PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp21 No. 2 kaca 7-9
  • Iraha Ahir Dunya téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Iraha Ahir Dunya téh?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • KEKECAPAN ISA AL-MASIH NGEUNAAN AHIR DUNYA:
  • TANDA-TANDANA
  • ”AHIR JAMAN”
  • PIRDAUS DI BUMI GEUS TÉRÉH!
  • Naha Ahir Dunya téh Geus Deukeut?
    Naon nu Diajarkeun Kitab Suci?
  • Pirdus Geus Santek!
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
  • Naon Tanda ”Ahir Jaman” téh?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
wp21 No. 2 kaca 7-9
Isa ngajelaskeun tanda-tanda ahir jaman ka rasul-rasulna.

Iraha Ahir Dunya téh?

Di artikel saacanna, Kitab Suci geus ngajarkeun ngeunaan ahir dunya. Nu dimaksud téh lain umat manusa atawa planétna nu bakal musna, tapi pamaréntahan dunya nu jahat jeung kabéh jalma nu ngadukungna. Na Kitab Suci méré nyaho iraha éta bakal kajadian? Hayu urang perhatikeun naon nu disebutkeun ku Isa Al-Masih.

KEKECAPAN ISA AL-MASIH NGEUNAAN AHIR DUNYA:

”Jadi, maranéh kudu terus waspada sabab maranéh teu nyaho poé jeung jamna.”​—MATIUS 25:13.

”Maranéh kudu terus sadar jeung waspada, sabab maranéh teu nyaho waktu nu geus ditangtukeun éta.”​—MARKUS 13:33.

Euweuh nu nyaho iraha percisna ahir dunya téh. Tapi, Gusti geus nangtukeun ”poé jeung jamna”. (Matius 24:36) Jadi, na ieu hartina urang moal nyaho mun ahir dunya geus téréh? Henteu. Isa méré nyaho murid-muridna ngeunaan tanda-tanda nu nunjukkeun yén ahir dunya téh geus téréh.

TANDA-TANDANA

Bakal aya sababaraha kajadian nu jadi ”tandana panungtungan jaman” ieu. Ceuk Isa, ”Bangsa-bangsa bakal silih perangan, karajaan-karajaan oge bakal silih perangan, sarta bakal aya kalaparan jeung lini di mana-mana.” (Matius 24:3, 7) Anjeunna gé nyebutkeun, bakal aya ”wabah panyakit”, atawa pandémi. (Lukas 21:11) Na Anjeun ningali mun tanda-tanda ieu téh geus kajadian?

Ayeuna loba jalma sangsara lantaran perang, kalaparan, lini, jeung rupa-rupa panyakit. Contona dina taun 2004, hiji lini gedé di Samudra Hindia nyababkeun tsunami nu maéhan kira-kira 225.000 jalma. Salila tilu taun, pandémi COVID-19 geus maéhan kira-kira 6,9 juta jalma di sakuliah dunya. Ceuk Isa, kajadian-kajadian sarupa kieu téh nandakeun yén ahir dunya ieu geus téréh.

”AHIR JAMAN”

Kitab Suci ngajelaskeun yén mangsa waktu saacan poé kiamat téh disebutna ”ahir jaman”. (2 Pétrus 3:3, 4) Ceuk 2 Timotius 3:1-5, tandana ahir jaman téh ahlak jalma-jalma bakal leuwih ancur tibatan saacanna. (Tingali Kotak ”Kajadian-Kajadian Saacan Ahir Dunya”.) Na Anjeun ningali loba jalma ayeuna téh mentingkeun dirina sorangan, sarakah, bengis, jeung teu nyaah ka batur? Ieu gé jadi bukti yén ayeuna geus téréh kiamat.

Sabaraha lila deui ahir jaman téh? Ceuk Kitab Suci, ”waktuna kari saeutik deui.” Sanggeusna, Gusti bakal ”ngabinasakeun jalma-jalma nu keur ngaruksak bumi”.​—Wahyu 11:15-18; 12:12.

Perang

Prajurit keur ngabedilan musuh dina pérang.
  • Ti 2007 nepi ka 2017, jumlah jalma nu paéh lantaran konflik bersenjata jeung térorisme naék 118 persén

Panyakit

Saurang lalaki keur gering di rumah sakit.
  • Nu panglobana maéhan téh panyakit jantung, paru-paru, stroke, panyakit kelainan dina orok nu kakara lahir, diaré, kanker, jeung TBC

Kalaparan

Saurang budak awéwé nu kalaparan nyekelan mangkok.
  • Dina taun 2021, 9,8 persén ti sakabéh penduduk dunya téh kalaparan sarta kurang leuwih sapertilu ti sakabéh budak nu umurna di handap 5 taun téh kakurangan gizi jeung awakna cacad

Pangwawaran Sadunya

Saksi-Saksi Yéhuwa keur ngobrol jeung saurang lalaki di gigireun rak majalah.
  • Aya leuwih ti 8,6 juta pawarta (Saksi-Saksi Yéhuwa) nu nyebarkeun bacaan tina Kitab Suci dina 1.000 basa leuwih di 240 nagri

PIRDAUS DI BUMI GEUS TÉRÉH!

Gusti geus nangtukeun poé jeung jam pikeun ngamusnakeun pamaréntahan dunya nu jahat ieu. (Matius 24:36) Tapi, aya warta gumbira! Gusti ”teu hayang saurang-urang acan dibinasakeun”. (2 Pétrus 3:9) Anjeunna méré urang kasempetan pikeun diajar jeung taat ka parentah-Na. Ku naon? Lantaran Anjeunna hayang urang salamet tina ahir dunya jeung bisa hirup di bumi nu geus jadi pirdaus.

Gusti ngatur supaya kabéh jalma bisa diajar carana hirup di dunya anyar nu bakal diwujudkeun ku Pamaréntahana-Na. Ceuk Isa, warta gumbira ngeunaan Pamaréntahan Gusti bakal diwartakeun ”ka sakuliah dunya”. (Matius 24:14) Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya ngagunakeun milyaran jam pikeun ngawawar jeung ngajarkeun harepan tina Kitab Suci ka jalma-jalma. Ceuk Isa, kagiatan pangwawaran bakal nepi ka tungtung bumi kakara ahir dunya datang.

Pamaréntahan manusa geus téréh dimusnakeun. Tapi sabenerna, Anjeun bisa salamet tina ahir dunya sarta hirup di Pirdaus di bumi nu geus dijangjikeun ku Gusti. Artikel saterusna bakal ngabahas carana sangkan Anjeun bisa hirup di dinya.

KAJADIAN-KAJADIAN SAACAN AHIR DUNYA

”Kuring hayang manéh apal yén dina ahir jaman, kaayaanana téh bakal susah jeung bahaya, sabab jalma-jalma ngan nyaah ka dirina sorangan, mata duitan, gedé omong, sombong, sok ngahina, teu nurut ka kolot, tara nganuhunkeun, teu satia, teu nyaahan, teu daék akur jeung batur, resep mitnah, teu bisa nahan diri, bengis, teu resep kana kahadéan, resep ngahianat, heuras beuheung, gedé hulu, leuwih resep senang-senang tibatan nyaah ka Gusti, jeung di hareupeun batur mah siga jalma soléh padahal hirupna teu kitu. Jauhan jalma-jalma nu kararitu.”​—2 TIMOTIUS 3:1-5.

Ramalan Isa ngeunaan ”ahir jaman” méré harepan keur urang

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun