PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 183
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Kumaha supaya urang bisa boga sobat sajati?
  • Dina Alkitab, sosobatan saha waé anu bisa dipiconto ku urang?
  • Manusa bisa jadi sobat Allah teu?
  • Pilih Sobat nu Nyaah ka Allah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Anjeun Bisa Jadi Sobat Yéhuwa
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Allah Miharep Sadérék Janten Sobat-Na
    Sadérék Tiasa Janten Sobat Allah!
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 183
Jalma-jalma nu umurna béda-béda ngariung bari siduru. Salah saurang jelema keur maén gitar.

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Sosobatan?

Jawaban Alkitab

1Lamun urang boga sobat, hirup urang bisa suksés jeung bagja. Sobat nu hadé bakal méré pangaruh nu alus. Urang jeung manéhna gé bisa silih asah supaya boga sipat-sipat nu hadé.​—Siloka 27:17.

Tapi Alkitab gé ngingetan, urang kudu ati-ati milih babaturan. Lamun salah milih babaturan, urang bisa cilaka. (Siloka 13:20; 1 Korintus 15:33) Lamun urang gaul jeung jalma-jalma nu teu bener, urang bisa nyieun putusan-putusan anu goréng sarta kabawakeun jadi jalma anu teu bener ogé.

Dina artikel ieu

  • Kumaha supaya urang bisa boga sobat sajati?

  • Dina Alkitab, sosobatan saha waé anu bisa dipiconto ku urang?

  • Manusa bisa jadi sobat Allah teu?

  • Ayat-ayat Alkitab ngeunaan sosobatan

Kumaha supaya urang bisa boga sobat sajati?

Alkitab ngajarkeun, sosobatan anu hadé téh teu ngan saukur dumasar kana karesep atawa hobi anu sarua. Misalna, Jabur 119:63 nyebutkeun, ”Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti.” Anu nulis ayat ieu nunjukkeun, manéhna milih sobat anu hayang nyenangkeun Allah sarta nuturkeun patokan-patokan ti Anjeunna.

Alkitab gé méré nyaho sipat-sipat naon waé anu kudu dipiboga ku sobat sajati. Misalna:

  • ”Sobat sajati nunjukkeun kanyaahna unggal waktu sarta jadi dulur dina waktu susah.”​—Siloka 17:17, Terjemahan Dunia Baru.

  • ”Aya sobat anu siap pikeun silih ancurkeun, tapi aya ogé sobat anu leuwih akrab tibatan dulur sorangan.”​—Siloka 18:24, Terjemahan Dunia Baru.

Ayat-ayat ieu ngajarkeun yén sobat sajati téh satia, nyaahan, bageur, jeung teu pedit. Sobat sajati bisa diandelkeun pas urang keur aya masalah. Manéhna gé pasti ngingetan mun manéhna ningali urang bakal ngalakukeun hal anu salah atawa nyieun putusan anu goréng.​—Siloka 27:6, 9.

Dina Alkitab, sosobatan saha waé anu bisa dipiconto ku urang?

Dina Alkitab, aya conto sosobatan ti jalma-jalma anu umur, suku bangsa, kabudayaan, jeung kadudukanana béda-béda. Hayu urang tingali tilu contona.

  • Rut jeung Naomi. Rut téh minantuna Naomi. Jadi, katingalina Rut jauh leuwih ngora tibatan Naomi. Salian ti éta, kabudayaan Rut gé béda pisan jeung kabudayaan Naomi. Sanajan kitu, maranéhna bisa jadi sobat dalit jeung silih pikanyaah.​—Rut 1:16.

  • Daud jeung Yonatan. Katingalina, Yonatan téh 30 taun leuwih kolot tibatan Daud. Tapi ceuk Alkitab, maranéhna silih pikanyaah jeung jadi sobat dalit.​—1 Samuel 18:1.

  • Isa jeung para rasul. Isa téh boga kadudukan anu leuwih luhur tibatan para rasul, sabab Isa téh guru jeung juragan maranéhna. (Yahya 13:13) Tapi Isa teu nganggap para rasul teu layak jadi sobatna. Sabalikna, Isa akrab jeung jalma-jalma anu daék nuturkeun pangajaranana. Ceuk Isa, ”Maranéh mah ku urang disebut sobat, sabab urang geus ngabéjaan sagala hal nu didéngé ku urang ti Bapa.”​—Yahya 15:14, 15.

Manusa bisa jadi sobat Allah teu?

Manusa bisa jadi sobatna Allah. Alkitab nyebutkeun, ”Anjeunna nyobat jeung jalma anu haténa hadé.” (Siloka 3:32, Terjemahan Dunia Baru) Jadi, nu dijadikeun sobat ku Allah téh nyaéta jalma-jalma anu saderhana, jujur, hormat, sarta daék nuturkeun patokan-patokan ti Anjeunna ngeunaan nu bener jeung nu salah. Misalna dina Alkitab, Ibrahim disebut sobat Allah.​—2 Babad 20:7; Yesaya 41:8; Yakobus 2:23.

Ayat-ayat Alkitab ngeunaan sosobatan

Jabur 119:63: ”Abdi teh batur jalmi-jalmi anu ngabdi ka Gusti, anu narurut kana hukum Gusti.”

Maksudna: Urang kudu milih sobat anu ibadah ka Allah sarta hirupna sajalan jeung patokan ti Anjeunna.

Siloka 3:32 (Terjemahan Dunia Baru): ”Yéhuwaa ngéwa ka jalma anu licik, tapi Anjeunna nyobat jeung jalma anu haténa hadé.”

Maksudna: Jalma nu hayang nyobat jeung Allah kudu jujur sarta hirup bener.

Siloka 13:20: ”Pek nyampur jeung nu pinter, tangtu pinter. Pek babaturan jeung nu garejul, tangtu ancur.”

Maksudna: Pergaulan bisa mawa pangaruh anu alus atawa pangaruh anu goréng.

Siloka 17:17 (Terjemahan Dunia Baru): ”Sobat sajati nunjukkeun kanyaahna unggal waktu sarta jadi dulur dina waktu susah.”

Maksudna: Sobat sajati siap ngadukung urang, boh waktu senang boh waktu susah.

Siloka 18:24 (Terjemahan Dunia Baru): ”Aya sobat anu siap pikeun silih ancurkeun, tapi aya ogé sobat anu leuwih akrab tibatan dulur sorangan.”

Maksudna: Sobat sajati moal ngamangpaatkeun urang. Justru sobat sajati mah satia, bisa dipercaya, jeung nyaahan.

Siloka 27:6: ”Najan matak nyeri, ari ti sobat mah hade maksudna.”

Maksudna: Sobat sajati moal asa-asa negor urang mun urang nyieun kasalahan.

Siloka 27:17: ”Budi akal datangna ti pada jalma, cara waja silih asah jeung waja.”

Maksudna: Urang jeung sobat bisa silih asah supaya boga sipat anu hadé.

a Yéhuwa téh nami Allah anu aya dina Alkitab.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun