PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 189
  • Aya Teu Ayat-Ayat Alkitab nu Bisa Ngahibur Abdi?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Aya Teu Ayat-Ayat Alkitab nu Bisa Ngahibur Abdi?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Kasangsaraan
  • Ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan
  • Parasaan salah nu teu leungit-leungit
  • Kasedih
  • Panyakit
  • Strés
  • Perang
  • Hariwang kana kahirupan ka hareupna
  • Alkitab téh Méré Harepan
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Alkitab téh Méré Harepan
    Hirup Bagja Salilana!—Panganteur pikeun Diajar Alkitab
  • Urang Hayang Paéh—Kumaha Alkitab Bisa Ngabantu Urang Miceun Kahayang Bunuh Diri?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Carana Nyanghareupan Strés
    Éling!—2020
Tingali Ogé
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 189
Saurang awéwé ngarasa tengtrem waktu maca Alkitab.

Aya Teu Ayat-Ayat Alkitab nu Bisa Ngahibur Abdi?

Jawaban Alkitab

Aya. (Roma 15:4) Misalna, perhatikeun sababaraha ayat nu geus ngahibur loba jalma waktu boga masalah jeung ngarasa susah haté.

Dina artikel ieu

  • Kasangsaraan

  • Ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan

  • Parasaan salah nu teu leungit-leungit

  • Kasedih

  • Panyakit

  • Strés

  • Perang

  • Hariwang kana kahirupan ka hareupna

Kasangsaraan

Jabur 23:4: ”Najan nyorang nu poek ngajumbleng, abdi teu kedah sieun, nun PANGERAN, reh Gusti nyarengan!”

Maksudna: Mun anjeun ngadoa ka Allah sarta néangan naséhat tina Firman-Na, nyaéta Alkitab, anjeun bisa teger nyanghareupan kasangsaraan.

Filipi 4:13: ”Dina kaayaan nu kumaha baé ogé, kuring sanggup nyanghareupanana lantaran dibéré kakuatan ku Allah.”

Maksudna: Allah bisa méré anjeun kakuatan pikeun nyanghareupan masalah naon waé.

Pikeun ningali naséhat Alkitab séjénna nu bisa ngabantu anjeun nyanghareupan masalah nu teu bérés-bérés, mangga tingali artikel ”Tantangannya: Keadaan yang Harus Dihadapi”.

Ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan

Pandita 9:10: ”Ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter.”

Maksudna: Jalma nu geus maot téh teu nyaho nanaon. Maranéhna teu ngarasa kasiksa jeung teu bisa nyilakakeun urang.

Kisah 24:15: ”Nu maot bakal dihirupkeun deui.”

Maksudna: Allah bisa ngahirupkeun deui kulawarga atawa babaturan urang nu geus maot.

Pikeun ningali naséhat Alkitab séjénna nu bisa ngabantu anjeun tabah waktu ditinggal maot ku kulawarga atawa babaturan, mangga tingali artikel ”Mengatasi Dukacita—Yang Bisa Kita Lakukan Sekarang”.

Parasaan salah nu teu leungit-leungit

Jabur 86:5: ”Reh Gustia teh langsar manah, jembar hampura, murah asih ka sugri nu sok sasambat.”

Maksudna: Allah ngahampura jalma-jalma nu bener-bener tobat sarta upaya sakuat tanaga supaya teu ngalakukeun deui kasalahan nu sarua.

Jabur 103:12: ”Sakumaha anggangna wetan ti kulon, nya sakitu jauhna dosa-dosa urang dijauhkeunana ti urang.”

Maksudna: Mun Allah geus ngahampura urang, éta hartina dosa-dosa urang téh geus dijauhkeun ti urang. Anjeunna moal nginget-nginget deui dosa urang atawa ngahukum urang ku lantaran dosa éta.

Pikeun ningali naséhat Alkitab séjénna nu bisa ngabantu anjeun miceun parasaan salah nu teu leungit-leungit, mangga tingali artikel ”Saya Merasa Bersalah​—Apakah Alkitab Bisa Membantu Saya Mengatasi Perasaan Ini?”

Kasedih

Jabur 31:8: ”Gusti tingali yen abdi teh sangsara, uninga yen abdi teh keur susah.”

Maksudna: Lamun anjeun keur susah haté, Allah téh merhatikeun anjeun. Terus sanajan batur teu ngarti naon nu dirasakeun ku anjeun, Allah mah ngarti.

Jabur 34:19: ”PANGERAN teh raket ka jalma nu remuk hate nyalametkeun ka nu pegat pangharepan.”

Maksudna: Allah jangji bakal nguatkeun anjeun lamun anjeun keur susah haté. Allah gé bakal méré kakuatan supaya anjeun bisa teger.

Pikeun ningali naséhat Alkitab séjénna nu bisa ngabantu anjeun waktu keur sedih, mangga tongton vidéo Nu Tadina Sedih Bisa Bungah Deui.

Panyakit

Jabur 41:4: ”Ana gering, ku PANGERAN tangtu dilayad, dipulihkeun deui kasehatanana.”

Maksudna: Mun anjeun gering, Allah bisa ngabantu anjeun ku cara méré katengtreman, katabahan, kakuatan, jeung kabijaksanaan.

Yesaya 33:24: ”Moal aya anu udah-aduh ku panyakit.”

Maksudna: Allah jangji, engké mah kabéh manusa bakal séhat.

Pikeun ningali naséhat Alkitab séjénna nu bisa ngabantu anjeun waktu keur gering, mangga tingali artikel ”Carana Nyanghareupan Masalah Kaséhatan nu Sérius”.

Strés

Jabur 94:19: ”Nalika abdi nuju honcewang seueur kasalempang, ku Gusti dililipur malar janglar.”

Maksudna: Lamun urang ménta bantuan Allah waktu keur strés, Anjeunna téh bisa mantuan urang ngarah tetep tenang.

1 Pétrus 5:7: ”Pasrahkeun sakabéh kahariwangan aranjeun ka Anjeunna, lantaran Anjeunna merhatikeun aranjeun.”

Maksudna: Allah téh prihatin lamun urang loba pikiran. Anjeunna hayang urang nyaritakeun kabéh masalah urang dina doa.

Pikeun ningali naséhat Alkitab séjénna nu bisa ngabantu anjeun waktu keur strés, mangga tingali artikel ”Carana Nyanghareupan Strés”.

Perang

Jabur 46:10: ”Mantenna ngeureunkeun peperangan di sakuliah jagat.”

Maksudna: Pamaréntahan Allah bakal nyingkirkeun kabéh perang.

Psalm 37:11, 29 (Terjemahan Dunia Baru): ”Nu lemah lembut bakal ngapimilik bumi, maranéhna bakal kacida bagjana sabab ngarasa tengtrem pisan. . . . Jalma bener bakal ngapimilik bumi sarta bakal hirup salilana di ditu.”

Maksudna: Jalma bener bakal hirup tengtrem salilana di bumi.

Pamaréntahan Allah, atawa Karajaan Allah téh, geus téréh maréntah bumi. Ti mana urang nyaho? Mangga tingali artikel ”Kapan Kerajaan Allah Akan Memerintah Bumi?”

Hariwang kana kahirupan ka hareupna

Yermia 29:11: ”Kami henteu samar kana sagala pikersaeun ka maraneh. Nya eta seja nyenangkeun, lain rek nyilakakeun. Seja mere pijamugaeun ka hareup.”

Maksudna: Allah jangji umat-Na bakal boga kahirupan nu éndah ka hareupna.

Wahyu 21:4: ”Anjeunna bakal nyusutan cipanon maranéhna. Moal aya deui nu maot. Kitu ogé moal aya deui nu sedih, ceurik, atawa ngarasa nyeri. Hal-hal nu heubeul geus sirna.”

Maksudna: Allah jangji bakal nyingkirkeun sagala hal goréng nu ditingali jeung nu kaalaman ku urang ayeuna.

Pikeun ningali jangji-jangji Allah keur umat manusa, mangga tingali artikel ”Harapan Cerah yang Pasti Terwujud”.

a Gusti Allah téh boga nami, nyaéta Yéhuwa. (Jabur 83:18, Terjemahan Dunia Baru) Tingali artikel ”Saha Yéhuwa téh?”

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun