PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 13 kaca 28-29
  • Timoteus Resep Ngabantu Jalma-Jalma

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Timoteus Resep Ngabantu Jalma-Jalma
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • Paulus jeung Timoteus
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Priya-Priya nu Dilantik—Pék Diajar ti Timoteus
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2018
  • Sing Sumanget Ngajalankeun Tugas!
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
Ajar Anak Sadérék
yc bab 13 kaca 28-29
Ti leuleutik kénéh, Timoteus diajar ti Énika, indungna, jeung Lois, ninina

PALAJARAN 13

Timoteus Resep Ngabantu Jalma-Jalma

Timoteus téh budak ngora nu resep ngabantu jalma-jalma. Manéhna iinditan ka loba tempat pikeun ngabantu jalma-jalma. Ku kituna, manéhna boga kahirupan nu nyenangkeun. Hidep hayang ngadéngé caritana?​—

Indung jeung nini Timoteus ngajarkeun ngeunaan Yéhuwa ka manéhna

Timoteus digedékeun di kota Listra. Ti leuleutik, Lois, ninina, jeung Énika, indungna, ngajarkeun ngeunaan Yéhuwa. Ku kituna, Timoteus jadi boga kahayang ngabantu jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa.

Waktu Timoteus ngora kénéh, Paulus ngajak manéhna ngawarta ka kota-kota séjén. Timoteus ngajawab, ’Abdi siap!’ Manéhna siap ngabantu jalma-jalma.

Timoteus indit jeung Paulus ka kota Tésalonika nu aya di Makédonia. Supaya bisa nepi ka dinya, manéhna kudu leumpang jauh pisan terus naék kapal. Di ditu maranéhna ngabantu jalma-jalma diajar ngeunaan Yéhuwa. Tapi, aya jalma-jalma nu ambek terus hayang nyilakakeun maranéhna. Jadi, Paulus jeung Timoteus kudu indit jeung ngawarta di tempat séjén.

Timoteus indit jeung rasul Paulus maké kapal

Kahirupan Timoteus nyenangkeun

Sababaraha bulan sanggeusna, Paulus ngutus Timoteus balik deui ka Tésalonika pikeun ningali kaayaan dulur-dulur di ditu. Tangtu Timoteus kudu boga kawani, sabab di ditu masih aya jalma-jalma nu teu resepeun ka manéhna! Tapi, Timoteus tetep indit sabab manéhna hariwangeun ka dulur-dulur di ditu. Timoteus balik ka Paulus mawa warta nu alus. Dulur-dulur di Tésalonika teu ku nanaon!

Timoteus mangtaun-taun gawé bareng Paulus. Keur Paulus mah Timoteus téh jalma nu pangcocogna pikeun mantuan sidang-sidang. Timoteus nyaah ka Yéhuwa jeung ka jalma-jalma.

Hidep nyaah teu ka jalma-jalma? Hayang mantuan maranéhna diajar ngeunaan Yéhuwa?​— Lamun kitu, hidep bakal boga kahirupan nu ngagumbirakeun je⁠ung nyenangkeun saperti Timoteus!

BACA DINA KITAB SUCI

  • 2 Timoteus 1:5; 3:15

  • Rasul 16:1-5; 17:1-10

  • 1 Tesalonika 3:2-7

  • Pilipi 2:19-22

PANANYA:

  • Di mana Timoteus digedékeun?

  • Daék teu Timoteus indit jeung Paulus? Ku naon?

  • Ku naon Timoteus balik deui ka Tésalonika?

  • Kumaha supaya kahirupan hidep ngagumbirakeun jeung nyenangkeun saperti Timoteus?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun