PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp22 No. 1 kaca 6-7
  • 1 | Ulah Ngabéda-béda

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 1 | Ulah Ngabéda-béda
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Pangajaran Kitab Suci:
  • Maksudna:
  • Nu Bisa Dilakukeun:
  • 3 | Piceun Pikiran Goréng Sangka
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Carana Supaya Teu Ijid Deui ka Batur
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Ku Naon Loba Jalma Silih Mikaijid?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Urang Bisa Ngalawan Parasaan Ijid!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
wp22 No. 1 kaca 6-7
Jalma nu kulitna hideung keur nyepeng poto jalma nu kulitna bodas, kitu ogé sabalikna. Di tukangeunana aya poto jalma-jalma nu keur ambek.

CARANA SUPAYA TEU IJID DEUI KA BATUR

1 | Ulah Ngabéda-béda

Pangajaran Kitab Suci:

”Allah mah teu ngabéda-béda jalma. Tapi, jalma-jalma ti bangsa naon waé nu hormat ka Anjeunna jeung ngalampahkeun nu bener ditarima ku Anjeunna.”​—KISAH 10:34, 35.

Maksudna:

Gusti Yéhuwaa teu nganggap penting bangsa, kaom, warna kulit, atawa kabudayaan urang. Sabalikna, nu penting keur Gusti mah eusi haté urang, nyaéta pikiran sarta kahayang urang. Kitab Suci ngajarkeun, ”Manusa mah ningali luarna, ari Yéhuwa mah ningali haténa.”​—1 Samuél 16:7, Terjemahan Dunia Baru (NW).

Nu Bisa Dilakukeun:

Mémang urang teu bisa ningali eusi haté batur, tapi urang sabisa-bisa nyonto Gusti nu teu ngabéda-béda jalma. Ulah ningali jalma tina asalna, tapi tingali kapribadianana. Lamun anjeun ngarasa boga pikiran goréng ka hiji kaom atawa bangsa, pék ngadoa ka Gusti supaya bisa ngaleungitkeun pikiran éta. (Jabur 139:23, 24) Lamun anjeun ménta bantuan ka Yéhuwa pikeun teu ngabéda-béda jalma, Anjeunna bakal ngadéngékeun doa anjeun jeung bakal mantuan.​—1 Pétrus 3:12.

a Yéhuwa téh nami Gusti dina Kitab Suci.​—Jabur 83:18, NW.

”Abdi teu pernah bisa diuk bareng jeung jalma nu kulitna bodas, . . . Ayeuna, abdi jadi boga kulawarga rohani di sakuliah dunya.”​—TITUS

Pangalaman​—TITUS

Ngalawan Parasaan Ijid

Titus.

Titus téh teu resep pisan kana hukum nu ngarugikeun hiji kaom di daérahna. Jadi manéhna ngagabung ka géng nu boga pandangan nu sarua. Manéhna ngomong, ”Urang ngahaja néang-néang masalah di tempat-tempat anu teu narima jalma nu kulitna hideung, siga di hotél jeung bar.” Lantaran ijid pisan kana hukum éta, Titus téh jadi jalma nu gedé ambek. Manéhna nyarita, ”Mun aya nu paadu omong jeung urang, rék éta lalaki atawa awéwé, pasti urang ti heula nu neunggeul manéhna.”

Sanggeus diajar Kitab Suci jeung Saksi-Saksi Yéhuwa, sikep Titus mulai barobah. Haténa kageuing waktu maca hiji jangji tina Kitab Suci. Jangjina nyebutkeun yén engké di dunya anyar ”moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri”.​—Wahyu 21:3, 4.

Mimitina Titus ngarasa hésé pikeun nyingkirkeun parasaan ijid tina haténa. Ceuk manéhna, ”Abdi bajoang pikeun ngarobah cara pikir jeung lalampahan abdi.” Manéhna beuki kageuing pikeun barobah sanggeus maca Kisah 10:34, 35 nu nyebutkeun yén Gusti mah teu ngabéda-bédakeun jalma.

Naon hasilna? Titus nyarita, ”Abdi beuki yakin Saksi-Saksi Yéhuwa téh ngajarkeun jeung ngajalankeun nu bener waktu abdi ningali maranéhna silih pikanyaah, sanajan kaom jeung warna kulitna béda-béda. Malahan saacan abdi dibaptis, aya sadérék nu kulitna bodas ngondang abdi ka imahna pikeun dahar bareng. Asa jiga keur ngimpi. Abdi teu pernah bisa diuk bareng jeung jalma nu kulitna bodas, komo deui dahar bareng. Ayeuna, abdi jadi boga kulawarga rohani di sakuliah dunya.”

Tingali carita Titus dina majalah Menara Pengawal 1 Agustus 2009, kaca 28-29.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun