Naha Yésus téh Bener-Bener Mésias saperti nu geus Diramalkeun?
Jawaban Alkitab
Enya. Waktu Yésus di bumi, sababaraha ramalan ngeunaan ”Mésias, éta Pamingpin”, pribadi nu bakal jadi ”Jurusalamet saalam dunya” laksana dina diri Yésus. (Daniel 9:25, Terjemahan Dunia Baru (NW); 1 Yohanes 4:14) Malah sanggeus anjeunna maot gé, ramalan-ramalan ngeunaan Mésias terus laksana dina dirina.—Jabur 110:1; Rasul 2:34-36.
Naha ramalan ngeunaan Mésias bisa laksana dina sababaraha jalma?
Sababaraha ramalan ngeunaan Mésias nu laksana dina diri Yésus
Naon hartina ”Mésias”?
Istilah Ibrani Mashiach (Mésias) sarua jeung kecap Yunani Khristos (Kristus), duanana boga harti ”Nu Diistrénan”. Jadi, ”Yésus Kristus” téh hartina ”Yésus nu Diistrénan” atawa ”Yésus Sang Mésias”.
Dina jaman Alkitab, jalma nu dilantik pikeun narima kadudukan atawa wewenang nu istiméwa diistrénan ku cara sirahna dikucuran minyak. (Imamat 8:12; 1 Samuel 16:13) Allah ngalantik Yésus pikeun jadi Mésias, kadudukan nu wewenangna luhur. (Rasul 2:36) Tapi Yésus mah diistrénan ku roh suci, lain ku minyak.—Mateus 3:16.
Naha ramalan ngeunaan Mésias bisa laksana dina sababaraha jalma?
Henteu. Saperti sidik jari saurang jalma nu moal sarua jeung batur, laksanana ramalan Alkitab ngan bisa diwujudkeun ku saurang Mésias, atawa Kristus. Tapi Alkitab ngingetan yén ”bakal loba Kristus palsu jeung nabi-nabi palsu; maranehna bakal nyarieun kaahengan jeung kaajaiban pikeun nipu, lamun bisa mah ka umat pilihan Allah oge”.—Mateus 24:24.
Naha bisa Mésias muncul dina mangsa kahareup?
Henteu. Alkitab ngaramalkeun yén Mésias bakal lahir ti turunan Raja Daud ti Israil. (Jabur 89:4, 5) Tapi catetan ngeunaan silsilah turunan urang Yahudi ti Raja Daud geus leungit, katingalina musna basa Yérusalém ditalukkeun ku Rum dina taun 70 M.a Ti saprak harita, moal mungkin aya jalma nu bisa ngabuktikeun yén manéhna téh turunan ti Raja Daud. Sabalikna, catetan ngeunaan silsilah éta masih aya di jaman Yésus. Musuh gé teu bisa nyangkal yén Yésus téh turunan Daud.—Mateus 22:41-46.
Aya sabaraha loba ramalan ngeunaan Mésias dina Alkitab?
Hésé nangtukeun jumlah pastina téh. Salah sahiji alesanana nyaéta cara ngitung jumlah ramalan ngeunaan Mésias téh bisa béda-béda. Contona, Yesaya 53:2-7 nyebutkeun sababaraha ramalan ngeunaan Mésias. Aya nu nganggap ieu téh ngan hiji ramalan, nu séjénna nganggap ieu téh sababaraha ramalan nu béda-béda.
Sababaraha ramalan ngeunaan Mésias nu laksana dina diri Yésus
Ramalan |
Dicatet dina |
Laksana |
|---|---|---|
Turunan Ibrahim |
||
Turunan Ishak putrana Ibrahim |
||
Dilahirkeun ti kaom Yuda ti bangsa Israil |
||
Turunan Raja Daud |
Yesaya 9:7, NW |
|
Dilahirkeun ku saurang parawan |
||
Dilahirkeun di Bétléhém |
||
Disebut Immanuélb |
||
Awal kahirupanana téh saderhana |
||
Barudak leutik diparaéhan sanggeus anjeunna lahir |
||
Dipanggil sina kaluar ti Mesir |
||
Disebut urang Nasarétc |
||
Dipiheulaan ku saurang utusan |
||
Dilantik sabagé Mésias dina taun 29 Md |
Daniel 9:25, NW |
|
Diaku Putra ku Allah |
||
Cinta ka Bait Allah |
||
Nguarkeun warta pikabungaheun |
||
Mawa caang ka urang Galiléa |
||
Nyieun mujijat saperti Musa |
||
Nepikeun pamikiran Allah saperti Musa |
||
Nyageurkeun loba jalma |
||
Teu narik perhatian ka diri sorangan |
||
Welas asih ka nu sangsara |
||
Némbongkeun kaadilan Allah |
||
Juru Naséhat nu Hébat |
Yesaya 9:6, 7, NW |
|
Ngumumkeun nami Yéhuwa |
Jabur 22:22, NW |
Yohanes 17:6, NW |
Ngajar ngagunakeun ibarat |
||
Saurang Pamingpin |
||
Loba nu teu percaya ka anjeunna |
||
Bakal jadi batu nu matak titajong |
||
Ditolak ku manusa |
||
Dipikageuleuh tanpa sabab |
||
Numpak kaldé basa asup ka Yérusalém |
||
Dipuji ku barudak leutik |
||
Datang ku nami Allah Yéhuwa |
||
Dihianatan ku hiji sobatna |
||
Dihianatan ngan demi 30 geblég perake |
||
Ditinggalkeun ku babaturanana |
||
Dipitnah ku saksi-saksi palsu |
||
Teu ngajawab waktu dituduh |
||
Diciduhan |
||
Sirahna diteunggeulan |
Mika 5:1, NW |
|
Dipecutan |
||
Teu ngabales waktu diteunggeulan |
||
Para pamingpin sakongkol ngalawan anjeunna |
||
Leungeun jeung sukuna dipakukeun kana tihang |
||
Papakéanana dilotrékeun |
||
Dianggap penjahat |
Yesaya 53:12, NW |
|
Dileléwé, dihina |
||
Sangsara demi jalma-jalma dosa |
||
Katingalina siga nu ditinggalkeun ku Allah |
||
Diasongan cuka jeung hamperu pikeun diinum |
||
Halabhab saacan maot |
||
Masrahkeun nyawana ka Allah |
||
Ngorbankeun kahirupanana |
||
Jadi tebusan pikeun nyingkirkeun dosa |
||
Tulangna teu aya nu dipotongkeun |
||
Ditumbak |
||
Dimakamkeun bareng jeung nu beunghar |
||
Dihirupkeun deui |
||
Jalma nu hianat ka Yésus digantikeun |
||
Diuk di katuhueun Allah |
a Buku Cyclopedia karya McClintock jeung Strong nyebutkeun yén katingalina catetan ngeunaan suku bangsa sarta kulawarga Yahudi téh musna basa Yérusalém diancurkeun, lainna saacanna.
b Ngaran Immanuél téh tina basa Ibrani nu hartina ”Urang Disarengan ku Allah”. Ngaran ieu ngagambarkeun tugas Yésus sabagé Mésias. Kadatangan anjeunna ka bumi jeung mujijat-mujijatna ngabuktikeun yén Allah nyarengan umat-Na.—Lukas 2:27-32; 7:12-16.
c Istilah ”urang Nasarét” katingalina asalna tina kecap Ibrani netser, nu hartina ”sirung”.
d Pikeun rincian ngeunaan kajadian taun 29 M sabagé taun datangna Mésias, tingali artikel ”Nubuat Daniel tentang Kedatangan Mesias”.
e Ramalan ieu aya di buku Jakaria, tapi Mateus nu nulisna ngomong yén ieu téh ”ucapan Nabi Yermia”. (Mateus 27:9) Katingalina buku Yermia sok ditempatkeun pangmimitina dina bagian ”Kitab Nabi-Nabi” nu aya di Kitab Suci. (Lukas 24:44) Bisa jadi Mateus nyebutkeun ”Yermia” pikeun ngamaksudkeun sakabéh kitab nabi-nabi, nu ngamuat buku Jakaria ogé.