PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 184
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Allah méré patokan naon waé ngeunaan perkawinan?
  • Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan papisah jeung pepegatan?
  • Naha perkawinan téh kudu didaptarkeun sacara hukum supaya bisa ditarima ku Allah?
  • Ceuk Alkitab, salaki jeung pamajikan boga tanggung jawab naon waé?
  • Naha Allah ngarepkeun salaki pamajikan boga budak?
  • Kumaha Alkitab bisa ngabantu supaya perkawinan abdi suksés?
  • Perkawinan téh Kurnia ti Allah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Sanggeusna Nikah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Kumaha Carana Supaya Kulawarga Anjeun Bagja?—Bagian 1
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 184
Salaki pamajikan sarapan bareng.

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan?

Jawaban Alkitab

Sanggeus nyiptakeun lalaki jeung awéwé anu mimiti, Allah ngahijikeun maranéhna dina perkawinan. Perkawinan téh hiji hubungan anu istiméwa anu jadi pameungkeut saurang lalaki jeung saurang awéwé. Perkawinan téh dasar pikeun ngabentuk kulawarga.—Kajadian 1:27, 28; 2:18.

Allah hayang salaki pamajikan hirup bagja. (Siloka 5:18) Ku kituna, Allah méré naséhat-naséhat sarta prinsip-prinsip anu bisa ngabantu supaya perkawinan jalma-jalma suksés. Naséhat-naséhat éta dicatet dina Alkitab.

Dina artikel ieu

  • Allah méré patokan naon waé ngeunaan perkawinan?

  • Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan papisah jeung pepegatan?

  • Naha perkawinan téh kudu didaptarkeun sacara hukum supaya bisa ditarima ku Allah?

  • Ceuk Alkitab, salaki jeung pamajikan boga tanggung jawab naon waé?

  • Naha Allah ngarepkeun salaki pamajikan boga budak?

  • Kumaha Alkitab bisa ngabantu supaya perkawinan abdi suksés?

  • Ayat-ayat Alkitab ngeunaan perkawinan

Allah méré patokan naon waé ngeunaan perkawinan?

Ti mimiti kénéh, Allah geus nangtukeun yén perkawinan téh ngan meunang dilakukeun di antara saurang lalaki jeung saurang awéwé. (Kajadian 2:24) Allah teu resep mun manusa ngalakukeun poligami, homoséksual, atawa kumpul kebo. (1 Tésalonika 4:3) Nabi Isa ngajarkeun, murid-muridna kudu nuturkeun patokan ti Allah ngeunaan perkawinan.—Markus 10:6-8.

Dina pandangan Allah, perkawinan téh pameungkeut saumur hirup. Waktu kawin, saurang lalaki jeung saurang awéwé téh nyieun jangji yén maranéhna bakal silih satia sarta bakal terus babarengan saumur hirup. Allah hayang maranéhna nyumponan jangji éta.—Markus 10:9.

Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan papisah jeung pepegatan?

Sakapeung, salaki pamajikan téh kapaksa kudu misah. Misalna, meureun salah sahijina ngadadak kudu indit jauh lantaran aya urusan kulawarga anu penting. Tapi, Alkitab henteu ngajurung salaki pamajikan pikeun papisah gara-gara aya masalah dina perkawinan. Justru, Alkitab ngajurung salaki pamajikan pikeun ngaréngsékeun masalah éta.—1 Korintus 7:10.

Dina Alkitab, hiji-hijina alesan pikeun pepegatan téh nyaéta jinah. (Matius 19:9) Ku kituna, mun salaki pamajikan papisah atawa pepegatan lantaran masalah-masalah séjén salian ti jinah, ceuk Alkitab mah maranéhna duaan teu meunang bobogohan atawa kawin deui jeung batur.—Matius 5:32; 1 Korintus 7:11.

Naha perkawinan téh kudu didaptarkeun sacara hukum supaya bisa ditarima ku Allah?

Allah hayang urang Kristen nuturkeun aturan anu geus dijieun ku pamaréntah. (Titus 3:1) Mun bisa mah, salaki pamajikan téh ngadaptarkeun perkawinanana sacara hukum. Mun ngalakukeun hal éta, maranéhna nunjukkeun yén maranéhna téh ngahargaan pamaréntah sarta patokan ti Allah anu nyebutkeun yén perkawinan téh pameungkeut saumur hirup.a

Ceuk Alkitab, salaki jeung pamajikan boga tanggung jawab naon waé?

  • Tanggung jawab babarengan. Salaki pamajikan kudu silih pikanyaah jeung silih hormat. (Éfésus 5:33) Ku cara nu pinuh kanyaah, salaki pamajikan kudu minuhan kabutuhan séks pasanganana. Maranéhna gé kudu silih satia. (1 Korintus 7:3; Ibrani 13:4) Mun boga budak, boh salaki boh pamajikan, duanana boga tanggung jawab pikeun ngurus barudakna.—Siloka 6:20.

    Saurang budak awéwé dibantuan nyieun PR ku indungna, bapana motongan sayur.

    Alkitab teu méré aturan anu rinci pikeun salaki pamajikan dina hal néangan napkah jeung ngurus pagawéan imah. Salaki pamajikan bisa mutuskeun sorangan naon anu panghadéna keur kulawarga.

  • Tanggung jawab salaki. Alkitab nyebutkeun yén ”salaki téh kapalana pamajikan”. (Éfésus 5:23) Ku naon bet disebut kapala? Sabab salaki kudu ngabingbing kulawargana jeung kudu nyieun putusan-putusan anu bakal aya mangpaatna keur pamajikan sarta barudakna.

    Salaki pamajikan maca Alkitab bareng bari nyalsé.

    Salaki kudu bener-bener ngupayakeun ngarah kulawargana tetep séhat, bagja, sarta raket jeung Allah. (1 Timotius 5:8) Salaki gé kudu nunjukkeun yén manéhna ngahargaan pamajikanana. Kumaha carana? Manéhna kudu daék digawé bareng jeung pamajikanana pikeun ngurus rumah tangga. Terus saacan nyieun putusan, salaki gé kudu bener-bener mikirkeun saran jeung parasaan ti pamajikanana. (Siloka 31:11, 28) Alkitab nyebutkeun, salaki kudu ngajalankeun tanggung jawabna ku cara anu lemah lembut.—Kolose 3:19.

  • Tanggung jawab pamajikan. Ceuk Alkitab, ”Pamajikan kudu bener-bener ngahormat salakina.” (Éfésus 5:33) Allah resep mun pamajikan ngahargaan tanggung jawab anu dibikeun ku Allah ka salakina.

    Salaki pamajikan ngabahas kauangan kulawarga.

    Tanggung jawab pamajikan téh nyaéta ngadukung supaya salakina bisa nyieun putusan anu hadé sarta bisa ngajalankeun tugasna sabagé kapala kulawarga. (Kajadian 2:18) Alkitab muji pamajikan anu ngajalankeun tanggung jawabna dina perkawinan.—Siloka 31:10.

Naha Allah ngarepkeun salaki pamajikan boga budak?

Henteu. Dina jaman baheula, Allah mémang pernah maréntahkeun ka sababaraha hamba-Na pikeun boga budak. (Kajadian 1:28; 9:1) Tapi, urang Kristen dina jaman ayeuna mah geus teu katalian ku paréntah éta. Isa teu pernah maréntahkeun murid-muridna pikeun boga budak. Terus, murid-muridna Isa dina abad kahiji gé teu pernah nyebutkeun yén salaki pamajikan kudu boga budak. Jadi, salaki pamajikan bisa mutuskeun sorangan rék boga budak atawa henteu.

Kumaha Alkitab bisa ngabantu supaya perkawinan abdi suksés?

Dina Alkitab, aya prinsip-prinsip anu ngabantu salaki pamajikan supaya perkawinan maranéhna suksés. Prinsip-prinsip Alkitab ogé bisa ngabantu salaki pamajikan pikeun nyingkahan atawa ngabéréskeun masalah dina perkawinan.

Prinsip-prinsip Alkitab bisa ngabantu salaki pamajikan supaya . . .

  • bisa nunjukkeun kanyaah anu sajati.—1 Korintus 13:4-7; Kolose 3:14.

  • tetep rukun.—1 Korintus 10:24.

  • bisa jadi batur curhat anu hadé.—Yakobus 1:19.

  • silih hormat.—Roma 12:10.

  • silih hampura.—1 Pétrus 4:8.

  • silih satia.—Markus 10:9.

  • silih sabaran.—Éfésus 4:2, 3.

  • kompak.—Pandita 4:9.

  • bisa nguatkeun perkawinanana.—Kidung Agung 8:7.

a Pikeun ningali pandangan Alkitab ngeunaan perkawinan adat, mangga baca Menara Pengawal 15 Oktober 2006, kaca 21, paragrap 12.

Ayat-ayat Alkitab ngeunaan perkawinan

Siloka 18:22: ”Nu boga pamajikan teh estu jelema bagja.”

Hartina: Ceuk Alkitab, perkawinan téh hal anu hadé.

Malaki 2:15: ”Ulah aya anu ingkar tina jangji satia ka pamajikan.”

Hartina: Sanajan salaki pamajikan geus kawin salila mangtaun-taun, Allah hayang maranéhna tetep satia sarta silih hormat.

Markus 10:9: ”Ku kituna, naon nu geus dihijikeun ku Allah, teu meunang dipisahkeun ku manusa.”

Hartina: Allah hayang perkawinan téh jadi pameungkeut saumur hirup.

Ibrani 13:4: ”Perkawinan kudu dihormat ku kabéh jalma.”

Hartina: Salaki pamajikan kudu bener-bener ngahargaan perkawinan sarta sakuat tanaga ngajagana.

1 Korintus 7:28: ”Nu kawin téh loba kasusahna.”

Hartina: Euweuh perkawinan anu sampurna. Jadi, salaki pamajikan kudu babarengan nyanghareupan masalah-masalah dina perkawinan.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun