Naha Saksi Yéhuwa Milu Ibadah jeung Agama Séjén?
Saksi Yéhuwa resep ngabahas Alkitab jeung jalma-jalma ti agama séjén. Tapi, urang teu milu ibadah jeung agama séjén. Ceuk Alkitab, urang Kristen sajati mah kudu ”raket ngahiji”. Urang ngan bisa ngahiji lamun sapaham dina hal kapercayaan. (1 Korinta 1:10; Epesus 4:16; Pilipi 2:2) Éta hartina teu cukup ngan saukur sapaham dina hal némbongkeun kanyaah, welas asih, jeung pangampura. Tapi, urang ogé kudu boga pamahaman nu akurat tina Alkitab. Mun henteu, iman urang bakal percumah.—Rum 10:2, 3.
Dina Alkitab, jalma nu milu ibadah jeung agama séjén sarua siga jalma nu manggul dua barang nu beuratna teu sarua. Ieu téh bahaya pikeun iman urang Kristen. (2 Korinta 6:14-17) Jadi, Yésus ngalarang murid-muridna milu ibadah jeung agama séjén. (Mateus 12:30; Yohanes 14:6) Hukum Musa gé ngalarang bangsa Israil milu ibadah jeung bangsa tatanggana. (Budalan 34:11-14) Urang Israil nu satia teu daékeun narima bantuan bangsa séjén lamun kudu ibadah bareng jeung maranéhna.—Esra 4:1-3.
Naha Saksi Yéhuwa daék ngabahas Alkitab jeung jalma nu agamana béda?
Tangtu. Saperti Rasul Paulus, urang hayang ngarti kumaha pamikiran jeung kapercayaan ”jalma rea”. (1 Korinta 9:19-22) Saksi Yéhuwa hayang ngalarapkeun naséhat Alkitab pikeun ”hade tata” waktu ngabahas Alkitab jeung batur.—1 Petrus 3:15.