PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwbq artikel 145
  • Naon Yérusalém Anyar téh?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Naon Yérusalém Anyar téh?
  • Pananya nu Dijawab Alkitab
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Jawaban Alkitab
  • Yérusalém Anyar téh:
  • Saha nu Bakal ka Sorga?
    Pananya nu Dijawab Alkitab
Pananya nu Dijawab Alkitab
ijwbq artikel 145
Yérusalém Anyar nu digambarkeun dina Kitab Wahyu

Naon Yérusalém Anyar téh?

Jawaban Alkitab

Istilah ”Yérusalém anyar” muncul dua kali dina Alkitab. Ieu téh kota simbulis nu ngagambarkeun kelompok murid-murid Yésus nu indit ka sawarga pikeun maréntah bareng jeung anjeunna dina Karajaan Allah. (Wahyu 3:12; 21:2) Dina Alkitab, kelompok ieu ogé disebut pangantén awéwé Kristus.

Yérusalém Anyar téh:

  1. Aya di sawarga. Dina Alkitab, kota Yérusalém Anyar téh disebutkeun turun ti sawarga jeung gerbang-gerbang kotana dijaga ku para malaikat. (Wahyu 3:12; 21:2, 10, 12) Tina ukuranana, éta kota mustahil aya di bumi. Panjang, rubak, jeung jangkungna téh sarua, masing-masing ampir 560 kilométer, jadi kurilingna téh kira-kira 2.200 kilométer.​—Wahyu 21:16, Terjemahan Dunia Baru (NW).

  2. Mangrupa kelompok murid-murid Yésus, nu disebut pangantén awéwé Kristus. Yérusalém Anyar disebut ”Panganten Istri, geureuha-Na anu ngagem jujuluk Anak Domba”. (Wahyu 21:9, 10) Anak Domba dina ayat éta ngamaksudkeun Yésus Kristus. (Yohanes 1:29; Wahyu 5:12) ’Geureuha-Na Anak Domba’, atawa pangantén Kristus, ngamaksudkeun urang Kristen nu bakal babarengan jeung Yésus di sawarga. Dina Alkitab, hubungan antara Yésus jeung jalma-jalma ieu digambarkeun siga salaki jeung pamajikan. (2 Korinta 11:2; Epesus 5:23-25) Dina batu-batu tatapakan Yérusalém Anyar, ditulis ngaran ”dua welas rasulna Anak Domba”. (Wahyu 21:14) Rincian ieu neguhkeun saha nu dimaksud ku Yérusalém Anyar, sabab urang Kristen nu bakal hirup di sawarga ”nangtung dina pademen anu dipasang ku rasul-rasul jeung nabi-nabi”.​—Epesus 2:20.

  3. Bagian tina hiji pamaréntahan. Yérusalém kuno téh mangrupa ibukotana Israil. Di ditu Raja Daud, Suléman, jeung turunanana maréntah dina ’tahta PANGERAN’. (1 Babad 29:23) Jadi, Yérusalem nu disebut ”kota suci” ngawakilan Karajaan Allah tina garis turunan kulawarga Daud. (Nehemia 11:1) Yérusalém Anyar nu disebut ”kota suci” ogé mangrupa jalma-jalma nu bakal ngagabung jeung Yésus di sawarga pikeun maréntah sabagé raja keur sakuliah bumi.​—Wahyu 5:9, 10; 21:2.

  4. Ngadatangkeun berkah keur jalma-jalma di bumi. Yérusalém Anyar digambarkeun ”turun ti sawarga, ti Allah”. (Wahyu 21:2) Ieu nunjukkeun yén Allah ngagunakeun maranéhna pikeun ngurus hal-hal di bumi. Kekecapan éta ogé nunjukkeun patali antara Yérusalém Anyar jeung Karajaan Allah. Éta Karajaan digunakeun ku Allah pikeun ngawujudkeun tujuana-Na ”di dunya, sapertos di sawarga”. (Mateus 6:10) Tujuan Allah pikeun manusa di bumi téh kaasup berkah-berkah ieu:

    • Nyingkirkeun dosa. ”Hiji walungan anu caina matak hirup” ngocor ti Yérusalém Anyar jeung méré cai keur ”tangkal kahirupan” nu bisa ”nyageurkeun bangsa-bangsa”. (Wahyu 22:1, 2) Dicageurkeunana bangsa-bangsa sacara jasmani jeung rohani bakal nyingkirkeun dosa jeung nyieun maranéhna boga kahirupan nu sampurna, sakumaha tujuan Allah nu mimiti.​—Rum 8:21.

    • Hubungan nu rukun antara Allah jeung manusa. Ku lantaran dosa, manusa jadi mumusuhan jeung Allah. (Yesaya 59:2) Disingkirkeunana dosa manusa bakal ngawujudkeun ramalan ieu, ”Tempat Allah ayeuna geus ngahiji jeung manusa! Mantenna rek sasarengan jeung maranehna, maranehna bakal jadi umat-Na, sarta Mantenna bakal jadi Allah maranehna.”​—Wahyu 21:3.

    • Kasangsaraan jeung maot bakal dileungitkeun. Ku jalan Karajaana-Na, Allah bakal ”nyusutan cipanon maranehna. Paeh, kasedih, piceurikeun, kanyeri, moal aya-aya deui”.​—Wahyu 21:4.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun