PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 102
  • Naha Enya Judi téh Dosa?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Enya Judi téh Dosa?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Jawaban Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 102
Jalma nu judi keur nyaruakeun nomer lotréna jeung pangumuman di TV

Naha Enya Judi téh Dosa?

Jawaban Alkitab

Sanajan Alkitab teu ngajelaskeun ngeunaan judi sacara rinci, urang bisa ningali tina prinsip-prinsip Alkitab yén dina pandangan Allah, judi téh dosa.​—Epesus 5:17.a

  • Judi téh dijurung ku sipat sarakah, sipat nu dipikaijid ku Allah. (1 Korinta 6:9, 10; Epesus 5:3, 5) Jalma nu judi ngarepkeun meunang duit ti nu éléh, padahal Alkitab ngalarang urang mikahayang naon-naon nu milik batur.​—Budalan 20:17; Rum 7:7; 13:9, 10.

  • Sanajan leutik-leutikan, judi bisa numuwuhkeun sipat beuki kana duit.​—1 Timoteus 6:9, 10.

  • Nu judi osok ngadu untung jeung percaya kana tahayul. Tapi, Allah nyaruakeun éta siga nyembah ka déwa-déwa, ieu teu luyu jeung ibadah sajati.​—Yesaya 65:11.

  • Alkitab ngajurung urang pikeun upaya enya-enya, lainna meunangkeun hiji hal tanpa upaya. (Pandita 2:24; Epesus 4:28) Jalma nu ngalarapkeun naséhat Alkitab bisa ngadahar nu ”beunang ladang kesang sorangan”.​—2 Tesalonika 3:10, 12.

  • Judi bisa nyababkeun urang boga sikep pasaing-saing, padahal hal ieu dilarang ku Alkitab.—Galata 5:26, NW.

a Dina Alkitab, judi ngan dicaritakeun waktu serdadu Rum ngabagikeun pakéan Yésus ku ”lotré”, atawa judi.​—Mateus 27:35; Yohanes 19:23, 24.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun