PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pamindo 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pamindo

      • Lamun aya mayit tapi teu nyaho saha nu maéhan (1-9)

      • Kawin jeung awéwé nu ditawan (10-14)

      • Hak anak cikal (15-17)

      • Anak nu bedegong (18-21)

      • Jalma nu digantung dina tihang téh dikutuk (22, 23)

Pamindo 21:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 16:18

Pamindo 21:4

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wadi”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 35:33

Pamindo 21:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 28:1
  • +Bil 6:23-27; 1Bab 23:13
  • +Pam 17:8, 9

Pamindo 21:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 26:6; Mat 27:24

Pamindo 21:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”Panangan abdi sadaya teu ngucurkeun ieu getih”.

Pamindo 21:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 7:23
  • +Yés 26:21; Yér 26:15

Pamindo 21:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 31:9; Pam 20:13, 14

Pamindo 21:13

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ngalakukeun hubungan séks”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 20:29; Pam 34:8

Pamindo 21:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 24:1

Pamindo 21:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 29:30, 33

Pamindo 21:17

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”éta téh nu mimiti tina kakuatanana”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 25:31; 2Bab 21:3

Pamindo 21:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 20:12; Pam 27:16; Sil 1:8; Éf 6:1
  • +Pam 8:5; Sil 13:24; 19:18; 23:13; Ibr 12:9

Pamindo 21:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 28:7
  • +Rm 13:13; 1Kor 6:10; Éf 5:18

Pamindo 21:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 13:10, 11

Pamindo 21:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 25:5
  • +Yos 10:26; Kis 10:39

Pamindo 21:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 8:29; Yah 19:31
  • +Gal 3:13
  • +Bil 35:34

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Pam. 21:2Pam 16:18
Pam. 21:4Bil 35:33
Pam. 21:5Bud 28:1
Pam. 21:5Bil 6:23-27; 1Bab 23:13
Pam. 21:5Pam 17:8, 9
Pam. 21:6Jab 26:6; Mat 27:24
Pam. 21:82Sam 7:23
Pam. 21:8Yés 26:21; Yér 26:15
Pam. 21:10Bil 31:9; Pam 20:13, 14
Pam. 21:13Bil 20:29; Pam 34:8
Pam. 21:14Pam 24:1
Pam. 21:15Kaj 29:30, 33
Pam. 21:17Kaj 25:31; 2Bab 21:3
Pam. 21:18Bud 20:12; Pam 27:16; Sil 1:8; Éf 6:1
Pam. 21:18Pam 8:5; Sil 13:24; 19:18; 23:13; Ibr 12:9
Pam. 21:20Sil 28:7
Pam. 21:20Rm 13:13; 1Kor 6:10; Éf 5:18
Pam. 21:21Pam 13:10, 11
Pam. 21:22Bil 25:5
Pam. 21:22Yos 10:26; Kis 10:39
Pam. 21:23Yos 8:29; Yah 19:31
Pam. 21:23Gal 3:13
Pam. 21:23Bil 35:34
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pamindo 21:1-23

Pamindo

21 ”Lamun di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh aya mayit di tegalan, tapi teu nyaho saha nu maéhanana, 2 para kokolot jeung hakim+ kudu ngukur jarak éta mayit ka kota-kota sabudeureunana. 3 Geus kitu, para kokolot ti kota nu pangdeukeutna ka tempat éta mayit kudu mawa hiji sapi ngora nu can pernah dipaké gawé jeung can pernah dipaké narik beban. 4 Tuluy, para kokolot éta kudu nungtun sapina ka lebak* nu caina ngocor, nu tanahna can pernah digarap atawa dipelakan nanaon. Di dinya, maranéhna kudu miteskeun beuheung éta sapi.+

5 ”Para imam Léwi gé kudu datang ka dinya, sabab Yéhuwa Allah maranéh geus milih maranéhna pikeun ngalalayanan Anjeunna+ jeung pikeun ngucapkeun berkah ku nami Yéhuwa.+ Maranéhna nu bakal nangtukeun cara ngaréngsékeun perkara nu aya patalina jeung kakerasan.+ 6 Geus kitu, para kokolot ti kota nu pangdeukeutna ka tempat éta mayit kudu ngumbah leungeunna+ luhureun sapi nu beuheungna geus dipiteskeun di éta lebak. 7 Maranéhna kudu ngomong kieu, ’Abdi sadaya teu maéhan ieu jalma.* Abdi sadaya gé teu ningal manéhna dipaéhan. 8 Nun Yéhuwa, ulah nyalahkeun umat Gusti, Israél, nu tos disalametkeun ku Gusti.+ Umat Gusti ulah sina tanggung jawab ku lantaran maotna jalma nu teu salah ieu.’+ Ku kituna, maranéhna moal dianggap salah ku lantaran maotna éta jalma. 9 Lamun éta dijalankeun, maranéh téh ngalampahkeun nu bener dina pandangan Yéhuwa. Maranéh leupas tina tanggung jawab kana perkara maotna éta jalma.

10 ”Lamun maranéh perang ngalawan musuh-musuh, tuluy ku Yéhuwa Allah maranéh diunggulkeun, geus kitu maranéhna dijadikeun tawanan,+ 11 heug di antara tawanan téh aya awéwé geulis, sarta maranéh bogoh jeung hayang ngawin manéhna, 12 éta awéwé meunang dibawa ka imah. Éta awéwé kudu ngagundulan sirahna, ngaguntingan kukuna, 13 jeung sina ngalaanan baju nu dipaké basa keur ditawan. Tuluy, manéhna bakal cicing di imah maranéh, keun antep sina nyeungceurikan indung bapana salila sabulan.+ Geus kitu, kakara maranéh meunang saré* jeung manéhna. Maranéh bakal jadi salakina, manéhna bakal jadi pamajikan maranéh. 14 Lamun maranéh geus teu bogoh deui, keun wéh manéhna sina indit+ ka mana karepna. Tapi, maranéh teu meunang kasar atawa ngajual manéhna, sabab maranéh geus ngarendahkeun manéhna.

15 ”Lamun aya lalaki boga dua pamajikan, tapi leuwih nyaah ka nu hiji tibatan ka nu hiji deui, heug duanana téh boga anak lalaki, tapi anu lahir ti heula téh ti pamajikan nu teu dipikanyaah,+ 16 engké waktu ngabagikeun warisan ka anak-anak lalakina, éta lalaki teu meunang nganggap anak ti pamajikan nu dipikanyaah téh sabagé anak cikal tuluy mikeun hak anak cikal ka anakna nu éta. Éta téh ngarugikeun anak ti pamajikan anu teu dipikanyaah, nyaéta anak cikal nu sabenerna. 17 Anak lalaki ti pamajikan nu teu dipikanyaah kudu diaku sabagé anak cikal. Bapana kudu méré dua bagian tina sagala pangabogana, sabab éta téh anak nu kahiji.* Hak anak cikal téh milik éta anak.+

18 ”Lamun aya jalma boga anak lalaki nu bedegong, sok ngalawan, jeung teu nurut ka indung bapana,+ padahal geus dipapatahan ku kolotna tapi angger teu ngagugu,+ 19 ku indung bapana kudu dibawa ka gerbang kota, ka para kokolot. 20 Béjakeun kieu ka para kokolot, ’Ieu pun anak téh bedegong, sok barontak, jeung teu daék nurut. Keur mah rewog,+ beuki mabok deuih.’+ 21 Geus kitu, sakabéh jalma di éta kota kudu ngabalédogan manéhna ku batu nepi ka maot. Maranéh kudu nyingkirkeun kajahatan ti antara maranéh, seug éta bakal kadéngé ku sakabéh urang Israél, tuluy maranéhna bakal sarieuneun.+

22 ”Lamun aya jalma nu ngalampahkeun dosa nepi ka kudu dihukum paéh,+ tuluy sanggeus dipaéhan téh digantung dina tihang,+ 23 mayitna ulah diantep dina tihang sapeupeuting.+ Éta mayit kudu dikubur poé éta kénéh, sabab jalma nu digantung téh dikutuk ku Allah.+ Tanah nu rék dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan téh ulah nepi ka jadi najis.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun