Désémber
Kemis, 1 Désémber
Anu mangmang mah saibarat ombak laut beunang disurung diombang-ambing ku angin.—Yak. 1:6.
Waktu maca Alkitab, bisa waé aya ayat-ayat nu teu dipikaharti ku urang. Terus, bisa ogé jawaban doa urang teu jiga nu diarep-arep. Mun kitu, urang bisa cangcaya. Terus mun hal éta diantep, iman urang bisa jadi lemah. Urang gé bisa ngajauh ti Yéhuwa. (Yak. 1:7, 8) Malah, urang bisa kaleungitan harepan. Rasul Paulus nyaruakeun harepan urang jiga jangkar. (Ibr. 6:19) Jangkar téh gunana pikeun ngajaga kapal supaya teu kandas jeung titeuleum waktu aya angin ribut. Jangkar gedé pisan gunana mun ranténa kuat. Tapi mun ranténa taihiangan mah, éta moal kuat sarta bahaya. Kitu ogé, mun urang cangcaya kana hiji hal, éta bisa ngalemahkeun iman urang. Terus engké pas aya masalah, urang bisa kaleungitan iman. Urang bisa mikir, jangji-jangji Yéhuwa keur mangsa kahareup téh moal laksana. Mun urang kaleungitan iman, harepan urang ogé sirna. Jalma jiga kitu mah moal bisa ngarasa bungah! w21.02 30 ¶14-15
Jumaah, 2 Désémber
Ibrahim percaya ka Allah.—Yak. 2:23.
Waktu Ibrahim jeung kulawargana ninggalkeun Ur, katingalina manéhna geus umur 70 taun leuwih. (Kaj. 11:31–12:4) Kira-kira salila saratus taun, Ibrahim cicing dina kémah-kémah, sarta indit ka ditu ka dieu di tanah Kanaan. Manéhna maot umur 175 taun. (Kaj. 25:7) Nepi ka maotna, Ibrahim teu ningali Yéhuwa nyumponan jangji-Na ngeunaan tanah nu bakal dibéré ka turunanana. Ibrahim gé teu ningali kota, atawa Karajaan Allah, diadegkeun. Sanajan kitu, Ibrahim maot waktu umurna geus ”sepuh pisan” jeung sugema. (Kaj. 25:8) Unggal boga masalah, Ibrahim nunjukkeun iman nu kuat jeung terus réla ngadagoan Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Lantaran salila manéhna hirup, Yéhuwa ngalindungan jeung nganggap Ibrahim sobat-Na. (Kaj. 15:1; Yes. 41:8; Yak. 2:22, 23) Jiga Ibrahim, urang gé keur ngadagoan kota nu pademénna dina kaayaan nu tetep. (Ibr. 11:10) Tapi urang lain ngadagoan kota éta diadegkeun, sabab Karajaan Allah geus ngadeg taun 1914 sarta geus maréntah di sawarga. (Wahyu 12:7-10) Urang mah ngadagoan Karajaan éta maréntah di bumi. w20.08 4-5 ¶11-12
Saptu, 3 Désémber
Pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero. Tapi ku anu berbudi mah teu burung katimba.—Sil. 20:5.
Supaya bisa ngadéngékeun bener-bener, urang kudu rendah haté jeung sabar. Sahenteuna aya tilu alesan ku naon upaya urang moal cumah. Kahiji, urang moal salah sangka ka batur. Kadua, urang bisa paham parasaan jeung niat dulur urang, urang gé jadi rasrasan ka manéhna. Jeung katilu, lamun urang bener-bener ngadéngékeun dulur urang, manéhna bisa leuwih paham ka dirina sorangan. Sakapeung urang gé kakara paham kana parasaan urang sorangan waktu éta dicaritakeun ka batur. Sababaraha dulur saiman hésé ngungkabkeun parasaanana lantaran kasang tukangna, kabudayaanana, atawa kapribadianana. Mémang butuh waktu pikeun dulur-dulur urang ngarasa laluasa ngungkabkeun parasaanana. Tapi lamun urang sabar siga Yéhuwa, maranéhna bakal percaya ka urang tuluy ngungkabkeun parasaanana. Waktu maranéhna ngungkabkeun parasaanana, urang kudu bener-bener ngadéngékeun. w20.04 15-16 ¶6-7
Minggu, 4 Désémber
Ti semet ayeuna maneh bakal ngala jelema.—Luk. 5:10.
Lauk biasana aya di tempat nu loba dahareun jeung kaayaan caina cocog. Waktu pikeun ngala laukna gé penting. Perhatikeun naon nu diomongkeun ku saurang Saksi ti Kapuloan Pasifik waktu manéhna ngajak saurang utusan injil keur ngala lauk. Si utusan injil ngomong, ”Isukan urang panggih nya jam salapan isuk.” Tapi ceuk sadérék éta, ”Teu bisa kitu. Mun rék ngala lauk, waktuna teu bisa sangeunahna. Kudu nyaho waktu nu cocog keur ngala lauk.” Kitu ogé, murid-murid Yésus dina abad kahiji indit ka tempat nu loba jelemana, terus inditna gé dina waktu nu cocog. Contona, maranéhna ngawawar di bait, di tempat-tempat ibadah, ti imah ka imah, jeung di pasar. (Ras. 5:42; 17:17; 18:4) Urang gé kudu apal iraha jeung di mana jalma-jalma di daérah urang bisa diwawaran. Urang kudu daék ngarobah jadwal supaya bisa ngawawar ka maranéhna.—1 Kor. 9:19-23. w20.09 4 ¶8-9
Senén, 5 Désémber
Wani medar anu bener dibarengan ku seja mikanyaah. Beuki lila urang bakal beuki sampurna dina sagala hal saperti Kristus anu jadi sirah.—Epe. 4:15.
Hiji cara ngawangun sosobatan jeung Yésus nyaéta ku nuturkeun pangaturan di sidang Kristen. Urang nguatkeun sosobatan jeung Yésus salaku kapala sidang lamun nuturkeun pangaturan ti sadérék-sadérék nu dilantik pikeun ngurus urang. (Epe. 4:16) Misalna, ayeuna diupayakeun sangkan Balé-Balé Karajaan dimangpaatkeun sahadé-hadéna. Éta sababna, ayeuna sababaraha sidang digabung. Tina pangaturan ieu, organisasi bisa ngirit loba duit sumbangan. Tapi lantaran pangaturan ieu, para pawarta kudu nyaluyukeun diri jeung parobahan. Meureun maranéhna geus ngawula di hiji sidang salila mangtaun-taun sarta geus akrab pisan jeung dulur-dulur di sidang éta. Tapi, ayeuna maranéhna dipénta pikeun ngawula di sidang séjén. Yésus tangtu bungah ningali murid-muridna nu satia ieu daék nuturkeun pituduh éta! w20.04 24 ¶14
Salasa, 6 Désémber
Raja kalér jeung raja kidulbakal silih teunggar.—Dan. 11:40, ”NW”.
Raja kalér jeung raja kidul terus saingan, masing-masing hayang jadi nu pangkawasana di dunya. Misalna sanggeus Perang Dunya II, Uni Soviet jeung balad-baladna boga pangaruh nu gedé di Eropa. Éta nyababkeun raja kidul ngabentuk pasukan gabungan militér internasional nu disebut NATO. Dua raja éta méakkeun loba pisan duit, masing-masing hayang boga pasukan militér nu pangkuatna. Raja kalér merangan raja kidul ku cara ngadukung musuhna raja kidul dina perang-perang jeung karusuhan-karusuhan di Afrika, Asia, jeung Amerika Latin. Kitu ogé sabalikna. Sababaraha taun katukang, Rusia jeung balad-baladna boga kawasa nu gedé pisan di sakuliah dunya. Raja kalér gé nyerang raja kidul dina perang siber. Duanana silih tuduh, nyebutkeun lawanna maké program komputer pikeun ngaruksak sistim ékonomi jeung pulitik nagara. Terus saperti nu geus dinubuatkeun ku Daniél, raja kalér terus nyerang umat Allah.—Dan. 11:41. w20.05 13 ¶5-6
Rebo, 7 Désémber
Domba Kami rek diteangan ku sorangan, rek diurus ku sorangan.—Yeh. 34:11.
”Ari indung naha sok pohoeun ka orokna?” Yéhuwa méré pananya éta dina jamanna Nabi Yésaya. Allah ngomong ka umat-Na, ”Najan aya . . . indung anu teu nyaah ka anak, Kami mah hamo lali ka maraneh.” (Yes. 49:15) Yéhuwa jarang méré ibarat jiga kitu. Tapi, harita Mantenna nyaruakeun diri-Na jeung saurang indung nu nyusuan orokna. Ku naon? Supaya umat-Na bisa ngarasakeun yén Yéhuwa téh nyaah pisan ka maranéhna. Loba indung ngarasakeun nu sarua jiga Sadérék Jasmin nu ngomong, ”Waktu nyusuan, indung jeung orok téh keur ngajalin hubungan istiméwa nu moal bakal pegat saumur hirup.” Yéhuwa apal mun aya hiji waé anak-Na nu eureun ngawawar jeung masamoan. Urang nyaah ka sadérék-sadérék nu teu aktif sarta bungah ningali maranéhna balik deui ka sidang! Yéhuwa hayang maranéhna baralik deui, kitu ogé urang.—1 Pet. 2:25. w20.06 18 ¶1-3
Kemis, 8 Désémber
Neuteup teh museur ka anu teu katembong. . . Anu katembong mah umurna moal lila, sabalikna anu teu katembong mah umurna langgeng abadi.—2 Kor. 4:18.
Teu kabéh harta bisa ditingali ku panon. Malahan, harta nu panghadéna téh harta nu teu katémbong. Dina Hutbah di Gunung, Yésus nyebutkeun harta di sawarga nu leuwih unggul ti batan harta banda. Ceuk anjeunna, ”Di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh.” (Mat. 6:19-21) Biasana, urang bakal ngudag naon waé nu ku urang dianggap istiméwa ibarat harta. Urang bisa ngumpulkeun ’harta di sawarga’ ku cara ngalakukeun hal-hal nu dipikaresep ku Allah. Ceuk Yésus, harta siga kieu mah moal bisa ruksak atawa dipaok. Rasul Paulus ngajurung urang ngarah ”museur ka anu teu katembong”. (2 Kor. 4:17, 18) Nu teu katémbong éta téh kaasup berkah-berkah nu bakal urang tarima di dunya anyar. Na urang ngahargaan harta-harta nu teu katémbong éta? w20.05 26 ¶1-2
Jumaah, 9 Désémber
Piwuruk kami lir keclak-keclak cihujan.—Pam. 32:2.
Nu diajarkeun ku Musa ka maranéhna téh nyegerkeun jeung ngagedékeun haté pisan, ibarat keclak-keclak cihujan nu ngabaseuhan pepelakan. Kumaha supaya urang bisa ngajar jiga Musa? Waktu urang ngawawar ti imah ka imah atawa di tempat umum, urang bisa méré nyaho batur ngeunaan nami Yéhuwa tina Alkitab. Bacaan, vidéo, atawa hal-hal nu aya dina situs Internét urang gé bisa ngamulyakeun Yéhuwa. Waktu keur gawé, sakola, atawa iinditan, urang gé bisa méré nyaho batur ngeunaan Allah jeung jiga kumaha Mantenna téh. Urang bisa méré nyaho naon nu bakal dilakukeun ku Yéhuwa keur manusa jeung bumi. Ku kituna, maranéhna bisa ngarasakeun, geuning Yéhuwa téh nyaah ka manusa. Waktu urang méré nyaho nu sabenerna ngeunaan Bapa urang, urang milu nyucikeun nami Mantenna. Urang gé milu mersihan nami Yéhuwa tina kabohongan jeung pitnah. Nu diajarkeun ku urang ka maranéhna téh hal nu paling nyegerkeun.—Yes. 65:13, 14. w20.06 10 ¶8-9
Saptu, 10 Désémber
Geura baralik deui ka Kami, tangtu Kami oge balik deuika maraneh.—Mal. 3:7.
Sipat-sipat naon waé nu urang butuhkeun pikeun mantuan jalma-jalma balik deui ka Yéhuwa? Urang bisa meunang palajaran penting tina ibarat Yésus ngeunaan budak nu ninggalkeun imahna. (Luk. 15:17-24) Budak éta téh ngarasa kaduhung, terus mutuskeun balik deui ka imahna. Bapana lumpat, terus nangkeup éta budak. Si budak jadi apal, bapana masih nyaah ka manéhna. Tapi, manéhna ngarasa salah sarta teu layak diaku anak. Waktu manéhna ngungkabkeun parasaanana, bapana karunyaeun pisan. Bapana ngayakinkeun yén manéhna geus ditarima deui jadi anggota kulawarga nu dipikanyaah. Keur ngabuktikeunana, bapana ngayakeun pésta jeung méré pakéan nu alus ka manéhna. Yéhuwa téh jiga bapa dina ibarat tadi. Mantenna nyaah pisan ka pawarta nu teu aktif, sarta hayang maranéhna balik deui. Urang bisa nyonto Yéhuwa jeung mantuan maranéhna balik deui. Urang kudu sabar, saperasaan, jeung nyaahan. w20.06 25-26 ¶8-9
Minggu, 11 Désémber
Lamun maraneh nurut kana piwuruk Kami, bener maraneh teh murid-murid Kami, sarta bakal nyaraho ka Anu saestu, sarta ku Anu saestu maraneh bakal dibebaskeun.—Yoh. 8:31, 32.
Yésus ngomong bakal aya nu narima bebeneran ”reujeung suka”, tapi imanna moal kuat pas diuji. (Mat. 13:2-6, 20, 21) Meureun maranéhna teu ngarti, mun jadi murid Yésus téh pasti aya waé tangtangan jeung kasusah. (Mat. 16:24, NW) Atawa, bisa ogé maranéhna mikir mun jadi urang Kristen, Allah pasti nyingkirkeun kabéh masalah. Tapi pan urang téh hirup di dunya nu teu sampurna, jadi masalah mah pasti aya waé. Kaayaan bisa barobah, jadi urang gé bisa ngarasa teu bungah. (Jab. 6:7; Pan. 9:11) Kalolobaan dulur saiman geus kabukti nyekel pageuh bebeneran. Naon buktina? Maranéhna tetep satia sanajan aya dulur saiman nu nganyenyeri atawa nu kalakuanna teu sajalan jeung prinsip Alkitab. (Jab. 119:165) Unggal diuji, iman maranéhna beuki kuat, lainna beuki lemah. (Yak. 1:2-4) Urang kudu boga iman sakuat kitu. w20.07 8 ¶1; 9 ¶4-5
Senén, 12 Désémber
Lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah.—Yak. 1:5.
Saacan maca Alkitab, pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék ningali naon mangpaat ayat-ayat nu dibaca. Misalna, mun Sadérék keur néangan naséhat pikeun nyanghareupan masalah, pénta bantuan Yéhuwa supaya Sadérék bisa manggihan prinsip-prinsip Alkitab jeung paham naon nu kudu dilakukeun. (Pil. 4:6, 7) Yéhuwa méré kamampuh ka urang pikeun ngabayangkeun loba hal. Supaya kisah Alkitab karasa leuwih nyata, pék bayangkeun kaayaanana. Bayangkeun kumaha mun Sadérék jadi jalma nu keur dicaritakeun. Terus, bayangkeun ogé naon anu ditingali ku manéhna jeung kumaha parasaanana. Ngalenyepan téh maksudna mikirkeun bener-bener naon nu dibaca jeung mikirkeun naon mangpaatna keur urang. Lamun urang maca jeung ngalenyepan Alkitab, urang jadi leuwih ngarti naon hubunganana hiji katerangan jeung katerangan séjén. Urang gé jadi leuwih paham kana naon nu dibaca. Maca Alkitab bari jeung teu dilenyepan téh ibarat ngan ningalian potongan-potongan kaén wungkul. Ku ngalenyepan, urang bisa ningali kabéhanana. w21.03 15 ¶3-5
Salasa, 13 Désémber
Bapa muji sukur ka Allah, . . . beurang atawa peuting, bapa inget ka hidep sarta muji sukurka Mantenna.—2 Tim. 1:3.
Rasul Paulus bisa waé mikir, ’Coba mun urang teu sumanget teuing, meureun ayeuna moal ditahan.’ Paulus gé bisa waé jadi nyeri haté ka dulur-dulur saiman di wilayah Asia nu geus ninggalkeun manéhna. Terus, manéhna gé bisa waé jadi teu percaya deui ka dulur-dulur séjénna. Tapi, Paulus mah henteu kitu. Najan geus téréh dihukum pati, Paulus tetep inget yén manéhna téh kudu terus ngamulyakeun Yéhuwa. Manéhna gé masih hayang nguatkeun dulur-dulur saiman. Paulus terus ngandelkeun Yéhuwa ku cara rutin ngadoa. Paulus gé henteu teterusan nyeri haté ka dulur-dulur saiman nu geus ninggalkeun manéhna, tapi Paulus nganuhunkeun ka dulur-dulur saiman nu terus satia jeung ngadukung manéhna. Salian ti éta, Paulus terus diajar Firman Allah. (2 Tim. 3:16, 17; 4:13) Sarta nu pangpentingna, Paulus yakin pisan yén Yéhuwa jeung Yésus téh nyaah ka manéhna. w21.03 18 ¶17-18
Rebo, 14 Désémber
Sakumaha eurih tea dikumpulkeun jeung diduruk, nya kitu engke kaayaan dina Poe Kiamat teh.—Mat. 13:40.
Teu lila sanggeus taun 100 M, beuki loba urang Kristen palsu nu asup ka sidang Kristen. Maranéhna ngajarkeun pangajaran-pangajaran palsu jeung nyamunikeun bebeneran tina Firman Allah. Ti harita nepi ka taun 1870-an, teu aya hamba-hamba Allah nu diorganisasi di bumi. Urang Kristen palsu beuki loba siga eurih di lahan, jadi hésé pisan pikeun nyaho saha urang Kristen nu sajati. (Mat. 13:36-43) Ku naon fakta ieu penting? Sabab lamun euweuh umat Allah nu diorganisasi nu bisa diserang, tangtu raja kalér jeung raja kidul téh lain pangawasa nu maréntah ti taun 100 nepi ka taun 1870. Tapi, urang bisa yakin yén raja kalér jeung raja kidul bakal muncul deui teu lila sanggeus taun 1870. w20.05 3 ¶5
Kemis, 15 Désémber
Nagri urang diambreg ku balad simeut.—Yoel 1:6.
Yoél nganubuatkeun datangna serangan simeut nu bakal ngaruksak nagri Israil! Sakabéh pepelakan bakal béak digalaksak. (Yoel 1:4) Salila mangtaun-taun, urang boga pamahaman yén nubuat ieu téh ngagambarkeun kagiatan pangwawaran umat Yéhuwa nu teu bisa dieureunkeun, siga abrulan simeut. ”Nagri”, atawa jalma-jalma nu dikadalikeun ku para pamingpin agama, kapangaruhan pisan ku kagiatan urang. Tapi lamun urang mariksa sakabéh hal nu disebutkeun dina nubuat éta, sigana pamahaman urang kudu dirobah. Perhatikeun jangji Yéhuwa ngeunaan simeut nu ngaruksak ieu, ”Eta balad simeut anu daratangna ti kaler, ku Kami rek disingkirkeun.” (Yoel 2:20) Lamun simeut ieu ngalambangkeun Saksi-Saksi Yéhuwa nu taat kana paréntah Yésus pikeun ngawawar jeung ngajadikeun murid, ku naon maranéhna rék disingkirkeun ku Yéhuwa? (Yeh. 33:7-9; Mat. 28:19, 20) Jelas, nu disingkirkeun ku Yéhuwa téh lain hamba-hamba-Na nu satia, tapi nu dianggap musuh umat-Na. w20.04 3 ¶3-5
Jumaah, 16 Désémber
Tapi lamun di antara aranjeun aya anu kurang bijaksana, kudu nyuhunkeun ka Allah.—Yak. 1:5.
Kumaha lamun urang ngarasa doa urang teu dijawab-jawab? Ceuk Yakobus, urang kudu terus ”nyuhunkeun” ka Allah. Yéhuwa moal keuheul atawa ambek lamun urang teterusan ménta hikmat ti Mantenna, ”da Allah mah sipat murah”. (Jab. 25:12, 13) Waktu urang ngalaman cocoba, Yéhuwa ngarasa karunya jeung hayang pisan nulungan urang. Mikirkeun hal ieu bisa nyieun urang bungah. Tapi, kumaha carana Yéhuwa méré hikmat ka urang? Liwat Firman-Na, Alkitab. (Sil. 2:6) Jadi, urang kudu diajar tina Alkitab jeung publikasi-publikasi dumasar Alkitab. Tapi, diajar wungkul téh teu cukup. Urang kudu ngalampahkeun naséhat-naséhatna dina kahirupan. Yakobus nulis, ”Eta pangandika-Na ulah ngan semet didengekeun, kudu jeung prak dilampahkeun.” (Yak. 1:22) Lamun urang ngalampahkeun naséhat ti Allah, urang bakal leuwih resep rukun, asup akal, jeung daék ngahampura batur. (Yak. 3:17) Sipat-sipat ieu ngabantu urang tetep bungah waktu aya cocoba. w21.02 29 ¶10-11
Saptu, 17 Désémber
Upama tiap-tiap babagian badan sauyunan . . . tinangtu sakujur badan bakal hirup kalawan huripna.—Epe. 4:16, ”SF”.
Saurang palajar Alkitab biasana leuwih gancang nyieun kamajuan lamun dibantuan ku sadérék-sadérék di sidang. Unggal pawarta bisa mantuan saurang palajar nepi ka jadi anggota sidang. Saurang panaratas ngomong, ”Aya hiji paribasa nu nyebutkeun yén ngagedékeun budak téh tanggung jawabna jelema sakampung. Ceuk abdi mah, ngabantu batur jadi murid gé sarua jiga kitu. Éta téh tanggung jawabna kabéh anggota sidang.” Kulawarga, dulur-dulur, jeung guru-guru di sakola babarengan ngagedékeun saurang budak. Maranéhna ngadidik jeung ngajarkeun hal-hal nu penting. Kitu ogé, kabéh pawarta di sidang bisa méré saran, nguatkeun, jeung méré tuladan ka palajar Alkitab supaya manéhna bisa nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. (Sil. 15:22) Ku naon pawarta nu mandu palajaran Alkitab kuduna teu nolak mun aya pawarta séjén milu mantuan palajarna? Sabab kabéh bisa mantuan saurang palajar Alkitab nyieun kamajuan. w21.03 8 ¶1-3
Minggu, 18 Désémber
Lamun urang ngakukeun teu boga dosa, eta ngabobodo maneh.—1 Yoh. 1:8.
Kabéh urang Kristen, boh ngora boh kolot, kudu ati-ati. Urang teu bisa pura-pura ngawula Yéhuwa bari jeung ngalakukeun hal-hal salah. Rasul Yohanes nandeskeun, urang teu bisa aya dina jalan bebeneran bari hirup cabul. (1 Yoh. 1:6) Lamun hayang dipikaresep ku Yéhuwa, urang kudu terus inget Yéhuwa téh merhatikeun sagala nu dilakukeun ku urang. Euweuh dosa nu bisa disumputkeun ti Yéhuwa lantaran kabéh katingali ku Mantenna. (Ibr. 4:13) Urang kudu nolak cara pandang dunya kana dosa. Dina jaman Yohanes, jalma-jalma murtad ngajarkeun yén sanajan ngalakukeun hal-hal nu ceuk Allah salah, saurang jalma masih kénéh bisa jadi sobat-Na. Ayeuna gé, urang hirup di antara jalma-jalma nu mikir kitu. Loba nu ngakuna mah ibadah ka Allah, tapi teu satujueun kana pandangan Yéhuwa ngeunaan dosa, utamana hal-hal nu aya patalina jeung séks. Nu ku Yéhuwa disebut dosa, ku maranéhna mah dianggap pilihan pribadi atawa gaya hirup. w20.07 22 ¶7-8
Senén, 19 Désémber
Nyaah teh . . . kudu nyatadina prakna.—1 Yoh. 3:18.
Na Sadérék ngabéla wanita Kristen nu keur boga masalah? Bayangkeun kaayaan ieu. Di sidang, aya sadérék istri nu salakina lain Saksi. Manéhna sering telat masamoan, terus balikna sok rurusuhan. Barudakna gé jarang dibawa ka pasamoan. Jadi, sababaraha pawarta ngiritik manéhna ngarah leuwih ngupayakeun supaya salakina ngidinan barudakna milu masamoan. Padahal mah, manéhna geus ngupayakeun sabisa-bisa. Manéhna teu bisa mutuskeun sorangan, barudakna bisa milu masamoan atawa henteu. Manéhna gé sok telat lantaran kudu ngurus kulawarga. Puji manéhna sarta béré nyaho pawarta séjén yén manéhna geus ngalakukeun nu panghadéna. Sugan wé manéhna moal dikiritik deui. Kokolot paham yén Yéhuwa hayang para sadérék istri diurus. (Yak. 1:27) Jadi, para kokolot nyonto Yésus nu asup akal. Maranéhna bakal bageur sarta ngarti kana kaayaan sadérék istri, henteu maksakeun teuing aturan. (Mat. 15:22-28) Mun kokolot upaya pikeun mantuan, para sadérék istri bakal ngarasa dipikanyaah ku Yéhuwa jeung organisasi-Na. w20.09 24-25 ¶17-19
Salasa, 20 Désémber
Mantenna parantos nembongkeun ka Kangjeng Raja perkawisengke ka payun.—Dan. 2:28.
Nabi Daniél rendah haté jeung ngandelkeun bingbingan ti Yéhuwa. Misalna, waktu manéhna dipaké ku Yéhuwa keur napsirkeun impian Nébukadnésar, manéhna ngakukeun éta téh lain ku kamampuhna sorangan. Sabalikna, manéhna méré kabéh kamulyaan jeung pujian ka Yéhuwa. (Dan. 2:26-28) Naon palajaranna keur urang? Lamun urang boga pangalaman alus dina dines atawa dipuji lantaran hutbah urang alus, urang sakuduna méré sagala pujian ka Yéhuwa. Urang kudu sadar diri. Mun teu dibantuan ku Yéhuwa mah, urang moal bisa nanaon. (Pil. 4:13) Mun urang sadar diri, urang gé nyonto tuladan Yésus. Yesus ngandelkeun Yéhuwa. (Yoh. 5:19, 30) Yésus teu pernah mikir rék ngarebut wewenang Bapana. Pilipi 2:6 méré nyaho urang yén Yésus ”taya manah nyasamikeun anjeun jeung Allah”. Yésus taat, sadar diri, jeung ngahargaan wewenang Bapana. w20.08 11 ¶12-13
Rebo, 21 Désémber
Lumpat masing tarik . . . malar bisa ngahontal hadiah.—1 Kor. 9:24, ”SF”.
Sababaraha nu milu dina pangbalapan rohani boga tangtangan nu teu katempo, ku kituna bisa jadi batur teu paham. Lamun Sadérék teu séhat jeung ngarasa disalahartikeun ku batur, pangalaman Mépibosét bisa nguatkeun Sadérék. (2 Sam. 4:4) Manéhna téh cacad, geus kitu Raja Daud salah sangka ka manéhna. Éta kabéh lain salah Mépibosét. Tapi, manéhna teu jadi aral, malah manéhna muji sukur kana hal-hal hadé dina hirupna. Manéhna ngahargaan kahadéan Daud nu pernah ditunjukkeun ka manéhna. (2 Sam. 9:6-10) Jadi, basa Daud salah sangka ka manéhna, Mépibosét teu ngan saukur mikirkeun masalahna. Kasalahan Daud teu ngalantarankeun manéhna jadi aral. Manéhna gé teu nyalahkeun Yéhuwa lantaran kasalahan Daud éta. Mépibosét terus ngadukung raja nu dilantik ku Yéhuwa. (2 Sam. 16:1-4; 19:24-30) Conto hadé Mépibosét dicatet dina Firman Yéhuwa demi mangpaat urang.—Rum 15:4. w20.04 26 ¶3; 30 ¶18-19
Kemis, 22 Désémber
Gawe babarengan ngawula ka Allah.—1 Kor. 3:9.
Meureun di sidang aya nu dilantik jadi panaratas biasa, panaratas istiméwa, atawa utusan injil. Maranéhna jadi para palayan sapinuh waktu. Pagawéan utama maranéhna téh ngawawar jeung ngajadikeun murid. Sanajan maranéhna teu boga loba duit, hirup maranéhna pinuh ku berkah ti Yéhuwa. (Mar. 10:29, 30) Tangtu urang nyaah ka maranéhna jeung nganuhunkeun kana naon nu geus dilakukeun ku maranéhna keur sidang! Na anu dibutuhkeun ku sidang téh ngan priya-priya nu dilantik jeung sadérék-sadérék nu ngawula sapinuh waktu wungkul? Henteu! Unggal pawarta téh penting dina pandangan Allah jeung sidang. (Rum 10:15; 1 Kor. 3:6-9) Ku naon? Sabab urang kabéh ngajalankeun salah sahiji tugas nu pangpentingna, nyaéta ngabantu jalma-jalma jadi murid Yésus. (Mat. 28:19, 20; 1 Tim. 2:4) Kabéh pawarta, boh nu geus dibaptis boh nu acan, hayang ngutamakeun tugas ieu dina kahirupan.—Mat. 24:14. w20.08 21 ¶7-8
Jumaah, 23 Désémber
Kami tangtu nyarengan ka maraneh salalawasna nepi ka ahir jaman.—Mat. 28:20.
Sakumaha disebutkeun dina ayat poé ieu, waktu meunang masalah, urang bakal meunang bantuan ti Yésus. Jangji éta bener-bener nguatkeun urang. Ku naon? Sabab, kadang urang gé boga masalah nu beurat. Meureun aya nu sedih salila mangtaun-taun lantaran ditinggal maot ku jalma nu dipikanyaah. Aya ogé nu ripuh lantaran geus sepuh. Nu séjénna kasiksa lantaran déprési. Najan kitu, urang bisa teger lantaran Yésus maturan urang ”salalawasna”, kaasup pas urang keur boga masalah nu kacida beuratna. (Mat. 11:28-30) Dina Firman-Na, Yéhuwa jangji bakal nulungan urang liwat para malaikat. (Ibr. 1:7, 14) Kumaha carana? Misalna, para malaikat ngadukung jeung ngabingbing waktu urang ngawawarkeun ”Injil Kasalametan” ka jalma-jalma ti ”unggal bangsa, suku bangsa, jeung basa”.—Mat. 24:13, 14; Wahyu 14:6. w20.11 13-14 ¶6-7
Saptu, 24 Désémber
Pipikiran jelema teh saibarat cai dina sumur jero. Tapi ku anu berbudi mah teu burung katimba.—Sil. 20:5.
Urang hayang palajar ngarti yén sagala hal nu diajarkeun téh asalna tina Firman Allah, lain ti urang. (1 Tes. 2:13) Jadi, urang kudu kumaha? Tanyakeun naon waé nu geus dipikanyaho ku manéhna salila diajar. Ulah Sadérék terus nu ngajelaskeun ayat-ayat. Pénta manéhna ngajelaskeun sababaraha ayat ka Sadérék. Bantu manéhna ngarasakeun yén Firman Allah téh aya mangpaatna keur manéhna. Béré pananya panungtun jeung pananya nu ngali eusi haté supaya manéhna bisa nyaritakeun kumaha pikiran jeung parasaanna sanggeus maca ayat-ayat Alkitab. (Luk. 10:25-28) Misalna, tanyakeun: ”Tina ayat ieu, ceuk Tétéh, Yéhuwa boga sipat naon?” ”Naon mangpaat ayat ieu keur Tétéh?” ”Sanggeus diajar hal ieu, kumaha parasaan Tétéh?” Nu paling penting téh sakumaha loba nu dipikaresep jeung nu geus dijalankeun ku manéhna, lain sakumaha loba pamahaman manéhna. Urang hayang Alkitab nu ngajar batur. Mun Sadérék hayang leuwih tarampil, Sadérék kudu rendah haté. w20.10 15 ¶5-6
Minggu, 25 Désémber
Binih téh taburkeun ti isuk kénéh, leungeun manéh ulah disina reureuh nepi ka peuting.—Pan. 11:6.
Urang bisa yakin yén kagiatan pangwawaran bakal anggeusan dina waktuna jeung moal telat. Pikirkeun kajadian dina jaman Nuh. Waktu nu ditangtukeun ku Yéhuwa téh kabukti teu pernah mélését. Caah Gedé téh geus diramalkeun ti 120 taun saacanna. Puluhan taun sanggeus Yéhuwa nangtukeun iraha Caah Gedé bakal datang, Mantenna nitah Nuh ngawangun bahtera. Kira-kira salila 40 nepi ka 50 taun saacan Caah Gedé datang, Nuh getol digawé. Sanajan jalma-jalma embung ngadéngékeun, Nuh terus nguarkeun warta paringetan, nepi ka Yéhuwa nitah Nuh asup ka jero bahtera. Geus kitu, ”panto kapal [”bahtera”, NW] teh ditutup ku PANGERAN”, pas dina waktuna.” (Kaj. 6:3; 7:1, 2, 16) Yéhuwa geus téréh ngeureunkeun kagiatan pangwawaran. Dunya Sétan bakal diancurkeun. Dunya anyar bakal pinuh ku jalma-jalma nu taat ka Allah. Nepi ka waktuna datang, hayu urang nyonto tuladan Nuh, jeung jalma satia séjénna, leungeun ulah disina reureuh. Pék terus utamakeun pangwawaran, sabar, jeung boga iman nu kuat ka Yéhuwa sarta jangji-jangji-Na. w20.09 13 ¶18-19
Senén, 26 Désémber
Sagala prakprakanana kudusing rapih, sing beres entep-entepanana.—1 Kor. 14:40.
Lamun teu aya wewenang anu jelas, kulawarga Yéhuwa bakal kacow jeung teu bagja. Misalna, engké bakal hésé pikeun nangtukeun saha nu kudu nyieun putusan jeung saha nu boga tanggung jawab pikeun ngajalankeunana. Lamun aturan ti Allah ngeunaan wewenang téh hal nu alus, ku naon atuh loba wanita ngabatin jeung ngarasa diatur teuing? Sabab salaki nu ngabaékeun patokan ti Yéhuwa. Maranéhna leuwih resep nuturkeun adat jeung kabiasaan di daérahna. Maranéhna gé meureun kasar ka pamajikan supaya kahayangna diturutan. Misalna, aya salaki anu ngatur-ngatur teuing pamajikanana supaya manéhna katingali boga kawasa atawa supaya batur nganggap manéhna téh ”priya sajati”. Manéhna meureun mikir, teu bisa maksa pamajikanana pikeun nyaah ka manéhna, tapi bisa nyieun pamajikanana sieun ka manéhna. Rasa sieun ieu dimangpaatkeun pikeun ngawasaan pamajikanana. Cara pikir sarta tindakan jiga kitu téh bener-bener salah. Jalma nu kitu téh teu ngahargaan wanita sakumaha mistina. Tindakanana teu sajalan jeung kahayang Yéhuwa.—Epe. 5:25, 28. w21.02 3 ¶6-7
Salasa, 27 Désémber
Sagala kasusah unjukkeun ka Mantenna, sabab Mantenna anu ngurus aranjeun.—1 Pet. 5:7.
Mun Sadérék ngarasa hariwang, Sadérék bisa ngadoa ménta bantuan Yéhuwa. Yéhuwa bisa ngajawab doa Sadérék ku cara méré ”katengtreman jeung karahayuan” nu bisa ngéléhkeun pamikiran naon waé. (Pil. 4:6, 7) Liwat roh suci-Na, Yéhuwa bisa ngabantu urang tetep tenang. (Gal. 5:22) Waktu ngadoa, budalkeun eusi haté Sadérék ka Yéhuwa. Caritakeun masalahna sarta kumaha parasaan Sadérék. Pénta hikmat jeung kakuatan ti Yéhuwa supaya Sadérék sanggup nyanghareupan masalah éta. Mun masalahna mémang teu bisa dileungitkeun, pénta bantuan ti Yéhuwa supaya Sadérék teu hariwang teuing. Mun Sadérék ngadoa sacara rinci, Sadérék bakal bisa ningali kumaha Yéhuwa ngajawab doa-doa Sadérék. Tapi saupama Yéhuwa teu langsung ngajawab doa Sadérék, ulah nyerah. Yéhuwa hayang urang ngadoa sacara rinci sarta teu bosen-bosen ngadoakeunana.—Luk. 11:8-10. w21.01 3 ¶6-7
Rebo, 28 Désémber
Waler Yesus, ”Pangajaran kieu lain keur unggal jelema, ngan keur anu geus dikersakeun ku Allah bae.”—Mat. 19:11.
Di sidang téh aya loba kulawarga jeung salaki pamajikan. Tapi, aya ogé nu teu kawin. Kumaha sakuduna pandangan urang ka dulur saiman nu teu kawin? Pikirkeun cara pandang Yésus. Basa ngajalankeun palayananna di bumi, Yésus gé teu kawin. Anjeunna tetep léngoh sarta sabisa-bisa ngagunakeun waktu jeung tanagana keur ngajalankeun tugasna. Yésus teu pernah ngajarkeun yén urang Kristen kudu kawin. Tapi, anjeunna gé teu ngomong yén urang Kristen kudu tetep léngoh. Sanajan kitu, ceuk anjeunna, aya sababaraha urang Kristen nu bakal milih pikeun teu kawin. (Mat. 19:11, 12) Yésus ngahargaan jeung teu nyapirakeun maranéhna. Jiga Yésus, Paulus gé tetep léngoh waktu ngajalankeun palayananna. Paulus teu pernah ngalarang urang Kristen pikeun kawin. Manéhna ngarti éta mah putusan pribadi. w20.08 27-28 ¶7-8
Kemis, 29 Désémber
Allah teh sipat asih. —1 Yoh. 4:16.
Rasul Yohanes téh panjang umur jeung boga loba pangalaman nu alus. Manéhna ogé nyanghareupan loba tantangan nu bisa ngalemahkeun iman. Tapi, manéhna sabisa-bisana terus nuturkeun paréntah-paréntah Yésus, kaasup paréntah pikeun mikanyaah dulur saiman. Éta sababna, Yohanes bisa yakin yén Yéhuwa jeung Yésus nyaah ka manéhna, sarta bakal nguatkeun manéhna pikeun nyanghareupan kabéh tangtangan. (Yoh. 14:15-17; 15:9, 10) Sétan jeung dunyana teu bisa nyieun Yohanes eureun mikanyaah dulur saiman sarta ngungkabkeunana liwat ucapan jeung tindakan. Jiga Yohanes, urang gé hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan nu teu boga kanyaah. (1 Yoh. 3:1, 10) Sétan hayang urang eureun mikanyaah dulur saiman. Tapi, manéhna teu bisa maksa urang pikeun nuturkeun kahayangna. Jadi, urang kudu boga tékad pikeun mikanyaah dulur saiman, ngungkabkeunana liwat ucapan, jeung ngabuktikeunana liwat tindakan. Ku kituna, urang bakal bungah jadi bagian tina kulawarga Yéhuwa. Hirup urang gé bakal bener-bener bagja!—1 Yoh. 4:7. w21.01 13 ¶18-19
Jumaah, 30 Désémber
Allah anu iasa nabahkeun.—Rum 15:5.
Hirup di dunya nu dikawasaan ku Sétan téh teu gampang, malah kadang urang teu nyaho kudu kumaha waktu aya masalah. (2 Tim. 3:1) Tapi urang teu perlu hariwang atawa jadi sieun, sabab Yéhuwa apal naon nu kaalaman ku urang. Lamun urang butuh bantuan, Yéhuwa jangji bakal méré kakuatan ka urang. (Yes. 41:10, 13) Urang bisa yakin kana hal éta. Urang gé bisa meunang kakuatan pikeun nyanghareupan sagala tangtangan ku cara maca Alkitab. Sadérék bisa manggihanana dina vidéo, drama audio, jeung kumpulan artikel ”Pék Conto Iman Maranéhna”. Saacan ngadéngékeun, nongton, atawa maca kisah-kisah éta, pék ngadoa heula. Pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun manggihan hal-hal alus anu bisa dilarapkeun ku Sadérék. Bayangkeun mun Sadérék jadi jalma anu keur dicaritakeun dina kisah éta. Lenyepan naon anu dilakukeun ku maranéhna sarta kumaha Yéhuwa mantuan maranéhna. Geus kitu, larapkeun palajaranana. Terus, ucapkeun sukur ka Yéhuwa kana bantuan nu geus dibikeun ku Mantenna keur Sadérék. Sadérék gé kudu nunjukkeun yén Sadérék ngahargaan bantuan éta. Carana, kuatkeun jeung dukung dulur saiman. w21.03 19 ¶22-23
Saptu, 31 Désémber
Anak teh kurnia ti PANGERAN,eta teh ganjaran sajati.—Jab. 127:3.
Lamun Sadérék geus nikah jeung hayang boga budak, pék pikirkeun: ’Na urang duaan téh jalma nu rendah haté, nyaah ka Yéhuwa, jeung resep maca Firman-Na? Na Yéhuwa bakal méré kapercayaan pikeun ngurus orok?’ (Jab. 127:4) Mun Sadérék geus boga budak, pék pikirkeun: ’Na urang ngadidik budak supaya getol digawé?’ (Pan. 3:12, 13) ’Na urang sabisa-bisa ngalindungan budak tina bahaya nu bisa ngaruksak awak jeung ahlak manéhna?’ (Sil. 22:3) Mémang, mustahil Sadérék bisa ngajauhkeun budak tina kabéh masalah. Tapi mun Sadérék terus ngajar budak pikeun néangan naséhat tina Firman Allah, budak bakal siap pas aya masalah. (Sil. 2:1-6) Misalna mun aya anggota kulawarga nu eureun ngawula Yéhuwa, gunakeun Firman Allah supaya budak ngarti, urang mah kudu tetep satia ka Yéhuwa. (Jab. 31:24) Atawa mun aya jalma nu dipikanyaah maot, tunjukkeun ayat-ayat nu bisa ngahibur.—2 Kor. 1:3, 4; 2 Tim. 3:16. w20.10 27 ¶7