PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 7-17
  • Januari

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Januari
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Minggu, 1 Januari
  • Senén, 2 Januari
  • Salasa, 3 Januari
  • Rebo, 4 Januari
  • Kemis, 5 Januari
  • Jumaah, 6 Januari
  • Saptu, 7 Januari
  • Minggu, 8 Januari
  • Senén, 9 Januari
  • Salasa, 10 Januari
  • Rebo, 11 Januari
  • Kemis, 12 Januari
  • Jumaah, 13 Januari
  • Saptu, 14 Januari
  • Minggu, 15 Januari
  • Senén, 16 Januari
  • Salasa, 17 Januari
  • Rebo, 18 Januari
  • Kemis, 19 Januari
  • Jumaah, 20 Januari
  • Saptu, 21 Januari
  • Minggu, 22 Januari
  • Senén, 23 Januari
  • Salasa, 24 Januari
  • Rebo, 25 Januari
  • Kemis, 26 Januari
  • Jumaah, 27 Januari
  • Saptu, 28 Januari
  • Minggu, 29 Januari
  • Senén, 30 Januari
  • Salasa, 31 Januari
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 7-17

Januari

Minggu, 1 Januari

Maranéhna téh pamingpin lolong.​—Mat. 15:14.

Yésus wani ngabolékérkeun kamunapékan para pamingpin agama dina jamanna. Misalna, Yésus nunjukkeun yén urang Parisi téh jalma-jalma anu marunapék. Maranéhna leuwih mentingkeun carana ngumbah leungeun tibatan ngurus kolotna sorangan. (Mat. 15:1-11) Sanajan para pamingpin agama teu resep kana omongan Yésus, Yésus tetep méré nyaho naon anu bener. Yésus ogé ngabolékérkeun pangajaran-pangajaran anu palsu. Ceuk anjeunna, teu kabéh agama ditarima ku Allah. Anjeunna ngajelaskeun, bakal loba nu milih jalan nu lega anu tungtungna kana kabinasaan, jeung bakal saeutik nu milih jalan anu sempit anu nungtun kana kahirupan. (Mat. 7:13, 14) Maksudna, bakal aya nu ngakuna ngalayanan Allah, padahal kanyataanana mah henteu. Jadi anjeunna ngingetan, ”Sing awas ka nabi-nabi palsu! Datangna ka maraneh make ulat domba, tapi hatena mah hate ajag. Maraneh baris nyaho ka maranéhna tina tingkah lakuna.”​—Mat. 7:15-20. w21.05 9 ¶7-8

Senén, 2 Januari

Tina rarayna katingali yén manéhna teu sedih deui.​—1 Sam. 1:18.

Hana kawin jeung urang Léwi anu ngaranna Élkana. Élkana boga pamajikan séjén, nyaéta Pénina. Najan kitu, Élkana leuwih nyaah ka Hana tibatan ka Pénina. Tapi, ”Penina boga anak, Hana henteu hiji-hiji acan”. Ku lantaran éta, Hana ku Pénina dihina, ”dipapanas bae, dihaja sina nyerieun hatena”. Hana nyeri haté pisan. ”Hana ceurik jeung teu daekeun dahar-dahar acan.” Tapi, euweuh catetan dina Alkitab anu nyebutkeun Hana hayang ngabales. Manéhna ngungkabkeun parasaanana ka Yéhuwa jeung percaya Mantenna bakal nulungan manéhna. (1 Sam. 1:2, 6, 7, 10) Urang meunang palajaran naon tina kisahna Hana? Mun aya nu hayang saingan jeung Sadérék, sing inget Sadérék bisa mutuskeun, na rék ngaladénan manéhna atawa henteu. Sadérék teu kudu ngabales naon nu geus dilakukeun ku manéhna ka Sadérék. Tibatan ngabales, leuwih alus mun Sadérék ngupayakeun supaya bisa rukun jeung manéhna. (Rum 12:17-21) Naon kauntunganana? Sanajan manéhna teu barobah, Sadérék bakal ngarasa tengtrem. w21.07 17 ¶13-14

Salasa, 3 Januari

Sing ati-ati, ulah nepi ka sarakah kana hal naon baé. —Luk. 12:15.

Lantaran sarakah, Yudas Iskariot ngalakukeun hal nu goréng pisan jeung ngahianat ka Yésus. Padahal, baheulana manéhna teu kitu. (Luk. 6:13, 16) Terus manéhna gé bisa dipercaya, buktina manéhna dipilih pikeun ngurus duit. Tapi sanggeus sababaraha lila, Yudas mulai maok, padahal manéhna geus sering ngadéngé Yésus ngajar batur, ulah jadi jelema anu sarakah. (Mar. 7:22, 23; Luk. 11:39, SF) Sipat sarakah Yudas beuki katingali dina kajadian teu lila saacan Yésus maot. Yésus jeung murid-muridna, kaasup Marta jeung Maria, keur dahar di imahna Simon, nu pernah keuna ku lépra. Waktu keur dahar, Maria nyampeurkeun Yésus, terus ngucurkeun minyak seungit anu mahal kana sirahna Yésus. Yudas jeung murid-murid séjénna teu resep ningali hal éta. Murid-murid séjén ngarasa, mendingan duitna disumbangkeun keur nu miskin. Tapi, Yudas mah teu resep téh lantaran niatna béda. ”Yudas teh bangsat.” Manéhna hayang maok duit tina kotak duit.​—Yoh. 12:2-6; Mat. 26:6-16; Luk. 22:3-6. w21.06 18 ¶12-13

Rebo, 4 Januari

Ripuh pisan kuring téh! Saha atuh nu bakal nulungan kuring tina awak nu ngalantarankeun kuring maot?​—Rm. 7:24.

Na Sadérék kadang ngarasa kawalahan lantaran boga loba tanggung jawab? Mun enya, Sadérék bisa diajar ti Rasul Paulus. Manéhna mikirkeun kabéh sidang, teu ngan hiji sidang wungkul. (2 Kor. 11:23-28) Na Sadérék henteu suka bungah deui lantaran boga panyakit nu parah? Katingalina, baheula Paulus gé boga ”kanyeri dina awak”, jeung hayang pisan cageur tina panyakitna éta. (2 Kor. 12:7-10) Na Sadérék leutik haté lantaran teu sampurna? Kadang, Paulus gé ngarasa kitu. Manéhna nyebut dirina téh ”jelema cilaka”, lantaran kudu teterusan bajoang pikeun ngalakukeun hal nu bener. (Rum 7:21-24) Najan boga loba masalah, Paulus tetep ngawula Yéhuwa. Ku naon bisa kitu? Manéhna ngarti pisan kana kalemahanana, tapi manéhna gé boga iman anu kuat kana tebusan. w21.04 22 ¶7-8

Kemis, 5 Januari

Putra manusa ogé datang . . . ngorbankeun hirupna jadi tebusan keur loba jalma.​—Mar. 10:45.

Adam téh manusa nu sampurna. Tapi lantaran nyieun dosa, Adam jadi teu bisa hirup langgeng. Hanjakalna, kabéh turunanana ogé jadi katempuhan gara-gara dosa Adam. Maranéhna ogé jadi teu bisa hirup langgeng. (Rum 5:12, 14) Ari Adam mah pantes maot. Dosana teu bisa dihampura, sabab éta dihaja. Tapi, ari turunanana kumaha? Bisa teu turunanana dibébaskeun tina maot nu dilantarankeun ku dosa Adam? Bisa! Sabab sanggeus Adam ngalakukeun dosa, Yéhuwa langsung ngatur rencana pikeun nyalametkeun jutaan turunan Adam tina dosa jeung maot. (Kaj. 3:15) Ku ayana tebusan, urang bisa nyobat jeung Yéhuwa sanajan urang teu sampurna. Ku ayana tebusan, kabéh ’gagawean Iblis bakal ditumpes’. (1 Yoh. 3:8) Ku ayana tebusan gé, tujuan Allah nyiptakeun bumi téh ahirna bakal ngawujud. Engké sakuliah bumi bakal dirobah jadi pirdaus. w21.04 14 ¶1; 19 ¶17

Jumaah, 6 Januari

Masing-masing kudu dibaptis.​—Kis. 2:38.

Hiji poé, aya kajadian nu luar biasa di Yérusalém. Loba lalaki jeung awéwé datang ka Yérusalém. Maranéhna téh asalna ti nagri nu béda-béda jeung ngomong maké basa nu béda-béda. Harita, aya sakelompok urang Yahudi nu ujug-ujug bisa ngomong maké basa maranéhna! Jalma-jalma rareuwaseun pisan. Tapi, maranéhna leuwih reuwas deui waktu ngadéngé naon nu diomongkeun ku urang Yahudi jeung naon nu diomongkeun ku Pétrus. Maranéhna dibéré nyaho, supaya bisa salamet téh maranéhna kudu boga iman ka Yésus Kristus. Maranéhna kageuing pisan, nepi ka nanya, ”Kedah kumaha kuring sadaya teh?” Pétrus ngajawab, ”Kudu dibaptis.” (Ras. 2:37, 38) Nu kajadian sanggeusna téh luar biasa pisan. Dina poé éta, kira-kira 3.000 jalma dibaptis jeung jadi murid Kristus! Ti saprak harita, kagiatan ngajadikeun murid sakumaha nu diparéntahkeun ku Yésus téh dimimitian. Nepi ka ayeuna, murid-murid Yésus masih ngajalankeun kagiatan éta. w21.06 2 ¶1-2

Saptu, 7 Januari

Kuring nu melakna, Apolos nu nyéborna, tapi nu ngajadikeunana mah Allah. Ku kituna, nu penting mah lain nu melak atawa nu nyébor, tapi Allah nu ngajadikeunana.​—1 Kor. 3:6, 7.

Di daérah urang, meureun ngamimitian palajaran Alkitab téh hésé. Jalma-jalma katingalina teu minat, malah aya nu nolak warta urang. Kumaha carana supaya urang tetep boga pikiran anu positif? Sing inget, dunya ieu téh pinuh ku masalah, jadi kaayaan jalma bisa gancang barobah. Nu tadina teu minat kana warta urang bisa waé jadi ngarasa butuh bingbingan ti Allah. (Mat. 5:3) Terus, aya nu tadina embung narima bacaan ti urang, tapi ka dieunakeun jadi daék diajar Alkitab. Urang apal anu boga lahan téh Yéhuwa. (Mat. 9:38) Allah hayang urang terus melak binih jeung nyiramanana, engké nu bakal ngajadikeunana mah Mantenna. Urang gé pasti jadi gedé haté, sabab apal sanajan ayeuna urang teu boga palajar Alkitab, Yéhuwa bakal tetep ngaberkahan urang. Nu ditingali ku Yéhuwa mah upaya urang, lain hasilna! w21.07 6 ¶14

Minggu, 8 Januari

Anak teh kurnia ti PANGERAN.​—Jab. 127:3.

Yéhuwa téh geus méré manusa kasanggupan pikeun boga anak, sakaligus tanggung jawab pikeun ngajar anakna supaya nyaah jeung ngawula Mantenna. Najan para malaikat dibéré loba kasanggupan anu luar biasa ku Yéhuwa, maranéhna henteu dibéré kasanggupan pikeun boga anak. Ku kituna, lamun Sadérék boga anak, Sadérék kuduna nganuhunkeun kana hal ieu. Sadérék téh geus dipercaya pikeun ngajalankeun tugas nu penting, nyaéta ngagedékeun anak ”make pranata jeung pangajaran-pangajaran” ti Yéhuwa. (Epe. 6:4; Pam. 6:5-7) Pikeun mantuan Sadérék ngagedékeun anak, organisasi Allah téh geus nyadiakeun loba publikasi, vidéo, musik, jeung artikel-artikel dina situs Internét. Éta kabéh téh dumasar kana Alkitab. Jadi, jelas Bapa urang di sawarga sarta Putra-Na téh nyaah ka barudak ngora. (Luk. 18:15-17) Lamun Sadérék ngandelkeun Yéhuwa sarta ngupayakeun sabisa-bisana pikeun ngurus anak Sadérék, Yéhuwa bakal senang. Terus, Sadérék gé bisa mantuan anak Sadérék boga harepan pikeun jadi kulawargana Yéhuwa salilana! w21.08 5 ¶9

Senén, 9 Januari

Iman nyaéta . . . bukti nu jelas yén hal-hal nu teu katingali téh sabenerna aya.​—Ibr. 11:1.

Sababaraha jalma mikir, iman téh hartina percaya kana hiji hal tanpa ayana bukti. Tapi, ceuk Alkitab mah iman anu sajati téh teu jiga kitu. Ayat éta nyebutkeun yén iman kana hal-hal anu teu katingali, saperti Yéhuwa, Yésus, jeung Karajaan Allah téh dumasar kana bukti-bukti anu nyata. (Ibr. 11:3) Saurang ilmuwan anu jadi Saksi Yéhuwa ngomong, ”Saksi-Saksi Yéhuwa téh boga dasar anu kuat pikeun hal-hal nu dipercaya ku maranéhna. Maranéhna henteu ngabaékeun ilmu pengetahuan.” Pan loba bukti anu nunjukkeun yén kahirupan téh diciptakeun ku Allah, tapi ku naon atuh loba nu teu percaya kana hal éta? Sababaraha jalma henteu pernah mariksa bukti-bukti éta. Robert, saurang Saksi Yéhuwa, ngomong, ”Di sakola, abdi teu pernah diajarkeun yén kahirupan téh diciptakeun. Jadi, abdi teu percaya ka Nu Nyipta. Tapi waktu umur 22 taun, abdi diajar tina Alkitab yén Allah téh nyiptakeun sagalana. Nu dijelaskeun ku maranéhna téh asup akal.” w21.08 15 ¶4-5

Salasa, 10 Januari

Pek rarasakeun, kumaha saena PANGERAN. Bagja jalma nu nyalindung ka Mantenna.​—Jab. 34:9.

Mémang, urang bisa diajar ngeunaan kasaéan Yéhuwa liwat Alkitab jeung ngadéngékeun pangalaman batur. Tapi, ngarah bisa bener-bener paham sakumaha saéna Yéhuwa, urang kudu ngarasakeunana sorangan. Misalna, urang hayang jadi panaratas. Tapi supaya bisa ngalakukeun hal éta, urang kudu nyaderhanakeun kahirupan urang. Urang apal, Yésus anu nyebutkeun lamun urang ngutamakeun Karajaan, Yéhuwa bakal minuhan kabutuhan urang. (Mat. 6:33) Tapi, urang can pernah ngarasakeun sorangan hal éta. Sanajan kitu, urang percaya kana jangji Yésus. Jadi ahirna urang daék ngirit, ngurangan waktu digawé, jeung leuwih sering dines. Sanggeus ngalakukeun hal-hal éta, urang ahirna bisa ningali jeung ngarasakeun sorangan yén Yéhuwa téh bener-bener minuhan pangabutuh urang sapopoé. Urang jadi bisa ’ngarasakeun’ sorangan kasaéan ti Yéhuwa. w21.08 26 ¶2

Rebo, 11 Januari

Bakal aya mangsana jalma-jalma embung ngadéngékeun pangajaran nu bener.​—2 Tim. 4:3.

Na dina jaman ayeuna gé masalahna sarua? Enya. Para pamingpin agama resep lamun anu jadi jamaahna téh jalma-jalma anu penting, nu beunghar, jeung nu dianggap pinter ku dunya. Maranéhna teu paduli najan jalma-jalma éta kalakuan jeung ahlakna ruksak, atawa teu nuturkeun patokan hirup ti Allah. Tapi umat Allah nu kalakuanana bener kalah ka direndahkeun ku maranéhna. Ku naon bisa kitu? Sabab umat Allah dianggap teu penting ku dunya. Tapi Paulus ngomong, anu dipilih ku Allah téh nyaéta jalma-jalma ”anu ku dunya dianggap hina”. (1 Kor. 1:26-29) Jadi, keur Yéhuwa mah kabéh umat-Na téh penting. Kumaha supaya iman urang tetep kuat? (Mat. 11:25, 26) Ulah kapangaruhan ku cara pandang dunya ieu ka umat Allah. Sing inget, Yéhuwa ngan ngagunakeun jalma-jalma anu rendah haté pikeun ngajalankeun kahayang-Na. (Jab. 138:6) Terus, pikirkeun ogé kumaha Yéhuwa ngalakukeun loba hal liwat jalma-jalma anu dianggap teu pinter ku dunya ieu. w21.05 8 ¶1; 9 ¶5-6

Kemis, 12 Januari

Aranjeun ngirim bantuan ka kuring.​—Flp. 4:16.

Rasul Paulus ngahargaan bantuan ti batur. Manéhna teu ngarasa geus teu butuh bantuan deui, malah manéhna rendah haté jeung narima bantuan ti batur. (Flp. 2:19-22) Aya loba cara sadérék nu sepuh bisa ngahargaan sadérék nu leuwih ngora. Ulah nolak lamun maranéhna nawarkeun bantuan pikeun nganteur-nganteur, balanja, atawa nu séjénna. Sing inget, bantuan ti maranéhna téh bukti kanyaah ti Yéhuwa. Malah, Sadérék bisa akrab jeung maranéhna. Terus bantu maranéhna supaya nyobat jeung Yéhuwa. Béré nyaho yén Sadérék téh bungah waktu ningali maranéhna ngalakukeun loba hal keur sidang. Sadiakeun waktu keur nyaritakeun pangalaman sadérék ka maranéhna. Ku kituna, Sadérék bakal ”muji sukur” ka Yéhuwa ku lantaran aya sadérék-sadérék nu leuwih ngora di sidang.​—Kol. 3:15; Yah. 6:44; 1 Tés. 5:18. w21.09 12 ¶12-13

Jumaah, 13 Januari

Welas asih ti sorga ieu bakal nyaangan urang siga meletékna panonpoé.​—Luk. 1:78.

Yéhuwa téh nyaah pisan ka dulur-dulur saiman urang. Tapi keur urang mah, bisa jadi hésé pikeun mikanyaah maranéhna jeung ngungkabkeun kanyaah urang. Ku naon? Sabab budaya jeung cara urang digedékeun téh béda-béda. Salian ti éta, urang gé osok nyieun kasalahan nu bisa nganyenyeri batur. Sanajan kitu, urang tetep bisa némbongkeun kanyaah urang ka dulur-dulur saiman. Kumaha carana? Ku cara nyonto Yéhuwa nu nyaah ka maranéhna. (Éf. 5:1, 2; 1 Yah. 4:19) Jalma nu welas asih bakal néangan cara supaya bisa mantuan éta jalma. Isa ogé nyonto Bapana nu welas asih waktu manéhna urusan jeung batur. (Yah. 5:19) Waktu ningali jalma réa, ”manéhna karunyaeun lantaran jalma-jalma éta ditindes jaba diculkeun siga domba-domba nu taya pangangonna”. (Mat. 9:36) Tapi Isa teu ngan karunyaeun hungkul, manéhna gé nyageurkeun nu gering jeung ngabantu jalma-jalma nu keur ”lalungsé jeung loba beban hirup”.​—Mat. 11:28-30; 14:14. w21.09 22 ¶10-11

Saptu, 14 Januari

Allah mah mikawelas ka umat-Na. Dosa-dosana dihampura, maranehna henteu dibinasa.​—Jab. 78:38.

Yéhuwa téh mikawelas lantaran nyaah ka urang. Rasul Paulus nulis yén Allah téh ”kacida welas asihna”. Di dieu, Paulus ngajelaskeun sipat welas Allah téh katingali ku cara méré harepan hirup di sorga ka umat-Na nu teu sampurna, nyaéta kaom nu diistrénan. (Éf. 2:4-7) Tapi, sipat welas Yéhuwa téh teu ngan saukur keur kaom nu diistrénan hungkul. Daud nulis, ”Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.” (Jab. 145:9) Jadi mun aya alesan pikeun mikawelas, Anjeunna pasti mikawelas. Isa téh apal pisan sakumaha welasna Yéhuwa. Saacan diutus ka bumi, manéhna geus lila pisan babarengan jeung Bapana di sorga. (Sil. 8:30, 31) Jadi, manéhna ningali sakumaha welas Bapana ka jalma-jalma nu sok nyieun dosa. (Jab. 78:37-42) Waktu ngajar jalma-jalma, Isa sering nyaritakeun sipat éndah Bapana ieu. w21.10 9 ¶4-5

Minggu, 15 Januari

Bapa, mulyakeun nami Bapa.​—Yah. 12:28.

Yéhuwa téh ngajawab doana ku sora nu tarik ti sorga. Anjeunna jangji bakal ngamulyakeun ngaran-Na. Salila palayananana di bumi, Isa gé terus ngamulyakeun ngaran Bapana. (Yah. 17:26) Jadi, urang Kristen anu sajati ogé pasti reueus ngagunakeun ngaran Allah jeung nyaritakeunana ka batur. Dina abad kahiji, teu lila sanggeus sidang Kristen diadegkeun, Yéhuwa mulai ”merhatikeun bangsa-bangsa supaya bisa milih sababaraha ti antara maranéhna pikeun jadi umat nu nyandang ngaran-Na”. (Kis. 15:14) Urang Kristen dina abad kahiji téh reueus pisan bisa ngagunakeun ngaran Allah jeung nyaritakeunana ka batur. Maranéhna ngagunakeun ngaran Allah dina palayanan jeung dina tulisan-tulisanana. Maranéhna ngabuktikeun yén ngan maranéhna umat nu nyandang ngaran Allah. (Kis. 2:14, 21) Saksi-Saksi Yéhuwa téh umat nu nyandang ngaran Allah. w21.10 20-21 ¶8-10

Senén, 16 Januari

Muga maranehna nyaraho kana kanyaah PANGERAN nu taya kendatna.​—Jab. 107:43.

Kaasih Allah nu langgeng téh moal aya pegatna. Kaasih ieu disebutkeun 26 kali dina Jabur 136. Dina ayat kahiji urang maca, ”Haturkeun nuhun ka PANGERAN, demi kasaeana-Na, asih-Na langgeng.” (Jab. 136:1) Dina ayat 1 nepi ka 26, aya kekecapan nu teterusan disebutkeun, nyaéta ”asih-Na langgeng”. Waktu maca jabur ieu, pasti urang tajub ku sabab Yéhuwa téh teterusan némbongkeun kaasih-Na nu langgeng. Kekecapan ”asih-Na langgeng” nu teterusan disebutkeun ngayakinkeun urang yén kaasih Allah nu langgeng moal barobah. Éta gé ngagedékeun haté urang lantaran urang apal kaasih Yéhuwa nu langgeng mah moal pegat-pegat. Justru, Yéhuwa téh bakal terus nyarengan jalma-jalma nu ngawula Anjeunna, komo deui waktu aya kasusah. Ayeuna urang apal Yéhuwa téh terus nyarengan urang, jadi urang bisa suka bungah jeung boga kakuatan pikeun nyanghareupan kasusah jeung terus ngawula Anjeunna.​—Jab. 31:8. w21.11 4 ¶9-10

Salasa, 17 Januari

Kudu boga iman ka Allah jeung boga iman ka urang.​—Yah. 14:1.

Na sadérék sok hariwang lamun mikirkeun naon nu téréh kajadian, jiga ancurna agama palsu, serangan Gog ti Magog, jeung Armagédon? Na Sadérék pernah mikir, ’Urang bisa tetep satia teu nya lamun nyanghareupan kajadian-kajadian nu pikasieuneun ieu?’ Mun sadérék pernah mikir kitu, kekecapan Isa nu aya dina ayat poé ieu bisa ngabantu sadérék. Isa ngomong ka para muridna, ”Kudu boga iman ka Allah jeung boga iman ka urang.” Lamun iman urang kuat, urang bakal wani teu sual naon waé nu bakal kajadian. Lamun mikirkeun tangtangan nu disanghareupan, urang jadi nyaho dina hal naon waé urang kudu boga leuwih loba iman. Geus kitu, lamun urang suksés nyanghareupan hiji tangtangan, iman urang bakal beuki kuat. Jadi, engké urang bisa tabah nyanghareupan mangsa ka hareup. w21.11 20 ¶1-2

Rebo, 18 Januari

Sabab waktu kuring lemah, kuring jadi boga kakuatan.​—2 Kor. 12:10.

Rasul Paulus méré naséhat ka Timoteus pikeun ngalakukeun nu panghadéna dina palayanan. (2 Tim. 4:5) Tapi, éta téh teu gampang. Misalna, aya dulur saiman nu cicing di nagri anu pamaréntahna ngawatesan atawa ngalarang kagiatan urang. Umat Yéhuwa nyanghareupan masalah-masalah nu bisa ngaleutikkeun haté. Misalna, loba nu kudu digawé banting tulang demi nyumponan kabutuhan kulawarga. Meureun maranéhna gé hayang leuwih sering dines, tapi biasana dina ahir minggu, maranéhna geus capé pisan. Terus, aya ogé nu teu bisa sering-sering dines lantaran gering parah, geus kolot, atawa teu bisa ka mamana. Nu séjénna ngarasa diri euweuh gunana keur Yéhuwa. Teu sual naon masalah nu disanghareupan ku urang, Yéhuwa bisa méré urang kakuatan nu dibutuhkeun supaya urang bisa terus ngawula Mantenna sabisa-bisana. w21.05 20 ¶1-3

Kemis, 19 Januari

Ulah . . . nganistakeun jenengan Kami.​—Ima. 19:12.

Sakapeung aya jalma séjén nu ngahalang-halang urang pikeun ibadah ka Yéhuwa. Mun kitu kaayaanana, urang téh kudu nyieun putusan nu bener. Urang bisa mikirkeun prinsip nu aya dina Imamat 19:19 nu nyebutkeun, ”Ulah make papakean tina dua rupa lawon.” Hukum éta nu ngabédakeun urang Israél ti bangsa-bangsa sakurilingna. Mémang ayeuna urang teu dilarang pikeun maké pakéan tina dua jinis bahan, misalna katun jeung wol. Najan kitu, urang bisa meunang palajaranana. Urang embung kalakuan urang téh sarua jiga jalma-jalma nu teu nuturkeun paréntah Alkitab. Urang hayang leuwih nuturkeun paréntah Yéhuwa, sanajan urang téh jadi béda jeung batur. Tapi lamun urang hayang jadi suci, urang kudu jadi jalma nu dipisahkeun pikeun ngalalayanan Yéhuwa.​—2 Kor. 6:14-16; 1 Pét. 4:3, 4. w21.12 5 ¶14; 6 ¶16

Jumaah, 20 Januari

Gerbang nu sempit jeung jalan nu heurin mah brasna kana kahirupan.​—Mat. 7:14.

Urang bisa manggihan jalan kahirupan. Ceuk Isa, ”Lamun maranéh tetep nyekel pangajaran urang, maranéh bener-bener murid urang. Maranéh gé bakal nyaho naon nu bener, jeung nu bener éta bakal ngabébaskeun maranéh.” (Yah. 8:31, 32) Kitu gé jeung Sadérék. Sadérék téh teu pipilueun loba jalma, tapi justru néangan bebeneran. Éta téh alus pisan. Sadérék mulai bener-bener diajar Firman Allah supaya nyaho kahayang Yéhuwa ti Sadérék. Sadérék gé ngadéngékeun pangajaran Isa. Sadérék diajar yén Yéhuwa hayang urang ninggalkeun pangajaran jeung parayaan agama palsu. Meureun, Sadérék ngarasa teu gampang pikeun ngalakukeun kahayang Yéhuwa jeung eureun ngalakukeun nu dipikageuleuh ku Yéhuwa. (Mat. 10:34-36) Bisa jadi, baheula Sadérék téh hésé nyieun parobahan siga kitu. Tapi éta tetep diusahakeun ku Sadérék, ku lantaran Sadérék téh nyaah ka Bapa nu di sorga. Yéhuwa pasti resep pisan ka Sadérék.​—Sil. 27:11. w21.12 22 ¶3; 23 ¶5

Saptu, 21 Januari

Sing ngagugu ka Bapa, anaking! Papatah Bapa bandungan sing saregep.​—Sil. 4:10.

Musa téh conto ti jelema nu daék narima tegoran sanggeus nyieun kasalahan nu sérius. Dina hiji waktu, manéhna ambek jeung teu mihormat Yéhuwa. Akibatna, manéhna jadi teu meunang asup ka Tanah Perjangjian. (Bil. 20:1-13) Musa kuciwa jeung ménta Yéhuwa mikirkeun deui putusana-Na. Yéhuwa ngomong kieu ka Musa, ”Geus, ulah ngutik-ngutik deui sual eta!” (Pam. 3:23-27) Najan kitu, Musa henteu ambek. Manéhna daék narima putusan Yéhuwa. Anjeunna gé terus ngagunakeun Musa pikeun nungtun bangsa Israél. (Pam. 4:1) Musa téh conto nu kudu dituturkeun ku urang waktu urang dibéré naséhat. Musa gé daék narima naséhat ti Yéhuwa, buktina manéhna tetep satia sanajan kaleungitan kasempetan nu istiméwa. Lamun urang daék nuturkeun tuladan ti jalma-jalma nu satia, jiga Ayub jeung Musa, urang pasti meunang mangpaat. (Sil. 4:10-13) Loba dulur saiman urang anu daék narima naséhat. w22.02 11 ¶9-10

Minggu, 22 Januari

Isa ngeclakkeun cipanon.​—Yah. 11:35.

Dina usum tiris taun 32 M, sobat Isa nyaéta Lazarus gering jeung ahirna maot. (Yah. 11:3, 14) Lazarus téh boga dua dulur awéwé, nyaéta Maryam jeung Marta. Isa nyaah pisan ka kulawarga éta. Waktu ngadéngé Isa rék datang, Marta buru-buru nyampeurkeun Isa. Pék bayangkeun sakumaha sedihna Marta. Manéhna ngomong, ”Juragan, coba lamun Juragan aya di dieu, dulur abdi moal nepi ka maot.” (Yah. 11:21, 32-33) Isa milu ceurik waktu ningali Maryam jeung Marta nu kaleungitan Lazarus. Lamun Sadérék pernah ditinggal maot ku nu dipikanyaah, Yéhuwa téh ngarti kana parasaan Sadérék. Isa ”boga kapribadian nu percis” jiga Bapana. (Ibr. 1:3) Waktu Isa ceurik, manéhna némbongkeun parasaan Bapana. (Yah. 14:9) Jadi lamun Sadérék ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat, sing yakin Yéhuwa téh teu ngan saukur nyaho hungkul yén Sadérék téh keur sedih, tapi Anjeunna milu sedih bareng jeung Sadérék. Yéhuwa téh hayang ngalilipur Sadérék.​—Jab. 34:19; 147:3. w22.01 15 ¶5-7

Senén, 23 Januari

Boga iman lamun geus ngadéngé warta éta.​—Rm. 10:17.

Lamun urang nyadiakeun waktu keur nyarita ka Yéhuwa, ngadéngékeun, jeung mikirkeun Anjeunna, éta téh gedé mangpaatna. Nu kahiji, urang bisa nyieun putusan nu leuwih hadé. Alkitab ngayakinkeun urang, lamun ”nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter”. (Sil. 13:20) Nu kadua, urang bisa jadi guru nu leuwih tarampil. Waktu urang ngajarkeun Alkitab ka batur, tujuan utama urang téh hayang manéhna leuwih raket ka Yéhuwa. Lamun urang leuwih sering ngadoa jeung diajar ngeunaan Yéhuwa, urang bakal leuwih nyaah ka Anjeunna sarta bakal leuwih tarampil ngajar batur pikeun nyaah ka Anjeunna. Pék perhatikeun conto ti Isa. Manéhna téh nyaritakeun sakumaha bageur Bapana, ku kituna murid-muridna gé bisa nyaah ka Yéhuwa. (Yah. 17:25, 26) Nu katilu, iman urang bakal beuki kuat. Pék pikirkeun naon mangpaatna lamun urang ménta pituduh, panglilipur, atawa bantuan ti Allah. Unggal Yéhuwa ngajawab doa urang, iman urang ka Anjeunna bakal beuki kuat.​—1 Yah. 5:15. w22.01 30 ¶15-17

Salasa, 24 Januari

Laanan kapribadian nu heubeul jeung sagala kabiasaanana.​—Kol. 3:9.

Yéhuwa ngajurung urang pikeun miceun pamikiran sarta kabiasaan nu goréng, sabab Anjeunna téh nyaah pisan ka urang jeung hayang urang hirup bagja. (Yes. 48:17, 18) Yéhuwa apal lamun saurang jalma henteu ngalawan kahayangna nu salah, éta bakal nganyenyeri dirina sorangan jeung jalma-jalma di sakurilingna. Yéhuwa gé sedih pisan ningali hal éta. Lamun urang hayang ngarobah kapribadian supaya jadi leuwih hadé, bisa jadi babaturan jeung kulawarga téh bakal ngaléléwé urang. (1 Pét. 4:3, 4) Maranéhna bisa waé ngomong, ’Nya, éta mah hak manéh atuh rék ngalakukeun naon waé, ulah daék dipapatahan ku batur!’ Tapi, jalma nu nolak standar Yéhuwa mah sabenerna henteu bener-bener bébas. Kanyataanana, maranéhna daék dikadalikeun ku dunya nu dikawasaan ku Sétan. (Rm. 12:1, 2) Urang kabéh téh kudu nyieun pilihan: Naha kapribadian urang téh bakal terus dipangaruhan ku dosa jeung ku dunya Sétan, atawa urang daék barobah jadi jalma nu hadé jeung nuturkeun kahayang Yéhuwa?​—Yes. 64:8. w22.03 3 ¶6-7

Rebo, 25 Januari

Firman Allah téh nya hirup, nya gedé kawasana, jeung leuwih seukeut tibatan pedang nu seukeut dua sisina, . . . bisa nyingkabkeun eusi pikiran jeung niat haté.​—Ibr. 4:12.

Mun urang ngalenyepan Firman Allah, urang bisa boga cara pikir nu bener kana masalah nu keur disanghareupan ku urang. Tingali kumaha Alkitab ngabantu saurang sadérék istri nu keur sungkawa. Aya kokolot nu méré saran ka sadérék istri ieu pikeun maca buku Ayub. Pas maca, manéhna langsung ningali yén Ayub téh boga cara pikir nu salah. Di jero haté, manéhna ngomong, ”Ayub, ulah boga pikiran goréng jiga kitu!” Tapi sanggeus ngomong kitu, manéhna sadar, manéhna gé boga cara pikir jiga kitu. Alkitab ngabantu sadérék ieu supaya ngandelkeun Yéhuwa jeung teu manéhna jadi boga kakuatan pikeun nyanghareupan kasedih lantaran ditinggal maot ku salakina. Yéhuwa gé bisa ngagunakeun dulur-dulur saiman pikeun nguatkeun urang. Paulus pernah nyebutkeun, manéhna téh hayang pisan papanggih jeung dulur-dulur saimanna supaya ”bisa silih kuatkeun”.​—Rum 1:11, 12. w21.05 23 ¶10-11; 24 ¶12

Kemis, 26 Januari

Pestana tujuh poe di tempat anu geus baku paranti ngabakti.​—Pam. 16:15.

Baheula urang Israél dititah kieu, ”Tilu kali di jero sataun sakabeh [lalaki] bangsa maraneh kudu ngabarakti ka PANGERAN di tempat parantina.” (Pam. 16:16) Éta hartina, pas ibadah, imah maranéhna kudu ditinggalkeun, lahanna gé euweuh nu ngajagaan. Tapi Yéhuwa jangji, ”Sapanjang maraneh keur nekanan eta pesta anu tilu rupa, moal aya musuh anu wanieun ngarurug ka nagara maraneh.” (Bud. 34:24) Urang Israél datang ka acara taunan éta lantaran boga iman ka Yéhuwa. Maranéhna jadi narima loba mangpaat, misalna jadi leuwih ngarti Hukum Allah, bisa mikirkeun kahadéan Anjeunna, sarta bisa silih kuatkeun jeung dulur-dulur saiman. Ayeuna gé waktu urang masamoan, urang narima mangpaat sanajan kudu nyieun pangorbanan. Geus kitu, Yéhuwa gé bakal bungah mun urang nyiapkeun koméntar nu singget jeung bener-bener dipikirkeun. w22.03 22 ¶9

Jumaah, 27 Januari

Manéhna gé bisa nulungan saha waé nu keur diuji.​—Ibr. 2:18.

Harita, Yéhuwa téh nyiapkeun Yésus pikeun jadi imam agung keur urang. Yésus geus ngarasakeun sorangan kumaha héséna pikeun tetep satia ka Allah waktu ngalaman ujian nu beurat pisan. Sakitu beuratna, nepi ka anjeunna ”sasambat bari medal cisoca ka Allah”. Sanggeus ngalaman kabéh cocoba nu beurat éta, Yésus pasti ngarti kana naon nu diperlukeun ku urang. Yésus gé pasti ’bisa nulung ka’ urang waktu urang ”keuna ku cocoba”. Urang nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa ku sabab nu dipilih jadi imam agung keur urang téh jalma nu geus ”ngaraskeun kahengkeran-kahengkeran urang”. (Ibr. 2:17, 18; 4:14-16; 5:7-10) Yésus diantep pikeun disiksa sakitu hébatna jang ngajawab tuduhan Sétan. Sétan nuduh, manusa mah moal bisa satia ka Allah lamun ngalaman ujian nu beurat. Ceuk Sétan mah, manusa téh ngabakti ka Allah sabab hayang meunang ganjaran sarta sabenerna teu nyaah ka Yéhuwa. (Ayub 1:8-11; 2:4, 5) Nepi ka maot, Yésus tetep satia. Éta ngabuktikeun Sétan téh tukang bohong. w21.04 17 ¶7-8

Saptu, 28 Januari

Ku sabab éta, datangan jalma-jalma ti sagala bangsa, jaradikeun murid, . . . , ajar maranéhna ngajalankeun kabéh nu geus diparéntahkeun ku urang ka maranéh.​—Mat. 28:19, 20.

Supaya bisa dibaptis, palajar kudu ngalarapkeun pangajaran-pangajaran Alkitab anu geus diajarkeun. Mun manéhna ngalakukeunana, manéhna téh saperti ”jalma nu bijaksana” dina ibarat Yésus. Éta jalma ngali taneuh nepi ka jero supaya bisa ngawangun imah di luhureun batu. (Mat. 7:24, 25, SF; Luk. 6:47, 48) Bantu palajar Alkitab pikeun ngarobah cara hirup. (Mar. 10:17-22) Yésus apal, jalma nu beunghar téh hésé pikeun ngajual kabéh pangabogana. (Mar. 10:23) Tapi, Yésus nitah saurang lalaki beunghar pikeun ngalakukeun hal éta. Ku naon? Sabab Yésus nyaah ka manéhna. Kadang, meureun urang teu terus terang méré nyaho naon nu kudu dirobah ku si palajar. Bisa jadi, urang ngarasa manéhna can siap ngalakukeun hal éta. (Kol. 3: 9, 10) Tapi mun ti mimiti urang geus terus terang, manéhna bakal gancang nyieun parobahan. Éta gé bukti urang nyaah ka manéhna.​—Jab. 141:5; Sil. 27:17. w21.06 2 ¶3, 3 ¶5

Minggu, 29 Januari

Al-Masih . . . jadi tuladan supaya aranjeun nuturkeun unggal léngkahna.​—1 Pét. 2:21.

Tuladan Yésus nu keur dicaritakeun ku Pétrus téh nyaéta waktu anjeunna tabah najan dikaniaya. (1 Pét 2:18-25) Tapi, teu ngan éta wungkul nu bisa dipiconto ku urang. Sakabéh kahirupan Yésus, nyaéta naon anu diomongkeunana jeung naon anu dilakukeunana, bisa dipiconto ku urang. Pan urang téh teu sampurna, na urang bisa nyonto tuladan Yésus? Bisa. Mémang urang moal bisa nuturkeun tuladan Yésus sacara sampurna, tapi urang kudu sabisa-bisa nyonto anjeunna. Mun ngalakukeunana, urang téh sabenerna keur nuturkeun naséhat Yohanes ogé, ”Lampah [urang] kudu sakumaha lampah Kristus.” (1 Yoh. 2:6) Urang bisa leuwih deukeut jeung Yéhuwa lamun nuturkeun tuladan Yésus. Ku naon bisa kitu? Aya dua alesanana. Kahiji, cara hirup Yésus téh nyenangkeun Yéhuwa. (Yoh. 8:29) Jadi, lamun urang nuturkeun tuladan Yésus, urang gé bakal nyenangkeun Yéhuwa. Mantenna pasti bakal ngadeukeut ka jalma nu hayang jadi sobat-Na.​—Yak. 4:8. w21.04 3 ¶4-6

Senén, 30 Januari

PANGERAN ngaraos suka ka umat-Na.​—Jab. 149:4.

Yéhuwa téh merhatikeun sipat-sipat alus urang. Yéhuwa gé apal yén urang bisa jadi jalma anu hadé, jadi Mantenna narik urang pikeun jadi sobat-Na. Lamun urang terus satia ka Yéhuwa, Mantenna bakal jadi sobat urang salilana! (Yoh. 6:44) Lamun urang yakin Yéhuwa nyaah ka urang, urang bakal terus sabisa-bisa ngawula Mantenna sanajan hirup urang susah. Tapi lamun urang ngarasa teu dipikanyaah ku Yéhuwa, urang bakal lemah. (Sil. 24:10) Lila-lila, urang bisa jadi leutik haté jeung gampang diéléhkeun ku Sétan. (Epe. 6:16) Ayeuna gé, aya dulur-dulur saiman anu imanna jadi lemah lantaran ngarasa teu dipikanyaah ku Allah. Urang kudu kumaha mun urang mulai mikir jiga kitu? Urang kudu langsung miceun pikiran goréng jiga kitu. Terus, pénta Yéhuwa ngabantu Sadérék pikeun ngaganti pikiran goréng éta ku ’katengtreman ti Allah nu nengtremkeun hate jeung pikiran’. (Jab. 139:23, NW; Pil. 4:6, 7) Sing inget, Sadérék téh henteu sorangan. w21.04 20 ¶1; 21 ¶4-6

Salasa, 31 Januari

Allah sorangan nu ngajurung aranjeun, ku cara méré kahayang jeung kakuatan.​—Flp. 2:13.

Kumaha Sadérék bisa jadi saurang Saksi Yéhuwa? Mimitina, Sadérék ngadéngé warta hadé, meureun ti kolot, batur gawé, batur sakola, atawa ti Saksi nu ngawawar ka imah Sadérék. (Mar. 13:10) Geus kitu, saurang sadérék nyadiakeun loba waktu jeung tanaga pikeun ngajarkeun Alkitab ka Sadérék. Salila diajar, Sadérék jadi nyaah ka Yéhuwa jeung bisa ngarasakeun Yéhuwa nyaah ka Sadérék. Yéhuwa geus narik Sadérék kana bebeneran. Ayeuna, Sadérék geus jadi muridna Yésus jeung boga harepan pikeun hirup langgeng. (Yoh. 6:44) Sadérék gé pasti nganuhunkeun pisan ka Yéhuwa sabab Mantenna geus ngagunakeun dulur saiman pikeun ngajarkeun bebeneran ka Sadérék, nepi ka Sadérék bisa jadi salah saurang umat-Na. Urang geus diajar bebeneran, jadi urang boga kahormatan pikeun ngajak batur leumpang dina jalan anu nungtun kana kahirupan. Aya nu ngarasa ngawawar téh gampang, tapi ari nawarkeun palajaran Alkitab atawa ngajarkeun Alkitab mah hésé. w21.07 2 ¶1-2

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun