahoeun geus deukeut kana panungtunganana.—Wahyu 12:12.
Mun iman urang kuat, Sétan jeung balad-baladna moal bisa ngeureunkeun urang pikeun terus aya dina jalan bebeneran. (2 Yoh. 8, 9) Geus teu anéh mun urang dipikageuleuh ku dunya. (1 Yoh. 3:13) Yohanes ngingetan, ”Saalam dunya dibawah ku si Jahat.” (1 Yoh. 5:19) Lantaran ahir dunya geus beuki deukeut, amarah Sétan beuki ngagedur. Sétan teu ngan ngagunakeun serangan teu langsung jiga hal cabul jeung kabohongan ti jalma-jalma murtad. Manéhna gé ngagunakeun serangan langsung, misalna panganiayaan nu kejem. Sétan apal manéhna geus teu boga loba waktu, jadi manéhna maké sagala cara pikeun ngeureunkeun kagiatan pangwawaran jeung ngaruksak iman urang. Jadi, teu héran mun kagiatan urang diwatesan atawa dilarang di sababaraha nagri. Tapi, dulur-dulur saiman urang di ditu téh tetep teger. Éta bukti urang bisa tetep satia, teu sual naon cara nu dipaké Sétan keur nyerang umat Yéhuwa! w20.07 24 ¶12-13
Jumaah, 11 Pébruari
Kurnia Allah mah nya eta hirup langgeng sarta ngahiji jeung Kristus Yesus.—Rum 6:23.
Yéhuwa hayang manusa hirup langgeng di bumi nu geus diciptakeun ku Mantenna. Tapi Adam jeung Hawa barontak ka Yéhuwa, jadi maranéhna teu bisa deui hirup langgeng. Maranéhna jeung kabéh turunanana bakal maot. (Rum 5:12) Naon nu dilakukeun ku Yéhuwa? Yéhuwa langsung ngajelaskeun naon nu bakal dilakukeun ku Mantenna pikeun nyalametkeun manusa. (Kaj. 3:15) Yéhuwa bakal nyadiakeun tebusan supaya turunan Adam jeung Hawa bisa dibébaskeun tina dosa jeung maot. Ku kituna, kabéh manusa nu milih ngawula Mantenna bisa hirup langgeng. (Yoh. 3:16; 1 Kor. 15:21, 22, SF) Liwat Putra-Na, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui jutaan jalma nu geus maot. Katingalina mah, nu maraot moal sakaligus dihirupkeun kabéh. Ku naon? Sabab mun sakaligus, kaayaan bumi bakal kacow. Pan Yéhuwa mah Allah nu tartib, teu resep ka nu kacow. Kabéh kudu tartib supaya manusa bisa hirup tengtrem.—1 Kor. 14:33. w20.08 14 ¶3; 15 ¶5
Saptu, 12 Pébruari
Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran.—1 Tim. 4:16.
Pangbaktian jeung baptisan téh penting pisan keur palajar Alkitab. Ku naon? Pan urang ngajar manéhna téh supaya manéhna jadi hamba Yéhuwa jeung dibaptis. Aya sababaraha hal nu bisa dilakukeun ku palajar Alkitab nu hayang dibaptis. Mimitina, manéhna kudu kenal jeung nyaah ka Yéhuwa, sarta boga iman ka Mantenna. (Yoh. 3:16; 17:3) Terus, lalaunan manéhna bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta dulur-dulur saiman di sidang. (Ibr. 10:24, 25; Yak. 4:8) Geus kitu, manéhna kudu tobat tina dosana jeung teu ngalakukeun deui nu salah. (Ras. 3:19) Lantaran boga iman, manéhna gé bakal nyaritakeun bebeneran ka batur. (2 Kor. 4:13) Ahirna, manéhna bakal ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. (1 Pet. 3:21; 4:2) Kabéh dulur saiman pasti senang pas manéhna dibaptis! Jadi unggal manéhna nyieun kamajuan, sing sering muji jeung ngadukung manéhna supaya terus maju. w20.10 17 ¶12-13
Minggu, 13 Pébruari
Sanajan upamana ceuk suku, ”Kami mah teu kaasup badan da lain leungeun,” teu bisa dilain-lain yen suku lain bagian badan.—1 Kor. 12:15.
Mun ngabanding-bandingkeun diri jeung batur, bisa jadi Sadérék ngarasa diri teu dibutuhkeun di sidang. Meureun batur mah ngajarna jago, tarampil ngatur sidang, atawa pinter nguatkeun dulur-dulur saiman. Bisa jadi, Sadérék ngarasa teu bisa jiga maranéhna. Ieu téh sabenerna nunjukkeun Sadérék rendah haté. (Pil. 2:3) Tapi kadé, mun Sadérék teterusan ngabandingkeun diri jeung maranéhna, Sadérék bisa leutik haté. Malah Sadérék jadi bisa ngarasa teu dibutuhkeun sama sakali di sidang. Pék pikirkeun, Yéhuwa méré kurnia sacara mujijat ka sababaraha urang Kristen dina abad kahiji. Maranéhna dibéré kurnia nu béda-béda. (1 Kor. 12:4-11) Sanajan kurnia jeung kamampuhna béda-béda, kabéh urang Kristen éta dihargaan. Kiwari, urang mémang teu dibéré kurnia sacara mujijat deui. Tapi, kaayaan urang jeung murid Yésus dina abad kahiji téh sarua. Najan kamampuh urang béda-béda, urang kabéh dihargaan pisan ku Yéhuwa. w20.08 22-23 ¶13-15
Senén, 14 Pébruari
PANGERAN nyarengan kami,kami taya karisi.—Jab. 118:6.
Waktu Sadérék ngadoa ménta kawani, Yéhuwa bakal ngajawab doa Sadérék, sarta terus ngadukung jeung nyarengan Sadérék. (Ras. 4:29, 31) Pikirkeun kumaha Yéhuwa geus mantuan Sadérék nyanghareupan masalah sarta geus méré kakuatan supaya Sadérék bisa nyieun parobahan. Tong boro mantuan Sadérék jadi murid Kristus, mantuan bangsa Israil meuntas Laut Beureum gé Yéhuwa mah bisaeun. (Bud. 14:13) Sadérék bisa boga iman jiga nu nulis jabur dina ayat poé ieu. Yéhuwa gé bisa ngabantu pawarta anyar supaya teu sieun. Perhatikeun pangalaman sadérék istri séjén nu ngaranna Tomoyo. Waktu mimiti ngawawar, di imah nu kahiji pisan, nu boga imahna nyarékan, ”Aing mah teu hayang ngobrol jeung Saksi Yéhuwa!” Tuluy, pantona dijeblagkeun. Tomoyo teu sieun, malah manéhna ngomong kieu ka batur dinesna, ”Éh, kadéngé teu? Urang can ngomong nanaon gé, manéhna geus apaleun urang téh Saksi. Bisa kitu nya!” Ayeuna, Tomoyo jadi panaratas biasa. w20.09 6 ¶13-14
Salasa, 15 Pébruari
Lampah Asa sapagodos jeung pangersa PANGERAN Allahna, bener jeung hade.—2 Bab. 14:2.
Asa méré nyaho urang Yuda yén Yéhuwa ”méré katengtreman ti sakabéh musuh di sakurilingeun [maranéhna]”. (2 Bab. 14:6, 7) Asa teu mikir éta téh waktu keur senang-senang. Malah, Asa mulai ngawangun kota, témbok, munara, jeung gerbang. Asa méré nyaho rahayatna, ”Nagri ieu téh masih milik urang.” Naon maksudna? Moal aya musuh nu ngaganggu maranéhna sarta ngeureunkeun pangwangunan di nagri éta. Manéhna ngajurung jalma-jalma supaya ngamangpaatkeun kaayaan meungpeung keur tengtrem. Asa gé ngamangpaatkeun kaayaan tengtrem éta keur ngawangun pasukan militér nu kuat. (2 Bab. 14:8) Na éta hartina Asa teu ngandelkeun Yéhuwa? Teu kitu. Sabagé raja, Asa apal manéhna wajib nyiapkeun rahayatna pikeun nyanghareupan masalah nu bisa waé datang. Manéhna gé nyaho Yuda téh moal salilana tengtrem. Bener wé, kaayaan barobah. w20.09 15-16 ¶4-5
Rebo, 16 Pébruari
Ulah nimbang leuwih ti layakna.—1 Kor. 4:6.
Jadi, bisa waé aya kokolot nu nganggap keur ngalindungan domba-domba Allah. Tapi, sabenerna wewenang kokolot jeung kapala kulawarga téh béda pisan. Misalna, aya wewenang ti Yéhuwa anu ngan dibikeun ka para kokolot. Maranéhna bisa jadi hakim sarta boga tanggung jawab pikeun ngaluarkeun jalma-jalma nu embung tobat ti sidang. (1 Kor. 5:11-13) Tapi, aya ogé wewenang anu ngan dibikeun ka para kapala kulawarga wungkul. Misalna, maranéhna bisa nyieun aturan di imah, sarta aturanana kudu dijalankeun ku kabéh anggota kulawarga. (Rum 7:2) Kapala kulawarga boga hak pikeun mutuskeun, barudakna kudu balik ka imah jam sabaraha. Terus mun barudakna teu nurut, manéhna boga wewenang pikeun ngahukum barudakna. (Epe. 6:1) Najan kitu, saacan nyieun aturan, kapala kulawarga nu nyaah ka kulawargana bakal badami heula jeung pamajikanana, sabab maranéhna téh geus jadi ”hiji”.—Mat. 19:6. w21.02 16-18 ¶10-13
Kemis, 17 Pébruari
Hikmah leuwih hargana ti batan permata, sagala rupa anu dipikahayang ku hidep moal bisa nyaruaan eta.—Sil. 3:15.
Bebeneran dina Firman Allah gé penting sabab Yéhuwa ngan nyingkabkeunana ka jalma rendah haté nu ”boga sikep nu bener”. (Ras. 13:48, NW) Jalma jiga kitu percaya yén Yéhuwa ngagunakeun gandék nu satia jeung bijaksana keur ngajarkeun bebeneran éta. (Mat. 11:25; 24:45) Mun ngandelkeun diri sorangan mah, urang moal bisa ngarti kana eusi Alkitab. Ngarti kana eusi Alkitab téh hal nu penting pisan jeung teu aya bandingna. (Sil. 3:13) Urang gé dipercaya ku Yéhuwa pikeun ngajar batur ngeunaan Mantenna jeung tujuan-Na. (Mat. 24:14) Ieu téh mangrupa kahormatan. Warta nu urang tepikeun téh penting pisan sabab bisa ngabantu batur jadi kulawarga Yéhuwa, sarta méré kasempetan hirup langgeng ka maranéhna. (1 Tim. 4:16) Teu sual urang bisa sering ngawawar atawa henteu, urang téh keur ngadukung pagawéan nu pangpentingna dina jaman ayeuna. (1 Tim. 2:3, 4) Jadi batur gawéna Allah téh kahormatan nu gedé pisan!—1 Kor. 3:9. w20.09 26-27 ¶4-5
Jumaah, 18 Pébruari
Aya sawatara dulur sakapercayaan. Kaula sarerea dicandet eureun heula di maranehna.—Ras. 28:14.
Salila perjalanan Rasul Paulus ka Rum, Yéhuwa sering ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nulungan manéhna. Misalna, Paulus boga dua babaturan nu satia, nyaéta Aristarkus jeung Lukas. Paulus pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa, lantaran maranéhna daék milu balayar ti Késaréa ka Rum. Padahal, harita Yésus teu ngajamin Aristarkus jeung Lukas bakal salamet nepi ka Rum. Tapi, maranéhna daék naruhkeun nyawa demi maturan Paulus. Waktu balabuh di kota Sidon, Paulus diidinan ku Yulius pikeun panggih jeung dulur-dulur saiman sarta dibantuan ku maranéhna. (Ras. 27:1) Terus di kota Putéoli gé, Paulus jeung babaturanana dititah mondok tujuh poéeun ku dulur-dulur saiman di ditu. Dulur-dulur saiman ngurus kabutuhan Paulus jeung babaturanana. Paulus gé pasti nguatkeun maranéhna ku pangalaman nu ngagedékeun haté.—Bandingkeun Rasul 15:2, 3. w20.11 15-16 ¶15-17
Saptu, 19 Pébruari
Latihan batin mah gunana kana sagala perkara, nungtun kana hirup di dunya jeung di aherat.—1 Tim. 4:8.
Kolot, tunjukkeun ka budak, Sadérék téh nyaah pisan ka Yéhuwa. Buktikeun ku omongan jeung kalakuan Sadérék. Sing inget, hadiah pangahadéna nu bisa dibéré ka budak téh nyaéta ngajar manéhna pikeun nyaah ka Yéhuwa. Salah sahiji hal pangpentingna nu kudu diajarkeun ka budak téh nyaéta ngajaga kabiasaan diajar, ngadoa, masamoan, jeung dines. (1 Tim. 6:6) Nya mémang, Sadérék kudu nyumponan pangabutuh budak sapopoé. (1 Tim. 5:8) Tapi ulah poho, harta banda mah moal bisa nyalametkeun manéhna. Budak bisa salamet ti dunya Sétan jeung hirup di dunya anyar téh mun manéhna nyobat jeung Yéhuwa. (Yeh. 7:19) Mani resep pisan ningali loba kolot milih hal-hal nu alus supaya barudakna bisa nyobat jeung Yéhuwa! Barudak nu digedékeun dina kulawarga jiga kitu biasana nepi ka gedé bakal terus ngalakukeun hal-hal alus éta. Maranéhna gé moal kaduhung!—Sil. 10:22. w20.10 28-29 ¶10-11
Minggu, 20 Pébruari
Gusti ulah dugi ka nyorang kitu!—Mat. 16:22.
Kadang, Rasul Pétrus ngomong atawa nyieun tindakan bari teu dipikir heula, jadi wé manéhna osok kaduhung. Misalna, sakali waktu Yésus ngomong ka para rasul yén anjeunna bakal sangsara sarta maot. Tapi, ku Pétrus langsung dibantah. (Mat. 16:21-23) Harita, Pétrus dikoréksi ku Yésus. Terus, waktu gorombolan jalma rék néwak Yésus, Pétrus gagabah. Manéhna ngadék ceuli badégana imam agung nepi ka rampung. (Yoh. 18:10, 11) Sakali deui, Pétrus dikoréksi ku Yésus. Geus kitu, Pétrus gé pernah susumbar, saupama rasul séjénna ninggalkeun Yésus, manéhna mah moal ninggalkeun anjeunna. (Mat. 26:33) Tapi, geuningan kanyataanna mah teu kitu. Malah peuting éta kénéh, saking ku sieunna, tilu kali manéhna ngomong teu wawuh ka Guruna. Ahirna, Pétrus jadi leutik haté pisan. ”Leos bae Petrus kaluar, ceurik nalangsa kabina-bina.” (Mat. 26:69-75) Pétrus pasti mikir, meureun Yésus moal ngahampura manéhna. Untungna, Pétrus teu teterusan leutik haté. Sanggeus nyieun kasalahan, manéhna tetep ngawula Yéhuwa bareng jeung rasul-rasul séjén.—Yoh. 21:1-3; Ras. 1:15, 16. w20.12 20 ¶17-18
Senén, 21 Pébruari
Aranjeun nu jadi salaki, kudu bageur ka pamajikan, kudu daek ngaraskeun, kawantu awewe teh kaom lemah.—1 Pet. 3:7.
Kapala kulawarga bisa nunjukkeun karendahan haté ku loba cara. Misalna, manéhna moal ngarepkeun pamajikan jeung barudakna ngalakukeun hal-hal nu di luar kasanggupan maranéhna. Manéhna gé daék ngadéngékeun jeung mikirkeun saran ti anggota kulawargana, najan saranna béda jeung pamikiran manéhna. Terus, salaki nu rendah haté gé daék ngagawékeun pagawéan rumah tangga, najan ku jalma-jalma di lingkunganana, éta téh dianggap pagawéan awéwé. Ieu téh teu gampang. Ku naon? Sadérék Rachel nyarita, ”Di tempat asal abdi mah, mun salaki mantuan pamajikanana kukumbah piring atawa bebersih imah, tatangga jeung baraya bakal nganggap manéhna lain ’priya sajati’. Dianggapna salaki téh teu bisa ngatur pamajikanana.” Mun jalma-jalma di daérah Sadérék boga pamikiran jiga kitu, sing inget, baheula Yésus gé daék ngumbah suku murid-muridna, padahal éta téh dianggap pagawéan palayan. Kapala kulawarga nu hadé moal mikirkeun kumaha supaya manéhna katingali hébat, tapi bakal mikirkeun kumaha supaya kulawargana bagja. w21.02 2 ¶3; 4 ¶11
Salasa, 22 Pébruari
Sim kuring kudu usaha mopohokeun hal-hal anu geus kaliwat, ngudag nu aya di hareup.—Pil. 3:13, 14.
Inget kana hal-hal hadé téh kurnia ti Yéhuwa. Tapi rék sakumaha hadé kahirupan urang dina jaman baheula, éta moal aya nanaonna mun dibandingkeun jeung kahirupan di dunya anyar. Batur bisa waé nganyenyeri urang. Tapi mun urang miceun kakeuheul, urang bisa terus ngutamakeun palayanan ka Yéhuwa. Mun urang teterusan ngarasa salah, urang moal bungah dina palayanan. Tapi jiga Rasul Paulus, urang kudu yakin Yéhuwa geus ngahampura urang. (1 Tim. 1:12-15) Urang boga harepan pikeun hirup langgeng. Di dunya anyar, hal-hal nu pikasediheun moal kainget-inget deui. Alkitab nyebutkeun, ”Sagala kajadian anu ka tukang-tukang geus moal kainget-inget.” (Yes. 65:17) Pék pikirkeun, ayeuna mah urang ngawula Yéhuwa téh beuki lila beuki kolot. Tapi engké di dunya anyar, urang bakal ngora deui. (Ayub 33:25) Jadi, ulah teterusan mikirkeun nu geus liwat. Urang kudu neuteup ka hareup jeung ngalakukeun nu panghadéna! w20.11 24 ¶4; 29 ¶18-19
Rebo, 23 Pébruari
Kaula ningal jelema kacida lobana . . . Maranehna nyoara tarik ngucapkeun, ”Kasalametan teh ti Allah urang . . . jeung ti Anak Domba.”—Wahyu 7:9, 10.
Naon anu bakal kajadian kahareupna? Dina mangsa cilaka, Yéhuwa bakal nyalametkeun urang. Kumaha? Yéhuwa bakal nyalametkeun umat-Na anu satia waktu Mantenna ngagerakkeun raja-raja di sakuliah bumi pikeun ngancurkeun Babul Raya, nyaéta agama-agama palsu. (Wahyu 17:16-18; 18:2, 4) Terus, Yéhuwa bakal nyalametkeun umat-Na waktu Mantenna ngabinasakeun sakabéh dunya Sétan dina Armagédon. (Wahyu 16:14, 16) Mun urang tetep nyobat jeung Yéhuwa, Sétan moal bisa nyilakakeun urang salilana. Justru, manéhna nu bakal dibinasakeun salilana. (Rum 16:20) Jadi, pék paké sakabéh pakarang perang ti Allah unggal waktu! Ulah perang sorangan ngalawan Sétan jeung balad-baladna, tapi dukung sadérék-sadérék. Geus kitu, tuturkeun bingbingan ti Yéhuwa. Mun Sadérék ngalakukeunana, Sadérék bisa yakin yén Bapa di sawarga bakal nguatkeun jeung ngalindungan Sadérék.—Yes. 41:10. w21.03 30 ¶16-17
Kemis, 24 Pébruari
Pihapekeun diri ka Kami, tan wande maraneh kuat jeung reugreug.—Yes. 30:15.
Iraha urang kudu ngandelkeun Yéhuwa? Loba kisah Alkitab nu nunjukkeun pentingna tetep tenang jeung ngandelkeun Yéhuwa. Waktu maca kisah-kisah ieu, pék pikirkeun ku naon umat Yéhuwa bisa tetep tenang najan nyanghareupan tangtangan nu beurat. Misalna, waktu para rasul dititah eureun ngawawar ku Mahkamah Yahudi, maranéhna teu sieun. Maranéhna wani ngomong kieu, ”Sim kuring sadaya ngaraos wajib tunduk ka Allah ti batan ka manusa.” (Ras. 5:29) Malah sanggeus dipecutan gé, para rasul tetep wani. Ku naon bisa kitu? Maranéhna apal, Yéhuwa ngadukung jeung resep ka maranéhna. Ku kituna, para rasul terus ngawawarkeun warta hadé. (Ras. 5:40-42) Kitu ogé jeung Stépanus. Waktu rék dipaéhan, manéhna tetep tenang. Éta katingali tina rarayna nu ”kawas raray malaikat”. (Ras. 6:12-15) Naha bisa kitu? Lantaran Stépanus yakin, manéhna dipikaresep ku Yéhuwa. w21.01 4 ¶10-11
Jumaah, 25 Pébruari
Jubah maranéhna geus barodas bersih sabab geus diseuseuh ku getih itu Anak Domba.—Wahyu 7:14.
Maksudna, maranéhna boga haté sanubari nu bersih jeung dianggap bener ku Yéhuwa. (Yes. 1:18) Maranéhna téh urang Kristen nu ngabaktikeun diri jeung dibaptis, lantaran boga iman nu kuat kana tebusan Yésus sarta nyobat jeung Yéhuwa. (Yoh. 3:36; 1 Pet. 3:21) Ku kituna, maranéhna dipikaresep ku Yéhuwa, sarta bisa ”beurang peuting ngawula ka Mantenna” di bumi. (Wahyu 7:15) Maranéhna getol pisan ngawawar sarta ngajadikeun murid, sabab keur maranéhna mah Karajaan Allah téh nu pangpentingna. (Mat. 6:33; 24:14; 28:19, 20) Jelema kacida lobana nu salamet tina mangsa cilaka yakin, maranéhna bakal terus ”ditangtayungan ku Mantenna anu linggih dina tahta”. Jangji anu geus lila diarep-arep ku domba-domba lian ieu bakal jadi kanyataan, ”Mantenna bakal nyusutan cipanon maranehna.”—Wahyu 21:3, 4. w21.01 16 ¶9-10
Saptu, 26 Pébruari
Roh Kami rek dikucurkeun ka unggal jalma. Anak-anak maraneh lalaki, awewe, ngembarkeun dawuhan Kami.—Ras. 2:17.
Urang resep jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa, jeung hayang sabisa-bisa tunduk ka jalma-jalma nu dibéré wewenang ku Yéhuwa. Alkitab nunjukkeun yén dina pandangan Yéhuwa, wanita téh sarua dihargaanana jiga priya. Misalna dina abad kahiji, Yéhuwa méré roh suci-Na ka wanita jeung priya pikeun nyieun mujijat, saperti ngomong dina rupa-rupa basa. (Ras. 2:1-4, 15-18) Yéhuwa teu ngabéda-bédakeun priya jeung wanita. Duanana diistrénan ku roh suci sarta boga harepan pikeun maréntah bareng jeung Kristus. (Gal. 3:26-29) Priya boga harepan pikeun hirup langgeng di bumi, wanita gé sarua. (Wahyu 7:9, 10, 13-15) Terus sarua jiga priya, wanita gé dibéré tugas pikeun ngawawar jeung ngajarkeun warta hadé. (Mat. 28:19, 20) Contona dina buku Rasul, aya kisah ngeunaan sadérék istri nu ngaranna Priskila. Manéhna jeung salakina, nyaéta Akuila, mantuan Apolos, saurang lalaki nu sakola luhur, pikeun leuwih ngarti kana bebeneran.—Ras. 18:24-26. w21.02 14 ¶1; 15 ¶4
Minggu, 27 Pébruari
Ku sabab kitu jaga diri ati-ati, jaga sakumna jamaah reh aranjeun ku Roh Suci geus dijieun pangurus jamaah Allah.—Ras. 20:28.
Para kokolot, Sadérék téh boga tanggung jawab nu gedé pikeun mantuan para pawarta supaya tarampil ngawawar jeung ngajarkeun Alkitab. Mun aya pawarta nu ngarasa teu percaya diri waktu dibaturan ku Sadérék, Sadérék bisa nawarkeun diri pikeun mandu palajaran Alkitabna. Loba nu bisa dilakukeun ku para kokolot pikeun méré sumanget ka para pawarta. (1 Tes. 5:11) Jadi sanajan urang can boga palajar Alkitab, urang masih bisa mantuan batur pikeun nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Waktu maturan dines, urang bisa ngadukung pawarta séjén. Urang bisa méré koméntar tambahan nu geus disiapkeun, tapi ulah loba teuing ngomong. Waktu palajar Alkitab datang ka pasamoan, urang bisa nyambut jeung nganggap manéhna sabagé babaturan. Urang gé bisa méré tuladan keur maranéhna. Para kokolot bisa nguatkeun palajar Alkitab ku cara nyadiakeun waktu keur maranéhna. Para kokolot gé bisa ngalatih jeung muji guru Alkitabna. Urang bungah pisan bisa mantuan batur pikeun nyaah jeung ngawula Yéhuwa, sanajan nu dilakukeun ku urang téh teu sapira. w21.03 13 ¶18-19
Senén, 28 Pébruari
PANGERAN misobat ka anu nurut ka Mantenna.—Jab. 25:14.
Dina urusan sapopoé, Daud téh tanggung jawab jeung bisa diandelkeun. Misalna waktu ngora kénéh, Daud getol ngurus domba-domba bapana. Éta téh tugas anu bahaya. Ka dieunakeun, Daud nyaritakeun hal éta ka Raja Saul, ”Abdi teh purah ngajagi domba pun bapa. Upami pareng aya singa atanapi biruang anu ngagusur anak domba, ku abdi diudag, ditarajang dombana direbut deui.” (1 Sam. 17:34, 35) Daud ngarasa wajib pikeun ngurus domba-domba. Barudak lalaki bisa nyonto Daud ku cara getol ngajalankeun tugas naon waé nu dibikeun ka maranéhna. Daud hayang terus nyobat jeung Yéhuwa. Éta leuwih penting tibatan kawani jeung katarampilan maén musik. Keur Daud, Yéhuwa téh teu ngan saukur Allahna, tapi ogé Sobatna. Barudak lalaki, hal pangpentingna nu bisa anjeun lakukeun téh, nyaéta nguatkeun sosobatan anjeun jeung Bapa di sawarga. w21.03 3 ¶4-5