PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp22 No. 1 kaca 8-9
  • 2 | Ulah Ngabales

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 2 | Ulah Ngabales
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Pangajaran Kitab Suci:
  • Maksudna:
  • Nu Bisa Dilakukeun:
  • Urang Bisa Ngalawan Parasaan Ijid!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Carana Supaya Teu Ijid Deui ka Batur
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Panganteur Bagian 7
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Yusup Daék Ngahampura Lanceuk-lanceukna
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
wp22 No. 1 kaca 8-9
Dua jalma nu keur ambek diuk dina batang tangkalna masing-masing. Maranéhna keur ngaragaji batang tangkal nu keur didiukan éta.

CARANA SUPAYA TEU IJID DEUI KA BATUR

2 | Ulah Ngabales

Pangajaran Kitab Suci:

”Ulah ngabales kahajatan ku kajahatan deui. . . . Sabisa-bisa sing akur jeung saha baé. Dulur-dulur nu dipikanyaah, ulah ngabales. . . . Pan aya ayat nu nyebutkeun kieu, ’”Ngabales téh hak Kuring. Kuring nu bakal ngahukum,” kitu ceuk Yéhuwa.’”​—ROMA 12:17-19.

Maksudna:

Waktu aya nu nganyenyeri anjeun, wajar lamun anjeun jadi ambek. Tapi Gusti teu hayang anjeun ngabales atawa nganyenyeri batur. Anjeun kudu sabar ngadagoan jangji Gusti, nu bakal nyingkirkeun kateuadilan di mangsa ka hareup.​—Jabur 37:7, 10.

Nu Bisa Dilakukeun:

Biasana waktu anjeun ngabales kajahatan batur, batur gé bakal ijid jeung hayang ngabales deui. Ku kituna lamun aya nu nganyenyeri atawa jahat ka anjeun, ulah dibales. Pék kadalikeun parasaan anjeun jeung upayakeun sangkan kaayaanana tetep rukun. Alus ogé lamun anjeun bisa mopohokeun kajadianana. (Siloka 19:11) Tapi lamun anjeun dirugikeun, anjeun bisa ngalaporkeun masalahna. Misalna, lamun anjeun jadi korban tina tindakan kajahatan, anjeun bisa ngalaporkeunana ka pulisi atawa kalangan berwenang.

Lamun ngabales, urang sorangan nu bakal rugi

Kumaha lamun euweuh cara nu rukun pikeun ngaberéskeun masalahna? Atawa kumaha lamun anjeun geus ngupayakeun karukunan sabisana tapi masalahna can berés kénéh waé? Ulah ngabales. Mun anjeun ngabales, masalahna jadi beuki parah. Ulah nepi ka batur jadi ijid jeung hayang ngabales deui. Sing percaya kana cara Gusti pikeun ngaberéskeun masalahna. ”Pasrahkan hirup ka PANGERAN, puntangan piwelas-Na, tangtu nulungan.”​—Jabur 37:3-5.

Pangalaman​—ADRIÁN

Ngalawan Kahayang pikeun Ngabales

Adrián.

Waktu rumaja, Adrián téh kasar jeung kejem. Manéhna bakal ngabales saha waé nu nganyenyeri manéhna. Ceuk Adrián, ”Abdi sering ribut jeung batur bari mamawa péstol. Sababaraha kali abdi ngagolépak di jalan, awak bobolokot pinuh ku getih, jeung téréh maot.”

Adrián mulai diajar Kitab Suci basa umur 16 taun. Manéhna nyarita, ”Sanggeus diajar Kitab Suci abdi jadi sadar, abdi téh kudu ngarobah sipat abdi.” Manéhna paham mun manéhna kudu eureun mikaijid batur jeung teu meunang kasar deui ka batur. Manéhna ngahargaan pangajaran di Roma 12:17-19 nu nyebutkeun yén urang teu meunang ngabales kajahatan. Ceuk manéhna, ”Abdi jadi paham yén Yéhuwa nu bakal mungkas kabéh kateuadilan ku cara-Na sorangan jeung dina waktu nu geus ditangtukeun ku Anjeunna. Lalaunan abdi bisa ngalawan kahayang pikeun ngabales kajahatan.”

Hiji peuting, Adrián téh diserang ku mantan musuh géngna. Si bosna ngagorowok, ”Hayu gelut!” Sabenerna Adrián téh hayang gelut jeung manéhna. Tapi tibatan milu gelut, manéhna ngadoa ka Yéhuwa, terus ninggalkeun éta tempat.

Adrián nyarita, ”Isukanana abdi panggih deui jeung bos géng éta, tapi harita mah manéhna keur sorangan. Waktu ningali manéhna, abdi téh ambek pisan jeung hayang ngabales manéhna. Tapi abdi ngadoa ka Yéhuwa supaya Anjeunna ngabantu abdi ngadalikeun diri. Sugan téh manéhna bakal ambek, ari pék téh manehna nyampeurkeun terus ngomong ka abdi, ’Hampura nya keur nu kamari peuting, sabenerna urang téh hayang jiga manéh. Urang téh hayang diajar Kitab Suci.’ Abdi bungah pisan lantaran bisa ngadalikeun diri. Ahirna bos géng éta diajar Alkitab jeung abdi.”

Pangalaman lengkep Adrián aya dina majalah Menara Pengawal No. 5 2016, kaca 14-15.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun