Moal Aya Deui Parasaan Ijid!
Urang bisa nyingkirkeun parasaan ijid tina haté urang. Tapi, urang teu bisa nyingkirkeun parasaan ijid tina haté batur. Loba jalma dipikaijid ku batur, padahal teu boga salah nanaon. Jadi, kumaha supaya parasaan ijid bisa bener-bener leungit ti dunya ieu?
Ngan Gusti Yéhuwa nu bisa ngaleungitkeunana. Jangji-jangji-Na dimuat dina Kitab Suci.—Siloka 20:22.
GUSTI BAKAL NYINGKIRKEUN SUMBER PARASAAN IJID
1. SÉTAN SI IBLIS. Sétan, malaikat nu ngabarontak, jadi sumber tina parasaan ijid nu urang tingali ayeuna. Gusti bakal ngamusnakeun Sétan jeung jalma-jalma anu nyonto Sétan nu sok ijid ka batur.—Jabur 37:38; Roma 16:20.
2. DUNYA SÉTAN NU JAHAT. Gusti bakal nyingkirkeun kabéh hal jahat ti dunya ieu, kaasup tokoh pulitik jeung para pamingpin agama nu mangaruhan jalma-jalma pikeun mikaijid batur. Gusti gé bakal nyingkirkeun bisnis-bisnis anu sarakah, sok korupsi jeung ngamangpaatkeun loba jalma.—2 Pétrus 3:13.
3. KATEUSAMPURNAAN MANUSA. Kitab Suci ngajelaskeun, kabéh manusa téh teu sampurna lantaran geus ngawaris dosa. Jadi cara pikir, parasaan, jeung kalakuan urang téh seringna mah goréng. (Roma 5:12) Lantaran teu sampurna, urang gé bisa ijid ka batur. Tapi Gusti bakal ngabantu kabéh manusa pikeun nyingkirkeun sipat jeung kabiasaan nu aya lantaran kateusampurnaan. Ku kituna parasaan ijid bisa leungit salilana.—Yesaya 54:13.
KITAB SUCI NGAJANGJIKEUN MOAL AYA DEUI PARASAAN IJID
1. MOAL AYA DEUI JALMA NU NGALAMAN KATEUADILAN Dunya ieu bakal dikawasaan ku Pamaréntahan Gusti. Pamaréntahan ieu bakal maréntah ti sorga jeung bakal adil ka kabéh jalma. (Daniel 2:44) Engké mah sipat goréng sangka jeung teu ngahargaan batur moal bakal aya deui. Gusti bakal ngaleungitkeun kateuadilan nu kaalaman ku jalma-jalma ayeuna.—Lukas 18:7.
2. KABÉH JALMA BAKAL AMAN JEUNG RUKUN. Moal aya deui jalma nu sangsara lantaran kakerasan atawa perang. (Jabur 46:10) Bumi ieu bakal jadi tempat nu aman lantaran ngan dicicingan ku jalma-jalma nu resep rukun.—Jabur 72:7.
3. KABÉH JALMA BAKAL HIRUP LANGGENG DINA KAAYAAN NU SAMPURNA. Kabéh jalma nu hirup di bumi bakal silih pikanyaah. (Matius 22:39) Moal aya deui nu strés lantaran pikiran négatif, atawa kabayang-bayang kana kajadian goréng nu kaalaman baheula. (Yesaya 65:17) Lantaran euweuh deui jalma nu ijid ka sasamana, umat manusa bakal ”hirup senang ngahenang-ngahening”.—Jabur 37:11.
Na anjeun hayang hirup di dunya nu siga kitu? Ayeuna, loba jalma keur diajar pikeun nyingkirkeun parasaan ijid ku ngalarapkeun prinsip-prinsip Kitab Suci. (Jabur 37:8) Éta nu dilakukeun ku Saksi-Saksi Yéhuwa di sakuliah dunya. Sanajan kasang tukang jeung kabudayaanana béda-béda, maranéhna ngahiji jeung silih mikanyaah siga ka kulawarga sorangan.—Yesaya 2:2-4.
Saksi Yéhuwa resep ngabantu jalma-jalma diajar carana nyanghareupan kateuadilan jeung sipat sok ngabéda-béda. Anjeun bakal dibantu pikeun leuwih nyaah ka batur jeung nyingkirkeun parasaan ijid. Anjeun ogé bakal apal carana tetep bageur sanajan aya nu teu ngahargaan atawa ijid ka anjeun. Ku kituna, anjeun bakal leuwih bagja sarta leuwih akur jeung jeung batur. Nu pangpentingna, anjeun bakal diajar naon nu kudu anjeun lakukeun supaya bisa hirup dina Pamaréntahan Gusti, tempat nu bébas tina sipat ijid.—Jabur 37:29.