Bilangan
14 Tuluy, sakumna jamaah tingjarerit sarta careurik gogoakan sapeupeuting.+ 2 Sakabéh urang Israél kukulutus ka Musa jeung Harun.+ Sakumna jamaah ngomong ka maranéhna, ”Mending kénéh urang paéh di Mesir atawa paéh di tanah gurun! 3 Ku naon Yéhuwa bet mawa urang ka éta tanah sina dipaéhan ku pedang?+ Pamajikan jeung anak-anak urang bakal jadi tawanan,+ mending kénéh urang balik deui ka Mesir.”+ 4 Malah maranéhna ngomong kieu, ”Hayu urang pilih pamingpin tuluy balik deui ka Mesir!”+
5 Ngadéngé kitu, bruk Musa jeung Harun sujud kana taneuh hareupeun sakumna jamaah Israél. 6 Yosua+ anak Nun jeung Kaléb+ anak Yéfuné, nu milu jadi mata-mata di éta tanah, nyoéhkeun bajuna. 7 Maranéhna ngomong kieu ka sakumna jamaah Israél, ”Tanah nu dipariksa ku urang téh alus, alus pisan.+ 8 Lamun urang dipikaresep ku Yéhuwa, urang pasti bakal dibawa ku Anjeunna ka éta tanah. Tanah nu loba susu jeung maduna+ téh bakal dibikeun ka urang. 9 Tapi, aranjeun teu meunang barontak ka Yéhuwa. Ulah sieun ku jalma-jalma di ditu,+ sabab urang bakal ngéléhkeun maranéhna. Teu aya nu nangtayungan maranéhna, ari urang mah ditangtayungan ku Yéhuwa.+ Ulah sieun ku maranéhna.”
10 Tapi, sakumna jamaah ngadon rék ngabalédogan maranéhna ku batu.+ Ari pék téh bray kamulyaan Yéhuwa nyaangan kémah tepangan, katingali ku sakabéh urang Israél.+
11 Tuluy Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Rék nepi ka iraha ieu bangsa teu hormat ka Kuring?+ Rék nepi ka iraha maranéhna teu boga iman ka Kuring, padahal Kuring geus nyieun loba mujijat hareupeun maranéhna?+ 12 Geus, ayeuna mah maranéhna ku Kuring rék dibéré wabah panyakit sina musna. Turunan manéh wéh nu ku Kuring dijadikeun bangsa nu leuwih gedé jeung leuwih kuat tibatan maranéhna.”+
13 Tapi Musa ngomong ka Yéhuwa, ”Gusti tos ngabudalkeun umat Gusti ti Mesir ku kawasa Gusti. Upami Gusti sapertos kitu, bakal kadangueun ku urang Mesir.+ 14 Engké ku urang Mesir bakal dicaritakeun ka penduduk tanah Kanaan. Penduduk di ditu tos ngadangu yén Gusti, Yéhuwa, nyarengan ieu umat.+ Maranéhna gé tos ngadangu yén Gusti tos ngawartosan ka umat ieu saha saleresna Gusti téh.+ Gusti téh Yéhuwa. Méga* Gusti aya di luhureun umat Gusti. Upami siang Gusti aya di payuneun maranéhna dina tihang méga, upami wengi dina tihang seuneu.+ 15 Upami Gusti numpes umat Gusti sakaligus, bangsa-bangsa nu tos ngadangu kahébatan Gusti bakal ngaromong kieu, 16 ’Geuningan Yéhuwa téh teu sanggup nedunan sumpah-Na pikeun mawa umat-Na ka tanah nu geus dijangjikeun, matakna maranéhna diparaéhan di tanah gurun.’+ 17 Ku kituna, nun Yéhuwa, mugia Gusti némbongkeun kakuatan Gusti nu hébat saperti nu tos dijangjikeun ku Gusti kapungkur basa Gusti nyarios, 18 ’Yéhuwa teu gancang ambek, nyaahan pisan,*+ ngahampura kasalahan jeung palanggaran, tapi moal ngantep jalma jahat bébas tina hukuman. Lamun aya jalma nu nyieun kasalahan, anak, incu, jeung buyutna bakal disina ngarasakeun balukarna.’+ 19 Gusti pan nyaahan pisan.* Ku kituna, mugia dihapunten kasalahan ieu bangsa, sakumaha Gusti ngahapunten ieu bangsa ti saprak maranéhna di Mesir nepi ka ayeuna.”+
20 Dijawab ku Yéhuwa, ”Ku Kuring dihampura sakumaha paménta manéh.+ 21 Tapi Kuring sumpah demi diri Kuring, sakuliah bumi bakal pinuh ku kamulyaan Yéhuwa.+ 22 Najan kitu, jalma-jalma nu geus ningali kamulyaan jeung mujijat+ nu ditémbongkeun ku Kuring di Mesir jeung di tanah gurun, tapi teterusan* nguji ka Kuring+ sarta embung ngadéngékeun omongan Kuring,+ 23 kabéhanana moal ningali tanah nu geus dijangjikeun ku Kuring ka karuhun maranéhna. Jalma-jalma nu teu hormat ka Kuring moal aya saurang-urang acan nu ningali éta tanah.+ 24 Tapi, lantaran Kaléb+ hamba Kuring mah béda ti maranéhna jeung terus taat ka Kuring ku sagemblengna haté, Kuring bakal mawa manéhna ka tanah nu geus dijugjug ku manéhna. Turunanana bakal ngamilik éta tanah.+ 25 Lantaran urang Amalék jeung urang Kanaan+ maratuh di lebak, isukan maranéh kudu muter balik ka tanah gurun, ka jalan nu nuju ka Laut Beureum.”+
26 Geus kitu, Yéhuwa nyarios ka Musa jeung Harun, 27 ”Rék nepi ka iraha jamaah anu jahat ieu kukulutus ka Kuring?+ Kuring geus ngadéngé kukulutusna urang Israél.+ 28 Béjakeun ka maranéhna, ’Yéhuwa ngucap kieu, ”Kuring sumpah demi diri Kuring, omongan maranéh nu kadéngé ku Kuring, nya éta nu bakal dilaksanakeun ku Kuring!+ 29 Maranéh nu umurna 20 taun ka luhur jeung geus didaptar, nu kukulutus ka Kuring,+ mayit maranéh bakal tinggolépak di tanah gurun ieu.+ 30 Moal aya saurang-urang acan ti antara maranéh nu bakal asup jeung matuh di tanah nu geus dijangjikeun ku Kuring maké sumpah,+ kajaba Kaléb anak Yéfuné jeung Yosua anak Nun.+
31 ”’”Anak-anak maranéh, anu ceuk maranéh bakal jadi tawanan,+ ku Kuring bakal dibawa ka tanah nu ditolak ku maranéh. Maranéhna nu bakal ningali éta tanah.+ 32 Tapi mayit-mayit maranéh mah bakal tinggolépak di tanah gurun ieu. 33 Anak-anak maranéh bakal jadi pangangon di tanah gurun salila 40 taun.+ Maranéhna kudu nanggung balukarna lantaran maranéh teu satia,* nepi ka jalma pangahirna di antara maranéh maot di tanah gurun.+ 34 Maranéh bakal dihukum salila 40 taun,+ sarua lilana basa maranéh jadi mata-mata di éta tanah, nyaéta 40 poé.+ Sapoé téh diitung sataun, supaya maranéh nyaho balukarna ngalawan ka Kuring.*
35 ”’”Kuring, Yéhuwa, geus ngomong. Ieu nu bakal dilaksanakeun ku Kuring ka jamaah nu jahat ieu, nu geus sakongkol ngalawan Kuring: Maranéhna bakal musna di tanah gurun ieu, nya di dieu maranéhna bakal tariwas.+ 36 Lalaki-lalaki nu diutus ku Musa pikeun jadi mata-mata di éta tanah téh balikna nyebarkeun laporan goréng ngeunaan éta tanah+ nepi ka sakumna jamaah kukulutus ka manéhna. 37 Lalaki-lalaki nu nyebarkeun laporan goréng ngeunaan éta tanah téh bakal dihukum jeung dipaéhan hareupeun Yéhuwa.+ 38 Ari Yosua anak Nun jeung Kaléb anak Yéfuné, nu milu jadi mata-mata di éta tanah, bakal tetep hirup.”’”+
39 Waktu Musa nepikeun éta kekecapan ka sakabéh urang Israél, jalma-jalma kacida sarediheunana. 40 Tuluy maranéhna hudang isuk-isuk pisan, rék indit ka puncak gunung. Ceuk maranéhna, ”Abdi sadaya tos ngalampahkeun dosa, tapi ayeuna abdi sadaya tos siap angkat ka tempat nu dituduhkeun ku Yéhuwa.”+ 41 Ku Musa dijawab, ”Maranéh rék ngalanggar deui paréntah Yéhuwa? Maranéh pasti gagal. 42 Ulah ka daritu, da maranéh moal disarengan ku Yéhuwa. Maranéh pasti éléh ku musuh.+ 43 Di ditu maranéh bakal ngalawan urang Amalék jeung urang Kanaan,+ tapi maranéh bakal dipaéhan ku pedang. Yéhuwa moal nyarengan maranéh, sabab maranéh teu nurut ka Yéhuwa.”+
44 Sanajan kitu, maranéhna keukeuh arindit ka puncak gunung,+ ari Musa jeung peti perjangjian Yéhuwa mah tetep aya di tengah-tengah pakémahan.+ 45 Geus kitu, urang Amalék jeung urang Kanaan nu maratuh di éta gunung tarurun sarta ngéléhkeun maranéhna. Maranéhna paburisat nepi ka Horma.+