Naon Dosa téh?
Jawaban Alkitab
Dosa nyaéta sagala tindakan, parasaan, atawa pamikiran nu teu sajalan jeung patokan ti Allah. Éta kaasup ngalanggar hukum Allah ku cara ngalakukeun hal nu salah atawa nu teu bener dina pandangan Anjeunna. (1 Yahya 3:4; 5:17) Alkitab gé ngajelaskeun dosa téh nyaéta kagagalan saurang jalma pikeun ngalakukeun nu bener.—Yakobus 4:17.
Dina basa aslina, kecap-kecap dina Alkitab nu dipaké pikeun dosa téh nyaéta ”méncog” atawa ”mélését”. Misalna, para prajurit Israél kuno jago ngabandring jeung ”tara mencog”. Istilah éta lamun ditarjamahkeun sacara harfiah téh jadi ”tara dosa”. (Hakim 20:15, 16) Jadi, ngalakukeun dosa téh nyaéta méncog atawa mélését tina patokan Allah nu sampurna.
Sabagé Nu Nyipta, Allah boga hak pikeun nangtukeun mana nu bener jeung nu salah. (Wahyu 4:11) Urang masing-masing kudu tanggung jawab ka Anjeunna.—Roma 14:12.
Mémangna urang bisa teu ngalakukeun dosa sama sakali?
Teu. Alkitab nyebutkeun yén ”kabéh jalma geus dosa jeung teu bisa ngahontal kamulyaan Allah”. (Roma 3:23; 1 Raja 8:46; Pandita 7:20; 1 Yahya 1:8) Ku naon?
Manusa nu mimiti, nyaéta Adam jeung Hawa, tadina mah teu boga dosa. Waktu diciptakeun, maranéhna téh sampurna, sagambar jeung Allah. (Kajadian 1:27) Tapi lantaran teu taat ka Allah, maranéhna jadi teu sampurna. (Kajadian 3:5, 6, 17-19) Terus pas boga budak, maranéhna ngawariskeun dosa jeung kateusampurnaan ka turunanana. (Roma 5:12) Raja Daud ti Israél gé ngomong, ”Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka.”—Jabur 51:7.
Naha enya aya dosa nu leuwih gedé ti batan dosa séjénna?
Enya. Misalna, Alkitab nyebutkeun yén urang Sodom téh ”jarahat” jeung ”kacida dorakana”. (Kajadian 13:13; 18:20) Aya tilu hal nu nangtukeun sakumaha gedé dosa saurang jalma.
Sakumaha goréng tindakanana. Alkitab méré paringetan supaya urang ngajauhan dosa nu gedé, misalna ngalakukeun lampah cabul, nyembah berhala, maling, mabok, meres, maéhan, jeung ngagunakeun élmu gaib. (1 Korintus 6:9-11; Wahyu 21:8) Alkitab ngabédakeun hal-hal éta jeung tindakan nu teu dipikir heula atawa dosa nu teu kahaja, misalna omongan atawa tindakan nu nganyenyeri batur. (Siloka 12:18; Éfésus 4:31, 32) Tapi, Alkitab gé ngajurung supaya urang teu nyapirakeun dosa naon waé. Sabab mun urang ngalakukeun hiji dosa, engkéna bisa waé urang ngalakukeun hal séjén nu leuwih parah jeung ngalanggar hukum Allah.—Matius 5:27, 28.
Niatna. Aya jalma nu ngalakukeun dosa lantaran manéhna teu nyaho naon nu dipiharep ku Allah. (Kisah 17:30; 1 Timotius 1:13) Mémang, dosa jiga kitu teu bisa disapirakeun, tapi Alkitab ngabédakeunana jeung dosa nu dihaja. (Bilangan 15:30, 31) Dosa nu dihaja téh asalna tina haté nu jahat.—Yermia 16:12.
Sakumaha sering dilakukeunana. Alkitab ngabédakeun dosa nu ngan sakali dilakukeun jeung nu teterusan dilakukeun. (1 Yahya 3:4-8) Jalma nu ”ngahaja terus nyieun dosa”, sanajan geus diajar nu bener, bakal narima hukuman ti Allah.—Ibrani 10:26, 27.
Jalma-jalma nu ngalakukeun dosa gedé bisa ngarasa kasiksa ku lantaran kasalahanana éta. Misalna, Raja Daud nulis, ”Abdi titeuleum dina caahna dosa sorangan, anu nindihna kacida abotna.” (Jabur 38:5) Tapi ulah hariwang. Alkitab méré harepan, ”Anu jarahat geura robah kalakuan, geura garanti pikiran. Geura tarobat ka Allah kaula. Mantenna sipat welas jeung hampuraan.”—Yesaya 55:7.