Saurang sadérék nawarkeun risalah Hirup Deui di Tuvalu
Conto Kecap Panganteur
SADARLAH!
Pananya: Ku naon urang kedah nyiapkeun diri pikeun mayunan musibat?
Ayat: Sil 27:12
Nawarkeunana: Bacaan ieu ngajelaskeun naon nu kedah dilakukeun saacan musibat datang, waktu musibat datang, sarta saatosna.
NGAJARKEUN BEBENERAN
Pananya: Kumaha carana urang nunjukkeun kanyaah ka Allah?
Ayat: 1Yoh 5:3
Bebeneran: Urang nunjukkeun kanyaah ka Allah ku cara nurut kana paréntah-paréntah-Na.
NAHA TIASA NU MAOT HIRUP DEUI? (T-35)
Pananya: Seueur jalmi di sakuliah dunya ngayakeun upacara unggal taun pikeun ngahormat ka nu maot. Naha urang gaduh harepan pikeun pendak deui sareng jalma dipikanyaah nu tos maot?
Ayat: Ras 24:15
Nawarkeunana: Bacaan ieu ngabahas ngeunaan harepan pihudangeunana nu maot. [Lamun bisa, setél vidéo Naon Harepan pikeun Nu Geus Maot?]
KECAP PANGANTEUR ABDI
Paké conto nu aya pikeun nyieun kecap panganteur Sadérék sorangan.