PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 137
  • Naon Hartina Suci?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Hartina Suci?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Naha jalma nu teu sampurna bisa suci?
  • Naha saurang jalma bisa teu dianggap suci deui ku Allah?
  • Kasalahpahaman ngeunaan jadi suci
  • ”Maranéh Kudu Suci”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
  • Naon Roh Suci téh?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 137
Musa jeung rungkun cucuk nu kaduruk

Naon Hartina Suci?

Jawaban Alkitab

Jadi suci téh maksudna dipisahkeun tina hal-hal nu kotor. Kecap Ibrani nu ditarjamahkeun jadi ”suci” asalna tina istilah nu hartina ”misah”. Ku kituna, hal-hal nu suci téh dipisahkeun tina hal-hal séjénna, utamana lantaran éta téh bersih jeung murni.

Allah téh Maha Suci. Ceuk Alkitab, ”Taya deui anu suci ngan PANGERAN [”Yéhuwa”].”a (1 Samuel 2:2) Jadi, Allah boga hak pikeun nangtukeun hal-hal naon nu dianggap suci.

Kecap ”suci” bisa ogé dipaké keur sagala hal nu aya patalina jeung Allah, utamana hal-hal nu dipaké husus keur ibadah. Misalna, Alkitab nyebutkeun hal-hal ieu:

  • Tempat suci: Allah nyarios ka Musa di deukeut rungkun cucuk nu kaduruk, ”Anu ditincak ku maneh teh tanah suci.”​—Budalan 3:2-5.

  • Acara suci. Urang Israil kuno rutin ngayakeun perayaan nu disebut ”pakumpulan suci” pikeun ibadah ka Yéhuwa.​—Imamat 23:37, Terjemahan Dunia Baru (NW).

  • Barang-barang suci. Barang-barang nu dipaké keur ibadah ka Allah di bait Yérusalém kuno disebut ”parabot suci”. (1 Raja 8:4, NW) Barang-barang suci éta dihargaan pisan tapi teu meunang dipuja-puja.b

Naha jalma nu teu sampurna bisa suci?

Bisa. Allah maréntahkeun urang Kristen, ”Maraneh kudu suci, sabab Kami teh suci.” (1 Petrus 1:16) Tangtu, manusa nu teu sampurna moal bisa bener-bener suci saperti Allah. Tapi, jalma nu taat kana hukum-hukum Allah bisa dianggap ”suci . . . sarta kamanah ku Mantenna”. (Rum 12:1, Sunda Formal) Saurang jalma kudu bener-bener ngupayakeun jadi suci dina kekecapan jeung lalampahanana. Misalna, manéhna nuturkeun naséhat Alkitab, ”Kudu hirup suci . . . ulah ingkar tina susila” jeung ”masing suci kalakuan.”​—1 Tesalonika 4:3; 1 Petrus 1:15.

Naha saurang jalma bisa teu dianggap suci deui ku Allah?

Bisa. Lamun saurang jalma ngalanggar papakon moral Allah, manéhna moal dianggap suci deui ku Mantenna. Misalna, buku Ibrani nu ditulis keur ”dulur-dulur anu suci”, ngélingan maranéhna sangkan ulah mekarkeun ”haté nu jahat jeung kurang iman lantaran ngajauh ti Allah nu jumeneng”.​—Ibrani 3:1, 12, NW.

Kasalahpahaman ngeunaan jadi suci

Kasalahpahaman: Urang bisa suci lamun ngajalankeun pantrangan.

Fakta: Alkitab ngajéntrékeun yén ”nyiksa maneh”, atawa ngajalankeun pantrangan nu kaleuleuwihi, di pandangan Allah téh euweuh gunana. (Kolosa 2:23) Malah, Allah hoyong urang ngarasakeun nikmatna hal-hal hadé nu diciptakeun ku Mantenna. ”Urang dahar nginum bae kabeh, beubeunangan usaha teh pake senang-senang, da kapan eta teh rahmat ti Allah.”​—Pandita 3:13.

Kasalahpahaman: Jalma nu teu kawin téh leuwih suci.

Fakta: Sanajan aya urang Kristen nu milih tetep léngoh, manéhna moal dianggap suci ku Allah lantaran teu kawin. Mémang bener yén jalma nu léngoh téh bisa museurkeun pikiranana kana ibadah ka Allah. (1 Korinta 7:32-34) Sanajan kitu, Alkitab nyebutkeun yén jalma nu kawin gé bisa jadi suci. Sahenteuna aya saurang murid Yésus nu kawin, nyaéta Pétrus.​—Mateus 8:14; 1 Korinta 9:5.

Ti mana asalna istilah ”Kitab Suci”?

Salila mangabad-abad, sakabéh kumpulan tulisan nu diilhamkeun ku Allah téh disebut ”Kitab Suci” atawa ”Tulisan-Tulisan Kudus” lantaran:

  • Asalna. ”Nabi-nabi oge ngawejangkeunana teh estu ku karana pangersa Roh Suci.”​—2 Petrus 1:21.

  • Eusina. ”Paréntah Yéhuwa téh bersih, matak caang kana panon. Rasa hormat ka Yéhuwa téh murni jeung aya salalawasna.”​—Jabur 19:8, 9, NW.

Jadi, Alkitab bisa disebut suci. Éta béda jeung tulisan-tulisan séjénna lantaran eusina murni jeung dipaké keur ibadah.

a Yéhuwa téh nami Allah. Ratusan ayat Alkitab ngahubungkeun nami ieu jeung kecap ”suci” sarta ”kasucian”.

b Alkitab ngalarang barang kaagamaan dipuja-puja.​—1 Korinta 10:14.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun