PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 173
  • Iraha Jagat Raya Diciptakeun ku Gusti?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Iraha Jagat Raya Diciptakeun ku Gusti?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Waktu Gusti nyiptakeun, na sapoéna téh bener-bener ngamaksudkeun 24 jam?
  • Naon waé nu diciptakeun salila genep poé?
  • Na kisah dina buku Kajadian téh akurat sacara sains?
  • Iraha panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang diciptakeun?
  • Na Alkitab nyebutkeun Bumi téh geus aya sabaraha lila?
  • Naha Sains jeung Alkitab téh Saluyu?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Kumaha Asal-usul Kahirupan?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 173
Planét-planét jeung béntang-béntang di luar angkasa.

Iraha Jagat Raya Diciptakeun ku Gusti?

Jawaban Alkitab

Alkitab teu nyaritakeun iraha jeung sabaraha lila Gusti nyiptakeun jagat raya. Tapi Alkitab ngan nyebutkeun, ”Mimitina Allah nyiptakeun jagat raya.” (Kajadian 1:1, Terjemahan Dunia Baru [NW]) Mémang teu disebutkeun ”mimitina” téh ngamaksudkeun iraha kajadianana. Tapi dina buku Kajadian, kecap ”mimitina” muncul saacan kisah Gusti nyiptakeun salila genep ”poé”, atawa mangsa.

  • Waktu Gusti nyiptakeun, na sapoéna téh bener-bener ngamaksudkeun 24 jam?

  • Naon waé nu diciptakeun salila genep poé?

  • Na kisah dina buku Kajadian téh akurat?

  • Iraha panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang diciptakeun?

  • Na Alkitab nyebutkeun Bumi téh geus aya sabaraha lila?

Waktu Gusti nyiptakeun, na sapoéna téh bener-bener ngamaksudkeun 24 jam?

Henteu. Dina Alkitab, hiji ”poé” téh bisa ngamaksudkeun mangsa nu lilana béda-béda, gumantung kana kontéks ayatna. Contona, aya ayat nu ngajelaskeun yén genep poé Gusti nyiptakeun téh disebut sapoéeun.—Kajadian 2:4, NW.

Naon waé nu diciptakeun salila genep poé?

Mimitina, Gusti ngarobah planét Bumi nu masih kénéh ”teu puguh wangunna” jeung ”poek ngajumbleng” jadi tempat nu bisa dicicingan ku mahluk hirup. (Kajadian 1:2) Sanggeus kitu, Gusti nyieun kahirupan di Bumi. Alkitab nyaritakeun aya genep tahap basa Gusti nyiptakeun:

  • Caang jeung poék.

    Poé ka-1: Gusti nyieun caang katingali ti bumi, seug jadi aya beurang jeung peuting.—Kajadian 1:3-5.

  • Langit jeung laut.

    Poé ka-2: Gusti nyieun kelewung (angkasa) pikeun misahkeun cai nu aya di Bumi jeung cai di langit.—Kajadian 1:6-8.

  • Daratan jeung tutuwuhan.

    Poé ka-3: Gusti ngabijilkeun daratan jeung nyiptakeun rupa-rupa tutuwuhan.—Kajadian 1:9-13.

  • Panonpoé, bulan, béntang nu geus bisa ditingali ti bumi.

    Poé ka-4: Gusti nyieun caangna panonpoé, bulan, jeung béntang katingali ti Bumi.—Kajadian 1:14-19.

  • Mahluk nu hirup di cai jeung nu hiber.

    Poé ka-5: Gusti nyiptakeun rupa-rupa mahluk nu hirup di cai jeung nu haliber.—Kajadian 1:20-23.

  • Sasatoan di darat jeung manusa.

    Poé ka-6: Gusti nyiptakeun sasatoan nu hirup di darat jeung manusa.—Kajadian 1:24-31.

Sanggeus poé kagenep bérés, Gusti istirahat, atawa eureun nyiptakeun.—Kajadian 2:1, 2.

Na kisah dina buku Kajadian téh akurat sacara sains?

Kisah nu dicatet dina Alkitab teu sarinci siga nu dijelaskeun ku élmu alam. Tapi catetan dina Alkitab mah bisa dipikaharti ku jalma-jalma di jaman harita. Kisah ciciptaan dina Alkitab teu papalingpang jeung élmu alam. Ceuk Robert Jastrow, saurang ahli astrofisika, ”Rincian-rincian dina élmu astronomi jeung dina buku Kajadian mémang aya bédana. Tapi aya hal penting nu sarua, nyaéta dina hiji waktu, aya runtuyan-runtuyan kajadian nu dimimitian sacara tiba-tiba, nepi ka ahirna manusa aya.”

Iraha panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang diciptakeun?

Panonpoé, bulan, jeung béntang-béntang geus aya waktu ”mimitina Allah nyiptakeun jagat raya”. (Kajadian 1:1, NW) Tapi, caangna teu nembus nepi ka Bumi ku sabab kahalangan ku lapisan atmosférna nu kandel pisan. (Kajadian 1:2) Sanajan caang geus aya dina poé kahiji, tapi sumberna can bisa katingali. Kakara dina poé kaopat, katingalina atmosfér geus bersih. Alkitab nyaritakeun yén panonpoé, bulan, béntang mulai ”nyaangan bumi”. Maksudna téh sumber-sumber caang éta geus bisa katingali jelas ti bumi.—Kajadian 1:17.

Na Alkitab nyebutkeun Bumi téh geus aya sabaraha lila?

Alkitab teu nyebutkeun sabaraha umur bumi. Kajadian 1:1 ngan nyebutkeun yén jagat raya kaasup bumi téh aya mimitina. Nu dicaritakeun dina Alkitab téh teu papalingpang jeung pandangan para ahli ngeunaan umur bumi.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun