PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 17-26
  • Pébruari

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pébruari
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Rebo, 1 Pébruari
  • Kemis, 2 Pébruari
  • Jumaah, 3 Pébruari
  • Saptu, 4 Pébruari
  • Minggu, 5 Pébruari
  • Senén, 6 Pébruari
  • Salasa, 7 Pébruari
  • Rebo, 8 Pébruari
  • Kemis, 9 Pébruari
  • Jumaah, 10 Pébruari
  • Saptu, 11 Pébruari
  • Minggu, 12 Pébruari
  • Senén, 13 Pébruari
  • Salasa, 14 Pébruari
  • Rebo, 15 Pébruari
  • Kemis, 16 Pébruari
  • Jumaah, 17 Pébruari
  • Saptu, 18 Pébruari
  • Minggu, 19 Pébruari
  • Senén, 20 Pébruari
  • Salasa, 21 Pébruari
  • Rebo, 22 Pébruari
  • Kemis, 23 Pébruari
  • Jumaah, 24 Pébruari
  • Saptu, 25 Pébruari
  • Minggu, 26 Pébruari
  • Senén, 27 Pébruari
  • Salasa, 28 Pébruari
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 17-26

Pébruari

Rebo, 1 Pébruari

Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat . . . ka Mantenna.​—Jab. 145:18.

Yéhuwa hayang kabéh umat-Na bagja. Mantenna deukeut jeung urang sarta apal waktu urang ngarasa sedih atawa leutik haté. (Jab. 145:18, 19) Tingali kumaha Yéhuwa merhatikeun jeung nulungan nabi Élia. Nabi Élia hirup waktu bangsa Israil aya dina kaayaan nu susah. Para pamingpin anu teu nyembah ka Yéhuwa nganiaya umat Yéhuwa jeung hayang pisan maéhan Élia. (1 Rja. 19:1, 2) Élia mikir, hiji-hijina nabi anu nyembah Yéhuwa téh ngan manéhna hungkul. Meureun éta nu ngalantarankeun Élia jadi leutik haté. (1 Rja. 19:10) Jadi, Yéhuwa langsung nulungan Élia. Mantenna ngutus saurang malaikat pikeun ngayakinkeun Élia yén manéhna téh henteu sorangan, masih loba kénéh jalma anu nyembah ka Yéhuwa! (1 Rja. 19:5, 18) Ku cara nu bageur, Yésus ngayakinkeun murid-muridna yén maranéhna bakal meunang kulawarga rohani anu loba pisan. (Mar. 10:29, 30) Terus, salaku Bapa urang di sawarga, Yéhuwa jangji yén Mantenna bakal mantuan jalma-jalma anu ngawula Mantenna.​—Jab. 9:11. w21.06 8-9 ¶3-4

Kemis, 2 Pébruari

Jalma nu asalna ti Allah ngadéngékeun ucapan Allah.​—Yah. 8:47.

Loba nu teu resep ka urang lantaran urang ngagunakeun Alkitab pikeun ngabolékérkeun pangajaran palsu ti agama-agama. Para pamingpin agama ngajarkeun yén Allah nyiksa jalma-jalma jahat di naraka. Maranéhna ngagunakeun pangajaran palsu ieu pikeun nyingsieunan jamaahna supaya jamaahna nurut ka maranéhna. Tapi sabalikna, umat Yéhuwa mah ngajarkeun Allah téh nyaahan. Urang ngabantu jalma-jalma paham yén pangajaran ngeunaan naraka téh salah. Para pamingpin agama gé ngajarkeun, sanajan saurang jalma maot, arwahna mah bakal terus hirup. Tapi lamun pangajaran éta mémang bener, jang naon aya jangji yén jalma-jalma bakal dihirupkeun deui? Terus sanajan loba agama ngajarkeun ngeunaan takdir, urang mah ngajarkeun yén jalma-jalma boga kabébasan pikeun nyieun putusan sarta boga kabébasan pikeun milih, na rék ngawula ka Allah atawa henteu. Kumaha réaksi para pamingpin agama? Maranéhna ambek pisan ka urang! Lamun urang cinta kana bebeneran, urang bakal percaya jeung nuturkeun firman ti Allah. (Yoh. 8:45, 46) Urang mah moal jiga Sétan si Iblis nu ninggalkeun bebeneran. Urang gé moal ngalakukeun naon waé anu teu sajalan jeung kapercayaan urang. (Yoh. 8:44) Allah miharep urang ’ngamusuh kagorengan’ jeung ”mikasuka anu bener” jiga Yésus.​—Rum 12:9; Ibr. 1:9. w21.05 10-11 ¶10-11

Jumaah, 3 Pébruari

Pék lawan si Iblis, manéhna bakal kabur ti aranjeun.​—Yak. 4:7

Terus, kumaha mun urang ngarasa urang geus sombong atawa sarakah? Urang bisa barobah! Rasul Paulus ngomong, jalma nu jadi ”korbanna” Sétan bisa leupas tina jiretna. (2 Tim. 2:26) Sing inget, Yéhuwa leuwih kuat tibatan Sétan. Jadi mun urang daék narima bantuan ti Yéhuwa, urang pasti bisa leupas tina kabéh jiretna Sétan. Tapi, nya tibatan ngaleupaskeun diri tina jiretna Sétan, leuwih mending urang nyingkahan jiretna! Urang bisa nyingkahan jiretna Sétan ngan ku bantuan Yéhuwa hungkul. Jadi, pék ngadoa unggal poé ka Yéhuwa, ménta bantuana-Na pikeun mariksa lamun aya pikiran atawa tindakan urang nu salah. (Jab. 139:23, 24) Usahakeun sabisa-bisa ulah jadi jalma nu sombong jeung sarakah! Sétan geus jadi tukang moro salila rébuan taun. Tapi moal lila deui, manéhna bakal diranté jeung dibinasakeun. (Wahyu 20:1-3, 10) Urang pasti ngadagoan pisan hal éta. Tapi nepi ka waktuna engké, urang kudu terus waspada kana jiret-jiretna Sétan. Urang gé kudu bener-bener upaya supaya teu jadi jalma nu sombong atawa sarakah. ”Iblis kudu dilawan, tangtu kabur ti [urang].” w21.06 19 ¶15-17

Saptu, 4 Pébruari

Kudu ménta ka Dunungan nu boga panén supaya ngadatangkeun jalma-jalma nu bisa ngala panéneun ieu.​—Mat. 9:38.

Yéhuwa bungah lamun aya jalma anu percaya kana bebeneran Alkitab sarta ngabagikeunana ka batur. (Sil. 23:15, 16) Mun ningali hasil pagawéan umat-Na dina jaman ayeuna, Yéhuwa pasti bungah pisan! Misalna, sanajan aya pandémi di sakuliah dunya, salila taun dines 2020 aya 7.705.765 jalma anu diajar Alkitab. Di antarana, aya 241.994 jalma anu ngabaktikeun diri ka Yéhuwa jeung dibaptis. Murid-murid anyar ieu engkéna bakal mandu palajaran Alkitab sarta mantuan nu séjénna jadi murid Yésus. (Luk. 6:40) Nya, urang bisa nyenangkeun haté Yéhuwa lamun urang ngabantu batur pikeun jadi murid Yésus. Ngabantu batur pikeun jadi murid Yésus téh mémang butuh upaya. Tapi ku bantuan Yéhuwa, urang bisa mantuan jalma-jalma pikeun nyaah ka Bapa urang di sawarga. Pék gunakeun unggal kasempetan pikeun nawarkeun palajaran Alkitab ka saha waé anu dipanggihan ku urang. Bisa waé hasilna teu disangka-sangka. w21.07 6-7 ¶14-16

Minggu, 5 Pébruari

Ku bawaning nyaah ka Bait Allah PANGERAN, kami pribadi nyumbangkeun perak jeung emas tina peperenian sorangan.​—1 Bab. 29:3.

Waktu aya proyék ngabangun bait, Raja Daud méré sumbangan anu loba pisan ti hartana sorangan. (1 Bab. 22:11-16) Jadi sanajan urang teu kuat deui, urang masih bisa ngadukung proyék pangwangunan ku cara méré sumbangan nu cocog jeung kasanggupan urang. Urang gé bisa ngabantu sadérék nu leuwih ngora diajar tina pangalaman urang. Pikirkeun tuladan Rasul Paulus nu murah haté. Manéhna ngajak Timotius pikeun milu dina perjalanan utusan injilna. Paulus ngalatih Timotius nu leuwih ngora. Manéhna gé ngajarkeun Timotius carana ngawawar jeung ngajar batur. (Kis. 16:1-3) Palatihan ti Paulus téh ngabantu Timotius jadi beuki tarampil dina nguarkeun warta hadé. (1 Kor. 4:17) Sanggeusna, Timotius niru cara Paulus pikeun ngalatih batur. w21.09 12 ¶14-15

Senén, 6 Pébruari

Aranjeun pasirik-sirik jeung paraséa.​—1 Kor. 3:3.

Urang bisa diajar naon tina tuladan ti Apolos jeung Rasul Paulus? Maranéhna téh ngarti pisan kana Kitab Suci. Maranéhna gé guru anu hadé jeung kasohor. Salian ti éta, maranéhna geus ngabantu loba jalma pikeun jadi murid. Najan kitu, maranéhna embung saingan. (Ras. 18:24) Teu lila sanggeus Apolos ninggalkeun Korinta, Paulus ménta manéhna balik deui ka ditu. (1 Kor. 16:12) Apolos téh ngagunakeun pangabisana keur ngalakukeun hal-hal hadé, nyaéta ngawartakeun warta hadé jeung nguatkeun dulur saiman. Apolos téh pasti rendah haté. Buktina, waktu Akuila jeung Priskila ngajarkeun ”hal Jalan Allah nepi ka sataliti-talitina”, teu aya catetan nu nunjukkeun Apolos ngarasa kasinggung. (Ras. 18:24-28, SF) Paulus apal kana hal-hal hadé anu geus dilakukeun ku Apolos. Tapi, manéhna teu ngarasa kasaingan ku Apolos. Tina suratna ka urang Korinta, urang bisa ningali Paulus téh jalma anu rendah haté jeung sadar diri.​—1 Kor. 3:4-6. w21.07 18 ¶15-17

Salasa, 7 Pébruari

Ngalantarankeun loba jalma jadi jalma bener.​—Rm. 5:19.

Adam jeung Hawa geus milih pikeun teu taat ka Yéhuwa, jadi maranéhna geus teu dianggap kulawarga deui ku Yéhuwa. Ari turunanana kumaha? Yéhuwa nyaah ka manusa, jadi Yéhuwa ngatur supaya jalma-jalma anu taat ka Mantenna bisa jadi kulawarga-Na deui. Supaya bisa kitu, Yéhuwa ngorbankeun Putra tunggal-Na. (Yoh. 3:16) Hasilna, 144.000 jalma anu taat ka Yéhuwa bisa diangkat jadi putra-putra-Na. (Rum 8:15-17; Wahyu 14:1) Terus, aya jutaan jalma séjén anu satia ngajalankeun kahayang Allah. Maranéhna boga harepan pikeun jadi kulawargana Allah sanggeus ujian pangahirna dina panungtungan sarébu taun. (Jab. 25:14; Rum 8:20, 21) Malahan ti ayeuna kénéh maranéhna geus manggil ”Ama” ka Yéhuwa, Nu Nyipta. (Mat. 6:9) Salian ti éta, jalma-jalma nu dihirupkeun deui tina maot gé bakal dibéré kasempetan pikeun diajar ngeunaan kahayang Yéhuwa. Jalma-jalma anu daék nuturkeun kahayang Allah bakal bisa jadi kulawarga-Na ogé. w21.08 5 ¶10-11

Rebo, 8 Pébruari

Mastikeun hal-hal nu leuwih penting.​—Flp. 1:10.

Basa Rasul Paulus ditugaskeun dina palayanan, salila puluhan taun manéhna nganggap ieu tugas téh nu pangpentingna. Paulus téh ngawawar ”boh di hareupeun umum boh ti imah ka imah”. (Kis. 20:20) Manéhna ngagunakeun unggal kasempetan pikeun ngawawar! Misalna, waktu keur ngadagoan babaturanana di Athéna, Paulus ngawawar ka sakumpulan jalma-jalma penting. Hasilna gé alus. (Kis. 17:16, 17, 34) Malah waktu keur dipanjara, Paulus tetep ngawawar ka jalma-jalma di sakurilingeunana. (Flp. 1:13, 14; Kis. 28:16-24) Paulus téh ngamangpaatkeun waktu sahadé-hadéna. Manéhna gé sok ngajak batur pikeun miluan dina palayananana. Misalna dina perjalanan utusan injil nu kahiji, manéhna ngajak Yahya Markus. Tuluy dina perjalanan nu kadua, manéhna ngajak Timotius. (Kis. 12:25; 16:1-4) Pasti Paulus gé ngajarkeun carana ngurus sidang, jadi pangangon nu hadé, jeung jadi guru nu tarampil.​—1 Kor. 4:17. w22.03 27 ¶5-6

Kemis, 9 Pébruari

Tapi sabenerna mah Allah teu jauh ti urang masing-masing.​—Kis. 17:27.

Nu séjénna teu percaya ka Nu nyipta téh ku lantaran maranéhna ngan percaya kana hal-hal anu bisa ditingali. Tapi kanyataanana, maranéhna percaya ogé ka hal-hal anu teu katingali, misalna angin. Maranéhna percaya angin téh aya lantaran aya bukti-buktina. Kitu ogé jeung iman anu disebutkeun dina Alkitab. Urang bisa percaya kana ”hal anu henteu katembong” téh ku lantaran aya bukti-bukti anu nyata. (Ibr. 11:1) Tapi, butuh waktu jeung upaya pikeun mariksa bukti-buktina. Hanjakalna, loba jalma horéam ngalakukeunana. Jadi wéh, maranéhna nyimpulkeun yén Nu Nyipta téh euweuh. Sababaraha jalma meureun teu percaya ka Nu Nyipta téh lantaran teu diajarkeun di sakolana. Tapi, maranéhna jadi percaya yén Allah nu nyiptakeun jagat raya ieu jeung jadi nyaah ka Mantenna sanggeus mariksa bukti-buktina. Jadi, urang sorangan anu kudu nguatkeun iman urang ka Allah, teu sual kumaha pendidikan urang. w21.08 14 ¶1; 15-16 ¶6-7

Jumaah, 10 Pébruari

Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.​—Jab. 145:9.

Isa ngagunakeun ibarat ngeunaan anak nu leungit pikeun némbongkeun sakumaha welasna Yéhuwa. Dina ibarat éta, budakna téh ninggalkeun imahna jeung ”ngahambur-hamburkeun hartana bari hirup sakarep-karep”. (Luk. 15:13) Tapi, manéhna tobat ti kahirupanana nu bejad, ngarendahkeun dirina, jeung balik deui ka imahna. Kumaha réaksi bapana? Ceuk Isa, ”Ti jauh kénéh, ku bapana geus katempo, haténa ngahelas ningali éta budak. Beretek bapana lumpat nyampeurkeun budakna. Barang amprok, gabrug budak téh ditangkeup bari diciuman.” Bapana teu nyieun budakna éra, sabalikna manéhna daék ngahampura jeung langsung nyambut budakna. Si budak téh geus nyieun kasalahan nu gedé. Tapi lantaran tobat, bapana daék ngahampura budakna. Bapa nu mikawelas éta téh ngagambarkeun Yéhuwa. Jadi dina ibarat éta, Isa nunjukkeun yén Yéhuwa hayang ngahampura jalma dosa nu bener-bener tobat.​—Luk. 15:17-24. w21.10 9 ¶4, 6

Saptu, 11 Pébruari

Allah mimitina merhatikeun bangsa-bangsa supaya bisa milih sababaraha ti antara maranéhna pikeun jadi umat nu nyandang ngaran-Na.​—Kis. 15:14.

Kiwari, para pamingpin agama bébéakan nyumputkeun ngaran Allah. Maranéhna geus ngaleungitkeun ngaran Allah ti tarjamahan-tarjamahan Alkitab. Malahan, maranéhna gé ngalarang jalma-jalma pikeun ngagunakeun ngaran Allah dina ibadah. Jadi jelas pisan, ngan Saksi-Saksi Yéhuwa nu ngahargaan ngaran Allah. Teu siga kelompok agama séjén, urang mah hayang ngenalkeun ngaran Allah. Urang sabisa-bisana hirup sajalan jeung ngaran urang, nyaéta Saksi-Saksi Yéhuwa. (Yes. 43:10-12) Urang geus nyitak leuwih ti 240 juta Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar. Alkitab éta ngamunculkeun deui ngaran Yéhuwa nu dileungitkeun ku panarjamah-panarjamah séjén. Urang gé nerbitkeun publikasi-publikasi nu ngagunakeun ngaran Yéhuwa dina leuwih ti 1.000 basa! w21.10 20-21 ¶9-10

Minggu, 12 Pébruari

Bisi bae . . .  aya sasama bangsa sorangan anu kakurangan, maraneh ulah koret, ulah nepi ka teu nulungan.​—Pam. 15:7.

Ngabantu dulur saiman nu ngabutuhkeun. Yéhuwa jangji yén Anjeunna bakal ngaberkahan urang Israél nu ngabantu jalma nu miskin. (Pam. 15:10) Lamun urang mantuan dulur saiman nu keur ngabutuhkeun, Yéhuwa nganggap éta téh paméré keur Anjeunna. (Sil. 19:17) Misalna, waktu urang Kristen di Filipi méré bantuan ka Paulus nu keur dipanjara, Paulus nganggap éta téh jiga ”kurban nu seungit, nu nyenangkeun Allah”. (Flp. 4:18) Pék pikirkeun, ’Di sidang, aya teu sadérék nu butuh bantuan?’ Yéhuwa téh resep pisan lamun urang ngagunakeun waktu, tanaga, katarampilan, jeung pangaboga urang pikeun ngabantu maranéhna. Yéhuwa nganggap éta téh bagian tina ibadah urang. (Yak. 1:27) Pikeun ibadah ka Yéhuwa téh urang butuh upaya jeung waktu. Tapi éta téh sabenerna henteu beurat. (1 Yah. 5:3) Ku naon? Ku sabab urang ngalakukeunna lantaran urang nyaah ka Yéhuwa jeung dulur saiman urang. w22.03 24 ¶14-15

Senén, 13 Pébruari

Anjeunna gé méré . . . panonpoé boh ka nu jahat boh ka nu bageur.​—Mat. 5:45.

Lamun urang mikirkeun masalah nu dipiboga ku sadérék-sadérék urang, urang pasti bisa nunjukkeun welas asih ka maranéhna. Misalna, lamun aya sadérék istri nu boga masalah kaséhatan. Bisa jadi manéhna teu pernah nyaritakeun masalahna. Tapi meureun mun aya nu nawarkeun bantuan mah, manéhna pasti atoh. Urang bisa mikirkeun: Na manéhna téh resep lamun urang mangnyieunkeun dahareun atawa bebersih imahna? Mun misalna ogé aya saurang sadérék anu kaleungitan pagawéan. Bari manéhna néangan pagawéan anyar, meureun urang bisa méré saeutik duit tapi teu perlu méré nyaho duitna ti urang. Urang bisa nyonto Anjeunna. Ulah ngadagoan batur ménta bantuan ka urang, tapi urang ti heula nu nawarkeun bantuan. Contona, panonpoé téh medal unggal isuk sanajan urang teu ménta. Haneutna panonpoé gé bisa dirasakeun ku kabéh jalma, henteu ngan keur jalma bageur hungkul. Jadi Yéhuwa téh nunjukkeun kanyaahna ku cara minuhan pangabutuh urang. Ningali Yéhuwa sakitu bageur jeung murah haténa, pasti urang gé jadi nyaah pisan ka Anjeunna! w21.09 22-23 ¶12-13

Salasa, 14 Pébruari

Reh Gusti teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.​—Jab. 86:5.

Yéhuwa daék ngahampura lantaran kaasih-Na nu langgeng. Mun aya jalma nu tobat jeung geus teu ngalakukeun nu goréng-goréng deui, Yéhuwa pasti daék ngahampura manéhna. Daud nulis dina jaburna yén Yéhuwa teh ”ngahukumna ge tara diukur-ukur kana dosa urang, tara diijir-ijir kana kadorakaan urang”. (Jab. 103:8-11) Daud ngarti kumaha parasaan nu kasiksa lantaran dosa nu pernah dilakukeun. Tapi, manéhna gé nyaho Yéhuwa téh ”jembar hampura”. Ku naon Yéhuwa daék ngahampura? Jawabanana aya dina ayat poé ieu Dina doa Daud éta, dijelaskeun yén Yéhuwa téh daék ngahampura saha waé nu sasambat ka Anjeunna lantaran Anjeunna téh murah asih. Waktu urang boga dosa, wajar lamun urang rumasa salah. Éta aya alusna ogé, lantaran parasaan éta bisa ngajurung urang pikeun ménta pangampura jeung daék tobat. w21.11 5 ¶11-12   

Rebo, 15 Pébruari

Bapa nu di sorga, mugia nami Bapa disucikeun.​—Mat. 6:9.

Yéhuwa nganggap nami-Na téh penting jeung hayang kabéh jalma ngahargaanana. (Yes. 42:8) Tapi kira-kira salila 6.000 taun, nami-Na terus digogoréng. (Jab. 74:10, 18, 23) Mimitina téh waktu Iblis (nu hartina ”si Tukang Mitnah”) nuduh Yéhuwa embung Adam jeung Hawa hirup bagja. Jadi Mantenna nahan-nahan hal nu hadé keur maranéhna. (Kaj. 3:1-5) Ti saprak harita, Yéhuwa dituduh nahan-nahan hal anu bener-bener dibutuhkeun ku manusa. Yésus teu resep nami Bapana digogoréng jiga kitu. Ngan Yéhuwa hungkul nu boga hak pikeun jadi Pangawasa di sawarga jeung di bumi. Terus, cara-Na maréntah ogé pasti nu panghadéna. (Wahyu 4:11) Tapi, si Iblis hayang nyasabkeun para malaikat jeung manusa supaya mikir Allah téh teu boga hak pikeun maréntah. Engkéna, masalah ieu bakal diréngsékeun ngan dina sapeuting. Yéhuwa téh mémang boga hak pikeun maréntah, cara-Na maréntah téh mémang nu panghadéna, sarta ngan Karajaana-Na hungkul anu bisa ngawujudkeun kaayaan nu aman jeung tengtrem di bumi. w21.07 9 ¶5-6

Kemis, 16 Pébruari

Kaula moal weleh suka jeung bungah, sabab aya PANGERAN Allah, jurusalamet kaula.​—Hab. 3:18.

Kapala kulawarga pasti hayang nyumponan pangabutuh kulawargana, saperti dahareun, pakéan, jeung tempat tinggal. Na Sadérék kasusahan sacara ékonomi? Éta téh pasti hésé pisan keur Sadérék. Najan kitu, Sadérék bisa ngagunakeun kaayaan ieu pikeun nguatkeun iman Sadérék. Pék ngadoa ka Yéhuwa, maca, jeung ngalenyepan kekecapan Isa nu dicatet dina Matius 6:25-34. Perhatikeun ogé pangalaman umat Yéhuwa di jaman ayeuna. Yéhuwa nyumponan pangabutuh maranéhna nu terus sibuk ngawula Anjeunna. (1 Kor. 15:58) Sanggeus ningali kumaha Bapa urang nu di sorga nulungan maranéhna, pasti Sadérék bakal leuwih yakin yén Yéhuwa gé bakal nulungan Sadérék. Anjeunna nyaho nu dibutuhkeun ku Sadérék sarta nyaho cara nyadiakeunana. Waktu Sadérék ngarasakeun sorangan bantuan ti Yéhuwa, iman Sadérék pasti jadi leuwih kuat. Ku kituna, engké Sadérék bisa tetep teger waktu nyanghareupan kaayaan nu leuwih susah deui. w21.11 20 ¶3; 21 ¶6

Jumaah, 17 Pébruari

Tapi lamun aya nu nyieun dosa, urang boga panulung nu aya bareng jeung Bapa, nyaéta Isa Al-Masih.​—1 Yah. 2:1.

Sanajan meunang tangtangan jeung loba nu ngahalang-halang, loba urang Kristen tetep teger jeung terus ngawawar saumur hirupna. Ku naon? Lantaran maranéhna boga iman nu kuat kana tebusan. Salah sahiji contona téh, nyaéta Rasul Yohanes. Katingalina, salila 60 taun leuwih manéhna terus nyaritakeun ngeunaan Kristus jeung tebusan. Terus waktu umurna ampir 100 taun, manéhna téh dianggap jalma nu bahaya. Jadi ku pamaréntah Rum, manéhna ditéwak terus dipanjarakeun di Pulo Patmos. Naon kajahatanana? Manéhna ”ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus”. (Wahyu 1:9) Iman jeung kategeranana téh layak dipiconto ku urang! Yohanes téh nyaah pisan ka Yésus sarta nganuhunkeun pisan kana tebusan. Éta kabéh diungkabkeun ku manéhna dina tulisanana nu diilhamkeun. Leuwih ti 100 kali manéhna ngabahas ngeunaan tebusan sarta mangpaat tina tebusan. (1 Yah. 2:2) Yohanes téh bener-bener ngahargaan kana korban tebusan. w21.04 17 ¶9-10

Saptu, 18 Pébruari

Ulah nyumpahan ka jelema torek, ulah ngajailan anu lolong neundeun tatajongeun dina jajalaneunana.​—Ima. 19:14.

Yéhuwa hayang umat-Na bageur ka jalma-jalma nu cacad. Contona, Yéhuwa ngalarang urang Israél nyumpahan jalma torék. Éta téh kaasup ngaléléwé atawa ngagogoréng manéhna. Kalakuan jiga kitu téh meni teungteuingeun pisan! Manéhna téh teu bisa ngabéla diri lantaran manéhna teu bisa ngadéngé. Dina Imamat 19:14 gé, Yéhuwa méré nyaho ka umat-Na supaya ”ulah ngajailan anu lolong neundeun tatajongeun dina jajalaneunana”. Hiji buku nyebutkeun ngeunaan jalma-jalma nu cacad, ”Baheula di Timur Tengah téh [maranéhna] sok ditindes meni kejem pisan.” Bisa jadi, jalma-jalma sok neundeun tatajongeun di hareupeun jalma lolong supaya manéhna titajong atawa supaya diseungseurikeun ku batur. Éta téh kacida pisan kejemna! Hukum nu aya dina ayat 14 téh ngabantu umat Allah paham yén Yéhuwa hayang maranéhna bageur ka jalma-jalma nu cacad. w21.12 8-9 ¶3-4

Minggu, 19 Pébruari

Yakub sakalangkung gugup bawaning ngaraos gimir.​—Kaj. 32:7.

Yakub hariwang mun Ésau téh masih keuheul ka manéhna. Jadi manéhna ngadoakeun masalah ieu ka Yéhuwa. Geus kitu, manéhna gé méré loba pisan hadiah ka Ésau. (Kaj. 32: 9-15) Terus pas panggih, Yakub téh maju pikeun nunjukkeun rasa hormat ka Ésau. Yakub sujud di hareupeun Ésau, teu ngan sakali dua kali, tapi nepi ka tujuh kali! Yakub daék ngarendahkeun dirina jeung ngahormat ka lanceukna. Ku kituna, manéhna bisa rukun deui jeung lanceukna. (Kaj. 33:3, 4) Urang bisa diajar hal penting ti Yakub. Manéhna téh nyiapkeun diri heula saacan panggih jeung Ésau sarta ngusahakeun pikeun narik ati Ésau. Ku cara nu rendah haté, Yakub ménta bantuan Yéhuwa. Terus, manéhna gé nyieun tindakan anu sajalan jeung doana éta. Waktu panggih jeung lanceukna, Yakub henteu ngaributkeun saha nu bener jeung saha nu salah. Kahayang Yakub téh nyaéta rukun deui jeung lanceukna. Naha Sadérék bisa nyonto Yakub?​—Mat. 5:23, 24. w21.12 25 ¶11-12

Senén, 20 Pébruari

Allah mah leuwih punjul tibatan haté urang jeung nyaho sagalana.​—1 Yah. 3:20.

Mun mikirkeun Yésus geus maot keur nebus dosa urang, bisa waé urang ngarasa, ’Abdi mah teu layak pikeun narima kurnia éta.’ Ku naon urang bisa ngarasa jiga kitu? Lantaran haté urang téh licik. Jadi, urang bisa ngarasa teu layak atawa teu dipikanyaah. (1 Yoh. 3:19) Mun keur kitu, urang kudu inget, ”Allah mah langkung punjul kauningana ti batan budi rasa urang”. Rék kumaha waé gé, Bapa urang nu di sawarga bakal nyaah jeung réla ngahampura dosa urang. Urang kudu yakin Yéhuwa nyaah ka urang. Nah supaya bisa yakin, urang kudu diajar Firman-Na, sering ngadoa, sarta gaul jeung jalma-jalma anu ngawula ka Mantenna. Ku naon ngalakukeun hal-hal éta téh penting? Engké, Sadérék bakal leuwih paham kana sipat-sipat hadé ti Yéhuwa. Hasilna, Sadérék jadi ngarti sakumaha nyaahna Yéhuwa ka Sadérék. Ku cara mikirkeun bener-bener ayat-ayat dina Alkitab unggal poé, Sadérék jadi bisa ”ngomean” haté jeung pikiran. Hasilna, Sadérék jadi boga cara pandang nu bener.​—2 Tim. 3:16. w21.04 23-24 ¶12-13

Salasa, 21 Pébruari

Kaula sasambat tarik ka Allah sasambat tarik pisan, seug kadangueun.​—Jab. 77:2.

Tapi, supaya boga iman nu kuat, teu cukup ngan saukur diajar hungkul. Sanggeus diajar Alkitab, urang kudu ngalenyepanana. Pék perhatikeun pangalaman jalma nu nulis Jabur 77. Manéhna téh hariwang, kumaha lamun manéhna jeung urang Israél séjénna geus teu ditarima deui ku Yéhuwa. Manéhna nepi ka teu bisa saré sapeupeuting. (Ayat 3-9) Naon nu dilakukeunana? Manéhna ngadoa, ”Abdi bade mikiran sagala padamelan Gusti sareng ngalenyepan karya-karya Gusti anu harebat.” (Ayat 13) Nu nulis jabur éta pasti nyaho naon nu geus dilakukeun ku Yéhuwa keur umat-Na di jaman baheula, tapi manéhna masih bingbang. Ceuk manéhna, ”Naha geus lali kitu Allah teh kana welas asih? Naha bendu, nepi ka teu kersaeun mikawelas?” (Ayat 10) Manéhna ngalenyepan tindakan Yéhuwa, sipat welas-Na, sarta sipat karunyaan nu ditémbongkeun ku Anjeunna di jaman baheula. (Ayat 12) Hasilna? Manéhna jadi yakin, Yéhuwa moal ninggalkeun umat-Na. (Ayat 16) w22.01 30 ¶17-18

Rebo, 22 Pébruari

Dina pandangan Anjeunna, maranéhna kabéh téh hirup.​—Luk. 20:38.

Kumaha parasaan Yéhuwa ka hamba-hamba-Na nu satia nu geus maot? Mantenna pasti hayang pisan panggih deui jeung maranéhna! (Ayub 14:15) Bayangkeun sakumaha sonona Yéhuwa ka Ibrahim, sobat-Na. (Yak. 2:23) Yéhuwa gé pasti hayang panggih deui jeung Musa, anu geus ngobrol ”papayun-payun” jeung Mantenna. (Bud. 33:11) Terus, Yéhuwa pasti hayang ngadéngékeun deui Daud jeung jalma-jalma anu nulis Jabur ngawihkeun lagu-lagu pujian! (Jab. 104:33) Yéhuwa teu pernah mopohokeun maranéhna. Mantenna inget kabéh hal ngeunaan maranéhna. (Yes. 49:15) Engké dina waktuna, Yéhuwa bakal ngahirupkeun deui maranéhna. Mantenna bakal bisa ngadéngékeun doa maranéhna nu sapinuh haté jeung bakal narima ibadah maranéhna. Lamun Sadérék ditinggal maot ku kulawarga atawa sobat Sadérék, mugia hal ieu bisa ngalilipur Sadérék. Waktu aya nu barontak di Éden, Yéhuwa apal, saacan dibenerkeun ku Mantenna mah, kaayaan téh bakal beuki parah. Yéhuwa ngéwa pisan kana kajahatan, kateuadilan, jeung kakerasan nu aya di dunya ieu. w21.07 10 ¶11; 12 ¶12

Kemis, 23 Pébruari

Nyaah téh . . . kudu nyata dina prakna jeung kudu iklas.​—1 Yah. 3:18.

Lamun urang nyaah ka maranéhna, urang téh ngabuktikeun urang ngahargaan tebusan. Naon hubunganana? Yésus téh maot lain ngan keur urang wungkul, tapi ogé keur maranéhna. Jadi lamun Yésus réla maot keur maranéhna, éta hartina maranéhna gé dipikanyaah ku Yésus. (1 Yoh. 3:16-17) Urang bisa ngabuktikeun urang nyaah ka maranéhna liwat tindakan urang. (Epe. 4:29, 31–5:2) Misalna, urang bisa mantuan dulur saiman anu keur gering atawa nu keuna cocoba anu beurat, saperti musibat alam. Tapi, kumaha lamun aya dulur saiman anu nyieun urang keuheul atawa anu omonganana nyelekit? Na Sadérék téh sok ngunek-ngunek jeung hésé ngahampura? (Ima. 19:18) Lamun kitu, pék tuturkeun naséhat ieu, ”Kudu daek silih eledan, lamun pareng pasendatan jeung batur kudu daek silih hampura. Ngahampura teh wajib, sakumaha Gusti oge ngahampura ka aranjeun.” (Kol. 3:13) Jadi lamun urang daék ngahampura dulur-dulur saiman, éta hartina urang téh bener-bener ngahargaan tebusan ti Yéhuwa. w21.04 18 ¶12-13

Jumaah, 24 Pébruari

Aranjeun masing-masing geus narima kurnia, jadi paké éta keur ngalalayanan batur.​—1 Pét. 4:10.

Meureun urang geus ngalakukeun loba hal keur Yéhuwa sarta mantuan sababaraha jalma nyieun kamajuan nepi ka dibaptis. Tapi urang apal, urang bisa jiga kitu téh lantaran dibantuan ku Yéhuwa. Urang gé meunang palajaran séjén tina kisah Rasul Paulus jeung Apolos. Beuki loba tanggung jawab urang di sidang, urang boga leuwih loba kasempetan pikeun ngajaga karukunan di sidang. Misalna, para kokolot jeung palayan sidang boga loba kasempetan pikeun nepikeun naséhat anu dumasar kana Alkitab. Maranéhna gé boga loba kasempetan pikeun mantuan batur nuturkeun tuladan Yésus Kristus. Maranéhna embung dianggap penting. Nu dilakukeun ku maranéhna téh bisa ngajaga sidang tetep rukun jeung ngahiji. Urang tangtu nganuhunkeun pisan kana upaya maranéhna! (1 Kor. 4:6, 7) Urang kabéh boga pangabisa. Meureun aya nu ngarasa naon nu dilakukeun ku manéhna téh euweuh hartina. Tapi najan leutik, naon nu dilakukeun ku urang téh penting. Éta ibarat kaputan-kaputan anu ngahijikeun potongan-potongan kaén. Jadi, hayu urang sabisa-bisa miceun sikep hayang saingan jeung batur. Urang gé kudu boga tékad pikeun ngupayakeun karukunan jeung mantuan sidang tetep ngahiji.​—Epe. 4:3. w21.07 19 ¶18-19

Saptu, 25 Pébruari

Dulur manéh bakal hirup deui.​—Yah. 11:23.

Sadérék bisa yakin yén Sadérék bisa panggih deui jeung kulawarga atawa sobat nu geus maot. Jadi waktu Isa ceurik jeung ngalilipur sobat-sobatna nu keur sungkawa, urang bisa diajar naon? (Yah. 11:35) Sadérék bisa ngalilipur maranéhna nu keur sungkawa. Isa teu ngan saukur milu ceurik jeung Marta sarta Maryam, tapi manéhna gé daék ngadéngékeun jeung ngalilipur. (Yah. 11:25-27) Waktu aya nu keur sungkawa, urang gé bisa ngalakukeun nu sarua. Sadérék Dan, saurang kokolot ti Australia, ngomong kieu, ”Abdi téh butuh pisan bantuan sanggeus ditinggal maot ku pamajikan abdi. Untungna aya sababaraha pasangan nu daék ngadéngékeun abdi. Waktu abdi ceurik, maranéhna téh bisa ngamaklum. Waktu abdi ngarasa teu sanggup ngalakukeun kagiatan sapopoé, maranéhna ogé méré bantuan, jiga ngumbah mobil, balanja, jeung mangnyieunkeun dahareun. Abdi gé sok ngadoa bareng jeung maranéhna. Maranéhna téh sobat sajati jeung dulur nu ’nulungan dina kasusah’.”​—Sil. 17:17. w22.01 16 ¶8-9

Minggu, 26 Pébruari

Daek malire kana panggeuing, nandakeun yen bijaksana.​—Sil. 15:31.

Yéhuwa hayang méré nu panghadéna ka urang. (Sil. 4:20-22) Jadi, waktu Anjeunna méré naséhat ka urang liwat Firman-Na, publikasi, atawa sadérék nu asak rohani, éta téh némbongkeun kanyaah ti Anjeunna. (Ibr. 12:9, 10) Perhatikeun eusina, lain cara naséhatna ditepikeun. Meureun urang sok ngarasa, sabenerna éta naséhat téh bisa ditepikeun ku cara nu leuwih hadé. Pasti nu méré naséhat ogé hayang sabisa-bisa nepikeun naséhatna supaya ngeunah katarimana. (Gal. 6:1) Waktu dibéré naséhat, meureun urang ngarasa kuduna carana bisa leuwih hadé. Tapi, urang kudu leuwih merhatikeun eusina. Pék pikirkeun, ’Najan urang teu pati resep kana carana, tapi nu diomongkeun ku manéhna téh bener teu? Bisa teu lamun urang leuwih merhatikeun naséhatna, lain ka jalmana?’ Urang bakal jadi jalma nu bijaksana lamun daék narima naséhat. w22.02 12 ¶13-14

Senén, 27 Pébruari

Parentah PANGERAN beunang dipercaya, mere hikmah ka anu tuna harti.​—Jab. 19:8.

Yéhuwa nyaho, urang téh butuh waktu jeung upaya pikeun miceun pamikiran jeung kalakuan nu goréng. (Jab. 103:13, 14) Tapi liwat Firman-Na, kawasa suci-Na, jeung organisasi-Na, Yéhuwa méré urang hikmat, kakuatan, jeung dukungan supaya urang bisa barobah. Gunakeun Alkitab pikeun mariksa diri. Firman Allah téh diibaratkeun jiga eunteung, ku lantaran éta bisa ngabantu Sadérék mariksa cara pikir, omongan, jeung kalakuan sorangan. (Yak. 1:22-25) Yéhuwa pasti siap nulungan Sadérék. Anjeunna nyaho cara nu panghadéna keur mantuan Sadérék. Anjeunna gé apal eusi haté Sadérék. (Sil. 14:10; 15:11) Jadi, biasakeun pikeun ngadoa jeung diajar Firman-Na unggal poé. Sing yakin yén standar Yéhuwa téh nu panghadéna. Urang bisa meunang mangpaat lamun ngajalankeun kabéh paréntah Yéhuwa. Jalma nu ngajalankeun standar Yéhuwa bakal leuwih ngahargaan dirina sorangan, boga tujuan hirup, jeung bisa bener-bener bagja.​—Jab. 19:9-12. w22.03 4 ¶8-10

Salasa, 28 Pébruari

Ilikan tembok-tembokna, tengetan benteng-bentengna, ambeh jaga bisa nyarita kieu ka turunan.​—Jab. 48:13.

Ngabangun jeung ngarawat tempat ibadah téh bagian tina ibadah urang. Yéhuwa nganggap pagawéan pikeun nyieun tabernakel jeung parabotna téh sabagé palayanan nu suci. (Bud. 36:1, 4) Ayeuna gé, Yéhuwa nganggap pagawéan ngabangun Balé Karajaan jeung fasilitas téokratis séjénna sabagé palayanan nu suci. Aya sadérék-sadérék nu ngagunakeun loba waktuna pikeun ngadukung pagawéan ieu. Pasti urang ngahargaan pisan bantuan maranéhna kana kagiatan nu ngadukung Pamaréntahan Allah. Tangtu maranéhna gé tetep ngawawar, malah meureun aya nu hayang jadi panaratas. Para kokolot gé bisa ngadukung kagiatan pangwangunan ku cara henteu ngahalangan sadérék nu hayang jadi panaratas lamun manéhna geus nyumponan sarat. Tapi saupama urang teu boga kaahlian dina pangwangunan gé, urang kabéh bisa milu ngarawat jeung ngajaga bangunan tetep bersih. w22.03 22 ¶11-12

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun