PANANYA BUDAK NGORA
Kumaha Lamun Abdi Dinyenyeri ku Babaturan?
Nu kudu dipikanyaho ku anjeun
Dina sosobatan, pasti aya masalah. Lantaran teu sampurna, babaturan atawa sobat anjeun bisa jadi ngalakukeun atawa ngomongkeun hal nu nganyenyeri haté anjeun. Tapi, anjeun gé teu sampurna. Jadi, anjeun gé pasti pernah nganyenyeri haté batur.—Yakobus 3:2.
Ngagunakeun Internét bisa nyieun urang leuwih gampang nyeri haté. Contona, saurang rumaja nu ngaranna David ngomong, ”Waktu urang keur online, terus ningali poto babaturan nu keur ngarumpul, bisa jadi urang mikir ku naon urang teu diondang. Tungtungna, urang jadi ngarasa dihianat jeung sedih.”
Anjeun bisa diajar carana ngaréngsékeun éta masalah.
Nu bisa dilakukeun ku anjeun
Pariksa diri anjeun. Ceuk Alkitab, ”Kudu bisa ngadalian amarah, sabab barangasan mah tabeat jelema gejul.”—Pandita 7:9.
”Sakapeung urang kakara sadar, sabenerna masalahna téh teu pira.”—Alyssa.
Pikirkeun: Naha anjeun téh babari teuing kasinggung? Naha anjeun bisa leuwih maklum kana kateusampurnaan batur?—Pandita 7:21, 22.
Pikirkeun mangpaatna ngahampura. Ceuk Alkitab, ”Lamun urang digogoreng tapi ku urang [diabaékeun, Terjemahan Dunia Baru], estu mulya kacida.”—Siloka 19:11.
”Sanajan urang boga alesan pikeun ambek, alus lamun urang réla ngahampura, éta hartina urang moal teterusan nyieun éta jalma inget kana kasalahanana jeung ngarasa kudu ménta maap deui. Mun geus ngahampura, ulah diomongkeun deui.”—Mallory.
Pikirkeun: Naha masalahna téh sakitu parahna? Naha bisa dihampura waé supaya tetep rukun?—Kolosa 3:13.
Teterusan ngabahas kabéh masalah dina sosobatan téh sarua siga bulak-balik muka panto, ngantep hawa tiris nu nyecep sina asup ka rohangan nu haneut
Pikirkeun batur. Ceuk Alkitab, ”Hargaan kapentingan batur, ulah mentingkeun diri sorangan bae.”—Pilipi 2:4.
”Lamun urang silih pikanyaah jeung silih hargaan, urang bakal geura ngaréngsékeun masalahna lantaran sosobatan ieu penting keur urang. Geus salila ieu ngajaga sosobatan, lebar mun ayeuna kudu pegat.”—Nicole.
Pikirkeun: Sanajan nyeri haté, naha anjeun bisa mikirkeun ku naon babaturan anjeun ngalakukeun éta?—Pilipi 2:3.
Palajaran penting: Apal carana ngadalikeun diri waktu dinyenyeri téh bakal jadi bekel keur anjeun kahareupna mun geus déwasa. Jadi, mending anjeun diajar ti ayeuna kénéh.