PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • wp22 No. 1 kaca 12-13
  • 4 | Ngalawan Parasaan Ijid ku Bantuan Gusti

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • 4 | Ngalawan Parasaan Ijid ku Bantuan Gusti
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Pangajaran Kitab Suci:
  • Maksudna:
  • Nu Bisa Dilakukeun:
  • Carana Supaya Teu Ijid Deui ka Batur
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Urang Bisa Ngalawan Parasaan Ijid!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Ku Naon Loba Jalma Silih Mikaijid?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
  • Moal Aya Deui Parasaan Ijid!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
Tingali Ogé
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Umum)—2022
wp22 No. 1 kaca 12-13
Jalma-jalma keur leumpang ka Alkitab nu badag nu nyaangan maranéhna. Bayangan jalma-jalma éta nunjukkeun sipat maranéhna baheula.

CARANA SUPAYA TEU IJID DEUI KA BATUR

4 | Ngalawan Parasaan Ijid Ku bantuan Gusti

Pangajaran Kitab Suci:

”Buah nu dihasilkeun ku kawasa suci mah kanyaah, suka bungah, katengtreman, sabar, bageur, kahadéan, iman, lemah lembut, jeung bisa nahan diri.”—GALATIA 5:22, 23.

Maksudna:

Gusti bisa ngabantu urang nyingkirkeun parasaan ijid. Ku kawasa suci ti Anjeunna, urang dibantu pikeun mekarkeun sipat-sipat nu moal bisa urang piboga ku upaya sorangan. Jadi tibatan ngalawan parasaan ijid ku kakuatan sorangan, urang bisa ngandelkeun bantuan nu geus disadiakeun ku Gusti. Ku kituna urang bisa ngarasakeun siga nu disebutkeun ku Rasul Paulus, ”Dina kaayaan nu kumaha baé ogé, kuring sanggup nyanghareupanana lantaran dibéré kakuatan ku Allah.” (Filipi 4:13) Urang bisa yakin lamun ”pitulung ka kaula datangna ti PANGERAN”.​—Jabur 121:2.

Nu Bisa Dilakukeun:

”Yéhuwa geus ngarobah abdi ti nu tadina kasar, jadi jalma nu resep rukun.”​—WALDO

Pék ngadoa ka Yéhuwa sarta pénta kawasa suci-Na. (Lukas 11:13) Anjeun bisa ngadoa supaya Gusti ngabantu anjeun mekarkeun sipat-sipat nu alus. Anjeun ogé bisa diajar sipat-sipat alus tina Alkitab, siga kanyaah, resep rukun, sabar, jeung bisa nahan diri. Sipat-sipat ieu bisa ngabantu anjeun eureun mikaijid. Pikirkeun cara némbongkeunana. Pék nyobat jeung jalma-jalma nu boga sipat-sipat alus éta. Ku bantuan maranéhna, anjeun bakal ”kajurung pikeun némbongkeun kanyaah jeung kahadéan”.​—Ibrani 10:24, catetan handap.

Pangalaman​—WALDO

Jadi Jalma nu Teu Kasar Deui

Waldo.

Waldo digedékeun di lingkungan nu jalma-jalmana teu bener, jadi manéhna sok kasar ka batur. Waldo nyarita, ”Abdi osok gelut jeung pengedar narkoba . . . Hiji waktu musuh abdi mayar saurang jalma keur maéhan abdi. Sanajan geus ditusuk, abdi bisa kénéh kabur.”

Waldo teu resep waktu pamajikanana mulai diajar Alkitab jeung Saksi-Saksi Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Abdi geuleuh ka para Saksi, jeung kadang abdi sok nyarékan maranéhna. Sanajan kitu, maranéhna tetep bageur ka abdi.”

Ahirna Waldo ogé diajar Alkitab. Ceuk manéhna, ”Keur abdi mah, nuturkeun naséhat Alkitab téh henteu gampang. Asana mah abdi moal bisa ngadalikeun emosi abdi.” Tapi aya pangajaran Alkitab nu bener-bener ngarobah Waldo.

Waldo nyarita, ”Hiji poé, Alejandro nu ngajarkeun Alkitab ka abdi, ménta abdi maca Galatia 5:22, 23. Alejandro ngajelaskeun, supaya boga sipat-sipat alus saperti kieu urang perlu ngandelkeun kawasa suci, lain kamampuh sorangan. Pangajaran ieu téh bener-bener ngarobah cara pikir abdi!”

Lantaran ngandelkeun Gusti, ayeuna Waldo geus teu kasar deui ka batur. Ceuk manéhna, ”Kulawarga jeung babaturan abdi reuwas pisan ningali parobahan abdi. Yéhuwa geus ngarobah abdi ti nu tadina kasar, jadi jalma nu resep rukun.”

Baca pangalaman lengkep Waldo dina majalah Menara Pengawal 1 Oktober 2013 kaca 12-13.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun