PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • es23 kaca 108-118
  • Nopémber

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Nopémber
  • Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
  • Subjudul
  • Rebo, 1 Nopémber
  • Kemis, 2 Nopémber
  • Jumaah, 3 Nopémber
  • Saptu, 4 Nopémber
  • Minggu, 5 Nopémber
  • Senén, 6 Nopémber
  • Salasa, 7 Nopémber
  • Rebo, 8 Nopémber
  • Kemis, 9 Nopémber
  • Jumaah, 10 Nopémber
  • Saptu, 11 Nopémber
  • Minggu, 12 Nopémber
  • Senén, 13 Nopémber
  • Salasa, 14 Nopémber
  • Rebo, 15 Nopémber
  • Kemis, 16 Nopémber
  • Jumaah, 17 Nopémber
  • Saptu, 18 Nopémber
  • Minggu, 19 Nopémber
  • Senén, 20 Nopémber
  • Salasa, 21 Nopémber
  • Rebo, 22 Nopémber
  • Kemis, 23 Nopémber
  • Jumaah, 24 Nopémber
  • Saptu, 25 Nopémber
  • Minggu, 26 Nopémber
  • Senén, 27 Nopémber
  • Salasa, 28 Nopémber
  • Rebo, 29 Nopémber
  • Kemis, 30 Nopémber
Ngulik Kitab Suci Unggal Poé—2023
es23 kaca 108-118

Nopémber

Rebo, 1 Nopémber

Maranéhna kabéh bakal diajar ku Yéhuwa.​—Yah. 6:45.

Sadérék meureun geus ngarasakeun bantuan séjénna ti Yéhuwa. Misalna, waktu aya nu teu resep kana warta urang, Yéhuwa ngabantu Sadérék supaya bisa tetep tenang. Terus, Yéhuwa gé ngabantu Sadérék inget kana ayat-ayat anu cocog pikeun dibagikeun ka jalma-jalma anu minat. Salian ti éta, lantaran dibantuan ku Yéhuwa, Sadérék bisa terus sumanget ngawawar najan panggih jeung jalma nu teu minat. (Yer. 20:7-9) Yéhuwa gé geus nunjukkeun kasaéana-Na ku cara ngalatih urang dines. Dina pasamoan tengah minggu aya conto bahasan nu ngajarkeun carana ngawawar ka batur. Urang gé dijurung pikeun nyobaan cara éta. Mimitina mah meureun urang asa-asa, da urang can pernah nyobaan. Tapi sanggeus dicoba, éh geuning cara éta téh cocog di daérah urang. Terus dina pasamoan jeung kongrés-kongrés, urang gé dijurung pikeun nyobaan rupa-rupa cara ngawawar. Mimitina mah meureun urang geumpeur, tapi lamun urang daék nyobaan, engké Yéhuwa bakal ngaberkahan urang. w21.08 27 ¶5-6

Kemis, 2 Nopémber

Gunakeun waktu aranjeun sahadé-hadéna, sabab jaman kiwari téh jahat.—Éf. 5:16.

Dina suratna ka urang Korintus, Rasul Paulus téh méré naséhat nu tegas. Terus, Titus nu dititah pikeun nganteurkeun suratna. Manéhna bungah waktu nyaho dulur-dulur saimanna daék narima naséhatna. (2 Kor. 7:6, 7) Para kokolot bisa nyonto tuladan Paulus ku cara sering-sering campur gaul jeung dulur saimanna. Salah sahiji carana téh nyaéta datang leuwih awal ka pasamoan supaya bisa ngobrol jeung nguatkeun sadérék-sadérék. Seringna mah, ngan butuh sababaraha menit pikeun nguatkeun dulur saiman. (Rm. 1:12) Kokolot gé bisa nuturkeun Paulus ku cara ngagunakeun Firman Allah pikeun nguatkeun iman sadérék-sadérékna jeung ngayakinkeun yén Allah téh nyaah ka maranéhna. Para kokolot bisa sering-sering muji maranéhna. Terus mun dulur saimanna perlu dibéré naséhat, kokolot perlu mastikeun yén naséhatna téh dumasar kana Alkitab. Maranéhna ogé perlu méré naséhat ku cara nu bageur supaya naséhatna bisa ditarima.​—Gal. 6:1. w22.03 28-29 ¶11-12

Jumaah, 3 Nopémber

Sanajan urang-urang téh siga wadah tina taneuh, harta ieu disimpen dina diri urang, supaya katingali jelas yén kasanggupan nu hébat téh asalna ti Allah, lain ti diri sorangan.​—2 Kor. 4:7.

Dina jaman ayeuna gé, Yéhuwa méré kakuatan nu luar biasa ka umat-Na supaya bisa terus satia ngalayanan Mantenna. Salah sahiji cara urang dikuatkeun ku Yéhuwa téh nyaéta liwat doa. Jiga nu dicatet dina Epesus 6:18, Rasul Paulus ngajurung urang pikeun terus ngadoa ka Allah dina ”sagala perkara”. Allah pasti nguatkeun urang. Kadang, meureun urang gé ngarasa teu sanggup nyanghareupan masalah-masalah urang, jeung teu nyaho kudu ngomong naon dina doa. Tapi sanajan urang hésé ngungkabkeun parasaan urang, Yéhuwa tetep hayang urang ngadoa. (Rum 8:26, 27) Mantenna ogé nguatkeun urang liwat Firman-Na, Alkitab. Paulus maca Kitab Suci supaya bisa ditegerkeun jeung meunang kakuatan. Urang bisa nurutan Paulus. (Rum 15:4) Waktu urang maca jeung ngalenyepan Alkitab, Yéhuwa bisa ngagunakeun roh suci-Na pikeun ngabantu urang ngarti kumaha ayat-ayat nu dibaca bisa ngabantu urang nyanghareupan masalah.​—Ibr. 4:12. w21.05 22 ¶8-10

Saptu, 4 Nopémber

Allah sorangan nu ngajurung aranjeun, ku cara méré kahayang jeung kakuatan.​—Flp. 2:13.

Urang pasti nganggap tugas pikeun ngajar batur téh sabagé hal anu penting, jadi urang hayang sabisa-bisa ngajalankeun tugas ieu. Tapi, meureun urang nyanghareupan tangtangan. Meureun urang ngarasa kaayaan urang kawates. Misalna, urang diajar pikeun mandu palajaran Alkitab ngagunakeun telepon atawa alat éléktronik séjénna. Na kaayaan Sadérék gé jiga kitu? Mun enya, sin inget yén salila pandémi, urang geus diajar pikeun mandu palajaran Alkitab ngagunakeun telepon atawa alat éléktronik séjénna. Jadi, urang bisa ngajarkeun Alkitab ka batur ti imah urang sorangan! Terus, aya hikmah séjénna. Urang jadi bisa ngajarkeun Alkitab ka batur dina waktu nu teu biasa. Sok aya nu daék diajar Alkitab, tapi maranéhna ngan bisa subuh-subuh atawa peuting-peuting. Na Sadérék daék ngupayakeun supaya bisa ngajarkeun Alkitab dina jam-jam sakitu? Baheula, Yésus ngajar Nikodémus peuting-peuting sabab Nikodémus bisana wayah kitu.​—Yoh. 3:1, 2. w21.07 5 ¶10-11

Minggu, 5 Nopémber

Ieu bangsa majar ngaku ka Kami teh ngan semet biwir, teu terus jeung hatena.​—Yes. 29:13.

Dina jaman Yésus, murid-muridna Yohanes Jurubaptis haréraneun ningali murid-muridna Yésus teu ngajalankeun puasa. Yésus ngajelaskeun yén murid-muridna teu kudu puasa lantaran anjeunna hirup kénéh. (Mat. 9:14-17) Tapi angger wéh, urang Parisi jeung jalma-jalma nu teu resep ka Yésus mah ngagogoréng anjeunna, lantaran Yésus teu nuturkeun kabiasaan urang Yahudi. Para pamingpin agama ngaku yén maranéhna ngajalankeun Sabat, matakna maranéhna ambek waktu Yésus nyageurkeun jalma nu gering dina poé Sabat. (Mar. 3:1-6; Yoh. 9:16) Tapi héranna, waktu ningali jalma-jalma dagang di bait, maranéhna kalah ka cicing waé. Malah mah, maranéhna jadi ambek ka Yésus waktu Yésus nyarékan para tukang dagang. (Mat. 21:12, 13, 15) Terus, waktu Yésus ngajar di imah ibadah di Nasarét, jalma-jalma di ditu ambek lantaran Yésus nyaritakeun sajarah Israil pikeun ngabolékérkeun yén maranéhna téh égois sarta teu boga iman. (Luk. 4:16, 25-30) Sikep Yésus ieu ngalantarankeun jalma-jalma embung jadi muridna.​—Mat. 11:16-19. w21.05 5-6 ¶13-14

Senén, 6 Nopémber

Urang apal muslihat-muslihatna.​—2 Kor. 2:11.

Yéhuwa ngajarkeun yén sipat sombong jeung sarakah téh bahaya pisan. Yéhuwa méré nyaho urang naon nu kaalaman ku jalma-jalma anu sombong jeung sarakah. Mun urang ngomongkeun sipat sarakah, urang meureun langsung kapikir ka Sétan si Iblis. Manéhna téh baheulana malaikatna Yéhuwa. Jadi, pasti Sétan boga loba tugas anu istiméwa. Tapi, Sétan ngarasa teu puas. Manéhna hayang disembah, padahal hiji-hijina Pribadi anu layak disembah téh ngan Yéhuwa hungkul. Terus, Sétan hayang jalma-jalma téh jiga manéhna. Jadi, Sétan mangaruhan jalma-jalma supaya ngarasa teu puas kana hal-hal anu geus dipiboga ku maranéhna. Mimitina pisan Sétan ngalakukeun hal éta téh waktu manéhna ngagoda Hawa. Yéhuwa geus méré loba dahareun keur Hawa jeung salakina. Maranéhna bisa ngadahar buah ti ”tangkal nu mana bae” nu aya di Taman Éden, ngan hiji tangkal anu teu meunang didahar buahna. (Kaj. 2:16) Tapi, Sétan nipu Hawa. Hawa jadi hayang ngadahar buah tina tangkal anu dilarang ku Yéhuwa. Ku sabab éta, Hawa nyieun dosa jeung ahirna maot.​—Kaj. 3:6, 19. w21.06 14 ¶2-3; 17 ¶9

Salasa, 7 Nopémber

Masing loba anak, turunan maraneh sing nepi ka minuhan ieu bumi sarta murba ka eta.​—Kaj. 1:28.

Yéhuwa hayang Adam jeung Hawa boga barudak jeung ngurus bumi. Mun maranéhna ngajalankeun tugasna, Adam jeung Hawa sarta turunanana bakal salilana jadi kulawargana Allah. Adam jeung Hawa geus dibéré kahormatan pikeun jadi kulawargana Yéhuwa. Dina Jabur 8:6, Daud nulis kieu ngeunaan manusa, ”Dipidamelna ku Gusti meh nyaruaan Gusti [atawa para malaikat, NW] ku manten, dimakutaan ku kamulyaan sareng kahormatan.” Mémang, manusa téh henteu dibéré kakuatan, kapinteran, jeung kasanggupan jiga para malaikat. (Jab. 103:20) Tapi, manusa téh ”meh nyaruaan” para malaikat anu perkasa. Hanjakalna, Adam jeung Hawa teu taat ka Yéhuwa, jadi wéh maranéhna teu bisa jadi kulawarga Yéhuwa deui. Turunan maranéhna gé ngarasakeun balukarna. Tapi, tujuan Yéhuwa téh teu barobah. Mantenna hayang manusa anu satia salilana jadi barudak-Na. w21.08 2-3 ¶2-4

Rebo, 8 Nopémber

Sabda [Yéhuwa], ”Paneja maneh bakal laksana; lain ku karana kakuatan balad lain ku karana tanaga maneh sorangan, tapi ku karana Roh Kami.”​—Za. 4:6.

Dina jaman ayeuna, umat Yéhuwa nyanghareupan rupa-rupa tangtangan. Misalna, aya nu cicing di nagri nu ngalarang kagiatan urang, maranéhna bisa waé ditéwak jeung ”dibawa ka hareupeun gubernur-gubernur jeung raja-raja” pikeun ngajelaskeun kapercayaan maranéhna. (Mat. 10:17,18) Aya ogé Saksi-Saksi nu meunang tangtangan séjénna. Misalna, maranéhna cicing di nagri nu teu ngalarang kagiatan urang, tapi meunang tangtangan ti kulawargana. Kulawargana hayang manéhna eureun ngawula Yéhuwa. Tapi ahirna maranéhna henteu nentang deui, maranéhna sadar moal bisa ngeureunkeun sadérék urang pikeun ngawula Yéhuwa. (Mat. 10:32, 36) Malah aya jalma-jalma nu baheulana nentang pisan, ahirna jadi Saksi nu sumanget pisan. Jadi lamun urang nyanghareupan tangtangan, ulah nyerah. Sing wani. Di pihak urang téh aya Yéhuwa jeung kawasa suci-Na nu luar biasa, jadi, urang teu kudu sieun ku nanaon! w22.03 16 ¶8

Kemis, 9 Nopémber

PANGERAN asiheun ka jalma nu ngamusuh kagorengan.​—Jab. 97:10.

Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa téh ijid kana ”sikep nu sombong, sungut nu bohong, leungeun nu maehan jalma teu salah”. (Sil. 6:16-19) Anjeunna gé mikaijid ”tukang maehan sareng tukang tipu”. (Jab. 5:5-7) Matakna dina jaman Nuh, Yéhuwa ngamusnakeun jalma-jalma jiga kitu lantaran dunya téh pinuh ku kalakuan maranéhna nu telenges. (Kaj. 6:13) Salian ti éta, liwat Nabi Malaki, Yéhuwa ngomong yén Anjeunna téh ijid ka jalma-jalma nu ngarancang-rancang ngarah bisa megatkeun batur hirupna. Anjeunna moal bakal narima ibadah maranéhna jeung bakal ngahakiman maranéhna. (Mal. 2:13-16; Ibr. 13:4) Yéhuwa hayang urang ”ijid kana hal-hal nu jahat”. (Rm. 12:9) Kecap ”ijid” di dieu ngagambarkeun parasaan nu kuat, nyaéta ngéwa jeung geuleuh pisan kana hiji hal. Jadi urang kudu mikaijid hal-hal nu dipikaijid ku Yéhuwa. w22.03 5 ¶11-12

Jumaah, 10 Nopémber

Bagja sakur anu nyalindung ka PANGERAN.​—Yes. 30:18.

Sakeudeung deui, Bapa urang di sawarga bakal ngaberkahan urang liwat Karajaana-Na. Kabéh anu ngaharep ka Yéhuwa bakal narima loba berkah, boh ayeuna boh engké di dunya anyar. Engké waktu umat Allah hirup di dunya anyar, maranéhna geus moal boga masalah deui. Kateuadilan jeung kanyeri gé bakal leungit. (Wahyu 21:4) Terus, urang geus teu kudu hariwang kumaha carana minuhan kabutuhan sapopoé, sabab sagalana geus disadiakeun ku Yéhuwa. (Jab. 72:16; Yes. 54:13) Éta téh berkah anu luar biasa pisan! Ayeuna, Yéhuwa keur nyiapkeun urang pikeun jadi rahayat tina Karajaana-Na. Mantenna ngabantu urang nyingkahan kabiasaan-kabiasaan goréng jeung ngamekarkeun sipat-sipat alus anu nyenangkeun haté Yéhuwa. Ulah leutik haté jeung ulah nyerah. Moal lila deui kahirupan urang bakal leuwih bagja! Bari neuteup mangsa ka hareup anu éndah, hayu urang sabar ngadagoan Yéhuwa ngalaksanakeun sakabéh tujuana-Na! w21.08 13 ¶17-19

Saptu, 11 Nopémber

Ulah poho nyieun kahadéan jeung babagi ka batur, da Allah resep kana korban-korban nu siga kitu.​—Ibr. 13:16.

Teu lila sanggeus urang Kristen di Yudéa narima surat ti Rasul Paulus, maranéhna téh kudu ninggalkeun imahna, pagawéanana, jeung kulawargana nu teu saiman. Terus maranéhna gé ”kudu kabur ka pagunungan”. (Mat. 24:16) Basa éta, maranéhna pasti kudu silih bantu. Lamun ti saacanna maranéhna geus ngalarapkeun naséhat Paulus pikeun babagi ka batur, maranéhna pasti bakal leuwih gampang pikeun hirup di tempat nu anyar. Bisa jadi, dulur-dulur saiman téh teu méré nyaho naon nu dibutuhkeun. Jadi, sing gampang dideukeutan. Urang pasti apal yén dulur-dulur saiman di sidang téh siap silih bantu. Maranéhna moal ngarasa dirérépot ku urang. Urang yakin maranéhna bakal nulungan waktu urang butuh bantuan, jeung urang gé pasti hayang mantuan mun aya nu butuh! w22.02 23-24 ¶13-15

Minggu, 12 Nopémber

Sabisa-bisa ngajaga kasatunggalan nu dihasilkeun ku kawasa suci, sarta hirup rukun.—Éf. 4:3.

Dina sababaraha taun ka tukang aya pangaturan anyar keur sidang-sidang jeung wilayah-wilayah. Lamun urang dipénta pikeun pindah sidang, meureun teu gampang keur urang pikeun ninggalkeun babaturan jeung kulawarga. Mémang, para kokolot henteu narima pituduh ti Yéhuwa pikeun mutuskeun unggal pawarta kudu pindah ka sidang mana. Bisa jadi éta nu ngalantarankeun urang hésé nuturkeun pituduh ti maranéhna. Tapi Yéhuwa percaya ka para kokolot pikeun mutuskeunana, urang gé kudu percaya ka maranéhna. Ku naon urang kudu daék ngadukung sarta nuturkeun putusan ti para kokolot sanajan urang teu pati satuju? Lamun urang ngalakukeunana, urang téh ngajaga umat Allah tetep rukun jeung ngahiji. Sidang ogé bakal leuwih gancang maju lamun kabéhanana daék nuturkeun putusan ti badan kokolot. (Ibr. 13:17) Tapi nu pangpentingna, lamun urang daék ngadukung jalma-jalma nu dipercaya ku Yéhuwa, urang téh némbongkeun yén urang percaya ka Anjeunna.​—Kis. 20:28. w22.02 4-5 ¶9-10

Senén, 13 Nopémber

Manéh kudu terus nyieun upaya dina maca di hareupeun umum, méré naséhat, jeung ngajar.​—1 Tim. 4:13.

Sadérék-sadérék pameget nu geus dibaptis, na Sadérék bisa ningkatkeun katarampilan ngajar Sadérék? Ku naon éta téh penting? Lamun Sadérék bener-bener upaya ngarah leuwih tarampil dina maca, nepikeun hutbah, jeung ngajar, éta bakal méré loba mangpaat keur dulur-dulur saiman. (1 Tim. 4:15) Pék tetepkeun tujuan pikeun diajar jeung ngalarapkeun katarampilan ngajar nu aya dina brosur Sing Leukeun dina Maca jeung Ngajar. Pilih rék diajar katarampilan nu mana heula, terus latihan bener-bener, jeung larapkeun waktu Sadérék nepikeun hutbah. Terus, Sadérék bisa ménta naséhat ti panaséhat ékstra atawa ti para kokolot nu tarampil dina nepikeun hutbah jeung ngajar. (1 Tim. 5:17) Tong ngan saukur mikirkeun kumaha carana Sadérék bisa leuwih tarampil. Tapi, pikirkeun kumaha carana Sadérék bisa nguatkeun iman jeung ngajurung dulur-dulur saiman nyieun tindakan. Ku kituna, Sadérék jeung maranéhna bisa leuwih bagja. w21.08 24 ¶17

Salasa, 14 Nopémber

Kudu rendah haté, nganggap batur leuwih unggul tibatan aranjeun.​—Flp. 2:3.

Mun urang nganggap batur leuwih hadé tibatan urang, urang moal ngarasa kasaingan mun aya jalma nu pangabisana leuwih loba tibatan urang. Sabalikna, urang bakal bungah. Komo mun maranéhna ngagunakeun pangabisana pikeun ngawula jeung ngamulyakeun Yéhuwa. Hasilna, urang kabéh bisa ngajaga karukunan, sidang gé bisa ngahiji. Mun urang narima kakurangan diri sorangan, urang moal sirikan. Terus mun rendah haté, urang moal hayang katingali leuwih hébat tibatan batur. Justru, urang hayang diajar ti jalma nu pangabisana leuwih loba tibatan urang. Misalna, mun aya sadérék anu pinter nepikeun hutbah, urang bisa nanya kumaha cara manéhna persiapan. Atawa mun aya sadérék istri anu pinter masak, urang bisa nanyakeun resépna. w21.07 16 ¶8-9

Rebo, 15 Nopémber

[Yéhuwa] satuhu sarta saestu.​—Pam. 32:4.

Dina buku Bilangan, Yéhuwa téh ngahukum pati urang Israél nu ngala suluh dina poé Sabat. Tapi sababaraha abad sanggeusna, dina buku dua Samuel, Yéhuwa téh daék ngahampura Raja Daud nu pernah jinah jeung maéhan saurang jalma. (Bil. 15:32, 35; 2 Sam. 12:9, 13) Meureun urang mikir, ’Ku naon Daud nu geus jinah jeung maéhan saurang jalma bet dihampura ku Yéhuwa, tapi ari lalaki nu katingalina kasalahanana teu pati sérius kalah ka dipaéhan?’ Alkitab teu ngajéntrékeun kabéh rincian ngeunaan hiji kisah. Misalna, urang apal yén Daud mah tobat tina dosa-dosana. (Jab. 51:4-6) Tapi ari jalma nu ngalanggar hukum Sabat kumaha? Naha enya manéhna ngarasa kaduhung? Kumaha baheulana, manéhna sok ngalanggar Hukum Allah teu? Waktu dibéré paringetan, manéhna daék ngadéngékeun atawa kalah ka nyapirakeunana? Mémang Alkitab teu ngajelaskeunana. Tapi urang apal Allah urang téh ”adil dina sagala tindakana-Na”.​—Jab. 145:17. w22.02 3 ¶3-4

Kemis, 16 Nopémber

Mending oge handap asor.​—Sil. 11:2.

Jalma nu handap asor téh moal maksakeun diri. Ku kituna manéhna bakal tetep senang jeung terus digawé. Sikep handap asor bisa diibaratkeun siga jalma nu keur nyetir mobil di tanjakan. Nu nyetir kudu nurunkeun gigi mobilna supaya bisa terus jalan. Mémang mobilna jadi leuwih laun, tapi bakal terus maju. Jalma nu handap asor gé nyaho iraha kudu nurunkeun gigi, jadi manéhna bisa terus ngawula Yéhuwa jeung mantuan batur. (Flp. 4:5) Perhatikeun conto ti Barsilai. Waktu umurna 80 taun, manéhna ditawaran ku Raja Daud pikeun digawé di istana. Tapi, ku lantaran Barsilai handap asor, manéhna nolak tawaran ti Raja. Manéhna téh sadar geus teu ngora deui, jadi manéhna geus teu bisa deui ngalakukeun saloba baheula. Barsilai ogé méré saran supaya Kimham anu leuwih ngora ti manéhna pikeun digawé di istana. (2 Sam. 19:35-37) Jiga Barsilai, sadérék nu sepuh téh bungah lamun bisa méré kasempetan ka nu leuwih ngora pikeun neruskeun pagawéanana. w21.09 10 ¶6-7

Jumaah, 17 Nopémber

Euweuh nu kenal ka Putra salian ti Bapa, jeung euweuh nu kenal ka Bapa salian ti Putra, sarta euweuh nu bisa kenal ka Bapa lamun teu dibéré nyaho ku Putra.​—Luk. 10:22.

Na Sadérék téh hésé ngabayangkeun Yéhuwa sabagé Bapa nu nyaahan? Bisa jadi urang ngarasa kitu sabab teu dipikanyaah ku Bapa urang sorangan, jadi teu kabayang Bapa nu nyaahan téh siga kumaha. Tapi sing yakin, Yéhuwa ngarti pisan kana parasaan urang. Malah, Yéhuwa hayang ngaraket ka urang. Dina Firman-Na urang dijurung, ”Pék ngaraket ka Allah, Anjeunna gé bakal ngaraket ka aranjeun.” (Yak. 4:8) Yéhuwa nyaah pisan ka urang jeung jangji bakal jadi Bapa nu panghadéna keur urang. Isa bisa ngabantu urang pikeun leuwih raket jeung Yéhuwa. Isa téh bener-bener kenal ka Yéhuwa, sipat-sipatna gé persis jiga Bapana. Malahan Isa ngomong, ”Saha waé nu ningali urang sarua jeung ningali Bapa.” (Yah. 14:9) Saperti saurang lanceuk, Isa ngajarkeun urang supaya ngahormat jeung taat ka Bapa, henteu nganyenyeri haté-Na, jeung jadi jalma nu dipikaresep ku Yéhuwa. Tapi pangpangna mah, Isa ngajarkeun Yéhuwa téh bageur pisan jeung nyaahan. w21.09 21 ¶4-5

Saptu, 18 Nopémber

Salaku pangangon, urus domba-domba Allah nu dipercayakeun ka aranjeun.​—1 Pét. 5:2.

Umat Allah mah ngahiji pikeun ibadah ka hiji-hijina Allah nu sajati. Yéhuwa téh mercayakeun tanggung jawab ka para kokolot pikeun ngajaga sidang tetep bersih. Lamun aya urang Kristen nu nyieun dosa sérius, Yéhuwa hayang para kokolot mutuskeun, jalma éta bisa tetep aya di sidang atawa henteu. Mimitina para kokolot kudu mastikeun, naha enya jelema éta bener-bener kaduhung kana kasalahanana? Bisa jadi manéhna téh ngaku geus tobat, tapi kumaha parasaan manéhna kana kalakuanana, manéhna ijid henteu? Naha bener manéhna embung ngalakukeun dosana deui? Lamun manéhna téh nyieun dosa lantaran kababawa ku babaturanana, manéhna daék teu ninggalkeun babaturanana éta? Para kokolot bakal ngadoa ka Yéhuwa, mastikeun kabéh faktana, néangan pituduh ti Alkitab, jeung mastikeun kumaha parasaan jalma éta kana kasalahanana. Sanggeus éta, para kokolot bakal mutuskeun, manéhna bisa tetep aya di sidang atawa henteu. Dina sababaraha kasus, aya jalma-jalma nu kudu dipecat.​—1 Kor. 5:11-13. w22.02 5 ¶11-12

Minggu, 19 Nopémber

Paké kapribadian nu anya.​—Kol. 3:10.

Teu sual urang kakara pisan dibaptis atawa geus mangpuluh-puluh taun, urang kabéh pasti hayang boga kapribadian nu dipikaresep ku Yéhuwa. Ku kituna, urang kudu ngadalikeun cara pikir urang. Ku naon? Lantaran kapribadian urang dipangaruhan pisan ku cara pikir urang. Lamun urang terus mikirkeun kahayang awak, urang bakal ngucapkeun jeung ngalampahkeun nu goréng. (Éf. 4:17-19) Kitu gé sabalikna, lamun urang mikirkeun nu hadé, omongan jeung kalakuan urang bakal nyenangkeun Bapa urang, Yéhuwa. (Gal. 5:16) Tapi, urang teu bisa nyegah kabéh pamikiran nu goréng. Tapi, urang bisa mutuskeun pikeun henteu ngalakukeunana. Saacan dibaptis, urang kudu eureun ngucapkeun jeung ngalakukeun sagala hal nu dipikaijid ku Yéhuwa. Éta hal penting nu kudu dilakukeun supaya urang bisa ngalaanan kapribadian nu heubeul. Pikeun bener-bener nyenangkeun Yéhuwa, urang gé kudu maké kapribadian nu anyar. w22.03 8 ¶1-2

Senén, 20 Nopémber

Dina hal-hal ieu, katémbong aranjeun téh ngalakukeun nu bener.​—2 Kor. 7:11.

Pasti teu gampang keur para kokolot pikeun ningali jelema nu nyieun dosa sérius téh geus bener-bener tobat atawa acan. Ku naon? Ku sabab para kokolot teu bisa maca haté. Jadi, para kokolot kudu néangan bukti-bukti nu nunjukkeun na manéhna téh geus barobah jeung mikaijid dosa nu dilakukeunana atawa acan. Maranéhna kudu bener-bener ningali na cara pikir, parasaan, jeung kalakuanana téh geus barobah atawa acan. Meureun manéhna butuh waktu nu lila supaya bisa barobah. Waktu saurang jalma nu dipecat bener-bener tobat, manéhna bakal rutin datang ka pasamoan jeung nuturkeun naséhat kokolot pikeun rutin ngadoa sarta diajar Alkitab. Manéhna gé bakal nyingkahan kaayaan nu bisa ngagoda manéhna nyieun dosa deui. Lamun manéhna sabisa-bisana mulihkeun deui hubunganana jeung Yéhuwa, manéhna bisa yakin Yéhuwa bakal bener-bener ngahampura. Para kokolot gé bakal ngabantu manéhna supaya bisa balik deui ka sidang. w21.10 6 ¶16-18

Salasa, 21 Nopémber

Ulah nyieun titironan saniskara anu aya di langit, atawa di bumi, . . . ulah nyembah atawa ngabakti ka brahala.​—Bud. 20:4, 5.

Isa nyaah pisan ka Yéhuwa, jadi waktu di sorga jeung di bumi Isa ngan nyembah ka Anjeunna hungkul. (Luk. 4:8) Kitu gé nu diajarkeun ku Isa ka murid-muridna. Isa jeung para muridna teu pernah ngagunakeun berhala dina ibadahna. Lantaran Allah téh Roh, teu aya jieunan manusa nu bisa ngagambarkeun kamulyaan Yéhuwa. (Yes. 46:5) Terus, kumaha lamun urang nyieun patung santo-santo jeung ngadoa ka maranéhna? Dina hukum nu kadua ti Sapuluh Paréntah, Yéhuwa nyebutkeun ayat poé ieu. Jadi, jalma-jalma nu hayang nyenangkeun Yéhuwa teu meunang ngagunakeun berhala pikeun ibadah. Para ahli sajarah méré nyaho yén dina abad kahiji, urang Kristen téh ngan nyembah ka Allah hungkul. Kiwari, Saksi-Saksi Yéhuwa nuturkeun conto ti urang Kristen dina abad kahiji. w21.10 19-20 ¶5-6

Rebo, 22 Nopémber

Nu aya di hateup imah, ulah turun jeung nyokotan barang-barang di jero imah.​—Mat. 24:17.

Isa ngingetkeun urang Kristen abad kahiji nu cicing di Yudéa, engké kota Yérusalém téh bakal ”dikepung ku pasukan prajurit”. (Luk. 21:20-24) Mun éta geus kajadian, maranéhna kudu geura ”kabur ka pagunungan” ngarah bisa salamet. Tapi, maranéhna gé kudu ninggalkeun harta bandana. Majalah Menara Pengawal sababaraha taun ka tukang pernah nulis kieu, ”Maranéhna ninggalkeun ladang, imah, jeung teu sempet ngumpulkeun harta bandana. Maranéhna yakin Yéhuwa bakal ngalindungan jeung ngurus maranéhna. Maranéhna gé ngutamakeun ibadah ka Allah tibatan hal-hal séjén nu katingalina penting.” Terus majalah éta gé nyebutkeun, ”Di mangsa ka hareup urang bisa waé nyanghareupan kajadian nu nguji pandangan urang kana hal matéri. Naon nu pangpentingna, hal matéri atawa kasalametan ti Yéhuwa ku lantaran urang taat? Waktu ahir éta datang, bisa jadi urang bakal nyanghareupan kasusah jeung kudu nyieun pangorbanan. Urang kudu siap ngalakukeunana.” w22.01 4 ¶7-8

Kemis, 23 Nopémber

Satia asih Gusti mulya luhur, nun Allah!​—Jab. 36:8.

Teu lila sanggeus urang Israél kaluar ti Mesir, Yéhuwa nyingkabkeun diri-Na ka Musa ngeunaan ngaran-Na jeung sipat-sipat-Na. Ceuk Anjeunna, ”Kami PANGERAN [Yéhuwa, NW], nya eta Allah anu sipat welas, sipat karunya, tara barangasan, sugih kaasih, sipat satuhu. Teguh kana jangji ka rebuan turunan, satia ngahampura dosa jeung kadorakaan.” (Bud. 34:6, 7) Dina kekecapan éta, Yéhuwa téh méré nyaho Musa ngeunaan hal nu luar biasa tina kaasih-Na. Naon éta téh? Yéhuwa ngajelaskeun yén kaasih Anjeunna téh salian langgeng, tapi sugih atawa jembar. Sipat ieu téh sababaraha kali disebutkeun dina Alkitab. (Bil. 14:18; Neh. 9:17; 13:22; Jab. 86:15; 145:8) Dina ayat-ayat éta, sipat sugih kaasih téh ngan ditujukeun keur Yéhuwa hungkul, lain keur manusa. Katingali Yéhuwa téh hayang bener-bener nandeskeun kaasih-Na nu langgeng dina Alkitab. Jadi jelas, sipat ieu téh penting pisan keur Anjeunna. w21.11 2-3 ¶3-4

Jumaah, 24 Nopémber

Ulah hariwang deui kana kahirupan.​—Mat. 6:25.

Para salaki pamajikan bisa diajar tina tuladan Rasul Pétrus jeung pamajikanana. Kira-kira genep bulan nepi ka sataun sanggeus panggih jeung Isa, Rasul Pétrus kudu nyieun putusan nu penting. Harita Pétrus téh digawé sabagé nalayan. Jadi waktu Isa ngajak Pétrus pikeun nuturkeun manéhna, Pétrus kudu mikirkeun kumaha pangaruhna ka kulawargana. (Luk. 5:1-11) Pétrus milih nuturkeun Isa jeung terus ngawawar. Katingalina, pamajikan Pétrus gé ngadukung putusan ieu. Alkitab nyaritakeun yén sanggeus Isa dihirupkeun deui, pamajikan Pétrus téh milu ngabaturan Pétrus dina sababaraha tugasna. (1 Kor. 9:5) Pasti pamajikan Pétrus téh pamajikan nu picontoeun, buktina Pétrus teu asa-asa waktu méré naséhat keur salaki pamajikan. (1 Pét. 3:1-7) Tangtu Pétrus jeung pamajikanana percaya pisan kana jangji Yéhuwa yén Anjeunna téh bakal nyumponan sakabéh pangabutuh maranéhna lamun ngutamakeun heula Pamaréntahan Allah.​—Mat. 6:31-34. w21.11 18 ¶14

Saptu, 25 Nopémber

Pék conto kuring.​—1 Kor. 11:1.

Rasul Paulus téh nyaah ka dulur-dulur saimanna, jadi Paulus mantuan maranéhna sakuat tanaga. (Kis. 20:31) Ku kituna, dulur-dulur saimanna gé nyaah pisan ka Paulus. Sakali waktu, pas para kokolot di Éfésus nyaho moal bisa panggih deui jeung Paulus, maranéhna ”ceurik tingsalegruk”. (Kis. 20:37) Para kokolot gé nyaah pisan ka dulur-dulur saimanna jeung bakal sabisa-bisa mantuan maranéhna. (Flp. 2:16, 17) Tapi, sakapeung para kokolot gé nyanghareupan tangtangan. Naon nu bisa ngabantu maranéhna? Para kokolot bisa mikirkeun tuladan ti Paulus. Paulus téh lain manusa super. Manéhna téh teu sampurna jeung sakapeung sok hésé pikeun ngalakukeun nu bener. (Rm. 7:18-20) Paulus gé nyanghareupan sababaraha tangtangan, tapi manéhna teu nyerah jeung bisa tetep suka bungah. Jadi lamun para kokolot nuturkeun tuladan Paulus, maranéhna bisa tetep bungah ngawula Yéhuwa sanajan aya tangtangan. w22.03 26 ¶1-2

Minggu, 26 Nopémber

Masing satia kana Sabat Kami. Ieu Kami PANGERAN Allah maraneh.​—Ima. 19:3.

Imamat 19:3 méré nyaho yén urang Israél téh kudu ngajalankeun Sabat. Ayeuna urang Kristen teu kudu ngajalankeun Torét, jadi Sabat nu baheula dijalankeun unggal minggu téh henteu kudu dituturkeun deui. Tapi, urang bisa diajar ti cara urang Israél ngajalankeun Sabat sarta mangpaatna. Sabat téh waktu pikeun eureun tina pagawéan sapopoé jeung waktu pikeun ngutamakeun hal rohani. Baheula, pas poé Sabat, Isa gé datang jeung maca firman Allah di tempat ibadah nu aya di lemburna. (Bud. 31:12-15; Luk. 4:16-18) Dina Imamat 19:3, Allah méré paréntah, ”Masing satia kana Sabat Kami.” Paréntah ieu ngajurung urang pikeun nyadiakeun leuwih loba waktu keur hal rohani. Na Sadérék ngarasa Sadérék téh sabenerna bisa leuwih nuturkeun paréntah ieu? Lamun Sadérék nyadiakeun leuwih loba waktu pikeun hal rohani, Sadérék bakal leuwih akrab jeung Yéhuwa. Hal ieu téh penting pisan supaya bisa jadi suci. w21.12 5 ¶13

Senén, 27 Nopémber

Urang datang téh lain rék néangan jalma bener, tapi jalma nu ngalampahkeun dosa sangkan tarobat.​—Luk. 5:32.

Waktu aya di bumi, Yésus daék gaul jeung kabéh jalma. Anjeunna dahar bareng jeung jalma-jalma anu baleunghar sarta boga kawasa. Tapi, Yésus gé daék gaul jeung jalma-jalma nu mariskin sarta digencét ku batur. Yésus karunyaeun ka jalma-jalma nu dianggap ”daroraka”. Éta anu nyababkeun sababaraha jalma anu sombong nolak Yésus. Maranéhna nanya ka murid-muridna Yésus, ”Naha maraneh wet dahar nginum bareng jeung tukang-tukang cuke jeung bangsa daroraka?” Yésus ngajawab ku kekecapan dina ayat poé ieu. (Luk. 5:29-31, SF) Jauh saacan Mésias datang, Nabi Yésaya geus ngaramalkeun yén Mésias moal ditarima ku dunya ieu. Nabi Yésaya nulis, ”Anjeunna ku [jalma-jalma] dihina, ditampik . . . Saurang ge euweuh nu hayangeun nenjo-nenjo acan ka anjeunna, ku urang teu dipalire, dianggap teu aya bae.” (Yes. 53:3) Mésias geus diramalkeun bakal ditampik ku jalma-jalma. Jadi, kuduna urang Yahudi geus nyaho yén Yésus bakal ditolak ku jalma-jalma. w21.05 8-9 ¶3-4

Salasa, 28 Nopémber

Ku bantuan Yéhuwa, manéhna bakal jadi séhat deui.​—Yak. 5:15.

Aya sababaraha urang Kristen mimiti, nu teu langsung ngajalankeun naséhat Kitab Suci. (Yak. 1:22) Nu séjénna aya nu sok pilih kasih jeung leuwih ngahormat ka nu beunghar. (Yak. 2:1-3) Aya ogé nu sok hésé ngadalikeun omonganana. (Yak. 3:8-10) Malah, aya sababaraha urang Kristen nu ngalakukeun kasalahan sérius. Tapi Yakobus yakin, maranéhna téh bisa barobah. Manéhna méré naséhat nu tegas tapi bijaksana. Yakobus gé ngajurung maranéhna supaya néangan bantuan ti para kokolot. (Yak. 5:13) Palajaranana: Sing rasrasan jeung tetep positif. Loba palajar Alkitab nu hésé ngalarapkeun naséhat Alkitab. (Yak. 4:1-4) Bisa jadi, maranéhna butuh waktu pikeun eureun ti kabiasaan goréngna jeung ngupayakeun sipat-sipat Kristen. Urang kudu wani méré nyaho maranéhna naon nu kudu dirobah. Urang gé kudu terus positif, sing percaya yén Yéhuwa téh narik jalma-jalma nu rendah haté jeung méré kakuatan ka maranéhna supaya bisa nyieun parobahan dina kahirupanana.​—Yak. 4:10. w22.01 11 ¶11-12

Rebo, 29 Nopémber

Lamun urang embung ngadenge jumeritna anu sangsara, engke mun urang sasambat menta tulung, moal aya nu malire.​—Sil. 21:13.

Kabéh urang Kristen perlu nyonto sipat welas ti Yéhuwa. Ku naon? Salah sahijina lantaran lamun urang teu némbongkeun sipat welas ka batur, doa urang moal didéngékeun ku Yéhuwa. Pasti urang hayang doa-doa urang téh didéngékeun ku Yéhuwa, ku kituna urang ulah jadi jalma anu teu karunyaan. Lamun aya dulur saiman nu keur susah, urang hayang ngadéngékeun ’jumerit maranehna anu sangsara’. Urang ogé hayang nuturkeun naséhat ti Alkitab anu nyebutkeun, ”Jalma nu teu némbongkeun welas asih bakal dihakiman tanpa welas asih.” (Yak. 2:13) Jadi mun urang mikirkeun sakumaha perluna urang dipikawelas, urang jadi leuwih hayang némbongkeun sipat welas ieu. Hususna, ka jalma anu balik deui ka sidang. Conto-conto dina Alkitab bisa ngabantu urang jadi jalma nu mikawelas batur, lainna jadi jalma nu kejem. w21.10 12 ¶16-17

Kemis, 30 Nopémber

Sok diuk daragoan di dieu, urang rék ngadoa ka ditu.​—Mat. 26:36.

Dina ahir palayananana di bumi, pas peuting saacan pupus, Isa néangan tempat nu sepi supaya bisa ngalenyepan jeung ngadoa ka Yéhuwa. Manéhna indit ka Taman Gétsemani. Harita, Isa méré nyaho murid-muridna ngeunaan pentingna ngadoa. Waktu maranéhna nepi di Taman Gétsemani, katingalina harita téh geus liwat tengah peuting. Isa nitah para rasul pikeun ”jaga-jaga”, geus kitu manéhna indit ngadoa. (Mat. 26:37-39) Tapi waktu Isa keur ngadoa, para rasul téh kalah ka kasaréan. Pas ningali para rasul saré, Isa nitah deui supaya maranéhna ”jaga-jaga bari terus ngadoa”. (Mat. 26:40, 41) Isa apal, para rasul téh keur loba pikiran jeung carapéeun. Isa karunyaeun jeung nyaho ’awak téh lemah’. Sanggeus éta, Isa dua kali deui indit pikeun ngadoa. Tapi unggal balik, para rasul téh saré deui saré deui, lainna ngadoa.​—Mat. 26:42-45. w22.01 28 ¶10-11

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun