Désémber
Jumaah, 1 Désémber
Maranéhna bakal ngadéngé sora urang.—Yah. 10:16.
Isa téh nyaruakeun hubungan manéhna jeung murid-muridna siga pangangon jeung dombana. (Yah. 10:14) Éta téh cocog pisan, ku naon? Lantaran domba téh pasti apal jeung daék ngadéngékeun sora pangangonna. Aya saurang turis nu merhatikeun hal ieu. Manéhna nyarita, ”Di kelompok urang téh aya nu hayang moto domba-domba, jadi urang ngageroan éta domba supaya daék nyampeurkeun. Tapi, euweuh nu ngadeukeutan lantaran teu apal kana sora urang. Tuluy aya pangangon ngora nu ngageroan éta domba-domba, éh maranéhna langsung daék nuturkeun.” Pangalaman turis éta ngingetan urang kana kekecapan Isa ngeunaan domba-dombana, atawa murid-muridna. Ceuk Isa, ”Maranéhna bakal ngadéngé sora urang.” Tapi ayeuna téh Isa aya di sorga, jadi kumaha urang bisa ngadéngékeun sorana? Urang ngadéngékeun sora Dunungan urang téh ku cara ngalarapkeun pangajaranana dina kahirupan urang.—Mat. 7:24, 25. w21.12 16 ¶1-2
Saptu, 2 Désémber
Kabéh jalma geus dosa jeung teu bisa ngahontal kamulyaan Allah.—Rm. 3:23.
Rasul Paulus téh sering pisan nganiaya urang Kristen. Tapi, ahirna manéhna sadar yén manéhna téh salah sarta daék ngarobah sipat jeung kalakuanana. (1 Tim. 1:12-16) Ku bantuan Yéhuwa, Paulus jadi pangangon nu nyaahan, rasrasan, jeung rendah haté. Manéhna percaya yén Yéhuwa bakal ngahampura manéhna. (Rm. 7:21-25) Paulus sadar manéhna moal bisa sampurna, tapi manéhna terus mekarkeun sipat-sipat Kristen jeung daék ngandel ka Yéhuwa dina ngajalankeun tugasna. (1 Kor. 9:27; Flp. 4:13) Para kokolot téh dilantik lain ku lantaran manéhna sampurna. Tapi Yéhuwa miharep, lamun maranéhna nyieun kasalahan, maranéhna daék ngakukeunana. Yéhuwa gé miharep maranéhna terus mekarkeun sipat-sipat Kristen. (Éf. 4:23, 24) Para kokolot perlu ngagunakeun Firman Allah pikeun mariksa diri sorangan. Mun aya nu perlu dirobah, maranéhna kudu barobah. Ku kituna, Yéhuwa bakal ngabantu maranéhna supaya bisa jadi kokolot nu bagja jeung suksés ngajalankeun tugasna.—Yak. 1:25. w22.03 29-30 ¶13-15
Minggu, 3 Désémber
Tong sok ngahakiman batur.—Mat. 7:1.
Urang kudu kumaha lamun urang pernah ngahakiman sadérék-sadérék urang? Sing inget urang téh kudu nyaah ka dulur-dulur saiman urang. (Yak. 2:8) Salian ti éta, urang gé bisa ngadoa ka Yéhuwa ménta supaya dibantu pikeun teu ngahakiman batur. Tindakan urang gé kudu sajalan jeung doa urang. Misalna, urang bisa nyoba ngajak ngobrol manéhna. Urang gé bisa ngajak dines atawa dahar bareng. Sanggeus leuwih kenal ka manéhna, urang bisa nyonto Yéhuwa jeung Isa ku cara néangan hal-hal alus tina dirina. Ku kituna, urang ngabuktikeun yén urang téh ngadéngékeun naséhat pikeun ulah ngahakiman batur ti pangangon urang nu hadé. Siga domba nu ngadéngékeun sora pangangonna, ayeuna murid-murid Isa gé bakal ngadéngékeun sora manéhna. Teu sual urang téh ”kumpulan leutik” atawa ”domba-domba lian”, urang kudu terus ngadéngékeun jeung nuturkeun sora pangangon nu hadé.—Luk. 12:32; Yah. 10:11, 14, 16. w21.12 19 ¶11; 20-21 ¶17-18
Senén, 4 Désémber
Eta pihatur ku Rehabam teu dianggap.—1 Rja. 12:8.
Pas Réhabam jadi raja di Israél, rahayatna datang ka manéhna nyuhunkeun paménta. Maranéhna ménta supaya beban ti bapana, Sulaéman, bisa diénténgkeun. Mimitina mah alus, Réhabam téh ménta naséhat ka para kokolot di Israél ngeunaan masalah ieu. Para kokolot ngabéjaan lamun raja daék nuturkeun paménta rahayatna, engké rahayatna bakal terus ngadukung manéhna. (1 Rja. 12:3-7) Tapi Réhabam teu resep kana naséhatna, jadi manéhna ménta naséhat ka lalaki-lalaki nu geus dikenal ku manéhna ti leutik. Maranéhna kalah ka nitah Réhabam pikeun nambahan beban rahayatna. (1 Rja. 12:9-11) Sakuduna Réhabam téh bisa ménta pituduh ti Yéhuwa pikeun nangtukeun naséhat mana nu kudu dituturkeun. Tapi, manéhna kalah ka nuturkeun naséhat nu leuwih dipikaresep, nyaéta ti lalaki-lalaki nu ngarora kénéh. Ahirna, manéhna jeung urang Israél kudu nanggung akibatna. Kitu gé urang, bisa jadi urang dibéré naséhat nu teu pati dipikaresep. Tapi lamun éta téh dasarna tina Firman Allah, urang kudu daék narimana. w22.02 9 ¶6
Salasa, 5 Désémber
Ka barudak ngora katarik teh ku kakuatanana.—Sil. 20:29.
Jalma nu rendah haté jeung handap asor téh bakal leuwih mikirkeun kaunggulan ti sadérék nu leuwih ngora, lain pangalaman maranéhna nu tacan loba. Manéhna ogé bakal nganggap sadérék nu leuwih ngora sabagé batur gawé lainna saingan. Sadérék nu sepuh perlu ngahargaan pisan bantuan ti nu leuwih ngora. Sadérék nu leuwih ngora téh mangrupa kurnia ti Yéhuwa. Sanggeus tanagana beuki ngurangan, sadérék nu sepuh bakal nganuhunkeun pisan ku lantaran di sidang téh aya nu leuwih ngora. Sadérék nu ngora téh daék ngagunakeun kakuatanana pikeun digawé jeung ngawula di sidang. Dina Alkitab aya tuladan nu alus ti Naomi nu daék narima bantuan ti nu leuwih ngora. Sanggeus putrana maot, Naomi nitah minantuna nyaéta Rut, pikeun balik ka kulawargana. Tapi Rut téh keukeuh hayang terus maturan Naomi balik deui ka Bétléhém. Ahirna, Naomi narima bantuan ti Rut. (Rut 1:7, 8, 18) Putusan ieu mawa berkah keur maranéhna! (Rut 4:13-16) Sadérék sepuh nu rendah haté bisa nyonto tuladan ti Naomi. w21.09 10-11 ¶9-11
Rebo, 6 Désémber
Allah téh adil jeung moal mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun.—Ibr. 6:10.
Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan ngarti yén kaayaan unggal jalma téh béda-béda. Sadérék meureun bisa méré leuwih loba tibatan batur. Atawa, meureun Sadérék teu bisa méré loba jiga batur lantaran umur, kaséhatan, atawa tanggung jawab kulawarga. Mun kitu, ulah leutik haté. (Gal. 6:4) Yéhuwa moal mopohokeun pagawéan Sadérék. Anjeunna bakal bungah lamun Sadérék méré nu panghadéna jeung ku niat nu bener. Yéhuwa gé apal naon nu sabenerna hayang dilakukeun ku Sadérék. Anjeunna hayang Sadérék bungah jeung ngarasa puas kana naon nu sanggup Sadérék lakukeun keur Anjeunna. Ayeuna, urang gé bisa ngarasa tenang lantaran nyaho Yéhuwa téh bakal mantuan umat-Na pikeun nyanghareupan masalah. (Yes. 41:9, 10) Urang pasti bungah bisa ibadah ka Bapa nu nyaahan nu ”layak dimulyakeun jeung dihormat” ku kabéh ciptaana-Na!—Why. 4:11. w22.03 24 ¶16; 25 ¶18
Kemis, 7 Désémber
Moal diengkekeun deui, gilig bade ngesto kana aturan Gusti.—Jab. 119:60.
Urang hayang nyonto Isa, tapi ulah leutik haté lamun urang teu bisa percis nyonto Isa. (Yak. 3:2) Ibaratna téh jiga saurang murid nu teu bisa percis pisan nyonto karya guruna. Tapi lamun manéhna daék diajar tina kasalahanana jeung terus usaha pikeun nyonto guruna, engké lila-lila manéhna bakal leuwih tarampil. Kitu ogé jeung urang. Lamun urang meunangkeun hal-hal nu alus waktu palajaran pribadi, daék ngalarapkeunana, sarta terus usaha pikeun ningkatkeun diri, lila-lila urang bisa nuturkeun tuladan Isa. (Jab. 119:59) Urang téh hirup di dunya nu jalma-jalmana mentingkeun diri. Tapi umat Allah mah henteu kitu. Urang kageuing jeung hayang nuturkeun sipat Isa nu teu mentingkeun diri. (1 Pét. 2:21) Lamun urang sabisa-bisa nuturkeun Isa, urang gé bakal bagja ku lantaran urang bisa nyenangkeun Yéhuwa. w22.02 24 ¶16; 25 ¶18
Jumaah, 8 Désémber
Dina eusina aya sababaraha nu hésé dipikaharti.—2 Pét. 3:16.
Ayeuna, salah sahiji cara nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun méré pituduh ka umat-Na téh liwat Firman-Na, Alkitab. Lamun urang bener-bener mikirkeun naon nu diajarkeun ku Yéhuwa, urang pasti bisa nuturkeun pituduh-Na jeung ngajalankeun tugas urang dina pangwawaran. (1 Tim. 4:15, 16) Cara séjén nu digunakeun ku Yéhuwa pikeun méré pituduh téh liwat ”palayan nu satia jeung bijaksana”. (Mat. 24:45) Meureun sakapeung, urang ngarasa maranéhna méré pituduh nu teu dipikaharti. Misalna, urang dibéré pituduh pikeun nyiapkeun diri lamun aya musibat alam, tapi urang ngarasa éta mah moal kajadian di daérah urang. Mun kitu, naon nu kudu dilakukeun? Lamun urang ngarasa pituduh ti maranéhna téh katingalina anéh, pikirkeun pangalaman-pangalaman dina Alkitab. Sakapeung, umat Allah narima pituduh nu katingalina anéh, tapi sabenerna éta bisa nyalametkeun kahirupan urang.—Hak. 7:7; 8:10. w22.03 18-19 ¶15-16
Saptu, 9 Désémber
Bapa, abdi masrahkeun nyawa abdi ka panangan Bapa.—Luk. 23:46.
Yésus percaya kahirupanana engké bakal diurus ku Yéhuwa. Anjeunna gé yakin, Bapana moal mopohokeun anjeunna. Jadi Yésus ngomongkeun kekecapan dina ayat poé ieu. Urang diajar naon tina omongan Yésus? Urang kudu terus satia ka Yéhuwa sanajan nyawa urang kaancam. Supaya bisa kitu, urang ”kudu temen ngandel ka PANGERAN”. (Sil. 3:5) Perhatikeun pangalaman Joshua. Joshua téh saurang Saksi umur 15 taun nu boga panyakit anu parah. Manéhna nolak parawatan anu ngalanggar hukum Allah. Teu lila saacan maot, Joshua ngomong kieu ka indungna: ”Mah, Yéhuwa pasti ngurus abdi. . . . Abdi yakin Yéhuwa bakal ngahirupkeun abdi deui. Yéhuwa bisa maca haté abdi. Abdi bener-bener nyaah ka Mantenna.” Urang masing-masing bisa mikirkeun: ’Mun aya kaayaan nu ngancam nyawa jeung nguji iman abdi, na abdi yakin Yéhuwa bakal ngurus jeung inget ka abdi?’ w21.04 12-13 ¶15-16
Minggu, 10 Désémber
Nu resep tutulung babari meunang pitulung.—Sil. 11:25.
Umat Yéhuwa meunang kakuatan tina dines. Waktu urang méré nyaho bebeneran Alkitab ka batur, urang bungah, teu sual maranéhna daék ngadéngékeun atawa henteu. Aya dulur saiman anu ngarasa, maranéhna teu bisa ngalakukeun loba hal dina palayanan lantaran kaayaan maranéhna. Lamun Sadérék ngarasa jiga kitu, inget ieu: Yéhuwa senang lamun Sadérék méré anu panghadéna. Yéhuwa nyaho, meureun di antara urang aya nu hayang dines tapi teu bisa kaluar imah lantaran kaayaan urang. Najan kitu, Yéhuwa tetep ngahargaan niat urang. Yéhuwa gé bisa mantuan urang pikeun ngawawar ka dokter atawa ka jalma nu datang pikeun ngurus urang. Terus, ulah ngabandingkeun kaayaan ayeuna jeung waktu baheula urang bisa ngalakukeun loba hal, sabab engké urang bisa leutik haté. Sing inget, Yéhuwa téh terus nulungan urang. Jadi, urang bakal boga kakuatan supaya bisa tetep teger jeung tetep bagja. Urang kudu getol melak binih bebeneran, sabab urang teu nyaho mana nu bakal tumuwuh.—Pan. 11:6. w21.05 24-25 ¶14-17
Senén, 11 Désémber
Ku naon maneh nyapirakeun timbalan Kami, nyieun kalakuan sakitu gorengna?—2 Sam. 12:9.
Raja Daud téh geus dibéré loba berkah ku Yéhuwa. Manéhna nepi ka ”teu tiasa nyebatkeun bilanganana, ku seueur-seueurna”. (Jab. 40:6) Daud dibéré kabeungharan, kadudukan, jeung kaunggulan ti musuh-musuhna. Tapi, sakali waktu manéhna poho kana kabéh berkah éta. Harita, Raja Daud téh geus boga sababaraha selir. Tapi angger wéh, manéhna masih mikahayang pamajikan batur, nyaéta Batséba. Batséba téh pamajikanana Uria, urang Hét. Daud jinah jeung Batséba, geus kitu Batséba ngandung. Jadi, Daud ngatur supaya Uria maot. Kalakuanana téh meni kacida! (2 Sam. 11:2-15) Ku naon Daud bisa kitu? Na Daud mikir Yéhuwa moal ningali anu dilakukeun ku manéhna? Sabenerna, Daud téh geus lila ngalayanan Yéhuwa, tapi manéhna jadi sarakah. Balukarna, manéhna jadi meunang loba kasusah. Untungna, ka dieunakeun Daud tobat. Daud pasti bungah pisan sabab Yéhuwa daék ngahampura manéhna.—2 Sam. 12:7-13. w21.06 17 ¶10
Salasa, 12 Désémber
Sanggup ngalaksanakeun tugas ieu lain ku upaya sorangan, tapi lantaran dibantuan ku Allah.—2 Kor. 3:5.
Meureun urang teu percaya diri kana kamampuh urang pikeun mandu palajaran Alkitab. Meureun urang ngarasa, urang kudu boga leuwih loba pamahaman jeung katarampilan saacan mulai mandu palajaran Alkitab. Mun Sadérék ngarasa jiga kitu, perhatikeun tilu hal anu bisa ngabantu Sadérék jadi leuwih percaya diri. Kahiji, Yéhuwa nganggap Sadérék sanggup pikeun ngajar batur. Kadua, anu méré paréntah pikeun ngajar batur téh Yésus, nu boga ”kakawasaan di sawarga jeung di bumi”. (Mat. 28:18) Katilu, Sadérék bisa ménta bantuan Yéhuwa jeung dulur-dulur saiman. Baheula, Yéhuwa mantuan Yésus, jadi Yésus nyaho naon anu kudu diomongkeun. Yéhuwa gé bisa mantuan Sadérék ku cara nu sarua. (Yoh. 8:28; 12:49) Salian ti éta, Sadérék bisa ménta bantuan pangawas kelompok dines lapangan, panaratas, atawa pawarta nu tarampil pikeun mantuan Sadérék mandu palajaran Alkitab. Salah sahiji cara supaya Sadérék bisa jadi guru Alkitab nu leuwih hadé téh, nyaéta miluan mandu palajaran Alkitab jeung maranéhna. w21.07 6 ¶12
Rebo, 13 Désémber
Jalma nu satia dina urusan leutik, satia ogé dina urusan gedé. Jalma nu teu bener dina urusan leutik, teu bener ogé dina urusan gedé. —Luk. 16:10.
Ahir dunya téh geus beuki deukeut. Ku kituna, urang kudu leuwih percaya deui ka cara nu digunakeun ku Yéhuwa. Ku naon? Dina kasangsaraan nu kacida hébatna, bisa jadi urang bakal narima pituduh nu katingalina anéh, teu gampang diturutan, atawa teu asup akal. Tangtu, Yéhuwa téh moal ngomong langsung ka urang. Anjeunna bakal méré pituduh liwat wakil-wakil-Na nu geus dipilih. Dina mangsa éta, urang geus teu bisa deui bingbang atawa mikir, ’Bener kitu pituduh ieu téh asalna ti Yéhuwa, atawa ngan saukur putusan ti sadérék-sadérék nu boga wewenang?’ Dina mangsa éta, Sadérék bakal percaya henteu ka Yéhuwa sarta organisasi-Na? Éta bisa kaciri ti tanggapan Sadérék ayeuna kana pituduh nu dibéré ku wakil-wakil Allah. Lamun ti ayeuna Sadérék percaya jeung taat kana pituduh-pituduh nu dibéré, dina kasangsaraan nu kacida hébatna gé, Sadérék bakal taat. w22.02 6 ¶15
Kemis, 14 Désémber
Naon atuh abdi téh mun dibandingkeun jeung aranjeun mah?—Hak. 8:2.
Gidion jeung 300 prajuritna kakara unggul dina perang gedé lantaran dibantuan ku Yéhuwa. Terus, urang Épraim datang ka Gidion. Maranéhna datang téh lain rek muji Gidion, tapi rék protés sabab mimitina mah teu diajak milu merangan musuh Allah. (Hak. 8:1) Gidion ngingetan urang Épraim kumaha Yéhuwa mantuan maranéhna pikeun ngalakukeun hal-hal anu luar biasa. Hasilna, ”dijawab kitu mah lemper napsuna urang Epraim teh”. (Hak. 8:3) Gidion ngomong kitu téh lantaran hayang umat Allah tetep rukun. Tina conto urang Épraim, urang diajar pikeun ngutamakeun kamulyaan Yéhuwa, lainna mentingkeun kahormatan keur diri sorangan. Para kapala kulawarga jeung para kokolot bisa diajar tina tuladan Gidion. Mun aya saurang jalma nu ngarasa nyeri haté ku lantaran laku lampah atawa omongan urang, urang kudu ngupayakeun heula sangkan bisa paham ku naon manéhna ngarasa nyeri haté. Urang gé bisa muji manéhna lantaran geus ngalakukeun hal-hal alus. Mémang, ieu téh butuh karendahan haté. Tapi sing inget, karukunan jeung dulur saiman leuwih penting tibatan ngabuktikeun yén urang téh bener. w21.07 16-17 ¶10-12
Jumaah, 15 Désémber
Urang nyieun manusa, masing nyeples sarimbag jeung Urang.—Kaj. 1:26.
Yéhuwa nyiptakeun urang mirip jeung Mantenna. Lantaran mirip jeung Yéhuwa, urang jadi boga sipat-sipat saperti Mantenna, misalna kanyaah, welas asih, satia, jeung suka kana hal-hal anu bener. (Jab. 86:15; 145:17) Waktu urang némbongkeun sipat-sipat éta, urang téh ngamulyakeun Yéhuwa jeung nunjukkeun rasa sukur urang. (1 Pet. 1:14-16) Lamun urang nyenangkeun haté Bapa urang di sawarga, urangna gé bakal bagja. Terus lantaran urang boga sipat-sipat saperti Yéhuwa, urang bisa jadi jelema anu dipiharep ku Mantenna pikeun jadi kulawarga-Na. Yéhuwa nyiapkeun imah nu istiméwa keur urang. Jauh saacan nyiptakeun manusa nu mimiti, Yéhuwa nyiapkeun bumi keur dicicingan ku manusa. (Ayub 38:4-6; Yer. 10:12) Lantaran bageur jeung béréhan, Mantenna nyiptakeun loba hal supaya manusa bisa bagja. (Jab. 104:14, 15, 24) Sababaraha kali, ciptaana-Na téh ku Yéhuwa ”ditilik sarta kamanah”.—Kaj. 1:10, 12, 31. w21.08 3 ¶5-6
Saptu, 16 Désémber
Buah nu dihasilkeun ku kawasa suci mah kanyaah, suka bungah, katengtreman, sabar, bageur, kahadéan, iman, lemah lembut, jeung bisa nahan diri.—Gal. 5:22, 23.
Urang kabéh dibéré tugas pikeun ngawawar jeung ngabantu batur jadi murid. (Mat. 28:19, 20; Rum 10:14) Na Sadérék hayang leuwih tarampil dina pagawéan nu penting ieu? Pék diajar tina brosur Ngajar, terus upayakeun pikeun ngalarapkeun palajaranana. Ulah poho pikeun netepkeun salah sahiji cita-cita nu pangpentingna, nyaéta ngamekarkeun sipat-sipat Kristen. (Kol. 3:12; 2 Pet. 1:5-8) Urang kabéh pasti hayang ngalakukeun leuwih loba hal keur Yéhuwa. Engké di dunya anyar, urang bakal ngawula Mantenna sapinuhna. Tapi, ti ayeuna kénéh urang kudu ngalakukeun nu panghadéna waktu ngagawékeun tugas-tugas urang. Ku kituna, urang bakal ngarasa leuwih bungah jeung moal kuciwa teuing sanajan aya cita-cita rohani urang anu can kahontal. Terus nu pangpentingna, urang bakal ngamulyakeun Yéhuwa, ’Allah urang anu bagja’. (1 Tim. 1:11, NW) Jadi, hayu urang ngalakukeun anu panghadéna dina palayanan ngarah bisa bungah! w21.08 24-25 ¶18-20
Minggu, 17 Désémber
Saha waé nu hayang deukeut jeung Allah kudu percaya yén Anjeunna téh aya.—Ibr. 11:6.
Lamun kolot Sadérék téh Saksi Yéhuwa, bisa jadi ti leuleutik Sadérék geus diajar ngeunaan Yéhuwa. Sadérék diajarkeun yén Yéhuwa téh Nu Nyipta. Mantenna gé boga sipat-sipat anu alus sarta hayang ngarobah bumi jadi pirdaus. (Kaj. 1:1; Ras. 17:24-27) Tapi, loba jalma teu percaya Allah téh aya atawa Mantenna anu nyiptakeun kahirupan. Maranéhna percaya kahirupan téh ujug-ujug aya, asalna tina hiji mahluk hirup anu barobah jadi rupa-rupa mahluk hirup séjénna. Loba jalma anu pendidikanana luhur percaya kana hal éta. Maranéhna yakin, ilmu pengetahuan geus ngabuktikeun yén Alkitab téh salah. Terus ceuk maranéhna, anu percaya ka Nu Nyipta téh nya jalma-jalma anu pendidikanana rendah jeung gampang dibobodo. Teu sual geus sabaraha lila urang jadi Saksi Yéhuwa, urang kabéh kudu terus nguatkeun iman urang. Mun urang ngalakukeunana, urang moal kapangaruhan ku pamikiran jalma-jalma nu teu sajalan jeung Alkitab.—Kol. 2:8. w21.08 14 ¶1-3
Senén, 18 Désémber
Yéhuwa, Allah urang-urang nu gedé kawasana, Gusti layak dimulyakeun jeung dihormat.—Why. 4:11.
Habél, Nuh, Ibrahim, jeung Ayub némbongkeun yén maranéhna téh ngahormat sarta nyaah ka Yéhuwa liwat kataatan, iman, sarta pangorbanan maranéhna. Maranehna sabisa-bisa ngamulyakeun Yéhuwa. Jadi, ibadah maranéhna ditarima ku Anjeunna. Sanggeus éta, Yéhuwa méré Hukum Musa ka turunanana Ibrahim. Dina hukum-hukum ieu dijelaskeun jiga kumaha ibadah nu ditarima ku Yéhuwa. Sanggeus Isa maot jeung dihirupkeun deui, Yéhuwa teu ngawajibkeun umat-Na pikeun nuturkeun Hukum Musa deui. (Rm. 10:4) Tapi, urang Kristen dibéré hukum nu anyar, nyaéta ”hukum Al-Masih”. (Gal. 6:2) Maranéhna bisa nuturkeun ”hukum” ieu lain ku ngajalankeun daptar aturan ngeunaan nu meunang jeung teu meunang dilakukeun, tapi ku cara nuturkeun tuladan Isa sarta ngajalankeun pangajaranana. Ayeuna gé, urang Kristen téh sahadé-hadéna nuturkeun tuladan Isa supaya bisa nyenangkeun Yéhuwa jeung bisa ”ngarasa dikuatkeun”.—Mat. 11:29. w22.03 21 ¶4-5
Salasa, 19 Désémber
Manéhna sering indit ke tempat nu sepi pikeun ngadoa.—Luk. 5:16.
Yéhuwa téh ngadéngékeun doa ti anak-anak-Na. Yéhuwa ngadéngékeun Putra cikal-Na. Waktu Isa aya di bumi, Anjeunna pasti ngadéngékeun doa-doa ti Isa. Contona doa Isa saacan nyieun putusan penting, waktu rék milih 12 rasul. (Luk. 6:12, 13) Yéhuwa gé ngadéngékeun doana waktu Isa keur hariwang pisan. Pas saacan dihianatan, Isa bener-bener ngadoakeun ngeunaan tangtangan nu bakal disanghareupan. Tapi Yéhuwa teu ngan saukur ngadéngékeun hungkul, Yéhuwa gé ngutus hiji malaikat pikeun nguatkeun Putra nu dipikanyaah ieu. (Luk. 22:41-44) Kiwari, Yéhuwa ogé ngadéngékeun doa umat-Na. Anjeunna ngajawab dina waktu jeung cara nu panghadéna. (Jab. 116:1, 2) Saurang sadérék istri di India ngarasakeun sorangan kumaha Yéhuwa ngajawab doana. Manéhna téh gampang pisan strés jeung hariwang, jadi manéhna bener-bener ngadoakeun masalah éta. Manéhna nulis, ”Acara JW Broadcasting® Méi 2019 téh cocog pisan keur abdi. Acarana téh ngabahas naon nu bisa dilakukeun waktu urang hariwang. Éta téh siga jawaban Yéhuwa keur doa-doa abdi.” w21.09 21-22 ¶6-7
Rebo, 20 Désémber
Kudu kabur ka pagunungan.—Luk. 21:21.
Bayangkeun sakumaha héséna kaayaan urang Kristen dina abad kahiji. Maranéhna kudu ninggalkeun harta bandana jeung kudu ngamimitian deui sagalana di tempat nu anyar. Maranéhna kudu boga iman jeung percaya yén Yéhuwa bakal ngurus maranéhna. Saacan kajadianana, maranéhna geus diingetan. Lima taun saacan Yérusalém dikepung ku Roma, Rasul Paulus méré naséhat ka urang Ibrani di ditu, ”Aranjeun ulah mata duitan, kudu ngarasa cukup ka nu geus aya, sabab ceuk Allah, ’Manéh moal ditinggalkeun ku Kuring, jeung moal diantep ku Kuring.’ Jadi, urang bisa bener-bener yakin ngomong kieu, ’Yéhuwa panulung kuring, kuring moal sieun. Rék bisa naon manusa ka kuring?’” (Ibr. 13:5, 6) Jadi jalma-jalma nu ngalarapkeun naséhat Paulus saacan dikepung ku Roma, bisa ngarasa cukup di tempat nu anyar sanajan kahirupanana leuwih saderhana. Maranéhna téh yakin, Yéhuwa bakal nyumponan pangabutuhna. w22.01 4 ¶7, 9
Kemis, 21 Désémber
Mantenna . . . mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.—Jab. 145:9.
Waktu mikirkeun jalma nu boga sipat welas, urang bisa jadi ngabayangkeun jalma nu bageur, soméah, karunyaan, jeung murah haté. Meureun urang gé inget ka ibarat nu dicaritakeun ku Isa ngeunaan urang Samaria nu bageur. Waktu manéhna ningali urang Yahudi nu diserang jeung dirampog, manéhna ”karunyaeun” jeung daék ”nulungan” lalaki éta sanajan teu sabangsa jeung manéhna. Manéhna gé daék ngurus urang Yahudi éta nu keur raraheut. (Luk. 10:29-37) Ibarat éta ngajarkeun urang ngeunaan sipat welas Yéhuwa nu éndah pisan. Yéhuwa mikawelas urang téh lantaran nyaah ka urang. Urang gé bisa ngarasakeun hal éta unggal poé. Sipat welas atawa sipat karunyaan téh bisa ditémbongkeun ogé ku cara séjén. Jalma nu boga sipat welas mah moal buru-buru ngahukum jalma nu nyieun salah. Kitu ogé nu dilakukeun ku Yéhuwa ka urang kabéh. Nu nulis Jabur nyebutkeun yén Yéhuwa téh ’ngahukumna tara diukur-ukur kana dosa urang’. (Jab. 103:10) Tapi sakapeung, Yéhuwa mémang méré disiplin nu tegas ka jalma nu nyieun dosa. w21.10 8 ¶1-2
Jumaah, 22 Désémber
Kanyaah Kami ka maneh teh moal aya tungtungna.—Yes. 54:10.
Yéhuwa téh némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ngan ka jalma-jalma nu nyobat jeung Anjeunna, nyaéta umat-Na. Hal ieu kabukti tina kekecapan Raja Daud jeung Nabi Daniél. Misalna Daud ngomong, ”Mugi langgeng mikaasih ka sakur nu terang ka Gusti.” ”Ka sakur nu hormat ka PANGERAN mah asih-Na teh langgeng.” Terus Daniél gé ngomong, ”Nun Allah, Gusti Nu Agung! . . . [Gusti] satia asih ka nu nyaraah ka Gusti, tur ngestokeun kana sugri timbalan Gusti.” (Jab. 36:11; 103:17; Dan. 9:4) Kekecapan ieu nunjukkeun yén Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ka umat-Na sabab maranéhna téh terang, hormat, nyaah, jeung nurut kana timbalan Anjeunna. Yéhuwa némbongkeun kaasih-Na nu langgeng ngan ka umat-Na nu nyembah ka Anjeunna ku cara nu bener. Saacan ngawula Yéhuwa, urang geus ngarasakeun kaasih-Na nu ditémbongkeun ka sakabéh manusa. (Jab. 104:14) Tapi sabagé umat-Na, urang gé bisa ngarasakeun kaasih-Na nu langgeng. w21.11 3-4 ¶8-9
Saptu, 23 Désémber
Manéh kudu nyembah ka Yéhuwa, Allah manéh.—Mat. 4:10.
Urang hayang sabisa-bisana taat ka paréntah Isa. Loba jalma ayeuna mah resep ngadéngékeun para pamingpin garéja nu kasohor. Saking dipuja-pujana, maranéhna nepi ka siga nyembah éta pamingpin. Maranéhna datang ka garéjana, meuli buku-bukuna, jeung méré sumbangan nu gedé pikeun ngadukung para pamingpin éta. Malah, sababaraha jalma percaya pisan kana omonganana. Jigana maranéhna leuwih resep ka para pamingpin éta tibatan ka Isa. Ari umat Allah nu sajati mah teu nuturkeun manusa. Mémang urang ngahargaan jalma-jalma nu mingpin urang, tapi urang mah tetep nuturkeun pangajaran ti Isa nyaéta, ”Maranéh kabéh téh dulur.” (Mat. 23:8-10) Urang teu nyembah ka manusa, boh pamingpin agama boh pamingpin pulitik. Urang gé teu ngadukung kagiatan maranéhna, tapi urang mah tetep nétral jeung misah ti dunya ieu. Jadi, urang Kristen nu sajati mah béda ti kelompok-kelompok nu ngakuna mah Kristen.—Yah. 18:36. w21.10 20 ¶6-7
Minggu, 24 Désémber
Kami teh PANGERAN Allah maraneh . . . Ulah ngabakti ka aallahan salian ti ka Kami.—Bud. 20:2, 3.
Urang Kristen nu hayang jadi suci kudu mastikeun euweuh nu bisa ngaruksak hubungan manéhna jeung Yéhuwa. Salian ti éta, urang téh Saksi-Saksi Yéhuwa, jadi urang kudu nyingkahan sakabéh laku lampah nu bisa ngagogoréng jeung ngaruksak ngaran suci Allah. (Ima. 19:12; Yes. 57:15) Ku cara nuturkeun hukum Yéhuwa, urang Israél ngabuktikeun yén maranéhna ngakukeun Yéhuwa sabagé Allahna. Imamat 18:4 nyebutkeun, ”Tarurut aturan jeung hukum Kami, lampahkeun timbalan Kami, PANGERAN Allah maraneh.” Dina pasal 19 gé, aya sababaraha ”aturan” keur bangsa Israél. Contona, dina ayat 5-8, 21, 22 aya aturan keur kurban sasatoan. Waktu méré kurban, maranéhna teu meunang nepi ka ”nganistakeun barang suci kagungan” Yéhuwa. Kekecapan éta pasti ngajurung urang pikeun nyenangkeun Yéhuwa jeung nyanggakeun korban pujian ku cara nu dipikaresep ku Anjeunna, jiga nu disebutkeun dina Ibrani 13:15. w21.12 5 ¶14-15
Senén, 25 Désémber
Teangan kasukaan jeung mojang anu ku hidep dikawin.— Sil. 5:18.
Pasangan nu ngora kénéh bisa diajar loba hal tina pangalaman batur nu geus ngandelkeun Yéhuwa dina kahirupanana. Meureun, aya pasangan nu geus mangtaun-taun jadi panaratas. Pénta saran ka maranéhna ngeunaan cita-cita rohani nu hayang diudag ku Sadérék. Ieu téh salah sahiji cara pikeun némbongkeun yén Sadérék téh ngandel ka Yéhuwa. (Sil. 22:17, 19) Sing inget, perkawinan téh kurnia ti Yéhuwa. (Mat. 19:5, 6) Anjeunna hayang salaki pamajikan bisa ngarasa bagja. Keur pasangan nu ngora kénéh, pék pikirkeun naon nu hayang dilakukeun dina kahirupan Sadérék duaan. Na Sadérék hayang nganuhunkeun kana berkah-berkah nu geus dibéré ku Yéhuwa? Caritakeun hal ieu ka Yéhuwa dina doa, téangan prinsip-prinsip dina firman-Na nu cocog jeung kaayaan Sadérék, terus tuturkeun. Sadérék bakal puas jeung bagja lamun miheulakeun palayanan ka Yéhuwa dina perkawinan Sadérék. w21.11 18 ¶16; 19 ¶18
Salasa, 26 Désémber
Urang kabéh téh sering nyieun salah.—Yak. 3:2.
Yakobus téh sadar diri. Manéhna teu ngarasa leuwih punjul, abong-abong manéhna téh adina Isa sarta boga tanggung jawab nu penting. Manéhna nganggap sasama urang Kristen téh sabagé ”dulur-dulur nu dipikanyaah”. (Yak. 1:16, 19; 2:5) Manéhna gé henteu hayang dianggap sampurna. Palajaranana: Sing inget, urang kabéh téh boga dosa. Ulah nganggap urang téh leuwih punjul tibatan palajar Alkitab urang. Ku naon? Lamun palajar Alkitab urang nganggap urang téh tara nyieun salah, meureun manéhna jadi leutik haté lantaran ngarasa teu bisa nuturkeun naon nu dipénta ku Yéhuwa. Tapi lamun urang jujur, urang gé sabenerna sok hésé nuturkeun prinsip Kitab Suci jeung nyaritakeun kumaha Yéhuwa mantuan urang, manéhna bakal ngarasa manéhna ogé bisa ngawula Yéhuwa. w22.01 11 ¶13-14
Rebo, 27 Désémber
Aranjeun kudu boga cara pikir jeung sikep ieu sakumaha Isa Al-Masih.—Flp. 2:5.
Lamun cara pikir urang beuki mirip jiga Isa, tindakan jeung kapribadian urang bakal beuki mirip jiga manéhna. (Ibr. 1:3) Meureun urang mikir, ’Pan Isa mah sampurna. Urang mah moal bisa atuh jiga manéhna!’ Mun urang ngarasa kitu, sing inget kana hal-hal ieu: Kahiji, urang téh diciptakeun mirip jeung Yéhuwa sarta Isa. Jadi, urang bisa nyonto aranjeunna najan teu bisa bener-bener percis jiga aranjeunna. (Kaj. 1:26) Kadua, kawasa suci ti Allah téh mangrupa kakuatan nu panggedéna di jagat raya ieu. Jadi ku bantuan kawasa suci, urang bisa ngalakukeun hal-hal nu moal bisa dilakukeun mun ku usaha urang sorangan. Katilu, ayeuna Yéhuwa téh teu miharep urang sampurna dina némbongkeun sipat-sipat nu dihasilkeun ku kawasa suci. Malah, Bapa urang nu nyaahan nyadiakeun waktu 1.000 taun nepi ka manusa bisa jadi sampurna. (Why. 20:1-3) Jadi, nu dipiharep ku Yéhuwa ayeuna téh nyaéta urang ngalakukeun nu panghadéna jeung ngandelkeun Anjeunna. w22.03 9 ¶5-6
Kemis, 28 Désémber
Malah Gusti uninga kana pisanggemeun abdi memeh ku abdi dikedalkeun.—Jab. 139:4.
Ngadoa téh bisa nguatkeun sosobatan urang jeung Yéhuwa. Tapi aya deui nu bisa dilakukeun supaya urang bisa raket ka Allah, nyaéta diajar Firman Allah jeung masamoan. Kumaha carana supaya urang bisa ngagunakeun waktu sahadé-hadéna pas keur palajaran pribadi jeung pas keur masamoan? Pék pikirkeun, ’Naon nu osok ngaganggu konséntrasi abdi pas keur palajaran pribadi atawa salila masamoan?’ Na telepon nu asup, e-mail, atawa chat dina HP jeung alat éléktronik séjénna bisa ngaganggu? Lamun Sadérék ngarasa osok mikirkeun hal séjén pas keur palajaran pribadi atawa pas keur masamoan, pék pénta bantuan Yéhuwa supaya bisa fokus. Lamun Sadérék keur hariwang kana hiji hal, biasana nu dipikirkeun téh ngan masalah éta hungkul. Ku kituna Sadérék jadi teu bisa fokus kana hal-hal rohani, padahal éta téh penting pisan. Pék ngadoa jeung ménta katengtreman ti Yéhuwa pikeun ngajaga haté jeung ”pikiran” Sadérék.—Flp. 4:6, 7. w22.01 29 ¶12-14
Jumaah, 29 Désémber
Regepkeun, kami rek ngajarkeun pituturna jalma-jalma bijaksana.—Sil. 22:17.
Raja Usia embung narima naséhat. Manéhna asup ka bagian dina bait Allah nu sabenerna ngan para imam hungkul nu meunang asup, tuluy ngaduruk dupa di ditu. Para imam ngomong ka Usia, ”Usia! Anjeun teu aya hak ngukus ka PANGERAN. Anu wenang ngan anu geus dibakukeun kana ngukus, nya eta imam-imam.” Kumaha sikep Usia saterusna? Lamun manéhna rendah haté jeung daék narima naséhat, manéhna pasti langsung kaluar ti bait. Meureun Yéhuwa gé bakal ngahampura manéhna. Tapi, ”[Usia] . . . jadi bendu”. Ku naon manéhna nolak naséhat éta? Manéhna ngarasa bisa ngalakukeun naon waé nu dipikahayang lantaran manéhna téh raja. Tapi keur Yéhuwa mah teu kitu. Lantaran Usia lancang, manéhna keuna lépra jeung tetep ’najis ku kasawatna’ nepi ka maotna. (2 Bab. 26:16-21) Tina kisah Usia urang bisa diajar, teu sual urang téh saha, lamun urang nolak naséhat tina Alkitab, urang moal diberkahan ku Yéhuwa. w22.02 9 ¶7
Saptu, 30 Désémber
Geura, tarobat, jeungbaralik ka Allah, supaya dosa-dosa maranéh dipupus jeung maranéh bakal disegerkeun ku Yéhuwa.—Kis. 3:19.
Saurang jalma nu dikawasaan ku ”kapribadian nu heubeul” téh biasana cara pikir jeung laku lampahna ngan nuturkeun kahayangna sorangan. (Kol. 3:9) Meureun manéhna téh égois, gancang ambek, tara ngucap sukur, jeung sombong. Meureun manéhna gé resep ningali pornografi jeung nongton film kakerasan. Mémang manéhna boga sipat nu alus. Manéhna gé meureun rumasa salah kana omongan jeung kalakuanana nu goréng. Tapi, manéhna teu pati aya kahayang pikeun ngarobah cara pikir jeung laku lampahna. (Gal. 5:19-21; 2 Tim. 3:2-5) Mémang urang teu sampurna, jadi moal aya nu bisa bener-bener miceun pamikiran jeung kahayang nu goréng tina haté jeung pikiran urang. Sakapeung, bisa waé urang ngomong atawa ngalakukeun hiji hal nu tungtungna urang jadi kaduhung. (Yer. 17:9; Yak. 3:2) Tapi lamun urang geus ngalaanan kapribadian nu heubeul, urang moal dikadalikeun deui ku kahayang awak jeung kalakuan nu goréng. Ku kituna, kapribadian urang bakal barobah.—Yes. 55:7. w22.03 3 ¶4-5
Minggu, 31 Désémber
Kudu rendah haté, nganggap batur leuwih unggul tibatan aranjeun.—Flp. 2:3.
Para kokolot, pék téangan sipat-sipat hadé ti dulur-dulur saiman. Maranéhna téh teu sampurna, tapi pasti boga sipat-sipat nu hadé. Mémang, para kokolot sakapeung kudu méré naséhat ka saurang sadérék. Tapi siga Rasul Paulus, para kokolot sakuduna henteu ngan merhatikeun omongan atawa kalakuan goréng manéhna. Para kokolot kudu terus ningali kanyaahna jeung kasatiaanana ka Yéhuwa, sarta kudu yakin yén manéhna pasti bisa ngalakukeun nu hadé. Para kokolot nu boga pandangan positif bisa ngabantu sadérék-sadérék di sidang silih raketan. Sing inget yén Yéhuwa téh teu miharep Sadérék jadi sampurna, tapi Anjeunna hayang Sadérék téh satia. (1 Kor. 4:2) Sadérék gé bisa yakin yén Anjeunna ngahargaan palayanan Sadérék. Yéhuwa moal ”mopohokeun pagawéan aranjeun sarta kanyaah nu ditémbongkeun ku aranjeun ka ngaran-Na. Aranjeun némbongkeunana ku cara ngalalayanan jeung terus ngalalayanan jalma-jalma suci”.—Ibr. 6:10. w22.03 30 ¶19; 31 ¶21