PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp21 No. 2 kaca 10-12
  • Kumaha Carana Supaya Anjeun Bisa Hirup di Dunya Anyar?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Carana Supaya Anjeun Bisa Hirup di Dunya Anyar?
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • BISA SALAMET LAMUN NGARAKET KA GUSTI
  • BACA KITAB SUCI UNGGAL POÉ
  • NGADOA MÉNTA TULUNG KA GUSTI
  • Kumaha Urang Bisa Hirup Salilana?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Anjeun Bisa Hirup Salalanggengna di Planét Bumi
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2018
  • Urang Bisa Hirup Salilana
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Tujuan Yéhuwa Pasti Laksana!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2021
wp21 No. 2 kaca 10-12

Kumaha Carana Supaya Anjeun Bisa Hirup di Dunya Anyar?

Di artikel saacanna, urang geus ngabahas yén Gusti sakeudeung deui bakal ngabinasakeun sistim dunya nu jahat ieu jeung kabéh masalahna. Urang bisa yakin hal éta bakal ngawujud. Ku naon? Lantaran Gusti jangji dina Kitab Suci:

”Dunya ieu . . . téréh euweuh.”—1 YAHYA 2:17.

Urang yakin yén aya nu bisa salamet lantaran ayat éta ogé jangji:

”Jalma nu ngalakukeun kahayang Allah bakal hirup salilana.”

Ku kituna supaya urang bisa salamet, urang kudu nuturkeun kahayang Gusti. Pikeun nyaho kahayang Gusti, urang kudu wanoh heula ka Anjeunna.

BISA SALAMET LAMUN NGARAKET KA GUSTI

Gambar: 1. Saurang suster nu kacapéan keur cingogo. 2. Manéhna keur reureuh di kafé terus ningali batur gawéna meni resep maca majalah. 3. Batur gawéna macakeun ayat Alkitab jeung méré kartu kontak jw.org.

Ceuk Isa, ”Sangkan bisa hirup langgeng, maranéhna kudu wanoh ka Bapa, Allah sajati nu ngan hiji.” (Yahya 17:3) Supaya bisa salamet ti ahir dunya jeung hirup langgeng, urang kudu wanoh heula ka Gusti. Maksudna, urang teu ngan saukur nyaho jeung percaya Gusti téh aya, tapi urang kudu jadi sobat-Na. Lamun hayang beuki raket jeung sobat urang, urang kudu nyadiakeun leuwih loba waktu jeung manéhna. Kitu ogé lamun urang hayang nyobat jeung Gusti. Perhatikeun sababaraha bebeneran tina Kitab Suci nu bisa ngabantu urang mekarkeun sarta ngajaga sosobatan jeung Gusti.

Tina Kitab Suci, Urang Diajar:

Basa di imah, suster ieu muka situs jw.org.

Gusti hayang urang hirup di Pirdaus.

Gusti nyiptakeun manusa mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, sina hirup di taman nu kacida éndahna di bumi, nu disebut Taman Éden. Tadina mah maranéhna téh sampurna. Gusti gé geus nyadiakeun sagala pangabutuh maranéhna supaya hirupna bagja. Mimitina, maranéhna bisa hirup langgeng jeung moal bakal maot lamun terus nyobat jeung Gusti. Hanjakalna, maranéhna milih pikeun teu taat kana hiji paréntah Gusti.

Nu nyababkeun urang sangsara.

Lantaran teu taat ka Gusti, Adam jeung sakabéh umat manusa jadi teu bisa hirup langgeng. Kitab Suci ngajelaskeun, ”Dosa asup ka dunya ku lantaran saurang jalma, éta dosa mawa maot, ku kituna maot téh nyebar ka sakabéh manusa.” (Roma 5:12) Sakumaha saurang kolot bisa ngawariskeun panyakit turunan ka budakna, Adam gé ngawariskeun kateusampurnaan ka turunanana. Balukarna, turunan Adam jadi ngolotan jeung maot.

Nu dilakukeun ku Gusti keur nulungan urang.

Ceuk Kitab Suci, ”Allah nyaah pisan ka dunya ieu nepi ka masrahkeun Putra hiji-hijina supaya unggal jalma nu boga iman ka manéhna moal binasa tapi bisa meunangkeun hirup langgeng.” (Yahya 3:16) Gusti ngutus Isa ka dunya pikeun ngorbankeun nyawana keur umat manusa. Prabhakar, saurang priya ti India nu umurna 86 taun, nyaritakeun parasaanana kana kanyaah Gusti. Manéhna ngomong, ”Kabukti Yéhuwaa téh sakitu nyaahna ka abdi. Lantaran Gusti nyaah ka abdi, abdi jadi boga harepan pikeun hirup langgeng.”

Carana ngahargaan pangorbanan Gusti keur urang.

Ceuk Kitab Suci, urang bisa ngahargaan pangorbanan Gusti keur urang ku cara ”nurut kana paréntah-paréntahna”. (1 Yahya 2:3) Gusti Yéhuwa nunjukkeun carana supaya urang bisa hirup bagja ayeuna. (Yesaya 48:17, 18) Gusti embung urang sangsara. Anjeunna jangji, lamun urang nuturkeun paréntah-Na, urang moal saukur bagja ayeuna, tapi ogé bisa boga kasempetan pikeun hirup langgeng.

BACA KITAB SUCI UNGGAL POÉ

Suster éta ningali ka luhur sanggeus maca Alkitab waktu keur reureuh.

Anjeun bisa salamet ti ahir dunya ku cara ngadoa ménta tulung ka Gusti jeung nuturkeun kahayang-Na

Urang kudu dahar unggal poé supaya bisa tetep hirup. Tapi Isa ngomong, ”Manusa téh hirup lain ku dahareun hungkul tapi ogé ku unggal kekecapan Yéhuwa.”​—Matius 4:4.

Ayeuna, kekecapan Yéhuwa aya dina Kitab Suci. Lamun diajar Kitab Suci, Anjeun bakal apal naon nu geus dilakukeun ku Gusti keur umat manusa. Anjeun ogé bakal diajar naon nu keur dilakukeun sarta bakal dilakukeun ku Gusti di mangsa kahareup.

NGADOA MÉNTA TULUNG KA GUSTI

Urang hayang nuturkeun bingbingan ti Gusti, tapi bisa jadi rék eureun ngalakukeun nu salah téh hésé. Lamun kitu, naon nu bisa urang lakukeun? Urang kudu ngaraket ka Gusti.

Saurang awéwé nu ngaranna Sakura baheulana osok ngalakukeun hal-hal cabul. Basa diajar Kitab Suci, manéhna jadi apal kana paréntah Gusti pikeun ”nyingkah tina lampah cabul”. (1 Korintus 6:18) Sakura ngadoa ka Gusti, ménta kakuatan supaya bisa eureun ngalakukeun hal-hal cabul. Tapi, manéhna masih kudu terus bajoang ngalawan godaan éta. Manéhna ngomong, ”Lamun pikiran-pikiran cabul ujug-ujug muncul, abdi langsung ngadoa ménta tulung ka Yéhuwa. Abdi nyaho, abdi moal bisa nolak godaan lamun henteu dibantu ku Yéhuwa. Doa ngaraketkeun abdi jeung Yéhuwa.” Siga Sakura, jutaan jalma hayang ngaraket ka Gusti. Anjeunna méré kakuatan supaya maranéhna bisa nyieun parobahan dina kahirupanana jeung bisa nyenangkeun Anjeunna.​—Filipi 4:13.

Beuki loba diajar ngeunaan Gusti, Anjeun bakal beuki ”dikenal ku Allah” sabagé sobat-Na. (Galatia 4:9; Jabur 25:14) Terus, Anjeun bakal minuhan sarat pikeun hirup dina Pamaréntahan Gusti. Tapi, siga kumaha kahirupan dina Pamaréntahan Gusti téh? Artikel saterusna bakal ngajelaskeun hal éta.

a Yéhuwa téh nami Gusti dina Kitab Suci.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun