PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 76
  • Keur Naon Urang Datang ka Balé Karajaan?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Keur Naon Urang Datang ka Balé Karajaan?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Aya naon di Balé Karajaan?
  • Ku naon anjeun perlu datang?
  • Naon Mangpaatna Miluan Acara Ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa?
    Hirup Bagja Salilana!—Buku nu Ngabantu Urang Ngarti kana Alkitab
  • Bantu Palajar Alkitab Datang ka Pasamoan
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2022
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 76
Saurang budak ngora nu merhatikeun jalma-jalma asup ka Balé Karajaan

PANANYA BUDAK NGORA

Keur Naon Urang Datang ka Balé Karajaan?

Saksi-Saksi Yéhuwa ibadah saminggu dua kali di tempat nu disebut Balé Karajaan. Aya naon di ditu? Naon mangpaatna mun urang datang?

  • Aya naon di Balé Karajaan?

  • Ku naon anjeun perlu datang?

  • Ceuk budak ngora séjénna

Aya naon di Balé Karajaan?

Di Balé Karajaan, urang bakal diajar naséhat-naséhat tina Alkitab. Urang bakal diajar:

  • ngeunaan Allah nu sajati.

  • ku naon kaayaan dunya jiga kieu.

  • jadi jalma nu leuwih hadé.

  • néang sobat nu bageur.

Anjeun nyaho teu? Tempat ibadah Saksi-Saksi Yéhuwa téh disebut Balé Karajaan. Ku naon? Ku sabab di ditu urang sering ngabahas ngeunaan Karajaan Allah.​—Mateus 6:​9, 10; 24:14; Lukas 4:​43.

Ku naon anjeun perlu datang?

Hal-hal nu dibahas bisa ngabantu anjeun. Di ditu, urang bakal sering ngabahas naséhat tina Alkitab, jadi urang bakal ”meunang hikmah”. (Siloka 4:5) Ku kituna, engké anjeun bisa nyieun putusan-putusan nu hadé dina kahirupan. Di ditu gé, dibahas hal-hal nu penting dina kahirupan jiga:

  • Keur naon urang hirup?

  • Na Allah téh nu nyababkeun urang sangsara?

  • Waktu urang geus maot, urang ka mana?

Ieu aya sababaraha conto judul hutbah nu biasa dibahas dina ibadah ahir minggu:

  • Ku Naon Urang Butuh Bingbingan ti Alkitab?

  • Di Mana Urang Bisa Meunangkeun Bantuan Waktu Ngalaman Kasusah?

  • Naon nu Dilakukeun ku Karajaan Allah pikeun Urang Ayeuna?

”Aya batur sakola abdi anu datang ka Balé Karajaan. Manéhna diuk jeung kulawarga abdi, tuluy ku abdi dibéré injeum bukuna. Manéhna meni resep pisan waktu ngadéngé koméntar-koméntar ti jalma-jalma. Manéhna gé ngomong di garéjana mah euweuh bahan nu dibahas jiga kieu.”​—Brenda.

Anjeun nyaho teu? Mun rék miluan acara ibadah di Balé Karajaan téh teu kudu mayar jeung euweuh kolékte.

Jalma-jalma di ditu gé bakal nguatkeun anjeun. Ceuk Alkitab téh salah sahiji alesan urang Kristen ngumpul keur ibadah nyaéta pikeun silih ”gedekeun hate”. (Ibrani 10:24, 25) Jadi pasti resep pisan lamun urang bisa gaul jeung jalma-jalma nu teu égois, nu daék miheulakeun Allah jeung miheulakeun batur ti batan dirina sorangan.

”Biasana sanggeus sapoéeun ngalakukeun kagiatan, abdi sok ngarasa capé pisan. Malah, sakapeung mah sok ngarasa sedih. Tapi waktu panggih jeung jalma-jalma di Balé Karajaan, abdi ngarasa seneng deui. Jadi isukanana abdi bisa sumanget deui.”​—Elisa.

Anjeun nyaho teu? Di sakuliah dunya, aya leuwih ti 120.000 sidang jamaah Saksi Yéhuwa. Acara ibadahna diayakeun di leuwih ti 60.000 Balé Karajaan. Unggal taunna aya kira-kira 1.500 Balé Karajaan anyar nu diwangun, ku sabab jumlah hadirinna beuki ngalobaan.a

Ceuk budak ngora séjénna

Jessica

”Basa abdi SMA kénéh, aya batur sakola abdi nu milu datang ka Balé Karajaan. Manéhna tajub pisan ningali nu kolot jeung nu ngora ibadah babarengan. Ka dieunakeun dunungan abdi gé datang. Manéhna tajubeun ningali Alkitab téh meni sering dibuka dina acara ibadah. Abdi ningali manéhna téh meni ngahargaan pisan acara ibadah urang, abdi gé jadi beuki ngahargaan.”​—Jessica.

Timothy

”Waktu abdi datang ka Balé Karajaan, abdi jadi teu hariwang teuing kana pangabutuh sapopoé. Di ditu, urang diajar kumaha carana hirup bagja, jadi jalma nu leuwih bageur, jeung nu séjénna. Unggal balik ti Balé Karajaan, abdi pasti ngarasa senang jeung sumanget deui.”​—Timothy.

Jacob

”Abdi ngondang hiji lalaki ka Balé Karajaan. Sanggeus acarana bérés, manéhna téh ngomong, ’Sabenerna abdi datang téh hayang néang-néang kasalahan agama manéh, tapi kalah ka sabalikna. Abdi jadi nyaho agama abdi nu salah!’ Manéhna gé meni resep pisan, ku sabab Saksi-Saksi Yéhuwa téh meni balalageur. Ceuk manéhna, ’Abdi kakara panggih jeung maranéhna téh harita kénéh, tapi maranéhna jiga nu geus lila kenal ka abdi!’”​—Jacob.

Madison

”Abdi sok mikir, ’Sanggeus acara ibadah, abdi hayang langsung balik ah.’ Tapi pas acara ibadah geus mulai, parasaan éta téh langsung leungit. Malah sanggeus acarana bérés, abdi kalah ka ngobrol jeung jalma-jalma, jeung poho wéh bieu abdi téh hayang geura balik. Mun teu datang ka Balé Karajaan, abdi moal bisa boga babaturan nu hadé jiga ayeuna.”​—Madison.

a Pikeun néangan Balé Karajaan di daérah anjeun, mangga buka ”Pasamoan Ibadah”, terus buka ”Téangan Lokasi Pangdeukeutna”.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun