PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 144
  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Krémasi?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Krémasi?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Kasalahpahaman ngeunaan krémasi
  • Naon Harepan pikeun Nu Geus Maot?
    Kabar Gumbira ti Gusti!
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 144
Kendi nu eusina lebu urut krémasi diteundeun di gigireun poto almarhum

Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Krémasi?

Jawaban Alkitab

Dina Alkitab, euweuh pituduh nu rinci ngeunaan krémasi. Alkitab henteu maréntahkeun naha nu maot téh kudu dikubur atawa diduruk.

Alkitab nyaritakeun yén hamba-hamba Allah nu satia nguburkeun nu maot. Contona, Ibrahim indit jauh demi néangan tempat pikeun nguburkeun Sarah, pamajikanana.—Kajadian 23:2-20; 49:29-32.

Alkitab ogé nyaritakeun yén hamba-hamba Allah nu satia ngaduruk nu maot. Contona, waktu Raja Saul ti Israil jeung tilu putrana tiwas pas perang, mayit maranéhna tinggolépak di daérah musuh jeung dihihina. Ngadéngé kitu, para prajurit Israil nu satia nyokot mayit maranéhna, terus diduruk, ari tulang-taléngna dikuburkeun. (1 Samuel 31:8-13) Alkitab teu nyebutkeun yén ngaduruk mayit maranéhna téh ngalanggar hukum Allah.—2 Samuel 2:4-6.

Kasalahpahaman ngeunaan krémasi

Kasalahpahaman: Krémasi téh teu ngahargaan mayit almarhum.

Fakta: Alkitab nyebutkeun yén nu maot téh mulang deui kana taneuh atawa lebu. Éta nu biasa kajadian sanggeus mayit jadi buruk. (Kajadian 3:19) Lamun dikrémasi, mayit leuwih gancang ngajadi lebu.

Kasalahpahaman: Dina jaman Alkitab, ngan jalma-jalma nu teu dipikaresep ku Allah nu diduruk sanggeus maot téh.

Fakta: Mayitna Akan jeung kulawargana nu teu satia diduruk. (Yosua 7:25) Tapi, kajadian siga kieu téh lain hal nu umum. (Pamindo 21:22, 23) Mayit jalma nu satia ogé diduruk, misalna mayit Yonatan putrana Raja Saul.

Kasalahpahaman: Mun dikrémasi, Allah bakal hésé ngahirupkeun deui jalma éta.

Fakta: Rék dikubur, diduruk, leungit di laut, atawa dihakan ku sato galak, keur Allah mah teu hésé pikeun ngahirupkeun deui nu maot. (Wahyu 20:13) Pikeun Allah Nu Mahakawasa mah, nyieun deui awak nu anyar keur jalma nu geus maot téh hal nu gampang.—1 Korinta 15:35, 38.

Mending Dikubur atawa Diduruk?

Pikeun mutuskeunana, pikirkeun sababaraha hal ieu.

  • Amanat ti almarhum. Dina Alkitab, aya conto anggota kulawarga nu ngahargaan amanat almarhum ngeunaan rék dikumahakeun mayitna engké.—Kajadian 50:4, 5; Budalan 13:19.

  • Adat kabiasaan. Hal ieu ogé aya pangaruhna kana rék dikumahakeun mayit saurang jalma. (Yohanes 19:40) Contona di jaman baheula, jalma nu maot téh biasana dikubur. (Kajadian 49:31; 1 Samuel 28:3) Ayeuna ogé, saurang jalma bisa jadi hayang nuturkeun adat kabiasaan di daérahna, tapi manéhna kudu mastikeun yén kabiasaan éta téh teu ngalanggar prinsip Alkitab.

  • Hukum pamaréntah. Alkitab ngajurung urang pikeun tunduk ka pamaréntah. (Rum 13:1) Di sababaraha tempat, pamaréntah nyieun hukum-hukum. Misalna, aya pamaréntah nu ngalarang wargana ngawurkeun lebu urut krémasi di sababaraha tempat.

  • Parasaan batur. Alkitab ngajurung urang pikeun merhatikeun kapentingan batur. (Pilipi 2:4) Jadi urang bisa mikirkeun: Lamun mayit almarhum dikubur atawa diduruk, kumaha parasaan kulawargana? Kumaha pandangan jalma-jalma di daérah ditu?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun