Yosua
17 Sanggeus diundi,+ kaom Manasyé+ narima tanahna. Manasyé téh anak cikalna Yusuf.+ Ari Makhir,+ anak cikalna Manasyé sarta bapana Giléad, geus narima Giléad jeung Basyan,+ lantaran manéhna téh prajurit. 2 Sanggeus diundi, kulawarga-kulawarga ti turunan Manasyé séjénna gé narima tanah, nyaéta keur anak-anak lalakina Abi-ézér,+ Hélék, Asriél, Syikhém, Héfér, jeung Syémida. Maranéhna téh kulawarga-kulawarga ti anak lalaki turunan Manasyé anak Yusuf.+ 3 Tapi Zéloféhad+ anak Héfér, anak Giléad, anak Makhir, anak Manasyé, teu boga anak lalaki, ngan anak awéwé wungkul. Ngaran anak-anak awéwéna téh Mahla, Noa, Hogla, Milka, jeung Tirza. 4 Jadi, maranéhna ngadatangan Imam Éléazar,+ Yosua anak Nun, jeung para pamingpin. Maranéhna ngomong kieu, ”Yéhuwa geus maréntahkeun Musa sina mikeun tanah warisan ka urang siga ka dulur-dulur lalaki urang.”+ Jadi sakumaha paréntah Yéhuwa, maranéhna dibéré tanah warisan siga dulur-dulur lalaki bapana.+
5 Salian ti Giléad jeung Basyan nu aya di beulah ditu Walungan Yordan,* aya ogé sapuluh bagian tanah nu ditarima ku kaom Manasyé.+ 6 Éta téh lantaran anak-anak awéwéna Manasyé gé narima tanah warisan siga anak-anak lalaki. Ari Giléad mah jadi milik turunan Manasyé séjénna.
7 Wates daérah kaom Manasyé téh ti Asyér nepi ka Mikhmétat+ hareupeun Syikhém,+ terus ka kidul* ka daérah pendudukna Én-Tapua. 8 Tanah sakurilingeun Tapua+ mah milik Manasyé, ari kota Tapua nu aya di wates daérah Manasyé mah milik turunan Éfraim. 9 Éta wates turun ka kidul ka Wadi* Kanah. Di daérah Manasyé+ aya kota-kota milik Éfraim. Wates daérah Manasyé téh kaléreun wadi, tuluy bras ka laut.+ 10 Tanah nu beulah kidul téh milik Éfraim, ari nu beulah kalérna mah milik Manasyé, jeung laut jadi wates daérah Manasyé.+ Di beulah kalér Manasyé* aya daérahna Asyér, jeung di beulah wétanna aya daérahna Isakhar.
11 Di daérah Isakhar jeung Asyér, Manasyé dibéré kota-kota kaasup pendudukna jeung kota-kota di sakurilingna, nyaéta Bét-syéan, Ibléam,+ Dor,+ Én-dor,+ Taanakh,+ jeung Mégido. Éta tilu daérah pasir* téh jadi milikna Manasyé.
12 Tapi, turunan Manasyé teu bisa ngusir urang Kanaan ti éta kota-kota. Urang Kanaan keukeuh cicing di dinya.+ 13 Sanggeus urang Israél beuki kuat, urang Kanaan dititah gawé paksa,+ tapi angger wéh henteu kabéh diusir.+
14 Turunan Yusuf ngomong ka Yosua, ”Ku naon urang* ngan dibéré hiji bagian tanah?*+ Padahal urang téh lobaan, da geus diberkahan ku Yéhuwa nepi ka ayeuna.”+ 15 Yosua ngajawab, ”Ari mémang lobaan mah jung atuh indit, babadan leuweung nu aya di tanahna urang Périz+ jeung urang Réfaim+ supaya maranéh boga tempat, lantaran daérah pagunungan urang Éfraim+ leutik teuing jang maranéh.” 16 Tuluy turunan Yusuf ngomong, ”Daérah pagunungan mah moal mahi jang urang, jaba sakabéh urang Kanaan nu matuh di daérah lebak barogaeun karéta perang+ nu aya arit beusina,* nyaéta jalma-jalma di Bét-syéan+ jeung kota-kota di sakurilingna sarta jalma-jalma di Lebak Yizréél.”+ 17 Jadi Yosua ngomong ka turunan Yusuf, nyaéta ka Éfraim jeung Manasyé, ”Maranéh téh loba pisan jeung sakitu kuatna, jadi moal meunangkeun hiji bagian wungkul.+ 18 Daérah pagunungan gé bakal jadi milik maranéh.+ Sanajan éta téh leuweung, ku maranéh bisa dibabadan. Éta bakal jadi tungtung daérah maranéh. Maranéh bakal ngusir urang Kanaan, sanajan maranéhna kuat jeung boga karéta perang nu aya arit beusina.”*+