PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 66
  • Naha Naraka téh Bener-Bener Aya? Kumaha Pandangan Alkitab?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Naraka téh Bener-Bener Aya? Kumaha Pandangan Alkitab?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
  • Naha enya naraka téh tempatna jalma-jalma disiksa keur salilana?
  • Naon maksud carita Isa ngeunaan saurang lalaki beunghar jeung Lazarus?
  • Naha naraka téh ngalambangkeun yén saurang jalma geus ngajauh ti Allah?
  • Naha aya nu pernah kaluar ti naraka?
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 66
Gambar nu nunjukkeun jalma-jalma diduruk di naraka.

Naha Naraka téh Bener-Bener Aya? Kumaha Pandangan Alkitab?

Jawaban Alkitab

Sababaraha tarjamahan Alkitab basa Sunda ngagunakeun kecap ”naraka” dina sababaraha ayat. (Matius 5:29; Lukas 12:5, KITAB SUCI © LAI 1991a) Siga nu ditunjukkeun ku gambar dina artikel ieu, loba jalma percaya yén naraka téh tempat jalma jahat bakal dihukum dina seuneu abadi. Tapi, naha enya Alkitab ngajarkeun hal éta?

Dina artikel ieu

  • Naha enya naraka téh tempatna jalma-jalma disiksa keur salilana?

  • Naon maksud carita Isa ngeunaan saurang lalaki beunghar jeung Lazarus?

  • Naha naraka téh ngalambangkeun yén saurang jalma geus ngajauh ti Allah?

  • Naha aya nu pernah kaluar ti naraka?

  • Ayat-ayat Alkitab ngeunaan naraka, atawa Kuburan

  • Kekecapan tina Alkitab dina basa aslina

  • Sajarah tina pangajaran seuneu naraka

Naha enya naraka téh tempatna jalma-jalma disiksa keur salilana?

Henteu. Kecap nu ditarjamahkeun jadi ”naraka” dina sababaraha tarjamahan Alkitab nu heubeul téh (Ibrani, ”Syéol”; Yunani, ”Hadés”) sabenerna ngamaksudkeun ”Kuburan”, tempat pikeun nguburkeun jalma-jalma nu geus maot. Ceuk Alkitab, jalma-jalma nu aya di ”Kuburan” téh geus euweuh nyawana.

  • Nu paéh mah geus teu nyaho naon-naon jeung teu ngarasakeun kanyeri. ”Da ari geus paeh mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter.” (Pandita 9:10) Nu geus maot gé teu bisa ngarasakeun kanyeri deui. Alkitab nyebutkeun, ”Sawangsulna musuh anu kedah meunang era, sina rarepeh tarurun ka dunyana nu paraeh.”​—Jabur 31:18; 115:17.

  • Allah geus nangtukeun yén jalma nu dosa téh bakal narima hukuman maot, lainna disiksa dina seuneu naraka. Allah ngajelaskeun ka manusa nu mimiti, nyaéta Adam, yén manéhna bakal maot lamun ngalanggar hukum Allah. (Kajadian 2:17) Allah teu nyebutkeun manéhna bakal disiksa salilana di naraka. Terus sanggeus Adam nyieun dosa, Allah nyebutkeun hukumanana, ”Ku sabab maneh dijieun teh tina taneuh, nya kudu balik deui ngajadi taneuh.” (Kajadian 3:19) Maksudna, Adam moal aya deui. Lamun Allah mémang rék ngahukum Adam dina seuneu naraka, Anjeunna pasti bakal méré nyaho heula saacanna. Hukuman Allah keur jalma-jalma nu ngalanggar hukum-Na teu barobah. Mangabad-abad sanggeus Adam nyieun dosa, Alkitab nyebutkeun, ”Upahna dosa téh maot.” (Roma 6:23) Sanggeus maot, jalma-jalma teu kudu dihukum deui lantaran ”ari geus maot mah jelema téh bébas tina dosana”.​—Roma 6:7.

  • Teu pernah kapikir ku Allah pikeun nyiksa jalma salilana. (Yermia 32:35) Allah moal mungkin nyiksa manusa sabab ”Allah téh kanyaah”. (1 Yahya 4:8) Allah hayang urang ibadah ka Anjeunna lantaran urang nyaah ka Anjeunna, lain lantaran sieun disiksa.​—Matius 22:36-38.

  • Jalma bageur gé ka naraka. Sababaraha tarjamahan Alkitab nu ngagunakeun kecap ”naraka” nunjukkeun yén jalma-jalma satia siga Yakub jeung Ayub gé asup ka naraka. (Kajadian 37:35; Ayub 14:13) Malahan, Isa Al-Masih gé disebutkeun aya di naraka sanggeus manéhna maot jeung saacan dihirupkeun deui. (Kisah 2:31, 32) Jadi jelas, kecap ”naraka” dina tarjamahan-tarjamahan Alkitab éta téh ngamaksudkeun Kuburan.b

Naon maksud carita Isa ngeunaan saurang lalaki beunghar jeung Lazarus?

Carita ieu téh dicatet dina Lukas 16:19-31. Isa ngagunakeun loba carita pikeun ngajar batur ngeunaan ahlak atawa bebeneran. Carita Isa ngeunaan saurang lalaki beunghar jeung Lazarus téh lain kisah nyata. (Matius 13:34) Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan carita ieu, mangga tingali artikel ”Saha Lalaki Beunghar jeung Lazarus téh?”

Naha naraka téh ngalambangkeun yén saurang jalma geus ngajauh ti Allah?

Henteu. Aya nu percaya yén jalma nu geus maot nyahoeun lamun manéhna geus jauh ti Allah. Éta teu cocog jeung pangajaran Alkitab. Ceuk Alkitab, nu geus maot mah teu nyaho naon-naon.​—Jabur 146:3, 4; Pandita 9:5.

Naha aya nu pernah kaluar ti naraka?

Aya. Alkitab nyaritakeun kisah salapan jalma nu maot jeung aya di jero Kuburan (ditarjamahkeun jadi ”naraka” dina sababaraha Alkitab) tuluy dihirupkeun deui.c Lamun maranéhna mémang disiksa di naraka, pasti maranéhna bakal nyaritakeun kajadianana. Tapi, euweuh hiji-hiji acan ti antara maranéhna nu nyebutkeun geus disiksa atawa ngalaman hal séjénna basa maranéhna maot. Ku naon? Luyu jeung nu diajarkeun ku Alkitab, waktu maot téh maranéhna teu nyaho naon-naon, saolah-olah siga nu ”keur saré” tibra.​—Yahya 11:11-14; 1 Korintus 15:3-6.

a Kalolobaan Alkitab basa Inggris teu ngagunakeun kecap ”naraka” dina Kisah 2:27, 31. Sababaraha tarjamahan ngagunakeun kecap ”kuburan” (New Century Version) atawa ”dunyana anu maraot” (New International Version). Tarjamahan séjén maké kecap asli Yunanina nyaéta ”Hadés.” (Holman Christian Standard Bible, NET Bible, New American Standard Bible, English Standard Version) Dina Alkitab basa Sunda, kekecapan nu digunakeun téh nyaéta ”dunya anu maraot” (KITAB SUCI © LAI 1991) jeung alam maot (Alkitab Sunda Formal).

b Tingali kotak ”Kekecapan tina Alkitab dina Basa Aslina”.

c Tingali 1 Raja 17:17-24; 2 Raja 4:32-37; 13:20, 21; Matius 28:5, 6; Lukas 7:11-17; 8:40-56; Yahya 11:38-44; Kisah 9:36-42; Kisah 20:7-12.

Ayat-ayat Alkitab ngeunaan naraka, atawa Kuburan

Ayub 14:13: ”Anggursi abdi sumputkeun, di ditu di alam nu paraeh, [”naraka,” Douay-Rheims Version] masing buni, . . . nepi ka cunduk waktuna abdi dipiemut deui.”

Maksudna: Ayub, priya nu satia, nyaho yén naraka (Kuburan) téh jalan kaluar tina kabéh kasangsaraanana jeung manéhna bakal dihirupkeun deui ku Allah ti alam nu paraéh.

Jabur 145:20: ”Mantenna ngaraksa ka sakur nu micinta salira-Na, sabalikna nu jahat mah ku Mantenna dibasmi.”

Maksudna: Allah bakal ngamusnakeun jalma-jalma nu jarahat. Allah moal ngantep maranéhna tetep hirup di naraka pikeun disiksa di ditu.

Pandita 9:10: ”Da ari geus paeh, [”ka naraka,” Douay-Rheims Version] mah moal bisa obah-obah acan, moal bisa mikir, moal aya kanyaho, moal pinter. Pasti kasorang eta teh engke.”

Maksudna: Jalma-jalma nu geus paéh, atawa aya di naraka, teu nyaho naon-naon jeung teu disiksa. Salian ti éta, jalma nu geus paéh nu dimaksud dina ayat ieu téh kaasup jalma nu bageur ogé.

Kisah 2:31: ”Al-Masih moal ditinggalkeun di Kuburan [”naraka”, King James Version].”

Maksudna: Pas maot, Isa Al-Masih asup ka naraka (Kuburan).

Roma 6:23: ”Upahna dosa téh maot.”

Maksudna: Hukuman dosa téh maot, lainna disiksa di naraka.

Wahyu 20:13: ”Maot jeung Kuburan [”naraka”, King James Version] gé nyerahkeun jalma-jalma nu maot nu aya di dinya.”

Maksudna: Jalma-jalma nu aya di naraka téh geus teu aya nyawana. Maranéhna bakal dihirupkeun deui.

Wahyu 20:14: ”Geus kitu maot jeung Kuburan [”naraka”, King James Version] dibalangkeun ka situ seuneu.”

Maksudna: Sanggeus naraka (Kuburan) kosong lantaran jalma-jalmana dihirupkeun deui, naraka moal aya deui salilana, saolah-olah dibalangkeun ka situ seuneu. Sanggeus kitu, moal bakal aya deui nu maot lantaran dosa ti Adam.​—Roma 5:12.

Kekecapan tina Alkitab dina basa aslina

Sababaraha kecap Ibrani jeung Yunani osok ditarjamahkeun jadi ”naraka”, padahal sabenerna mah hartina téh béda-béda. Hal ieu ngalilieur jalma-jalma. Katingalina ieu dihaja, sabab para panarjamah éta hayang nu maca Alkitab téh percaya yén nu jahat bakal disiksa salilana di naraka, lainna dimusnakeun.

  • Syéol (Ibrani שְׁאוֹל), Hadés (Yunani ᾅδης)

    Maksudna: Kuburan.​—Jabur 16:10; Kisah 2:31

    Ditarjamahkeun jadi: Kuburan, naraka, lombang (King James Version); dunya anu maraot (KITAB SUCI © LAI 1991)

  • Géhéna (Yunani γέεννα)

    Maksudna: Kabinasaan nu abadi.​—Matius 5:30

    Ditarjamahkeun jadi: naraka (KITAB SUCI © LAI 1991)

  • Tartarus (Yunani ταρταρόω)

    Maksudna: Kaayaan nu hina keur roh-roh jahat.​—2 Pétrus 2:4.

    Ditarjamahkeun jadi: Tempat nu poék; Tartarus (KITAB SUCI © LAI 1991, Alkitab Sunda Formal)

  • Apoleia (Yunani ἀπώλεια)

    Maksudna: Kabinasaan.​—Matius 7:13.

    Ditarjamahkeun jadi: Picilakaeun; naraka (Sunda Formal, KITAB SUCI © LAI 1991)

  • Pyr (Yunani πῦρ)

    Maksudna: Seuneu, boh sacara harfiah boh sacara lambang.​—Lukas 17:29; Yudas 23.

    Ditarjamahkeun jadi: Seuneu; seuneu kabinasaan (KITAB SUCI © LAI 1991, Alkitab Sunda Formal)

Sajarah tina pangajaran seuneu naraka

Asal-usul: Urang Mesir di jaman baheula percaya kana seuneu naraka. Buku Book Ȧm-Ṭuat (Amduat) nu asalna ti abad ka-16 SM nyebutkeun yén jalma-jalma ”bakal digebruskeun kana lombang seuneu; jeung . . . moal bakal lolos ti dinya”.​—The Egyptian Heaven and Hell.

Henteu diajarkeun ku urang Kristen nu mimiti: ”Dina [P]erjangjian [A]nyar, teu aya bukti yén seuneu naraka téh bagian tina pangajaran [Kristen nu mimiti].”​—A Dictionary of Christian Theology.

Pangaruh palsapah Yunani: ”Ti tengah-tengah abad kadua [Maséhi], urang Kristen nu diajar palsapah Yunani mulai ngagabungkeun palsapah Yunani jeung agama maranéhna . . . Pangajaran Plato téh nu paling dipikaresep ku maranéhna.” (Encyclopædia Britannica) Pangajaran Plato téh kaasup hukuman seuneu naraka sanggeus maot. ”Ti antara kabéh ahli palsapah Yunani heubeul, Plato téh nu mawa pangaruh paling gedé ngeunaan pangajaran naraka.”​—Histoire des enfers (Sajarahna Naraka).

Seuneu naraka dijadikeun alesan pikeun nyiksa jalma-jalma: Salila mangsa Inkuisisi Spanyol, jalma-jalma nu teu satuju kana pangajaran garéja bakal diduruk dina tihang. Alesanana téh supaya maranéhna ”ngasaan saeutik siksaan di naraka”, tuluy tarobat saacan maot. (The Spanish Inquisition, karya Jean Plaidy) Kitu ogé, Ratu Mary I ti Inggris ngaduruk kira-kira 300 panganut Protéstan dina tihang, lantaran percaya yén ”jalma-jalma éta engkéna bakal diduruk salilana di naraka. Jadi ku ngaduruk jalma-jalma éta di bumi, manéhna mah ngan nyonto carana Allah ngahukum jalma jahat”.​—Universal History, karya Alexander Tytler.

Parobahan di jaman ayeuna: Sababaraha kelompok agama méré pangajaran naraka nu teu pati nyingsieunan jalma-jalma. Tapi ieu téh lain lantaran maranéhna percaya yén seuneu naraka téh pangajaran nu salah, maranéhna ngan hayang nyenangkeun anggotana. (2 Timotius 4:3) ”Ayeuna mah jalma-jalma hayang boga Allah nu babari dideukeutan jeung bageur . . . Geus teu jaman deui ngomongkeun dosa jeung kasalahan.”​—Propésor Jackson W. Carroll.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun