PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp20 No. 3 kaca 11
  • Berkah-Berkah keur Jalma nu Nurut ka Gusti

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Berkah-Berkah keur Jalma nu Nurut ka Gusti
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1. URANG BAKAL BIJAKSANA
  • 2. URANG BAKAL BAGJA
  • Asih Allah téh Langgeng
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2020
wp20 No. 3 kaca 11
Hiji kulawarga resep bisa ngumpul bareng. Indungna keur masak jeung hiji budak awéwé. Bapana keur ningalian poto jeung budak awéwé séjénna.

Urang bakal bener-bener bagja lamun nurut kana paréntah Gusti

Berkah-Berkah keur Jalma nu Nurut ka Gusti

Ceuk Nabi Musa, mun urang nurut kana paréntah Gusti, urang bakal diberkahan. (Pamindo 10:13; 11:27) Urang nurut téh lain pedah sieun dihukum ku Gusti, tapi lantaran ngahargaan sipat-sipat hadé Gusti. Urang jadi nyaah jeung hayang nurut ka Gusti. Urang gé embung nguciwakeun Gusti. ”Tandana nyaah ka Allah teh nurut kana parentah Mantenna.”​—1 Yohanes 5:3.

Urang bakal meunang berkah naon mun nurut ka Gusti? Perhatikeun dua hal ieu.

1. URANG BAKAL BIJAKSANA

”Kami teh PANGERAN Allah maraneh, anu ngawurukan ka maraneh keur kapentingan maraneh keneh, nungtun kana jalan anu samistina.”​—YESAYA 48:17.

Yéhuwa, Gusti nu nyiptakeun urang, kenal pisan ka urang. Gusti gé nyadiakeun bingbingan supaya urang bisa nyieun putusan nu bijaksana. Jadi, urang kudu diajar tina Kitab Suci ngeunaan naon nu dipiharep ku Gusti ti urang, tuluy ngajalankeunana.

2. URANG BAKAL BAGJA

”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!”​—LUKAS 11:28.

Kiwari, jutaan jalma bagja pisan lantaran nuturkeun naséhat ti Gusti nu aya dina Kitab Suci. Misalna, perhatikeun conto saurang lalaki ti Spanyol. Manéhna téh gedé ambek jeung kasar ka batur, kaasup ka pamajikanana. Hiji poé, manéhna maca tulisan Nabi Musa ngeunaan Yusup, putrana Yakub. Yusup dijual sabagé budak beulian, terus dipanjara padahal teu salah nanaon. Sanajan kitu, manéhna tetep lemah lembut, sabar, jeung hampuraan. (Kajadian pasal 37-45) Ceuk lalaki tadi, ”Basa mikirkeun conto Yusup, abdi jadi hayang leuwih bageur ka batur, lemah lembut, jeung bisa nahan diri. Ayeuna, abdi jadi leuwih bagja.”

Kitab Suci méré nyaho kumaha sakuduna sikep urang ka batur. Bagian saterusna bakal ngabahas hal ieu leuwih jéntré.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun