PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pamindo 22
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pamindo

      • Ulah teu paduli ka sasatoan batur (1-4)

      • Lalaki maké papakéan awéwé, awéwé maké papakéan lalaki (5)

      • Mikarunya sasatoan (6, 7)

      • Hahalang dina hateup (8)

      • Nu teu meunang dihijikeun (9-11)

      • Rumbé-rumbé dina pakéan (12)

      • Hukum mun aya nu diperkosa (13-30)

Pamindo 22:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 23:4

Pamindo 22:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mat 7:12

Pamindo 22:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 23:5; Ima 19:18; Luk 10:27; Gal 6:10

Pamindo 22:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 22:28; Jab 145:9; Sil 12:10; Mat 10:29

Pamindo 22:8

Catetan Handap

  • *

    Harita, kalolobaan imah téh hateupna rata, siga loténg nu sok dipaké keur rupa-rupa kagiatan.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 11:2; Kis 10:9

Pamindo 22:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 19:19

Pamindo 22:10

Catetan Handap

  • *

    Alat paranti ngaguar taneuh.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 12:10

Pamindo 22:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 19:19

Pamindo 22:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 15:38; Mat 23:2, 5

Pamindo 22:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 18:21; Pam 1:13; 16:18
  • +Pam 25:2; Sil 10:13; 19:29

Pamindo 22:19

Catetan Handap

  • *

    1 syékel = 11,4 g. Tingali Lamp. B14.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mal 2:16

Pamindo 22:21

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”geus ngalacur”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 21:9
  • +Ibr 13:4
  • +Ima 11:45; 1Kor 5:13

Pamindo 22:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 20:3; Bud 20:14; Ima 20:10; 1Kor 6:9, 10, 18

Pamindo 22:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 20:10; Pam 5:18; 1Tés 4:3, 6; Ibr 13:4

Pamindo 22:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 4:8; Bil 35:20, 21; Yak 2:11

Pamindo 22:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 34:2, 5

Pamindo 22:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 34:11, 12; Bud 22:16

Pamindo 22:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 18:8; 20:11; Pam 27:20; 1Kor 5:1

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Pam. 22:1Bud 23:4
Pam. 22:2Mat 7:12
Pam. 22:4Bud 23:5; Ima 19:18; Luk 10:27; Gal 6:10
Pam. 22:6Ima 22:28; Jab 145:9; Sil 12:10; Mat 10:29
Pam. 22:82Sam 11:2; Kis 10:9
Pam. 22:9Ima 19:19
Pam. 22:10Sil 12:10
Pam. 22:11Ima 19:19
Pam. 22:12Bil 15:38; Mat 23:2, 5
Pam. 22:18Bud 18:21; Pam 1:13; 16:18
Pam. 22:18Pam 25:2; Sil 10:13; 19:29
Pam. 22:19Mal 2:16
Pam. 22:21Ima 21:9
Pam. 22:21Ibr 13:4
Pam. 22:21Ima 11:45; 1Kor 5:13
Pam. 22:22Kaj 20:3; Bud 20:14; Ima 20:10; 1Kor 6:9, 10, 18
Pam. 22:24Ima 20:10; Pam 5:18; 1Tés 4:3, 6; Ibr 13:4
Pam. 22:26Kaj 4:8; Bil 35:20, 21; Yak 2:11
Pam. 22:28Kaj 34:2, 5
Pam. 22:29Kaj 34:11, 12; Bud 22:16
Pam. 22:30Ima 18:8; 20:11; Pam 27:20; 1Kor 5:1
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pamindo 22:1-30

Pamindo

22 ”Lamun maranéh nempo sapi atawa domba dulur maranéh nyasab, ulah diantep,+ anteurkeun ka dulur maranéh. 2 Tapi lamun imahna jauh atawa maranéh teu nyaho saha nu bogana, bawa éta sato ka imah maranéh, sina aya di maranéh nepi ka ditéang ku nu bogana, geus kitu bikeun satona.+ 3 Éta ogé nu kudu dilampahkeun lamun maranéh nimu kaldé, baju, atawa barang dulur maranéh nu leungit. Ulah cul baé diantep.

4 ”Lamun maranéh ningali kaldé atawa sapi dulur maranéh ngudupruk di jalan, ulah diantep. Bantuan dulur maranéh ngahudangkeun éta sato.+

5 ”Awéwé teu meunang maké papakéan lalaki, lalaki gé teu meunang maké papakéan awéwé. Jalma nu siga kitu téh dipikageuleuh ku Yéhuwa Allah maranéh.

6 ”Upama maranéh keur leumpang, kabeneran ningali sayang manuk dina tangkal atawa dina taneuh, seug aya manuk keur nyileungleuman endogna atawa keur jeung anak-anakna, indungna ulah dicokot bareng jeung anak-anakna.+ 7 Indungna kudu dileupaskeun, ari anak-anakna mah meunang dicokot. Mun éta dilampahkeun, maranéh bakal panjang umur jeung hirup makmur.

8 ”Lamun maranéh ngawangun imah anyar, di sakuriling hateupna*+ kudu dijieun hahalang tina témbok, supaya ulah aya nu labuh ti dinya nepi ka maot. Ku kituna, maranéh sakulawarga moal dianggap salah.

9 ”Kebon anggur maranéh teu meunang dipelakan dua rupa binih.+ Lamun nepi ka kitu, kabéh hasil tina binih nu dipelak jeung hasil tina tangkal anggur di éta kebon kudu dibaktikeun ka tempat suci.

10 ”Sapi jeung kaldé teu meunang disapasangkeun narik wuluku.*+

11 ”Ulah maké papakéan nu bahanna tina campuran benang wol jeung linén.+

12 ”Maranéh kudu nyieun rumbé-rumbé dina tungtung handap papakéan maranéh.+

13 ”Lamun aya lalaki kawin jeung awéwé tuluy ngalakukeun hubungan séks, tapi ka dieunakeun manéhna geus teu bogoh deui ka éta awéwé, 14 terus nuduh éta awéwé ngalampahkeun nu teu bener sarta ngagogoréng ngaranna, pokna, ’Abdi geus kawin jeung ieu awéwé, tapi waktu ngalakukeun hubungan jeung manéhna, geuningan geus teu parawan,’ 15 indung bapa éta awéwé kudu némbongkeun bukti ka para kokolot di gerbang kota yén anakna téh parawan kénéh. 16 Bapana kudu ngomong kieu ka para kokolot, ’Abdi geus ngawinkeun anak abdi jeung ieu lalaki, tapi manéhna geus teu bogoh deui ka anak abdi 17 sarta nuduh anak abdi ngalampahkeun nu teu bener, kieu cenah, ”Abdi geus ngawin anak Bapa, tapi geuningan manéhna geus teu parawan.” Tah, ieu buktina anak abdi parawan kénéh.’ Kaén nu jadi bukti yén éta awéwé téh parawan kénéh kudu dibéngbréngkeun hareupeun para kokolot éta. 18 Geus kitu, éta lalaki kudu dibawa ku para kokolot+ tuluy dihukum.+ 19 Manéhna kudu mayar dengda 100 syékel* pérak, tuluy bikeun ka bapana éta awéwé, lantaran manéhna geus mitnah hiji parawan Israél.+ Éta awéwé bakal tetep jadi pamajikanana, saumur hirupna teu meunang diserahkeun.

20 ”Tapi lamun éta tuduhan téh bener, jeung euweuh bukti yén éta awéwé parawan kénéh, 21 éta awéwé kudu dibawa ka lawang imah bapana. Geus kitu, jalma-jalma di éta kota kudu malédogan manéhna ku batu nepi ka maot, lantaran manéhna geus ngalampahkeun hal cabul* di imah bapana,+ nu matak aéb+ ka Israél. Kajahatan kudu disingkirkeun ti antara maranéh.+

22 ”Lamun aya lalaki kanyahoan ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan batur, duanana kudu dipaéhan, boh lalakina boh awéwéna.+ Kajahatan kudu disingkirkeun ti Israél.

23 ”Lamun aya hiji parawan geus tunangan, tuluy aya lalaki panggih jeung manéhna di kota, seug éta lalaki ngajak ngalakukeun hubungan séks, 24 bawa duanana ka gerbang kota, tuluy balédogan ku batu nepi ka maot. Éta téh lantaran awéwéna teu jejeritan ménta tulung basa di kota, ari lalakina geus ngarendahkeun pamajikan sasamana.+ Kajahatan kudu disingkirkeun ti antara maranéh.

25 ”Tapi, lamun éta lalaki panggih jeung awéwé nu geus tunangan téh di luareun kota, seug éta awéwé diperkosa, ngan lalakina nu kudu dipaéhan. 26 Ari awéwéna mah ulah dikukumaha, lantaran éta awéwé teu milampah dosa jeung teu kudu dipaéhan. Perkarana teu béda ti jalma nu nyerang sasamana nepi ka maot.+ 27 Éta lalaki kabeneran panggih jeung éta awéwé di luareun kota. Awéwéna geus ngajerit, tapi euweuh nu nulungan.

28 ”Lamun aya lalaki panggih jeung parawan nu can tunangan, seug awéwéna dipaksa ngalakukeun hubungan séks tuluy kanyahoan,+ 29 manéhna kudu mayar 50 syékel pérak ka bapa éta awéwé, ari awéwéna kudu dikawin ku manéhna.+ Manéhna teu meunang nyerahkeun éta awéwé saumur hirupna, lantaran geus ngarendahkeun éta awéwé.

30 ”Ulah aya nu ngalakukeun hubungan séks jeung pamajikan bapana, lantaran éta téh ngarendahkeun bapana.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun