PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 12
  • Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Cara-Cara pikeun Nyumbang
  • ’Nyumbangkeun pangbakti ka PANGERAN’
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2018
  • Nilai tina ’Dua Duit Récéh’
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2020
  • Anu Méré Reujeung Suka Lilah Tangtu Diasih ku Yéhuwa
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2019
  • Kumaha Kagiatan Urang di Sakuliah Dunya Dibiayaan?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
Tingali Ogé
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 12
Saurang awéwé keur ngasupkeun duit ka kotak sumbangan.

Kumaha Kagiatan Saksi-Saksi Yéhuwa Dibiayaan?

Kagiatan urang utamana dibiayaan ku sumbangan sukaréla ti para Saksi Yéhuwa.a Di tempat ibadah urang disadiakeun kotak sumbangan. Cara-cara séjén pikeun nyumbang bisa ditingali dina kaca Sumbangan dina situs ieu. Dina kaca éta, urang bisa milih rék nyumbang keur pagawéan sakuliah dunya, sidang di daérah urang, atawa duanana.

Saksi-Saksi Yéhuwa teu kudu mayar perpuluhan atawa jumlah duit nu geus ditangtukeun dumasar kana panghasilan maranéhna. (2 Korintus 9:7) Urang teu pernah ménta kolékte atawa biaya dina pasamoan, acara baptisan, pamakaman, perkawinan, atawa acara agama séjénna. Urang teu néangan duit ku cara ngajual kuéh, ngayakeun bazar, karnaval, acara amal, atawa acara-acara séjénna. Urang gé teu ménta-ménta sumbangan. Ngaran jalma nu nyumbang gé teu pernah diumumkeun. (Matius 6:2-4) Dina situs Internét jeung publikasi urang teu aya iklan pikeun ngahasilkeun duit.

Unggal bulan dina pasamoan Saksi-Saksi Yéhuwa aya laporan ngeunaan kauangan nu ditepikeun di hareupeun umum. Aya audit rutin nu dilakukeun di unggal sidang pikeun mastikeun yén sumbangan téh digunakeun ku cara nu bener.​—2 Korintus 8:20, 21.

Cara-Cara pikeun Nyumbang

  • Kotak sumbangan: Sadérék bisa ngasupkeun duit ka kotak sumbangan nu aya di Balé Karajaan, Balé Kongrés, atawa tempat-tempat nu dipaké pikeun acara ibadah urang.

  • Sumbangan online: Di kalolobaan nagri, Sadérék bisa nyumbang maké kartu krédit, kartu débit, transfer éléktronik, jeung cara-cara séjénna nu aya dina kaca ”Beri Sumbangan kepada Saksi-Saksi Yehuwa”.b Aya loba Saksi nu nyieun pangaturan pikeun nyumbang sacara otomatis unggal bulanna.​—1 Korintus 16:2.

    Saurang jalma keur ningali kaca ’Beri Sumbangan kepada Saksi-Saksi Yehuwa’ dina jw.org.
  • Sumbangan nu direncanakeun: Aya sumbangan nu kudu bener-bener direncanakeun heula sarta/atawa dibahas heula jeung ahli hukum. Bisa jadi, di nagri Sadérék aya aturan ngeunaan pajeg nu bisa nguntungkeun. Loba nu ngarasakeun mangpaatna lantaran maranéhna geus néangan rincian ngeunaan amal nu bisa disumbangkeun salila maranéhna hirup atawa sanggeus maranéhna maot. Pikeun katerangan leuwih loba, mangga tatanya ka kantor cabang Saksi-Saksi Yéhuwa di daérah Sadérék lamun Sadérék hayang nyumbang maké:

    • rékening bank

    • asuransi jeung duit pénsiun

    • properti

    • saham jeung obligasi

    • wasiat jeung perwalian

Pikeun katerangan leuwih loba ngeunaan cara-cara pikeun nyumbang di daérah Sadérék, mangga tingali kaca ”Beri Sumbangan kepada Saksi-Saksi Yehuwa”.

a Aya jalma-jalma nu lain Saksi gé resep nyumbang pikeun kagiatan urang.

b Pikeun katerangan leuwih loba, tongton vidéo Cara Memberi Sumbangan Secara Elektronik.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun