1 Samuél
28 Hiji waktu, urang Filistin ngumpulkeun pasukanna rék merangan Israél.+ Jadi Akhis ngomong ka Daud, ”Manéh pasti nyaho, manéh jeung balad manéh bakal milu perang jeung urang.”+ 2 Daud némbalan Akhis, ”Juragan pasti terang, hamba Juragan ieu bakal kumaha.” Akhis ngomong ka Daud, ”Éta sababna urang ngalantik manéh jadi pangawal urang keur saterusna.”+
3 Harita, Samuél geus maot. Sakabéh urang Israél nyeungceurikan manéhna tuluy nguburkeun manéhna di Rama, di kota asalna.+ Harita gé Saul geus nyingkirkeun tukang manggil arwah jeung tukang ramal ti Israél.+
4 Urang Filistin kumpul terus indit ka Syuném.+ Maranéhna masang kémah di dinya. Jadi, Saul ngumpulkeun sakabéh prajurit Israél tuluy masang kémah di Gilboa.+ 5 Waktu Saul ningali pasukan Filistin, manéhna sieuneun pisan.+ 6 Sanajan Saul sok ménta pituduh ka Yéhuwa,+ ku Yéhuwa tara dijawab, boh ku impian boh ku Urim+ boh ku jalan nabi. 7 Tungtungna, Saul ngomong ka palayanna, ”Jung pangnéangankeun awéwé tukang manggil arwah.+ Kuring rék indit ménta pituduh ka manéhna.” Palayanna ngajawab, ”Di Én-dor,+ aya hiji awéwé tukang manggil arwah.”
8 Jadi, Saul nyamar maké baju séjén tuluy indit ka éta awéwé peuting-peuting, dibaturan ku dua anak buahna. Ceuk Saul, ”Manéh pan tukang manggil arwah,+ sok pangramalkeun mangsa ka hareup kuring téh bakal kumaha, pangmanggilkeun ogé jalma nu engké disebutkeun ku kuring.” 9 Tapi éta awéwé némbalan, ”Bapa terang pan, Saul nyingkirkeun tukang manggil arwah jeung tukang ramal ti ieu nagri.+ Bapa rék ngajebak abdi ngarah abdi dipaéhan?”+ 10 Geus kitu Saul sumpah ka manéhna demi Yéhuwa, ”Demi Yéhuwa nu hirup, manéh moal disalahkeun ku lantaran hal ieu!” 11 Ngadéngé kitu, éta awéwé nanya, ”Saha nu badé dipanggil?” Dijawab, ”Sok pangmanggilkeun Samuél.” 12 Barang ningali ”Samuél”,*+ éta awéwé ngagoak tuluy ngomong ka Saul, ”Ku naon Juragan bet nipu? Geuning Juragan téh Saul!” 13 Raja ngomong, ”Tong sieun, naon nu katénjo?” Éta awéwé némbalan Saul, ”Aya nu siga allah kaluar ti jero taneuh.” 14 Saul langsung nanya, ”Kumaha rupana?” Dijawabna, ”Nu kaluar téh lalaki kolot maké rompi panjang.”+ Ti dinya Saul engeuh éta téh ”Samuél”. Brek Saul langsung sujud.
15 Tuluy ”Samuél” ngomong ka Saul, ”Ku naon manéh ngaganggu Bapa? Maké manggil-manggil sagala.” Saul ngajawab, ”Abdi nuju aya masalah gedé. Urang Filistin nyerang abdi, jaba Allah tos ninggalkeun, tara ngajawab abdi boh ku jalan nabi-nabi boh ku impian.+ Éta sababna abdi manggil, badé nyuhunkeun pituduh.”+
16 Ceuk ”Samuél”, ”Atuh ari geus ditinggalkeun+ jeung dimusuhan ku Yéhuwa mah jang naon nanya ka Bapa? 17 Yéhuwa bakal ngalaksanakeun ramalan* nu pernah ditepikeun ku Bapa téa: Yéhuwa bakal nyoéhkeun* karajaan manéh tuluy dibikeun ka hiji jalma, nyaéta Daud.+ 18 Éta nu bakal dilaksanakeun ku Yéhuwa poé ieu, lantaran manéh teu taat kana ucapan Yéhuwa jeung teu numpes urang Amalék+ nu geus ngagedurkeun amarah Anjeunna. 19 Yéhuwa gé bakal nyerahkeun manéh jeung Israél ka urang Filistin.+ Isukan, manéh+ jeung anak-anak lalaki manéh+ bakal bareng jeung Bapa. Salian ti éta, Yéhuwa gé bakal nyerahkeun pasukan Israél ka urang Filistin.”+
20 Bluk Saul tibeubeut kana taneuh jeung kacida sieuneunana ngadéngé omongan ”Samuél”. Manéhna leuleus pisan da sapoé sapeuting can dahar. 21 Basa disampeurkeun ku éta awéwé, katingali Saul téh guligah pisan. Éta awéwé ngomong, ”Hamba Juragan ieu tos nurut kana omongan Juragan. Abdi gé tos naruhkeun nyawa+ sarta ngajalankeun paménta Juragan. 22 Sok atuh ayeuna mah dangukeun hamba Juragan ieu. Abdi badé nyiapkeun roti, engké dituang nya ku Juragan, supaya Juragan boga tanaga kanggo neruskeun perjalanan.” 23 Tapi Saul embungeun. Ceuk manéhna, ”Kuring moal dahar.” Manéhna terus diolo ku anak buahna jeung éta awéwé. Tungtungna mah manéhna nurut, cengkat wéh tina taneuh, gék diuk dina tempat saré. 24 Éta awéwé boga anak sapi nu lintuh di imahna. Seug sapi téh gancang dipeuncit* ku manéhna. Manéhna gé nyokot tipung, nyieun adonan, tuluy éta dipanggang jadi roti nu teu diragian. 25 Éta kabéh ku manéhna disuguhkeun ka Saul jeung anak buahna. Prak maranéhna dalahar. Geus kitu, maranéhna baralik peuting éta kénéh.+