PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp21 No. 2 kaca 4-6
  • Na Dunya Ieu Bakal Dimusnakeun?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Na Dunya Ieu Bakal Dimusnakeun?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Naon nu Moal Bakal Musna?
  • Naon nu Bakal Musna?
  • NU DIBUTUHKEUN—Ahir ti Pamaréntahan Manusa
  • Naha Enya Bumi Bakal Diancurkeun?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Hikmah Ti Mangsa Katukang
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
wp21 No. 2 kaca 4-6
Hiji kulawarga keur dahar babarengan. Bapana keur manggang jeung neundeun dahareun di méja.

Na Dunya Ieu Bakal Dimusnakeun?

Meureun Anjeun geus apal mun Kitab Suci ngajelaskeun yén dunya ieu téh bakal dimusnakeun. (1 Yahya 2:17) Na nu dimusnakeun téh umat manusa? Na planét ieu moal bisa dicicingan deui, atawa bakal diancurkeun?

JAWABAN TI KITAB SUCI TÉH HENTEU!

Naon nu Moal Bakal Musna?

UMAT MANUSA

Ceuk Kitab Suci: Bumi ku Gusti ”dijadikeunana lain sangkan terus suwung, tapi supaya dicicingan ku manusa”.​—YESAYA 45:18.

Situ nu dikurilingan ku gunung-gunung jeung hutan.

PLANÉT BUMI

Ceuk Kitab Suci: ”Turunan nu ieu datang, turunan nu itu undur, sabalikna jagat mah tetep-tumetep.”​—PANDITA 1:4.

MAKSUDNA: Ceuk Kitab Suci, planét Bumi moal diancurkeun jeung bakal terus dicicingan. Jadi, naon maksudna kiamat téh?

PIKIRKEUN: Kitab Suci ngabandingkeun kiamat jeung kajadian baheula di jaman Nuh. Basa éta, ’dunya teh geus dedet ku kalakuan anu telenges’. (Kajadian 6:13) Tapi ari Nuh mah jelema anu bener. Jadi, Gusti ngalindungan Nuh jeung kulawargana tapi ngamusnakeun jalma jahat ku Caah Gedé. Ku kituna Kitab Suci nyebutkeun, ”Dibasmina oge eta dunya nu baheula teh ku cai deui, ku caah dunya.” (2 Petrus 3:6, Alkitab Bahasa Sunda 1991) Tah, siga kitu ahir dunya di jaman éta. Tapi naon nu dimusnakeun téh? Lain planétna, tapi jalma-jalma jahat nu aya di dunya. Jadi waktu Kitab Suci nyebutkeun ngeunaan ahir dunya, lain maksudna planét Bumina nu dimusnakeun. Sabalikna, nu dimusnakeun téh jalma-jalma jahat jeung kajahatan nu aya di dunya.

Naon nu Bakal Musna?

MASALAH JEUNG KAJAHATAN

Ceuk Kitab Suci: ”Nu jarahat bakal gancang musna, barang diteang geus teu araya. Demi anu sarareh budi, tangtu bakal kawaris tanah, hirupna senang ngahenang-ngahening.”​—JABUR 37:10, 11.

Gambar: 1. Maling nu keur ngarampog toko. 2. Saurang jalma keur nyogok hiji lalaki ku méré duit sakoper.

MAKSUDNA: Caah Gedé di jaman Nuh teu bener-bener ngaleungitkeun kajahatan. Malah sanggeus éta Caah, jalma-jalma jahat aya deui jeung nyieun hirup batur sangsara. Tapi moal lila deui, Gusti bakal ngamusnakeun kajahatan ku Pamaréntahana-Na. Saurang jalma nu nulis jabur ngomong, ”Nu jarahat bakal gancang musna.” Pamaréntahan Gusti nu aya di sorga bakal numpes kajahatan. Rahayatna téh ngan jalma-jalma nu taat ka Gusti.

PIKIRKEUN: Na pamaréntahan dunya bakal ngadukung Pamaréntahan Gusti? Ceuk Kitab Suci mah henteu, justru maranéhna bakal ngalawan. (Jabur 2:2) Terus, naon nu bakal dilakukeun ku Pamaréntahan Gusti? Pamaréntahan Gusti bakal ngagantikeun kabéh pamaréntahan manusa, ”lajeng ngadeg salalanggengna”. (Daniel 2:44) Tapi, ku naon pamaréntahan manusa kudu dimusnakeun?

NU DIBUTUHKEUN—Ahir ti Pamaréntahan Manusa

Ceuk Kitab Suci: ”Nun PANGERAN, abdi terang manusa mah teu kawasa nangtoskeun nasibna, teu kawasa nangtoskeun hirupna.”​—YEREMIA 10:23.

Jalma-jalma ngaliwatan témbok nu pinuh ku poster-poster kampanyeu pulitik.

MAKSUDNA: Basa diciptakeun, manusa teu dibéré kamampuh keur maréntah dirina sorangan. Maranéhna teu bisa maréntah ku cara nu bener, komo deui ngaleungitkeun masalah umat manusa.

PIKIRKEUN: Britanica Academic nyebutkeun, pamaréntahan manusa mah teu bisa ”nyingkirkeun musuh umat manusa siga kamiskinan, kalaparan, panyakit, musibat alam, perang, atawa kakerasan”. Terus eta réferénsi nyebutkeun, ”Aya . . . nu percaya, lamun di dunya ngan aya hiji pamaréntahan, kakara bisa nyieun tindakan teges pikeun merangan musuh umat manusa éta.” Tapi sanajan kabéh pamaréntahan ngahiji, angger wéh nu maréntahna téh manusa nu teu sampurna, nu moal sanggup nyingkirkeun masalah-masalah éta. Ngan Pamaréntahan Gusti nu sanggup nyingkirkeun sakabéh masalah sadunya keur salilana.

Jadi ceuk Kitab Suci, jalma bageur mah teu kudu sieun ka ahir dunya. Sabalikna ieu téh kajadian nu diarep-arep ku maranéhna, lantaran dunya nu ruksak ieu bakal digantikeun ku dunya anyar nu leuwih hadé ti Gusti.

Iraha ieu bakal ngawujud? Artikel saterusna bakal ngajelaskeun jawaban tina Kitab Suci.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun