PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es22 kaca 108-118
  • Nopémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nopémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
  • Subjudul
  • Salasa, 1 Nopémber
  • Rebo, 2 Nopémber
  • Kemis, 3 Nopémber
  • Jumaah, 4 Nopémber
  • Saptu, 5 Nopémber
  • Minggu, 6 Nopémber
  • Senén, 7 Nopémber
  • Salasa, 8 Nopémber
  • Rebo, 9 Nopémber
  • Kemis, 10 Nopémber
  • Jumaah, 11 Nopémber
  • Saptu, 12 Nopémber
  • Minggu, 13 Nopémber
  • Senén, 14 Nopémber
  • Salasa, 15 Nopémber
  • Rebo, 16 Nopémber
  • Kemis, 17 Nopémber
  • Jumaah, 18 Nopémber
  • Saptu, 19 Nopémber
  • Minggu, 20 Nopémber
  • Senén, 21 Nopémber
  • Salasa, 22 Nopémber
  • Rebo, 23 Nopémber
  • Kemis, 24 Nopémber
  • Jumaah, 25 Nopémber
  • Saptu, 26 Nopémber
  • Minggu, 27 Nopémber
  • Senén, 28 Nopémber
  • Salasa, 29 Nopémber
  • Rebo, 30 Nopémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2022
es22 kaca 108-118

Nopémber

Salasa, 1 Nopémber

Memeh ngajawab regepkeun heula. Lamun henteu kitu, tetela maneh teh bodo, celaeun.​—Sil. 18:13.

Lantaran ngan nyaho saeutik, urang bisa waé nganggap Yunus téh teu bisa diandelkeun, malah teu taat. Manéhna narima paréntah langsung ti Yéhuwa pikeun nepikeun hukuman ka urang Ninéwé. Lainna taat, Yunus kalah ka balayar ka arah sabalikna, ”sangkan jauh ti PANGERAN”. (Yun. 1:​1-3) Mun Sadérék, daék teu méré kasempetan deui ka Yunus pikeun ngaréngsékeun tugas éta? Sigana moal. Tapi, Yéhuwa mah tetep masihan kasempetan ka Yunus. (Yun. 3:​1, 2) Urang bisa nyaho Yunus téh jalma nu siga kumaha tina doana. (Yun. 2:​1, 2, 9) Tangtu Yunus sering ngadoa. Tapi tina salah sahiji doana, urang bisa nyaho yén Yunus teu ngan saukur jalma nu kabur tina tugasna. Kekecapanana nunjukkeun yén Yunus téh rendah haté, boga rasa sukur, jeung boga tékad pikeun taat ka Yéhuwa. Teu héran lamun Yéhuwa teu ningali kasalahan Yunus wungkul. Doana dijawab, Yunus gé terus jadi nabi! Ku kituna saacan méré naséhat, kabéh kokolot kudu ’ngaregepkeun heula’ sangkan nyaho nu sabenerna! w20.04 15 ¶4-6

Rebo, 2 Nopémber

[Paulus ] ngutip ayat-ayat Kitab Suci, terus diterangkeun.​—Ras. 17:​2, 3.

Murid-murid dina abad kahiji percaya kana Kristen jeung ngandelkeun bantuan roh suci supaya bisa ngarti kana Firman Allah. Maranéhna ngabuktikeun sorangan yén pangajaran-pangajaran éta téh asalna tina Kitab Suci. (Ras. 17:​11, 12; Ibr. 5:14) Iman maranéhna teu ngan dumasar kana parasaan. Maranéhna ngawula Yéhuwa lain lantaran resep babarengan jeung dulur saiman wungkul, tapi lantaran boga pamahaman nu akurat ngeunaan Allah. (Kol. 1:​9, 10, NW) Bebeneran dina Alkitab moal barobah. (Jab. 119:160) Éta moal barobah najan dulur saiman nganyenyeri urang atawa nyieun dosa gedé. Éta gé moal barobah waktu urang ngalaman kasusah. Jadi, urang kudu bener-bener apal kana pangajaran Alkitab sarta yakin éta téh bebeneran. Mun boga iman nu kuat nu dumasar kana bebeneran Alkitab, urang bisa satia ka Yéhuwa sanajan loba cocoba. Éta téh ibarat jangkar nu ngajaga kapal pas aya angin ribut. w20.07 9 ¶6-7

Kemis, 3 Nopémber

Bapa sareng babaturan ku Anjeunna dipiwarang ngembarkeun Injil Kasalametan.​—Ras. 10:42.

Yésus nganggap dukungan urang ka dulur-dulurna nu diistrénan téh sarua jeung dukungan ka anjeunna. (Mat. 25:​34-40) Cara utama pikeun ngadukung kaom nu diistrénan téh nyaéta sabisa-bisa ngajadikeun murid, sakumaha nu geus dituduhkeun ku Yésus ka para muridna. (Mat. 28:​19, 20) Dulur-dulur Kristus ngan bisa ngalaksanakeun pangwawaran nu keur dilakukeun di sakuliah dunya lantaran dibantuan ku ’domba-domba lian’. (Yoh. 10:16) Sabagé domba lian, unggal ngalakukeun tugas ieu, Sadérék ngabuktikeun kanyaah ka kaom nu diistrénan jeung ka Yésus. Urang ogé bisa nyobat jeung Yéhuwa sarta Yésus ku cara nyumbangkeun duit pikeun ngadukung kagiatan nu diatur ku Aranjeunna. (Luk. 16:9) Misalna, urang bisa nyumbang keur kagiatan sakuliah dunya. Duitna bisa dipaké pikeun nyadiakeun bantuan keur nu keuna musibat. Urang ogé bisa nyumbangkeun duit keur sidang sorangan jeung nulungan sadérék-sadérék nu butuh bantuan.​—Sil. 19:17. w20.04 24 ¶12-​13

Jumaah, 4 Nopémber

Eta raja bakal nyabodokeun ka dewa pujaan karuhun-karuhunna. . . . Tapi teu burung aya nu ku manehna dihormat, nya eta dewa pangaping benteng-benteng.​—Dan. 11:​37, 38.

Luyu jeung nubuat ieu, raja kalér ”nyabodokeun ka dewa pujaan karuhun-karuhunna”. Kumaha carana? Uni Soviet hayang nyingkirkeun agama-agama ku cara ngalemahkeun pangaruhna. Misalna ti taun 1918, pamaréntah Soviet nitah sangkan sakola-sakola ngajungjung atéisme. Tapi, aya ogé nu ku manéhna dihormat, nyaéta ”dewa pangaping benteng-benteng”. Kumaha carana? Ngarah jadi nagri nu kuat, Uni Soviet ngagolontorkeun loba pisan duit pikeun ngabentuk kakuatan militér jeung nyieun rébuan senjata nuklir. Saking lobana senjata nu dipiboga ku raja kalér jeung raja kidul, éta bisa maéhan miliaran jalma! Sanajan dua raja ieu téh mumusuhan, raja kalér ngadukung raja kidul pikeun ngawujudkeun hiji tujuan. Maranéhna ”ngadegkeun hal pikageuleuheun nu nyababkeun kabinasaan Perserikatan Bangsa-Bangsa.​—Dan. 11:31. w20.05 6-7 ¶16-​17

Saptu, 5 Nopémber

Adi ujang anu sasatna geus . . . leungit, datang deui.​—Luk. 15:32.

Saha waé nu bisa milu néangan pawarta nu teu aktif? Urang kabéh bisa miluan. Para kokolot, panaratas, anggota kulawarga, jeung para pawarta bisa néangan maranéhna. Aya teu babaturan atawa dulur Sadérék nu teu aktif? Basa keur dines, Sadérék pernah teu panggih jeung pawarta nu teu aktif? Lamun maranéhna daékeun, Sadérék bisa méré nyaho alamat atawa nomer telepon maranéhna ka kokolot. Tomas, kokolot ti Spanyol, nyarita, ”Mimitina urang nanya heula ka sadérék-sadérék di sidang, apal teu pawarta nu teu aktif téh ayeuna cicing di mana? Atawa urang nanyakeun, inget teu saha waé nu geus lila teu masamoan? Terus, waktu ngadatangan para pawarta nu teu aktif, urang nanyakeun ngeunaan barudak atawa dulur-dulur maranéhna. Sababaraha pawarta nu teu aktif baheulana osok mawa barudakna ka pasamoan. Barudakna gé meureun geus jadi pawarta. Maranéhna gé bisa dibantu keur balik deui ka Yéhuwa.” w20.06 24 ¶1; 25 ¶6-7

Minggu, 6 Nopémber

Abdi bade ngemut-ngemut karyaGusti nu aragung, nun PANGERAN, bade ngeling-ngeling mujijat-mujijat Gusti kapungkur.​—Jab. 77:12.

Di antara kabéh ciptaan, ngan manusa nu bisa diajar ngeunaan ahlak. Kumaha carana? Urang bisa inget kana kajadian-kajadian nu baheula jeung diajar tina hal éta. Urang jadi bisa ngarobah cara pikir jeung cara hirup, sarta jadi jalma nu leuwih hadé. (1 Kor. 6:​9-11; Kol. 3:​9, 10) Malahan, urang bisa ngalatih haté pikeun ngabédakeun mana nu bener jeung nu salah. (Ibr. 5:14) Urang gé bisa diajar carana mikanyaah jeung mikarunya batur. Salian ti éta, urang bisa nyonto Yéhuwa nu teu beurat sabeulah ka batur. Urang geus dibéré kamampuh pikeun nginget, jadi urang hayang ngagunakeunana ku cara nu hadé. Kumaha carana? Ku cara nginget-nginget kabéh nu geus dilakukeun ku Yéhuwa pikeun nulungan urang. Ku kituna urang bisa yakin yén Yéhuwa gé bakal nulungan urang dina mangsa kahareup. (Jab. 77:​13; 78:​4, 7) Cara séjénna nyaéta ku cara nginget-nginget kahadéan batur jeung nganuhunkeunana. Para ahli nyebutkeun, jalma nu osok ngucap sukur téh hirupna leuwih bagja. w20.05 23-24 ¶12-​13

Senén, 7 Nopémber

Ngupama kana pajenengan PANGERAN Allah maraneh anu luhung jeung pikahelokeun.​—Pam. 28:58.

Bayangkeun kumaha parasaan Musa waktu manéhna aya di jero guha di gunung batu. Harita, manéhna dibéré titingalian nu némbongkeun kamulyaan Yéhuwa nu kacida hébatna. Éta téh hal paling luar biasa nu pernah kaalaman ku saurang jalma! Sanggeusna, Musa ngadéngé sora nu bisa jadi diucapkeun ku saurang malaikat, ”[Yéhuwa], nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan.” (Bud. 33:​17-23; 34:​5-7) Bisa jadi, Musa terus inget kana kajadian ieu waktu manéhna nyebutkeun nami Yéhuwa dina ayat poé ieu. Waktu ngagunakeun nami Yéhuwa, urang gé kudu ngabayangkeun Yéhuwa téh Pribadi nu jiga kumaha. Urang kudu mikirkeun sipat-sipat-Na, saperti kawasa, hikmat, adil, jeung nyaah. Lamun mikirkeun sipat Yéhuwa jeung kabéh nu geus dilakukeun ku Mantenna, urang jadi bisa leuwih ngahormat Mantenna.—Jab. 77:​12-16. w20.06 8-9 ¶3-4

Salasa, 8 Nopémber

Kudu pangger kana kayaktian beunang diajar tea, sing kukuh percayana.​—2 Tim. 3:​14.

Ceuk Yésus gé silih pikanyaah téh ciri murid-muridna. (Yoh. 13:​34, 35) Tapi mun hayang boga iman nu kuat, silih pikanyaah wungkul teu cukup. Iman urang teu meunang ngan dumasar kana kanyaah di antara umat Allah. Ku naon? Lantaran mun kitu, urang babari pecat iman. Misalna, urang bisa eureun ngawula Yéhuwa mun aya nu nyieun dosa gedé, komo mun manéhna téh panaratas atawa kokolot. Urang gé bisa waé teu ngawula Yéhuwa deui mun aya nu nganyenyeri urang, atawa mun aya nu jadi murtad jeung nyebutkeun naon nu dipercaya ku urang téh salah. Jadi, kumaha supaya iman urang kuat? Urang kudu nyobat jeung Yéhuwa. Mun iman urang ngan gumantung kana tingkah laku batur, lainna kana sosobatan jeung Yéhuwa, iman urang moal kuat. Keur ngawangun iman nu kuat, teu cukup ngan ku kanyaah wungkul, tapi urang gé kudu bener-bener diajar Alkitab jeung ngarti kana pangajaranna. Urang kudu ngabuktikeun sorangan Alkitab téh eusina bebeneran ngeunaan Yéhuwa.—Rum 12:2. w20.07 8 ¶2-3

Rebo, 9 Nopémber

Kudu nalang ka nu walurat.​—Ras. 20:35.

Aya loba bukti yén para malaikat mantuan urang néangan pawarta teu aktif nu hayang balik deui. (Wahyu 14:6) Misalna Silvio ti Ekuador. Manéhna ngadoa hayang pisan balik deui ka sidang. Can gé bérés ngadoa, bél imahna disada. Dua kokolot geus aya di hareupeun panto. Maranéhna bungah jeung langsung mantuan Silvio. Urang bakal bungah pisan waktu mantuan nu lemah rohani balik ka Yéhuwa. Ceuk Salvador, panaratas nu resep mantuan nu teu aktif, ”Bungah pisan mun mikirkeun Yéhuwa nyalametkeun hiji domba-Na ti dunya Sétan. Saking ku bungahna, cipanon sok nepi ka ngeclak. Abdi gé bungah sabab digunakeun ku Yéhuwa keur mantuan maranéhna balik ka sidang.” Mun Sadérék teu aktif, sing yakin Yéhuwa masih nyaah ka Sadérék. Yéhuwa téh keur nungguan Sadérék. Mantenna bungah mun Sadérék balik deui. w20.06 29 ¶16-​18

Kemis, 10 Nopémber

Maraneh bakal diaping jeung dipaparin pituduh ku Pangeran.​—Yes. 30:20.

Yéhuwa ngajar urang liwat conto-conto nu aya dina Firman-Na. (Yes. 30:21) Dina Alkitab, urang bisa diajar ngeunaan jalma-jalma nu boga sipat nu nyenangkeun Allah. Urang gé bakal ningali naon nu kaalaman ku jalma nu teu sadar diri. (Jab. 37:37; 1 Kor. 10:11) Tingali naon nu kaalaman ku Raja Saul. Basa keur ngora mah, manéhna téh rendah haté jeung sadar kana kakuranganana. Malah waktu rék dibéré tanggung jawab nu leuwih gedé gé, manéhna asa-asa. (1 Sam. 9:21; 10:​20-22) Tapi teu lila sanggeus jadi raja, Saul jadi sombong jeung lancang. Hiji waktu, manéhna teu sabar ngadagoan Nabi Samuél jeung méré kurban beuleuman, padahal éta lain hakna. Balukarna, Yéhuwa jadi teu resep ka Saul jeung nolak Saul jadi raja. (1 Sam. 13:​8-14) Conto ieu méré palajaran alus keur urang, nyaéta urang teu meunang lancang. w20.08 10 ¶10-​11

Jumaah, 11 Nopémber

Ngahargaan ka anu keur digarawe nungtun jeung ngatik aranjeun dina sual hirupna anu anut ka Gusti.​—1 Tes. 5:​12.

Liwat Kristus, Yéhuwa geus méré ”kurnia-kurnia” ka sidang mangrupa priya-priya éta. (Epe. 4:8) Maranéhna téh kaasup anggota Badan Pingpinan, asistén Badan Pingpinan, anggota Panitia Cabang, para pangawas wilayah, instruktur sakola, kokolot, jeung palayan sidang. Kabéh priya ieu téh dilantik ku roh suci pikeun ngurus domba-domba nu dipikanyaah ku Yéhuwa jeung pikeun nguatkeun sidang. (1 Pet. 5:​2, 3) Priya-priya nu dilantik ku roh suci ieu boga tanggung jawab nu béda-béda. Éta téh ibarat bagian awak nu béda-béda, jiga leungeun jeung suku. Sanajan gunana béda, duanana mangpaat keur sakabéh awak. Kitu ogé, priya-priya tadi digawé keur kapentingan sakabéh anggota sidang. Maranéhna teu hayang kapuji, justru sabisa-bisa hayang nguatkeun dulur-dulur saiman. (1 Tes. 2:​6-8) Urang tangtu nganuhunkeun ka Yéhuwa nu geus méré priya-priya rohani nu teu mentingkeun diri ieu! w20.08 21 ¶5-6

Saptu, 12 Nopémber

Datangan jalma-jalma . . . jaradikeun murid.​—Mat. 28:19.

Urang ngawawar lantaran jalma-jalma ”digencét jeung diculkeun jiga domba tanpa pangangon”. (Mat. 9:​36, NW) Maranéhna bener-bener butuh diajar bebeneran ngeunaan Karajaan. Yéhuwa hayang kabéh jalma meunangkeun bebeneran nu akurat jeung disalametkeun. (1 Tim. 2:4) Urang bakal beuki hayang ngawawar mun mikirkeun yén pagawéan ieu téh bisa nyalametkeun batur. (Rum 10:​13-15; 1 Tim. 4:16) Urang gé kudu boga pakakas nu cocog keur ngawawar jeung apal cara ngagunakeunana. Yésus ngajarkeun murid-murid carana nguarkeun warta hadé. Yésus méré nyaho maranéhna naon waé nu teu meunang dibawa, di mana ngawawarna, jeung naon nu kudu diomongkeun. (Mat. 10:​5-7; Luk. 10:​1-11) Ayeuna, organisasi Yéhuwa geus nyadiakeun Alat Bantu Pengajaran nu eusina pakakas-pakakas nu cocog pikeun dines. Urang gé diajarkeun kumaha carana ngagunakeun pakakas-pakakas éta. Urang jadi bisa leuwih percaya diri jeung tarampil waktu ngawawar jeung ngajar.—2 Tim. 2:15. w20.09 4 ¶6-7, 10

Minggu, 13 Nopémber

Taya deui anu matak leuwih bungah, lian ti upama ngadenge nu jadi anak aya dina jalan anu bener.​—3 Yoh. 4, ”SF”.

Rasul Yohanes pasti bungah pisan waktu ngadéngé jalma-jalma nu diajarkeun bebeneran ku manéhna terus satia ngawula Yéhuwa. Tapi maranéhna téh boga loba masalah, jadi Yohanes hayang sabisa-bisa nguatkeun urang Kristen nu satia ieu. Maranéhna geus dianggap budakna sorangan. Kitu ogé, urang pasti bungah lamun ningali budak urang atawa jalma-jalma nu diajarkeun Alkitab ku urang ngabaktikeun dirina ka Yéhuwa jeung terus satia. (3 Yoh. 3, SF) Dina taun 98 M, manéhna dibéré wahyu ku Allah pikeun nulis tilu surat. Surat-surat ieu ditulis supaya urang Kristen tetep boga iman ka Yésus jeung tetep aya dina jalan bebeneran. Yohanes hariwang lantaran aya guru-guru palsu nu mangaruhan sidang-sidang. (1 Yoh. 2:​18, 19, 26) Jalma-jalma murtad éta ngakuna mah ibadah ka Allah, tapi ari paréntah-paréntah Yéhuwa teu dijalankeun. w20.07 20 ¶1-3

Senén, 14 Nopémber

Sing percaya ka Allah, sarta sing percaya ka Kami.​—Yoh. 14:1.

Lantaran boga iman kana warta nu urang tepikeun, urang jadi hayang méré nyaho warta ieu ka saloba-lobana jalma. Urang percaya kana jangji-jangji dina Firman Allah. (Jab. 119:42; Yes. 40:8) Urang gé geus ningali ramalan-ramalan Alkitab jadi kanyataan dina jaman urang. Terus, urang nyaksian sorangan jalma-jalma hirupna jadi leuwih hadé lantaran nuturkeun naséhat Alkitab. Bukti-bukti éta ngayakinkeun urang yén kabéh jalma perlu ngadéngékeun warta hadé Karajaan. Urang gé boga iman ka Yéhuwa, Sumber tina warta nu urang tepikeun. Urang yakin Yéhuwa bakal terus jadi bénténg jeung kakuatan urang, teu sual kumaha kaayaan urang. (Jab. 46:​2-4) Urang gé boga iman ka Yésus, Pribadi nu dipilih ku Yéhuwa pikeun jadi Raja dina Karajaan. Urang yakin Yésus keur ngabingbing kagiatan pangwawaran ti sawarga, ngagunakeun kawasa jeung wewenang ti Yéhuwa. (Mat. 28:​18-20) Lantaran boga iman, urang jadi beuki yakin yén Yéhuwa bakal ngaberkahan upaya urang dina ngawawar. w20.09 12-13 ¶15-​17

Salasa, 15 Nopémber

Manehna keur nembongkeun kalemesan jeung kamulyaan budina ka Kami. . . . Ieu awewe geus sateka-teka upaya.​—Mar. 14:​6, 8.

Kadang, sadérék istri butuh bantuan pas aya masalah. (Yes. 1:17) Misalna, saurang randa bisa jadi butuh jalma nu ngawakilan jeung mantuan manéhna pikeun ngurus hal-hal nu biasana diurus ku salakina. Sadérék istri nu geus sepuh meureun butuh bantuan pikeun ngobrol jeung dokter. Atawa, sadérék istri nu naratas bisa waé dikiritik ku batur lantaran jarang dines, padahal manéhna keur meunang tugas séjén ti organisasi. Mun kitu, kudu aya nu ngabéla manéhna. Perhatikeun deui tuladan Yésus. Mun aya nu salah paham ka wanita Kristen, Yésus gancang ngabéla maranéhna. Misalna, Yésus ngabéla Maria nu dikiritik ku Marta. (Luk. 10:​38-42) Yésus gé ngabéla Maria waktu jalma-jalma nyarékan manéhna lantaran tindakanana dianggap teu bijaksana. (Mar. 14:​3-9) Yésus paham ku naon Maria ngalakukeun éta, sarta muji manéhna. Anjeunna malah ngaramalkeun yén ”di mana bae Injil diwawarkeun di sakuliah dunya”. w20.09 24 ¶15-​16

Rebo, 16 Nopémber

Lir pangangon anu kudu ngangon domba-domba Allah, ngasuh jamaah anu dipercayakeun ka aranjeun. Jamaah urus sing enya-enya, sing iklas sakumaha anu dipikahoyong ku Allah, ulah jeung aral subaha.​—1 Pet. 5:2.

Pangangon nu hadé bakal ngarti, bisa waé aya dombana nu leungit. Lamun aya dombana nu sasab, manéhna moal méré hukuman ka éta domba. Hayu urang tingali kumaha Yéhuwa nulungan umat-Na dina jaman baheula nu pernah ngajauh ti Mantenna. Baheula, Yunus teu ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Tapi, Yéhuwa teu ninggalkeun manéhna. Jiga pangangon nu hadé, Mantenna nyalametkeun Yunus. Yéhuwa méré kakuatan ka Yunus pikeun ngajalankeun tugasna. (Yun. 2:7; 3:​1, 2) Terus, Mantenna gé ngagunakeun hiji tangkal sangkan Yunus ngarti yén kahirupan unggal jalma téh penting. (Yun. 4:​10, 11) Naon palajaranna? Kokolot gé kuduna teu gampang nyerah lamun aya pawarta nu teu aktif. Justru maranéhna hayang paham ku naon éta pawarta ngajauh ti sidang. Terus lamun nu teu aktif balik deui ka Yéhuwa, kokolot bakal terus mikanyaah jeung merhatikeun manéhna. w20.06 20-​21 ¶10-​12

Kemis, 17 Nopémber

Umat Allah bakal meunang pitulung saeutik.​—Dan. 11:34.

Sanggeus Uni Soviet runtuh dina taun 1991, umat Allah nu hirup di nagri-nagri urut Uni Soviet ”meunang pitulung saeutik”, nyaéta kabébasan pikeun sababaraha waktu. Jadi maranéhna bisa bébas ngawawar, jeung hasilna, jumlah pawarta di nagri-nagri éta langsung ningkat jadi ratusan rébu. Tapi ka dieunakeun, Rusia jeung balad-baladna muncul sabagé raja kalér. Pamaréntahan nu jadi raja kalér atawa raja kidul kudu nyumponan tilu sarat: (1) tindakan raja-raja éta boga pangaruh gedé ka umat Allah, (2) tindakan maranéhna nunjukkeun yén maranéhna téh ijid ka Yéhuwa jeung umat-Na, sarta (3) dua raja éta téh saingan. Rusia jeung balad-baladna téh nyerang umat Allah ku cara ngalarang kagiatan pangwawaran jeung nganiaya ratusan rébu dulur saiman. Tindakan éta némbongkeun yén maranéhna téh ijid ka Yéhuwa jeung umat-Na. Maranéhna gé hayang nyaingan raja kidul, nyaéta Kawasa Dunya Anglo-Amerika. w20.05 12-​13 ¶3-4

Jumaah, 18 Nopémber

Awaskeun pangajaran.​—1 Tim. 4:​16.

Jadi urang kudu merhatikeun cara ngajar urang, sabab pangajaran urang bisa ngabantu batur jadi murid. Di sakuliah dunya, urang ngajarkeun Alkitab ka jutaan jalma. Urang resep kana pangajaran tina Firman Allah. Jadi, meureun urang sok hayang ngajelaskeun loba hal. Tapi waktu mandu palajaran Alkitab, Palajaran Warta Hadé, atawa Palajaran Alkitab Sidang, saurang sadérék kuduna teu loba teuing ngajelaskeun. Urang hayang Alkitab nu ngajar batur. Jadi urang kudu nahan diri, ulah loba teuing ngajéntrékeun hiji ayat atawa topik nu keur dibahas. (Yoh. 16:12) Inget-inget deui sakumaha loba pamahaman Alkitab Sadérék waktu dibaptis, terus bandingkeun jeung ayeuna. Meureun, baheula gé Sadérék ngan paham pangajaran-pangajaran dasar wungkul. (Ibr. 6:1) Sadérék bisa boga pamahaman jiga ayeuna téh lantaran geus diajar mangtaun-taun. Jadi, ulah hayang ngajarkeun kabéh hal sakaligus ka palajar Alkitab. w20.10 14-15 ¶2-4

Saptu, 19 Nopémber

Lain tukang kayu tea manehna teh, anak Mariam.​—Mar. 6:3.

Yéhuwa milih kolot nu hadé keur Yésus. (Mat. 1:​18-23; Luk. 1:​26-38) Mariam nyaah pisan ka Yéhuwa jeung resep maca Firman-Na. Éta katémbong tina kekecapanna nu tina haté. Kekecapanna dicatet dina Alkitab. (Luk. 1:​46-55) Kumaha jeung Yusup? Yusup nurut kana paréntah Yéhuwa. Éta nunjukkeun, manéhna nyaah jeung hayang nyenangkeun Yéhuwa. (Mat. 1:24) Yéhuwa teu milih kolot nu beunghar keur Yésus. Malah, Yusup jeung Mariam téh miskin. Éta katingali tina kurban nu dibikeun ku maranéhna sanggeus Yésus lahir. (Luk. 2:24) Pasti hirup maranéhna téh pas-pasan, komo deui dina kulawarga éta sahenteuna aya tujuh budak. (Mat. 13:​55, 56) Mémang, Yéhuwa ngalindungan Yésus tina sababaraha bahaya. Tapi, tetep aya tangtangan nu kudu disanghareupan sorangan ku Yésus. (Mat. 2:​13-15) Contona, aya dulur-dulur Yésus nu teu percaya yén anjeunna téh Mésias. (Mar. 3:21; Yoh. 7:5) Terus, Yésus gé ditinggal maot ku Yusup, bapana. w20.10 26-​27 ¶4-6

Minggu, 20 Nopémber

Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.​—Ibr. 13:5.

Waktu aya masalah, na Sadérék pernah ngarasa sorangan jeung euweuh nu nulungan? Loba nu pernah ngarasa jiga kitu, kaasup hamba-hamba Yéhuwa dina jaman baheula. (1 Rja. 19:14) Mun Sadérék ngarasa jiga kitu, inget, Yéhuwa jangji, ”Maneh ku Kami moal nepi ka teu dipalire, moal ditinggalkeun.” Jadi urang bisa yakin, ”Pangeran Panulung kuring, kuring moal salempang.” (Ibr. 13:​5, 6) Kekecapan éta téh ditulis ku Rasul Paulus kira-kira taun 61 M keur urang Kristen di Yudéa. Mun maca kekecapan éta, urang jadi inget kana Jabur 118:​5-7. Jiga nu nulis jabur, Paulus gé ngarasakeun sorangan, Yéhuwa téh Panulung manéhna. Misalna kira-kira taun 58 M, Paulus ampir maot di laut. Harita, aya angin ribut nu hébat pisan. (Ras. 27:​4, 15, 20) Jiga nu enggeus-enggeus, harita gé Yéhuwa nulungan Paulus. Sapanjang perjalanan di laut éta, Yéhuwa maké loba cara pikeun nulungan Paulus. w20.11 12 ¶1-2

Senén, 21 Nopémber

Kade ulah nanya, ”Naha nya baheula mah jaman teh leuwih hade ti batan ayeuna?”​—Pan. 7:​10.

Ku naon bahaya mun urang teterusan mikir kaayaan dina jaman baheula téh leuwih hadé? Sabab urang bisa ngan mikirkeun hal-hal nu alusna wungkul. Perhatikeun conto ti urang Israil baheula. Sanggeus kaluar ti Mesir, maranéhna langsung poho sakumaha susahna hirup di ditu. Maranéhna ngan mikirkeun dahareun nu ngeunah-ngeunah wungkul di Mesir. Ceuk maranéhna, ”Di Mesir mah lauk naon ge urang ngadahar jeung teu kudu meuli. Aringet keneh kana bonteng, kana samangka, bawang beureum, bawang daun, bawang bodas?” (Bil. 11:5) Tapi, na mémang bener dahareun éta téh haratis? Henteu. Justru hargana téh mahal pisan! Maranéhna diperbudak jeung ditindes pisan di ditu. (Bud. 1:​13, 14; 3:​6-9) Sanajan kitu, maranéhna teu inget kana kasusahna, malah hayang hirup jiga baheula deui. Maranéhna ngan mikirkeun hal-hal hadé nu baheula, lainna mikirkeun hal-hal hadé nu kakara dibikeun ku Yéhuwa. Yéhuwa jadi teu resep ningalina.​—Bil. 11:10. w20.11 25 ¶5-6

Salasa, 22 Nopémber

PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.​—Jab. 34:19.

Meureun, kadang urang ngarasa hirup téh singget jeung ”seueur kasusahna”. (Ayub 14:1) Jadi, wajar mun urang osok leutik haté. Baheula, loba hamba Yéhuwa anu ngarasa jiga kitu, malah aya nu hayang paéh. (1 Rja. 19:​2-4; Ayub 3:​1-3, 11; 7:​15, 16) Tapi, Yéhuwa, Allah anu dipercaya ku maranéhna, teterusan ngahibur jeung nguatkeun maranéhna. Kisah maranéhna dicatet supaya urang bisa kahibur, sarta diajar tina tuladan maranéhna. (Rum 15:4) Pikirkeun putrana Yakub, Ngan di jero sakiceup mata, Yusup nu tadina putra nu dipikanyaah ku bapana, jadi badéga anu teu dihargaan di Mesir. (Kaj. 37:​3, 4, 21-​28; 39:1) Terus, pamajikanna Potipar mitnah rék diperkosa ku Yusup. Potipar teu mariksa heula nu sabenerna. Manéhna kalah ka langsung ngagebluskeun Yusup ka panjara. Di ditu Yusup diranté. (Kaj. 39:​14-20; Jab. 105:​17, 18) Jadi, sabenerna bisa waé Yusup leutik haté. w20.12 16-​17 ¶1-4

Rebo, 23 Nopémber

Jenengan Ama mugi disucikeun.​—Mat. 6:9.

Éta téh hal pangpentingna nu disebutkeun ku Yésus dina doa. Tapi, naon maksud kekecapan Yésus? Nyucikeun maksudna ngajadikeun hiji hal bersih jeung murni. Meureun aya nu mikir, ’Nami Yéhuwa pan geus bersih jeung murni, jadi jang naon disucikeun deui?’ Hayu pikirkeun heula nami téh ngamaksudkeun naon waé. Nami téh teu ngan saukur hurup-hurup nu ditulis atawa diucapkeun. Ceuk Alkitab, ”Mending milih ngaran seungit ti batan milih kabeungharan.” (Sil. 22:1; Pan. 7:1) Ku naon nami téh sakitu pentingna? Sabab nami bisa ngagambarkeun jiga kumaha saurang jalma dina pandangan batur. Jadi, cara nulis atawa cara ngucapkeunana teu pati penting. Nu pangpentingna mah naon nu dipikirkeun ku batur waktu ningali atawa ngadéngé éta nami. Loba nu nyebarkeun kabohongan ngeunaan Yéhuwa supaya jalma-jalma mikir Mantenna téh teu bener. Mun geus mikir kitu, maranéhna jadi leuwih gampang nyalahkeun Allah jeung mitnah nami-Na. w20.06 3 ¶5-7

Kemis, 24 Nopémber

Awak sakujur karaos ajur. Nun PANGERAN, lami keneh bade ngantep ka abdi teh?​—Jab. 6:4.

Waktu aya masalah, urang bisa ngarasa hariwang pisan, nepi ka nu dipikirkeun téh ngan masalah éta wungkul. Misalna, meureun urang sieun teu boga duit pikeun meuli pangabutuh sapopoé. Urang gé bisa jadi sieun kaleungitan pagawéan lantaran gering atawa dipecat. Terus, meureun urang sieun teu satia ka Yéhuwa waktu aya gogoda. Sakeudeung deui, Sétan bakal ngagerakkeun jalma-jalma pikeun nyerang umat Allah. Jadi meureun urang hariwang, engké urang bakal kumaha waktu éta kajadian? Bisa waé urang mikir, ’Salah kitu mun urang hariwang kana hal-hal éta?’ Yésus méré nyaho murid-muridna, ”Ulah salempang.” (Mat. 6:25) Na ieu hartina urang teu meunang hariwang sama sakali? Lain kitu! Sababaraha hamba Yéhuwa nu satia dina jaman baheula gé pernah ngarasa hariwang, tapi maranéhna tetep dipikaresep ku Yéhuwa. (1 Rja. 19:4) Sabenerna, Yésus ngomong kitu téh lantaran hayang nenangkeun urang. Yésus embung urang hariwang teuing kana pangabutuh sapopoé, sabab éta bisa ngaganggu palayanan urang ka Yéhuwa. w21.01 3 ¶4-5

Jumaah, 25 Nopémber

Salaki sirah pamajikan.​—1 Kor. 11:3.

Waktu ngurus kulawargana, salaki kudu tanggung jawab ka Yéhuwa jeung Yésus. (1 Pet. 3:7) Sabagé Kapala pikeun jagat raya, Yéhuwa boga wewenang pikeun nyieun aturan keur barudak-Na, sarta mastikeun maranéhna nuturkeun aturan éta. (Yes. 33:​22, NW) Yésus gé sabagé kapala sidang Kristen, boga wewenang pikeun nyieun aturan, sarta mastikeun aturanana dijalankeun. (Gal. 6:2; Kol. 1:​18, 19; Kol. 1:​20, NW) Yéhuwa jeung Yésus, kapala kulawarga gé boga wewenang pikeun nyieun aturan keur kulawargana. (Rum 7:2; Epe. 6:4) Tapi, wewenangna téh aya watesna. Misalna, waktu kapala kulawarga nyieun aturan, aturanana téh kudu dumasar kana prinsip-prinsip dina Firman Allah. (Sil. 3:​5, 6) Kapala kulawarga gé teu boga wewenang pikeun nyieun aturan keur jalma nu lain anggota kulawargana. (Rum 14:4) Terus, mun barudak geus gedé jeung geus teu saimah deui, maranéhna téh geus lain tanggung jawab bapana. Najan kitu, barudak kudu tetep hormat ka bapana.​—Mat. 19:5. w21.02 2-3 ¶3-5

Saptu, 26 Nopémber

Sing saha anu tambelar . . . ka anggota rumah tanggana sorangan, eta teh ingkar tina iman.​—1 Tim. 5:8.

Kumaha carana kapala kulawarga ngabuktikeun kanyaahna ka kulawarga? Ku cara nyadiakeun pangabutuh sapopoé. Tapi manéhna kudu inget, kabutuhan rohani téh jauh leuwih penting tibatan kabutuhan jasmani. (Mat. 5:3) Waktu Yésus sakarat dina tihang siksaan, anjeunna ménta Rasul Yohanes ngurus Mariam. (Yoh. 19:​26, 27) Sadérék pameget nu jadi kapala kulawarga meureun boga loba tanggung jawab nu penting. Manéhna kudu getol digawé, sabab éta bisa ngamulyakeun Yéhuwa. (Epe. 6:​5, 6; Tit. 2:​9, 10) Terus manéhna gé meureun boga tanggung jawab di sidang, misalna merhatikeun jeung nguatkeun dulur saiman, sarta ngatur kagiatan pangwawaran. Tapi, manéhna gé kudu rutin ngulik Alkitab jeung pamajikan sarta barudakna. Kulawargana pasti ngahargaan pisan upaya manéhna pikeun minuhan kabutuhan jasmani, émosi, jeung rohani kulawarga.​—Epe. 5:​28, 29; 6:4. w21.01 12 ¶15, 17

Minggu, 27 Nopémber

[Pamajikan nu binangkit] resep kana digawe, sagala kaperluan kulawargana ditalingakeun.​—Sil. 31:27.

Alkitab méré nyaho hal-hal nu bisa dilakukeun ku pamajikan nu binangkit. Misalna, pamajikan bisa ngatur pagawéan rumah tangga, meuli jeung ngajual tanah, sarta ngurus usaha. (Sil. 31:​15, 16, 18) Pamajikan téh lain badéga, jadi manéhna gé boga hak pikeun ngutarakeun pamikiranana. Ku kituna, sakuduna salaki percaya jeung ngadéngékeun manéhna. (Sil. 31:​11, 26) Mun salaki ngahargaan pamajikan jiga kitu, pamajikan bakal réla tunduk ka manéhna. Sanajan Yésus geus ngalakukeun hal-hal anu hébat, anjeunna tetep tunduk ka Yéhuwa. Anjeunna teu ngarasa éta téh ngarendahkeun martabatna. (1 Kor. 15:28; Pil. 2:​5, 6) Pamajikan bisa nyonto tuladan Yésus. Manéhna moal ngarasa direndahkeun mun nurut ka salaki. Pamajikan bakal ngadukung salaki lantaran nyaah ka salakina, terus pangpangna lantaran nyaah jeung hormat ka Yéhuwa. Najan kudu tunduk ka salaki, pamajikan Kristen moal daék mun dititah ngalanggar hukum jeung prinsip Alkitab. w21.02 11 ¶14-​15; 12 ¶19

Senén, 28 Nopémber

Kasangsaraan teh bisa ngalantarankeun urang jadi sabar.​—Rum 5:3.

Umat Yéhuwa bisa tetep teger waktu dikaniaya lantaran maranéhna nyaah ka Allah. Misalna lantaran nyaah ka Allah, para rasul terus ngawawar sanajan dilarang ku Mahkamah Agung Yahudi. Maranéhna leuwih ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”. (Ras. 5:29; 1 Yoh. 5:3) Ayeuna, dulur-dulur saiman urang gé tetep teger waktu dikaniaya ku pamaréntah anu kejem, lantaran maranéhna nyaah ka Allah. Najan dipikangéwa ku dunya ieu, urang mah henteu sedih, justru ngarasa bagja. (Ras. 5:​41; Rum 5:​5) Meureun salah sahiji tangtangan nu pangbeuratna téh, nyaéta tangtangan ti anggota kulawarga. Waktu urang mimiti diajar bebeneran, bisa jadi aya anggota kulawarga anu mikir yén urang téh keur disasabkeun. Aya ogé nu mikir, urang geus teu waras. (Bandingkeun Markus 3:21.) Malah, meureun aya nu jadi kasar ka urang. Tapi, urang teu kudu héran. Yésus geus ngomong, ”Anu bakal jadi musuh pangbangetna teh nya anggota kulawargana keneh.”​—Mat. 10:36. w21.03 21 ¶6-7

Salasa, 29 Nopémber

Sing cepet kana ngadenge, sing lambat kana nyarita.​—Yak. 1:​19.

Waktu maturan batur mandu palajaran Alkitab, déngékeun bener-bener naon nu keur dibahas. Jadi, urang bakal siap pikeun méré koméntar tambahan nu diperlukeun. Tapi, urang gé kudu nimbang-nimbang heula saacan ngomong. Ulah loba teuing nyarita, ulah motong omongan guru Alkitabna, sarta ulah ngomongkeun hal-hal nu teu nyambung jeung topik anu keur dibahas. Urang bisa nandeskeun topik nu keur dibahas ku cara méré koméntar nu singget, méré ibarat, atawa pananya. Meureun kadang urang ngarasa teu nyaho naon deui nu kudu dikoméntaran. Tapi lamun urang muji jeung perhatian ka palajar Alkitab, sabenerna urang téh keur ngabantu manéhna nyieun kamajuan. Mun cocog, Sadérék bisa nyaritakeun sacara singget kumaha Sadérék diajar bebeneran, kumaha Sadérék nyanghareupan tangtangan, atawa kumaha Yéhuwa ngabantu Sadérék waktu aya masalah. (Jab. 78:​4, 7) Pangalaman Sadérék bisa jadi gedé mangpaatna keur palajar Alkitab. Meureun éta bisa nguatkeun imanna. Terus, bisa waé palajar jadi hayang nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. w21.03 10 ¶9-​10

Rebo, 30 Nopémber

Datangan jalma-jalma saalam dunya jaradikeun murid Kami.​—Mat. 28:19.

Saha nu sakuduna dimulyakeun waktu urang suksés dina dines? Jawabanana aya dina surat Paulus ka sidang di Korinta, ”Sim kuring anu melakeunana, Apolos anu nyiramanana, tapi anu ngajadikeunana mah Allah.” (1 Kor. 3:​6, 7) Jadi, urang kudu nyonto Paulus. Mun urang suksés dina dines, urang kudu ngamulyakeun Yéhuwa. Urang geus dibéré kahormatan pikeun ”digawé bareng” jeung Yéhuwa, Yésus, sarta para malaikat. Kumaha cara ngahargaanana? (2 Kor. 6:1) Ku cara sabisa-bisana nepikeun warta hadé ka jalma-jalma. Sabagé batur gawé Allah, urang sakuduna teu melak binih bebeneran wungkul, tapi ogé nyiramanana. Lamun aya nu nunjukkeun minat, urang kudu sabisa-bisa ngadatangan manéhna deui. Atawa, urang bisa ménta saurang sadérék ngadatangan manéhna deui sangkan bisa diajar Alkitab. Lamun urang ningali Yéhuwa ngabantu palajar Alkitab ngarobah haté jeung pikiranana, urang tangtu bungah! w20.05 30 ¶14, 16-​18

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun