ARTIKEL PALAJARAN 33
”Anu Ngadengekeun” Sadérék Bakal Disalametkeun
”Jaga diri ati-ati, awaskeun pangajaran. Sing rajin ngalakonan eta kabeh sangkan jamuga, boh hidep pribadi, boh anu ngadengekeun piwuruk-piwuruk hidep.”—1 TIM. 4:16.
KAWIH 67 Pék Émbarkeun!
NU DIBAHASa
1. Naon nu dipiharep ku urang ti kulawarga?
”TI MIMITI diajar bebeneran, hayangna mah sakabéh anggota kulawarga abdi asup ka Pirdaus bareng jeung abdi. Utamana, abdi hayang Wawan salaki abdi jeung budak lalaki abdi milu ngawula Yéhuwa,” ceuk Puput.b Naha aya kulawarga Sadérék nu can kenal jeung mikanyaah Yéhuwa? Meureun parasaan Sadérék sarua jeung Puput.
2. Pananya naon waé nu bakal dibahas?
2 Urang teu bisa maksa kulawarga narima warta hadé, tapi urang bisa ngabantu maranéhna muka haté jeung pikiranana kana warta Alkitab. (2 Tim. 3:14, 15) Ku naon urang kudu méré kasaksian ka kulawarga? Ku naon urang kudu rasrasan ka maranéhna? Naon nu bisa dilakukeun ku urang sangkan maranéhna mikanyaah Yéhuwa siga urang? Jeung, kumaha sidang bisa ngabantu?
KU NAON URANG KUDU MÉRÉ KASAKSIAN KA KULAWARGA?
3. Numutkeun 2 Petrus 3:9, ku naon urang kudu méré kasaksian ka kulawarga?
3 Moal lila deui, Yéhuwa bakal ngamusnakeun dunya ieu. Nu disalametkeun téh ngan jalma nu ”boga sikep nu bener pikeun meunangkeun hirup langgeng”. (Ras. 13:48, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Urang ngagunakeun loba waktu jeung tanaga pikeun ngawawar ka jalma-jalma nu teu dikenal, jadi wajar lamun urang hayang kulawarga urang gé ngawula Yéhuwa. Bapa urang nu nyaahan, Yéhuwa, hoyong ”manusa teh tarobat kabeh tina dosana, . . . henteu hoyong aya jelema anu cilaka saurang-urang acan”.—Baca 2 Petrus 3:9.
4. Waktu méré kasaksian ka kulawarga, urang sok nyieun kasalahan naon?
4 Urang kudu inget aya cara nu bener jeung aya cara nu salah pikeun nepikeun warta kasalametan. Bisa jadi, urang bijaksana waktu méré kasaksian ka jalma nu can dikenal, tapi ari ngomong ka kulawarga mah sok blak-blakan.
5. Naon nu kudu diinget saacan urang nyaritakeun bebeneran ka kulawarga?
5 Waktu inget deui cara urang mimiti méré kasaksian ka kulawarga, bisa jadi urang kaduhung, kuduna mah maké cara nu leuwih bijaksana. Rasul Paulus méré naséhat ka urang Kristen, ”Kecapna [salawasna, NW] sing merenah, kalimatna sing ngeunah, sing matak mikat, tapi sing bisa mere jawaban anu layak ka nu nyual.” (Kol. 4:5, 6) Alusna mah urang inget naséhat ieu waktu ngobrol jeung kulawarga. Lamun henteu, lainna kataji kana bebeneran, maranéhna ngadon ngajauhan urang.
NAON NU BISA DILAKUKEUN PIKEUN NGABANTU KULAWARGA?
Laku lampah jeung sikep Sadérék nu rasrasan bisa jadi kasaksian nu pangalusna (Tingali paragrap 6-8)d
6-7. Béré conto pentingna rasrasan ka batur hirup nu teu saiman.
6 Sing rasrasan. Ceuk Puput, nu disebutkeun saacanna, ”Mimitina mah abdi terus wé ngomongkeun hal-hal rohani ka salaki, tara ngomongkeun hal-hal sapopoé.” Padahal, salakina mah teu pati ngarti kana Alkitab, jadi manéhna teu ngarti naon nu diomongkeun ku Puput. Salakina ngarasa nu dipikiran ku Puput téh ngan agamana waé. Manéhna hariwang Puput geus katipu sarta kasasabkeun ku hiji sékte.
7 Puput ngaku manéhna osok euweuh di imah lamun peuting jeung ahir minggu. Biasana manéhna indit pikeun masamoan, ngawawar, sarta kumpul jeung dulur saiman. Puput ngomong, ”Sakapeung pas Wawan balik ka imah téh, di imah euweuh sasaha, manéhna ngarasa diculkeun.” Pasti Wawan hayangna mah balik ka imah téh aya pamajikan jeung budakna. Wawan teu apal Puput téh ngumpul jeung saha. Manéhna ngarasa Puput leuwih mentingkeun babaturan anyarna ti batan manéhna. Jadi, Wawan ngancam rék megatkeun Puput. Ceuk Sadérék, naha Puput bisa leuwih rasrasan ka salakina?
8. Numutkeun 1 Petrus 3:1, 2, naon nu leuwih diperhatikeun ku kulawarga?
8 Témbongkeun laku lampah nu hadé. Seringna mah kulawarga téh leuwih merhatikeun laku lampah urang ti batan omongan urang. (Baca 1 Petrus 3:1, 2.) Puput ahirna sadar kana hal ieu. Ceuk manéhna, ”Abdi nyaho Wawan téh nyaah ka urang jeung teu bener-bener hayang pepegatan. Tapi sanggeus diancam, abdi sadar abdi kudu ngalarapkeun naséhat Yéhuwa ngeunaan perkawinan. Ti batan loba ngomong, mending abdi némbongkeun laku lampah nu hadé.” Puput geus tara maksa Wawan ngabahas Alkitab, ayeuna manéhna leuwih sering ngobrolkeun hal-hal sapopoé. Wawan merhatikeun Puput jadi leuwih kalem, budakna gé jadi leuwih bageur. (Sil. 31:18, 27, 28) Waktu Wawan merhatikeun pangaruh alus Alkitab ka kulawargana, kakara manéhna daék muka pikiran jeung haténa kana warta tina Firman Allah.—1 Kor. 7:12-14, 16.
9. Ku naon urang kudu terus ngabantu kulawarga urang?
9 Terus bantu kulawarga Sadérék. Yéhuwa masihan tuladan. Mantenna teu bosen-bosen ngageuing jalma-jalma pikeun narima warta hadé jeung meunangkeun hirup langgeng. (Yer. 44:4) Rasul Paulus ngajurung Timoteus sangkan terus ngabantu batur lantaran éta bisa nyalametkeun dirina sorangan jeung saha waé nu ngadéngékeun manéhna. (1 Tim. 4:16) Urang nyaah ka kulawarga, jadi urang hayang maranéhna nyaho bebeneran Firman Allah. Omongan jeung laku lampah Puput ahirna ngageuing kulawargana. Manéhna ayeuna bungah pisan bisa ngawula Yéhuwa babarengan jeung salakina. Maranéhna duaan naratas, Wawan gé ayeuna jadi kokolot sidang.
10. Ku naon urang kudu sabar?
10 Sing sabar. Waktu urang ngarobah kapercayaan sarta kahirupan urang luyu jeung papakon Allah, éta bisa jadi hésé ditarima ku kulawarga urang. Hal mimiti nu biasana diperhatikeun ku maranéhna téh nyaéta urang teu miluan deui dina perayaan agama jeung kagiatan pulitik. Awalna mah bisa jadi aya nu ambek ka urang. (Mat. 10:35, 36) Tapi, ulah nyerah. Lamun urang eureun ngabantu maranéhna ngarti kana kapercayaan urang, éta sarua jeung ngahakiman yén maranéhna téh teu layak narima hirup langgeng. Tugas ngahakiman teu dipasihkeun ka urang, Yéhuwa masihkeunana ka Yésus. (Yoh. 5:22) Lamun urang sabar, bisa jadi ahirna maranéhna daék ngadéngékeun warta urang.—Tingali kotak ”Pék Mangpaatkeun Situs Internét Urang”.
11-13. Urang diajar naon tina cara Elis nyanghareupan kolotna?
11 Sing pengkuh tapi bijaksana. (Sil. 15:2) Perhatikeun conto Elis. Manéhna diajar ngeunaan Yéhuwa basa cicing jauh ti kolotna nu atéis jeung aktif dina kagiatan pulitik. Elis sadar kudu gancang méré nyaho kolotna ngeunaan hal-hal hadé tina Alkitab. Ceuk Elis, ”Lamun urang ngaengké-engké méré nyaho kulawarga ngeunaan kapercayaan jeung kagiatan urang nu anyar, maranéhna bakal leuwih hésé narimana.” Elis nulis surat ka kolotna, nanyakeun pandangan maranéhna ngeunaan topik-topik Alkitab nu katingalina bakal dipikaresep ku kolotna, saperti kaasih. (1 Kor. 13:1-13) Manéhna nganuhunkeun lantaran kolotna geus ngagedékeun jeung ngarawat manéhna, tuluy ngirim hadiah. Basa ngalongok kolotna, Elis sabisa-bisa mantuan indungna ngagawékeun tugas-tugas di imah. Tapi, mimitina mah kolotna teu resepeun waktu Elis nyaritakeun kapercayaanana nu anyar.
12 Basa Elis aya di imah kolotna, manéhna tetep maca Alkitab unggal poé. Ceuk Elis, ”Mamah jadi ngarti sakumaha penting Alkitab keur abdi.” Ningali éta, bapana Elis hayang maca Alkitab sangkan bisa ngarti ku naon budakna ngarobah kapercayaanana. Manéhna ogé rék néangan hal-hal nu salah dina Alkitab. Ceuk Elis, ”Abdi méré Alkitab ka Bapa jeung nuliskeun sababaraha kekecapan nu ngageuing haté manéhna.” Naon hasilna? Lainna manggihan hal-hal nu salah, bapana malah kageuing ku eusi Firman Allah.
13 Sanajan kudu nyanghareupan tangtangan, urang kudu tetep pengkuh tapi bijaksana. (1 Kor. 4:12b) Contona, Elis ditentang ku indungna. ”Waktu abdi dibaptis, Mamah ngomong abdi téh ’anak doraka’.” Kumaha réaksi Elis? ”Ti batan cicing, abdi ngajelaskeun ku cara nu sopan yén abdi geus mutuskeun jadi Saksi Yéhuwa jeung abdi moal ngarobah putusan éta. Abdi ogé ngayakinkeun Mamah, abdi nyaah pisan ka manéhna. Abdi duaan ceurik, geus kitu abdi mangmasakkeun dahareun karesepna. Ti saprak harita, Mamah ngaku Alkitab ngarobah abdi jadi jalma nu leuwih hadé.”
14. Ku naon urang kudu tetep pengkuh kana putusan urang?
14 Butuh waktu nepi ka kulawarga urang ngarti sakumaha penting ngawula Yéhuwa keur urang. Misalna, waktu Elis mutuskeun rék naratas lainna ngudag kariér nu dipikahayang ku kolotna, indungna ceurik deui. Tapi, Elis tetep pengkuh. Ceuk manéhna, ”Sakali waé urang ngéléhan, urang bakal didesek ku kulawarga pikeun ngalakukeun nu séjénna. Tapi lamun urangna bageur jeung tetep pengkuh, bisa jadi aya anggota kulawarga nu daék ngadéngékeun urang.” Éta nu kaalaman ku Elis. Indung bapana ayeuna naratas, bapana gé jadi kokolot sidang.
KUMAHA SIDANG BISA NGABANTU?
Kumaha sidang bisa ngabantu anggota kulawarga urang nu teu saiman? (Tingali paragrap 15-16)e
15. Dumasar kana Mateus 5:14-16 jeung 1 Petrus 2:12, kumaha ’kalakuan nu hade’ ti dulur saiman bisa ngabantu kulawarga urang?
15 Ku ’kalakuan nu hade’ ti hamba-hamba-Na, Yéhuwa narik jalma-jalma pikeun ngaraket ka Mantenna. (Baca Mateus 5:14-16; 1 Petrus 2:12.) Lamun batur hirup Sadérék lain Saksi, naha manéhna pernah panggih jeung anggota sidang? Puput, nu disebutkeun saacanna, ngajak dulur saiman nganjang ka imahna supaya salakina bisa kenal jeung maranéhna. Wawan inget manéhna teu salah paham deui ka Saksi lantaran aya saurang sadérék nu bageur ka manéhna, ”Sadérék éta cuti digawé supaya bisa maturan abdi lalajo maén bal di imah. Terus, abdi mikir, ’Jalma biasa geuningan!’”
16. Ku naon urang kudu ngondang kulawarga pikeun datang ka pasamoan?
16 Alus ogé lamun urang ngondang kulawarga pikeun datang ka pasamoan bareng jeung urang. (1 Kor. 14:24, 25) Pasamoan mimiti keur Wawan téh nyaéta Pangéling-ngéling. Éta cocog lantaran acarana sanggeus balik gawé jeung teu lila teuing. Ceuk manéhna, ”Abdi teu ngarti naon eusi hutbahna, nu diinget mah jalma-jalmana. Maranéhna nyalampeurkeun jeung nyalaman. Kabéhanana balalageur.” Aya sapasang salaki pamajikan nu bageur pisan ka Puput. Maranéhna osok maturan Puput jeung budakna di pasamoan jeung dina dines. Jadi waktu Wawan hayang diajar leuwih loba ngeunaan kapercayaan Puput, manéhna ménta supaya diajarna jeung sadérék pameget éta.
17. Dina hal naon Sadérék ulah nyalahkeun diri sorangan, tapi ku naon urang ulah nyerah ngabantu kulawarga urang?
17 Urang miharep kabéh kulawarga urang milu ngawula Yéhuwa. Tapi bisa jadi, sanggeus urang ngupayakeun sagala cara, maranéhna tetep wé teu jadi hamba Allah. Lamun kitu, ulah nyalahkeun diri sorangan. Urang pan teu bisa maksa batur boga kapercayaan nu sarua jeung urang. Tapi, lamun kulawarga ningali sakitu bagjana Sadérék ngawula Yéhuwa, bisa waé maranéhna kageuing. Pék doakeun maranéhna. Sing bijaksana waktu ngomong jeung maranéhna. Ulah nyerah! (Ras. 20:20, Sunda Formal) Sing yakin, Yéhuwa bakal ngaberkahan sagala upaya Sadérék. Lamun ahirna kulawarga Sadérék daék ngadéngékeun, maranéhna bisa salamet!
KAWIH 57 Ngawawar ka Sagala Jalma
a Urang hayang kulawarga urang wanoh ka Yéhuwa, tapi maranéhna sorangan nu kudu mutuskeun rék ngawula Mantenna atawa henteu. Artikel ieu bakal ngabahas kumaha carana supaya kulawarga urang leuwih daék ngadéngékeun warta urang.
b Sababaraha ngaran geus diganti. Dina artikel ieu, istilah ”kulawarga” kaasup ogé baraya nu can ngawula Yéhuwa.
c KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék ngora keur mantuan bapana nu teu saiman ngoméan mobil. Pas waktuna cocog, manéhna némbongkeun vidéo tina jw.org®.
d KATERANGAN GAMBAR: Saurang sadérék istri keur ngadéngékeun bener-bener salakina nu keur nyaritakeun kagiatanana. Terus, manéhna maén kartu bareng jeung kulawargana.
e KATERANGAN GAMBAR: Sadérék istri éta ngajak anggota sidang nganjang ka imahna. Maranéhna ngadeukeutan salakina. Ka dieunakeun, salakina milu datang ka Pangéling-ngéling.