PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 136
  • Naha Mariam téh Indungna Allah?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naha Mariam téh Indungna Allah?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Parawan Mariam?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 136
Mariam jeung orok Yésus

Naha Mariam téh Indungna Allah?

Jawaban Alkitab

Lain, Alkitab teu ngajarkeun yén Mariam téh indungna Allah, ogé teu ngajarkeun yén urang Kristen kudu nyembah atawa mumuja Mariam.a Pék pikirkeun:

  • Mariam teu pernah ngaku jadi indungna Allah. Alkitab ngajelaskeun yén manéhna ngababarkeun ”Putra Allah”, lainna Allah.​—Markus 1:1; Lukas 1:32.

  • Yésus Kristus teu pernah ngomong yén Mariam téh indungna Allah atawa Mariam kudu disembah. Basa aya saurang awéwé nu muji-muji Mariam lantaran geus jadi indungna Yésus, Yésus kalah ka ngomong, ”Leuwih bagja deui jelema anu ngadenge jeung nurut kana timbalan Allah!”​—Lukas 11:27, 28.

  • Istilah ”Indungna Allah” jeung ”Theotokos” (Nu ngababarkeun Allah) euweuh dina Alkitab.

  • Sebutan ”Ratu Sawarga” dina Alkitab lain pikeun Mariam, tapi pikeun déwi nu disembah ku urang Israil nu murtad. (Yermia 44:15-19) Bisa jadi, ”Ratu Sawarga” téh déwina urang Babul nyaéta Istar (Astarté).

  • Urang Kristen nu mimiti teu nyembah Mariam atawa méré kahormatan husus ka manéhna. Saurang ahli sajarah nyebutkeun yén urang Kristen nu mimiti ”embung mumuja manusa jeung bisa jadi sieun disangka nyembah ka saurang déwi lamun Mariam dibéré perhatian nu kaleuleuwihi”.​—In Quest of the Jewish Mary.

  • Alkitab nyebutkeun yén Allah téh aya salalanggengna. (Jabur 90:1, 2; Yesaya 40:28) Allah téh teu aya awalna, jadi moal mungkin boga indung. Salian ti éta, Mariam teu bisa ngandung Allah sabab Alkitab ngajelaskeun yén sawarga ogé moal bisa nampung Mantenna.​—1 Raja 8:27.

Mariam téh Indungna Yésus Lain ”Indungna Allah”

Mariam dilahirkeun sabagé urang Yahudi sarta turunan Raja Daud. (Lukas 3:23-31) Manéhna kamanah pisan ku Allah lantaran ngabdi jeung boga iman ka Mantenna. (Lukas 1:28) Allah milih manéhna jadi indung Yésus. (Lukas 1:31, 35) Mariam jeung Yusup, salakina, boga anak-anak séjén.​—Markus 6:3.

Sanajan Alkitab nyebutkeun yén Mariam jadi muridna Yésus, Alkitab teu méré loba katerangan ngeunaan manéhna.​—Rasul 1:14.

Ku naon aya nu nganggap Mariam téh indungna Allah?

Numutkeun bukti-bukti, mumuja Mariam téh dimimitian dina ahir abad kaopat M. Harita, agama Katolik jadi agama utama di Karajaan Rum. Hasilna, loba jalma nu tadina nyembah brahala ngaku jadi Kristen. Garéja ogé ngasupkeun pangajaran Tritunggal nu euweuh dasar Alkitabna.

Doktrin Tritunggal nyababkeun garéja nyieun kasimpulan yén Yésus téh Allah, ku kituna Mariam dianggap indungna Allah. Dina taun 431 M, konsili garéja di Épésus ngaresmikeun Mariam sabagé ”Indungna Allah”. Ti saprak harita, kabiasaan mumuja Mariam beuki nyebar. Lantaran loba jalma nu nyembah brahala asup jadi anggota garéja, patung jeung gambar Parawan Mariam saeutik-saeutik ngagantikeun patung jeung gambar Artémis (urang Rum nyebutna Diana) sarta Isis.

Dina taun 432 M, Paus Sixtus III nitah sangkan hiji garéja diwangun di Rum pikeun ngahormat ”Indungna Allah”. Éta diwangun di deukeut tempat nu baheulana kuil pikeun nyembah déwi kalahiran urang Rum, Lucina. Saurang pangarang ngajelaskeun yén éta garéja téh ”lambang campurna kabiasaan kapir muja Indung Agung jeung kabiasaan muja Mariam sanggeus urang Rum dijadikeun Kristen”.​—Mary​—The Complete Resource.

a Sababaraha agama ngajarkeun yén Mariam téh indungna Allah. Mariam disebut ”Ratu Sawarga” atawa Theotokos, kecap Yunani nu hartina ”Nu ngababarkeun Allah”.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun