Pawarta nawarkeun brosur Warta Pikabungaheun di Azerbaijan
Conto Kecap Panganteur
KULAWARGA SADÉRÉK BISA BAGJA
Pananya: Kumaha carana ngaréngsekeun masalah kulawarga?
Ayat: Sil 15:4
Nawarkeunana: Bacaan ieu nyadiakeun saran-saran nu hadé supaya kulawarga tiasa sabilulungan ngaréngsékeun masalah.
NGAJARKEUN BEBENERAN
Pananya: Naon tujuan manusa diciptakeun di bumi?
Ayat: Jab 37:29
Bebeneran: Allah nyiptakeun manusa pikeun hirup abadi di bumi.
WARTA PIKABUNGAHEUN TI ALLAH!
Pananya: Saur Sadérék, di mana urang tiasa kénging warta hadé? [Setél vidéo Naha Sadérék Hoyong Ngadangu Warta Pikabungaheun?]
Ayat: Yes 52:7a
Nawarkeunana: Dina bacaan ieu aya ’beja nu pitengtremeun’, sabab ngamuat warta tina Kitab Suci.
KECAP PANGANTEUR ABDI
Paké conto nu aya pikeun nyieun kecap panganteur Sadérék sorangan.