PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp20 No. 3 kaca 10
  • Pék Terus Ngadoa Supaya Dipikaresep ku Gusti

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Pék Terus Ngadoa Supaya Dipikaresep ku Gusti
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • BUDALKEUN EUSI HATÉ
  • SEBUTKEUN NAMI GUSTI
  • PAKÉ BASA NU PALING DIPIKAHARTI
  • Kurnia Mangrupa Doa
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Beuki Deukeut jeung Allah ku Cara Ngadoa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Kumaha Supaya Doa Urang Didéngé ku Gusti?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Naha Doa Urang Didangukeun ku Yéhuwa?
    Dangukeun Gusti Sangkan Hirup Langgeng
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
wp20 No. 3 kaca 10
Lalaki Timur-Tengah keur ngadoa.

Gusti nu ”ngamakbul kana paneda” resep ngadangukeun doa urang.​—JABUR 65:3

Pék Terus Ngadoa Supaya Dipikaresep ku Gusti

Doa téh hadiah nu istiméwa ti Gusti keur manusa. Dina doa, manusa bisa komunikasi jeung ngungkabkeun parasaanna ka Gusti. Nabi Daud ngadoa, ”Gusti ngamakbul kana paneda, jalmi ti mana-mana bakal darongkap.” (Jabur 65:3) Tapi, kumaha supaya doa urang didangukeun jeung dijawab ku Gusti?

BUDALKEUN EUSI HATÉ

Waktu ngadoa, budalkeun sakabéh eusi haté anjeun ka Gusti. (Jabur 62:9) Nu Mahakawasa resep mun urang ngadoa tina haté.

SEBUTKEUN NAMI GUSTI

Gusti boga loba sebutan, misalna Nu Mahakawasa atawa Nu Nyipta. Tapi, nami-Na mah ngan hiji. ”Kami téh Yéhuwa.a Éta ngaran Kami.” (Yesaya 42:8, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Nami Yéhuwa muncul kira-kira 7.000 kali dina Kitab Suci. Loba nabi nyebutkeun nami Gusti waktu ngadoa. Misalna, Nabi Ibrahim ngadoa, ”Nun Yéhuwa Nu Maha Agung.” (Kajadian 15:2, NW) Waktu ngadoa, urang gé kudu nyebutkeun nami Gusti, nyaéta Yéhuwa.

PAKÉ BASA NU PALING DIPIKAHARTI

Gusti ngarti kabéh basa. Jadi urang rék ngadoa maké basa naon gé, Gusti ngarti kana pikiran jeung parasaan urang. Ceuk Kitab Suci, ”Mungguh di Allah mah jalmi teh sami. Bangsa naon oge upami ngabakti ka Mantenna sareng hade kalakuanana mah tangtos ku Mantenna diangken.”​—Rasul 10:34, 35.

Tapi mun hayang diberkahan ku Gusti, ngadoa wungkul teu cukup. Dina bagian saterusna, urang bakal ningali naon deui nu kudu urang lakukeun.

[Catetan Handap]

a Yéhuwa téh nami Gusti nu dicatet dina Kitab Suci.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun