PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 67
  • Asal-Usul Halloween

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Asal-Usul Halloween
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Asal-usul Halloween jeung kabiasaanana
  • Naha enya Halloween téh aya hubunganana jeung kabiasaan kapir?
  • Naha Kabéh Hari Raya Kamanah ku Allah?
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 67
Tilu budak leutik nu maké kostum keur nangtung di hareupeun imah nu pinuh ku hiasan Halloween.

Asal-Usul Halloween

Jawaban Alkitab

Alkitab teu pernah nyaritakeun ngeunaan Halloween nu dirayakeun dina tanggal 31 Oktober unggal taunna. Asal-usul jeung tradisi Halloween téh teu aya dina pangajaran Alkitab.

Nu bakal dibahas dina artikel ieu:

  • Asal-usul Halloween jeung kabiasaanana

  • Naha enya Halloween téh aya hubunganana jeung kabiasaan kapir?

  • Ku naon disebut Halloween?

Asal-usul Halloween jeung kabiasaanana

  • Samhain: Buku The World Book Encyclopedia nyebutkeun yén mimitina asal-usul Halloween téh aya hubunganana jeung ”parayaan kapir kuno nu dirayakeun ku urang Kélt leuwih ti 2.000 taun kapungkur”. Buku éta gé nyebutkeun, ”Urang Kélt percaya yén jalma nu geus paéh masih kénéh aya di antara jalma-jalma nu masih hirup. Dina parayaan Samhain, jalma nu hirup bisa panggih deui jeung jalma nu geus maot”.​—Tingali ”Ku Naon Disebut Halloween?”

  • Kostum Halloween, permén, jeung kabiasaan méré permén ka barudak: Numutkeun hiji sumber, urang Kélt téh maké kostum jurig ”supaya dianggap balad ku roh-roh gentayangan”. Ku kituna, maranéhna moal diganggu. Sababaraha jalma nawarkeun permén ka roh-roh nu gentayangan supaya teu ngambek jeung teu ngaganggu.a

    Permén dina wadah bentuk labu mudal ka méja.

    Dina abad pertengahan di Éropa, para pamingpin Katolik nurutan kabiasaan kapir pikeun maké kostum jeung nitah para jamaahna ngadatangan imah-imah pikeun ménta hadiah.

  • Jurig, vampir, tukang sihir, jeung zombi: Ti baheula, kabéhanana ieu dianggap aya hubunganana jeung roh-roh jahat. Buku Halloween Trivia nyebutkeun yén kabéhanana ieu dianggap ’mahluk-mahluk gaib’ nu ”aya patalina jeung maot, jalma nu geus maot, atawa rasa sieun kana maot”.

  • Labu Halloween: Dina abad pertengahan di Inggris, jalma-jalma ”datang ka imah-imah batur pikeun ngadoakeun jalma-jalma nu geus maot asal dibéré dahareun”. Maranéhna bakal mawa ”lampu mangrupa lobak buleud nu geus diliangan jeung jerona dieusian ku lilin, ieu téh ngalambangkeun jalma-jalma nu arwahna kakurung dina api penyucian”. (Halloween—From Pagan Ritual to Party Night) Sababaraha sumber nyebutkeun yén lampu lobak ieu téh gunana keur ngusir roh jahat. Dina taun 1800-an, di Amerika Utara, lobakna diganti ku labu nu kelirna orén lantaran éta leuwih loba, leuwih gampang diliangan, jeung dibentuk.

Naha enya Halloween téh aya hubunganana jeung kabiasaan kapir?

Enya. Sababaraha jalma meureun mikir yén parayaan Halloween téh ngan keur senang-senang hungkul jeung teu ngabahayakeun sasaha. Tapi, kabiasaan-kabiasaan dina parayaan Halloween téh teu sajalan jeung pangajaran Alkitab. Halloween téh dumasar kana kapercayaan nu salah ngeunaan jalma nu maot jeung roh-roh jahat.

Perhatikeun ayat-ayat di handap ieu nu némbongkeun pandangan Allah kana kapercayaan nu aya hubunganana jeung parayaan Halloween:

  • ”Ulah aya bangsa maraneh anu . . . neangan tanda-tanda . . . ka arwah jelema anu geus paraeh.”​—Pamindo 18:10-12.

    Hartina: Allah teu resep ka jalma nu néangan cara pikeun ngobrol jeung jalma nu geus maot atawa api-api bisa ngobrol jeung maranéhna.

  • ”Ari nu paeh mah teu nyaho naon-naon.”​—Pandita 9:5.

    Hartina: Lantaran nu paéh mah teu sadar, maranéhna teu bisa komunikasi jeung nu hirup.

  • ”[Ulah] ngahiji jeung roh jahat. Sabab lamun aranjeun nginum tina lumur pikeun roh jahat, teu meunang nginum tina lumur Gusti.”​—1 Korintus 10:20, 21, KITAB SUCI © LAI 1991.

    Hartina: Saha waé nu hayang dipikaresep ku Allah, teu meunang aya hubungan jeung roh-roh jahat.

  • ”[Pék] nangtung ajeg ngalawan siasat-siasat licik Iblis, sabab nu dilawan ku urang téh . . . pasukan roh-roh jahat.”—Éfésus 6:11, 12.

    Hartina: Urang Kristen kudu ngalawan roh-roh jahat, lainna ngarayakeun parayaan-parayaan nu aya patalina jeung roh-roh jahat.

a Tingali buku Halloween: An American Holiday, an American History, kaca 4.

Ku naon disebut Halloween?

Ngaran Halloween aya hubunganana jeung parayaan urang Kélt, nyaéta parayaan Samhain. Ceuk buku The World Encyclopedia, ”Samhain . . . téh hartina ahir usum halodo. Parayaan ieu dimimitian dina usum tiris kira-kira tanggal 1 Nopémber. Dina taun 700-an nepi ka 800-an, garéja Kristen netepkeun parayaan nu anyar dina tanggal nu sarua. Parayaan éta disebut All Saints’ Day (Poé Kabéh Urang Kudus), nu disebut ogé All Hallows’. Hallow téh hartina santo, atawa urang suci. Peuting saacan poé All Hallows disebut All Hallows Eve, terus disingkat jadi All Hallow e’en. Ka dieunakeun disebut Halloween.”

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun