PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 193
  • Saha Nabi Daniél téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Saha Nabi Daniél téh?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
  • Saha Daniél téh?
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 193
Nabi Daniél ngadoa ka Allah di guha singa.

Saha Nabi Daniél téh?

Jawaban Alkitab

Daniél téh urang Yahudi anu hirup kurang leuwih 600 taun saacan jamanna Isa Al-Masih. Allah nugaskeun manéhna jadi saurang nabi. Manéhna dibéré kasanggupan pikeun nerangkeun harti impian. Daniél gé dibéré titingalian ngeunaan mangsa ka hareup sarta dibéré ilham pikeun nulis salah sahiji buku dina Alkitab, nyaéta buku Daniél, sarua jiga ngaranna.​—Daniel 1:17; 2:19.

Saha Daniél téh?

Daniél téh digedékeun di Yéhuda. Kota Yérusalém jeung bait urang Yahudi kaasup dina wilayah kakawasaan karajaan Yéhuda. Dina taun 617 SM, Nébukadnésar raja Babilon téh ngepung Yérusalém jeung mawa jalma-jalma nu kahormat pikeun jadi tawanan di Babilon. (2 Raja 24:15; Daniel 1:1) Daniél, nu basa éta rumaja kénéh, dibawa ogé.

Daniél jeung sababaraha budak ngora séjénna dibawa ku pangawal ka istana Babilon.

Daniél sarta sababaraha budak ngora séjénna (kaasup Sadrah, Mésah, jeung Abédnégo) dibawa ka istana Babilon jeung dilatih sacara husus pikeun jadi pajabat istana. Di ditu, Daniél jeung tilu babaturanana dipaksa pikeun ngalakukeun hal-hal anu salah, tapi maranéhna tetep satia ka Allah Yéhuwa. (Daniel 1:3-8) Sanggeus maranéhna dilatih salila tilu taun, Raja Nébukadnésar muji yén kabijaksanaan jeung katarampilan maranéhna téh ”sapuluh kalieun tukang-tukang nujum atawa tukang-tukang sihir di sakuliah karajaan”. Daniél jeung babaturanana dilantik jadi pajabat istana.​—Daniel 1:18-20.

Mangpuluh-puluh taun sanggeusna, waktu Daniél kira-kira umur 90 taunan, manéhna téh dipanggil pikeun datang ka istana. Raja Bélsyasar, anu basa éta jadi raja di Babilon, ménta Daniél pikeun nerangkeun harti tulisan tangan anu ujug-ujug muncul dina témbok. Ku bantuan Yéhuwa, Daniél nyingkabkeun yén Babilon bakal ditalukkeun ku karajaan Média Pérsia. Bener wéh, peuting éta kénéh Babilon dikepung!​—Daniel 5:1, 13-31.

Daniél nerangkeun harti tina tulisan dina témbok.

Pas Média Pérsia geus ngawasaan Babilon, Daniél dilantik jadi pajabat luhur. Ka dieunakeun, Raja Darius hayang méré manéhna jabatan nu leuwih luhur deui. (Daniel 6:1-3) Jadi, pajabat-pajabat anu sirik nyieun rencana pikeun ngagebruskeun Daniél ka guha singa, tapi Yéhuwa nyalametkeun manéhna. (Daniel 6:4-23) Terus, pas Daniél geus sepuh pisan, aya saurang malaikat anu némbongan ka manéhna jeung dua kali ngayakinkeun Daniél yén ”Allah asiheun ka [manéhna]”.​—Daniel 10:11, 19.

Tongton kisah hirup Daniél dina drama Alkitab nu judulna Daniel: Beriman Seumur Hidup.

Sajarah ngabuktikeun naon ngeunaan buku Daniel?

Daniél nulis: Nébukadnésar nyieun patung raksasa, terus nitah rahayatna nyembah patung éta. Nu embung nyembah bakal digebruskeun ka pameuleuman nu ngagegedur.​—Daniel 3:1-6.

Bukti sajarah: Nébukadnésar téh ngatur proyék-proyék pangwangunan nu gedé pisan di Babilon. Ceuk Encyclopædia Britannica, bangunan-bangunan éta téh ”teu ngan keur ngamulyakeun diri sorangan, tapi ogé keur nyembah déwa-déwa. . . . Nébukadnésar ngaku yén manéhna ’nu nyababkeun rahayatna nyembah déwa-déwa’.”

Aya loba catetan sajarah ti jaman Babilon anu nyebutkeun ngeunaan hukuman pati di tempat pameuleuman. Sababaraha catetan sajarah nunjukkeun yén hukuman pati jiga kitu téh diparéntahkeun ku jalma nu boga kawasa. Aya salah sahiji tulisan ti jaman pamaréntahan Nébukadnésar anu nyaritakeun ngeunaan hukuman keur para pajabat nu dituduh ngahina déwa-déwa di Babilon, ”Paéhan maranéhna, duruk maranéhna, panggang maranéhna, . . . di ruang pameuleuman bogana juru masak . . . seuneuna sina ngagedur, haseupna sina mumbul supaya maranéhna paéh di dinya kénéh.”a

Daniél nulis: Raja Nébukadnésar ngagul-ngagulkeun proyék pembangunanana.​—Daniel 4:29, 30.

Bata ti ruruntuhan Babilon nu dicap ku ngaran Nébukadnésar

Bukti sajarah: ”Tulisan Nébukadnésar nunjukkeun yén manéhna nganggap dirina raja anu bageur jeung hébat.”b Misalna dina hiji bangunan, manéhna ngagul-ngagulkeun dirina sorangan. Ceuk manéhna, ”Ku aspal jeung bata, aing ngawangun témbok anu weweg siga gunung, teu bisa di pundah-pindah. Ku aing, bénténg Esagila jeung Babilon dijieun weweg ngarah batur inget kana pamaréntahan aing salilana.”c Terus dina loba bata di ruruntuhan Babilon gé, aya loba ngaran Nébukadnésar.

Daniél nulis: Raja Bélsyasar rék méré Daniél ”kawasa katilu” di karajaan Babilon.​—Daniel 5:1, 13-16.

Lémpéngan bentuk pipah ti taun 550 SM nu nyebutkeun Raja Nabonidus jeung putrana, Bélsyasar

Bukti Sajarah: Waktu hal-hal nu disebutkeun dina buku Daniél pasal lima lumangsung, Raja Babilon téh nyaéta Nabonidus. Tapi salila manéhna ngawasa, Nabonidus téh seringna mah di Arab, lainna di Babilon. Jadi, saha atuh anu maréntah Babilon pas manéhna euweuh di dinya? Buku Nabonidus and Belshazzar karya Raymond Philip Dougherty nyebutkeun, ”Aya hiji lémpéngan nu nyebutkeun yén Nabonidus téh mercayakeun kakawasaanana ka putra cikalna, nyaéta Bélsyasar. . . . Bélsyasar téh ngawakilan bapana. Jadi, kabéh tugas raja digawékeun ku manéhna.” Lantaran Nabonidus jeung Bélsyasar nyepeng kawasa kahiji jeung kadua, Daniél ditawaran nyepeng kawasa katilu.

a Journal of Biblical Literature, Jilid 128, Nomer 2, kaca 279, 284.

b Babylon—City of Wonders, karya Irving Finkel jeung Michael Seymour, kaca 17.

c Archæology and the Bible, karya George Barton, kaca 479.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun