Yosua
16 Sanggeus diundi,*+ tanah keur turunan Yusuf+ nyaéta ti Walungan Yordan di Yérikho nepi ka sumber cai wétaneun Yérikho, ti dinya ngaliwatan tanah gurun naék ka daérah pagunungan di Bétel.+ 2 Ti Bétel di deukeut Luz, watesna terus ka wates daérah urang Arkhi di Atarot, 3 geus kitu turun ka beulah kulon ka wates daérah urang Yaflét nepi ka wates Bét-horon Handap+ jeung Gézér,+ tuluy bras ka laut.
4 Jadi turunan Yusuf,+ nyaéta Manasyé jeung Éfraim, nempatan tanahna masing-masing.+ 5 Wates daérah kulawarga-kulawarga ti turunan Éfraim téh ieu: Di beulah wétan, wates tanah warisan maranéhna téh Atarot-adar+ nepi ka Bét-horon Luhur,+ 6 tuluy bras ka laut. Ti Mikhmétat+ nu aya di kalér, watesna méngkol ka wétan ka Taanat-syilo, terus ka Yanoa. 7 Ti Yanoa, watesna turun ka Atarot jeung Naara nepi ka Yérikho,+ terus ka Walungan Yordan. 8 Ti Tapua,+ watesna terus ka kulon ka Wadi* Kanah, jeung bras ka laut.+ Éta tanah warisan keur kulawarga-kulawarga ti kaom Éfraim. 9 Turunan Éfraim gé boga sababaraha kota jeung désa di tanah warisanana kaom Manasyé.+
10 Tapi, urang Kanaan nu matuh di Gézér+ teu diusir, jadi maranéhna terus matuh bareng jeung urang Éfraim+ nepi ka ayeuna jeung dititah gawé paksa.+