Yosua
15 Tanah nu dibagikeun*+ ka kulawarga-kulawarga ti kaom Yéhuda téh nyaéta daérah di wates Édom,+ Tanah Gurun Zin, nepi ka tungtung Négéb beulah kidul. 2 Wates kidulna téh dimimitian ti tungtung Laut Paéh,*+ nyaéta basisir nu aya di beulah kidul. 3 Éta wates terus ngidul ka Tanjakan Akrabim,+ terus ka Zin, tuluy ti kidul naék ka Kadés-barnéa,+ ka Hézron, ka Adar, tuluy méngkol ka Karka. 4 Éta wates terus ka Azmon+ mapay Wadi* Mesir,+ bras ka Laut Tengah. Éta wates kidul daérah maranéhna.
5 Wates wétanna téh Laut Paéh* nepi ka tungtung Walungan Yordan. Wates kalérna dimimitian ti basisir éta laut, di tungtung Walungan Yordan,+ 6 naék ka Bét-hogla+ ngaliwatan Bét-araba+ beulah kalér, terus naék ka Batu Bohan.+ (Bohan téh turunan Rubén.) 7 Éta wates naék ka Débir di Lebak Akhor+ jeung méngkol ka kalér ka Gilgal+ nu aya di hareupeun Tanjakan Adumim, kiduleun wadi. Éta wates terus ka Cinyusu Én-syémés+ tuluy ka Én-rogél,+ 8 ti dinya naék ka Lebak Putra Hinom+ ka daérah lamping* beulah kidul milikna urang Yébus,+ nyaéta Yérusalém,+ terus naék ka puncak gunung nu aya di beulah kulon Lebak Hinom, di tungtung kalér Lebak Réfaim. 9 Ti puncak éta gunung, watesna terus ka Cinyusu Néftoa+ nepi ka kota-kota di Gunung Éfron, geus kitu terus ka Baala, nyaéta Kiriat-yéarim.+ 10 Ti Baala, watesna méngkol ka kulon ka Gunung Séir, terus ka lamping Gunung Yéarim di kalér, nyaéta Khésalon, ti dinya turun ka Bét-syémés,+ terus ka Timnah.+ 11 Geus kitu, watesna téh terus ka lamping Ékron+ di kalér, tuluy ka Syikéron, ka Gunung Baala, ka Yabnéél, bras ka laut.
12 Wates kulon daérah maranéhna téh Laut Tengah+ jeung basisirna. Éta wates-wates di sakurilingeun daérah kulawarga-kulawarga turunan Yéhuda.
13 Sakumaha paréntah Yéhuwa ka Yosua, Kaléb+ anak Yéfuné dibéré tanah di daérah turunan Yéhuda, nyaéta Kiriat-arba (Arba téh bapana Anak), atawa Hébron.+ 14 Jadi, Kaléb ngusir tilu putra Anak+ ti dinya, nyaéta Syésyai, Ahiman, jeung Talmai.+ Maranéhna téh turunan Anak. 15 Ti dinya, manéhna merangan penduduk Débir.+ (Tadina Débir téh disebut Kiriat-séfér.) 16 Ceuk Kaléb, ”Lamun aya nu bisa ngéléhkeun jeung ngarebut Kiriat-séfér, ku urang rék dikawinkeun jeung Akhsa anak awéwé urang.” 17 Nu ngarebut éta kota téh Otniél.+ Manéhna téh anak adina Kaléb nu ngaranna Kénaz.+ Jadi, Kaléb ngawinkeun Akhsa+ ka manéhna. 18 Basa di jalan rék balik, Akhsa ngolo Otniél supaya ménta lahan ka bapana. Tuluy Akhsa turun tina kaldéna* sarta ditanya ku Kaléb, ”Ari Enéng hayang naon?”+ 19 Akhsa ngajawab, ”Pa, abdi nyuhunkeun hadiah. Bapa pan tos masihan tanah di kidul,* pasihkeun ogé atuh Gulot-maim.”* Jadi, Gulot Luhur jeung Gulot Handap téh dibikeun ku bapana.
20 Ieu tanah warisan milik kulawarga-kulawarga ti kaom Yéhuda.
21 Kota-kota milik kaom Yéhuda di tungtung kidul anu deukeut wates tanah Édom+ téh nyaéta: Kabzéél, Édér, Yagur, 22 Kina, Dimona, Adada, 23 Kédés, Hazor, Itnan, 24 Zif, Télém, Béalot, 25 Hazor-hadata, Kériot-hézron nyaéta Hazor, 26 Amam, Syéma, Molada,+ 27 Hazar-gadah, Hésmon, Bét-pélét,+ 28 Hazar-syual, Béér-syéba,+ Biziotia, 29 Baala, Iim, Ézém, 30 Éltolad, Khésil, Horma,+ 31 Ziklag,+ Madmana, Sansana, 32 Lébaot, Syilhim, Ain, jeung Rimon.+ Kabéhanana aya 29 kota sarta désa-désana.
33 Kota-kota nu aya di Syéféla+ nyaéta: Éstaol, Zora,+ Asna, 34 Zanoa, Én-ganim, Tapua, Énam, 35 Yarmut, Adulam,+ Sokoh, Azéka,+ 36 Syaaraim,+ Aditaim, sarta Gédéra jeung Gédérotaim.* Kabéhanana aya 14 kota sarta désa-désana.
37 Zénan, Hadasya, Migdal-gad, 38 Diléan, Mizpé, Yoktéél, 39 Lakhis,+ Bozkat, Églon, 40 Kabon, Lahmam, Khitlis, 41 Gédérot, Bét-dagon, Naama, jeung Makéda.+ Kabéhanana aya 16 kota sarta désa-désana.
42 Libna,+ Étér, Asyan,+ 43 Ifta, Asna, Nézib, 44 Kéila, Akhzib, jeung Marésyah. Kabéhanana aya salapan kota sarta désa-désana.
45 Ékron jeung kota-kota di sakurilingna sarta désa-désana, 46 ogé ti Ékron ka beulah kulon, kabéh nu aya di deukeut Asdod sarta désa-désana.
47 Asdod,+ kota-kota di sakurilingna sarta désa-désana; Gaza,+ kota-kota di sakurilingna sarta désa-désana, terus turun ka Wadi Mesir, Laut Tengah, jeung daérah basisirna.+
48 Di daérah pagunungan: Syamir, Yatir,+ Sokoh, 49 Dana, Kiriat-sana nyaéta Débir, 50 Anab, Éstémo,+ Anim, 51 Gosyén,+ Holon, jeung Gilo.+ Kabéhanana aya 11 kota sarta désa-désana.
52 Arab, Duma, Ésyan, 53 Yanim, Bét-tapua, Aféka, 54 Humta, Kiriat-arba nyaéta Hébron,+ jeung Zior. Kabéhanana aya salapan kota sarta désa-désana.
55 Maon,+ Karmél, Zif,+ Yuta, 56 Yizréél, Yokdéam, Zanoa, 57 Kayin, Gibéah, jeung Timnah.+ Kabéhanana aya sapuluh kota sarta désa-désana.
58 Halhul, Bét-zur, Gédor, 59 Maarat, Bét-anot, jeung Éltékon. Kabéhanana aya genep kota sarta désa-désana.
60 Kiriat-baal nyaéta Kiriat-yéarim,+ jeung Raba. Jumlahna aya dua kota sarta désa-désana.
61 Di tanah gurun: Bét-araba,+ Midin, Sekaka, 62 Nibsyan, Kota Uyah, jeung Én-gédi.+ Kabéhanana aya genep kota sarta désa-désana.
63 Ari urang Yébus+ nu matuh di Yérusalém+ teu bisa diusir ku lalaki-lalaki Yéhuda.+ Jadi, urang Yébus terus matuh bareng jeung urang Yéhuda di Yérusalém nepi ka ayeuna.