PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwfq artikel 54
  • Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Pepegatan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Pepegatan?
  • Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Naha para Saksi méré bantuan lamun aya perkawinan nu loba masalah?
  • Lamun aya nu rék pepegatan, naha kudu disatujuan heula ku kokolot sidang?
  • Kumaha pandangan Saksi Yéhuwa ngeunaan pipisahan?
  • Ajénan Naon nu ”Geus Dihijikeun ku Allah”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Perkawinan?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Pananya ti Nu Maca
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
Pananya nu Umum ngeunaan Saksi-Saksi Yéhuwa
ijwfq artikel 54
Poto kawin nu disoékkeun

Kumaha Pandangan Saksi-Saksi Yéhuwa ngeunaan Pepegatan?

Urang nuturkeun pandangan Alkitab ngeunaan perkawinan jeung pepegatan. Allah nyiptakeun perkawinan pikeun ngahijikeun lalaki jeung awéwé salalanggengna. Hiji-hijina dasar Alkitab pikeun pepegatan nyaéta lampah cabul.—Mateus 19:5, 6, 9.

Naha para Saksi méré bantuan lamun aya perkawinan nu loba masalah?

Tangtu, ku sababaraha cara saperti:

  • Publikasi. Sacara rutin aya bahan bacaan nu bisa nguatkeun perkawinan, kaasup pikeun perkawinan nu kacirina geus teu bisa disalametkeun. Misalna, tingali artikel ”Mempertahankan Komitmen dalam Perkawinan”, ”Bagaimana agar Bisa Memaafkan”, jeung ”Membangun Kembali Kepercayaan”.

  • Pasamoan ibadah. Di pasamoan ibadah jeung kongrés-kongrés, urang osok ngabahas naséhat Alkitab pikeun perkawinan.

  • Kokolot sidang. Para kokolot méré bantuan ka salaki pamajikan ngagunakeun ayat-ayat Alkitab, saperti Epesus 5:​22-​25.

Lamun aya nu rék pepegatan, naha kudu disatujuan heula ku kokolot sidang?

Henteu. Sanajan para kokolot bisa ngabantu salaki pamajikan nu keur aya masalah, maranéhna teu boga hak pikeun nyieun putusan keur pasangan éta. (Galata 6:5) Lamun aya nu pepegatan tapi euweuh dasar Alkitabna, manéhna moal meunang hak istiméwa di sidang. Numutkeun Alkitab, manéhna ogé teu meunang kawin deui.—1 Timoteus 3:1, 5, 12.

Kumaha pandangan Saksi Yéhuwa ngeunaan pipisahan?

Alkitab ngajurung pasangan nu geus kawin pikeun tetep ngahiji sanajan aya masalah. (1 Korinta 7:10-16) Loba masalah bisa diréngsékeun ku cara husu ngadoa, ngalarapkeun prinsip Alkitab, jeung nunjukkeun kanyaah.—1 Korinta 13:4-8; Galata 5:22.

Tapi, urang Kristen bisa mutuskeun pikeun pipisahan lamun nyanghareupan kaayaan nu parah pisan saperti:

  • Ngahaja teu méré napkah.—1 Timoteus 5:8.

  • Panganiayaan fisik nu parah.—Siloka 3:31.

  • Bener-bener ngabahayakeun hubungan jeung Yéhuwa. Misalna, saurang Saksi dipaksa pikeun ngalanggar paréntah Allah ku batur hirupna. Manéhna bisa jadi ngarasa pipisahan téh hiji-hijina cara pikeun ”tunduk ka Allah ti batan ka manusa”.—Rasul 5:29.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun