2 Samuél
5 Ka dieunakeun, sakabéh kaom Israél datang ka Daud di Hébron.+ Ceuk maranéhna, ”Urang kabéh téh pan sagetih sadaging jeung* anjeun.+ 2 Basa Saul masih kénéh jadi raja, anjeun nu mingpin Israél dina peperangan.*+ Terus, Yéhuwa ngucapkeun kieu ka anjeun, ’Manéh bakal jadi pangangon umat Kuring Israél sarta jadi pamingpin maranéhna.’”+ 3 Jadi, sakabéh kokolot Israél datang ka Raja di Hébron. Di dinya, Raja Daud nyieun perjangjian jeung maranéhna+ hareupeun Yéhuwa. Geus kitu, maranéhna ngalantik Daud jadi raja Israél.+
4 Daud umur 30 taun waktu jadi raja. Manéhna maréntah salila 40 taun.+ 5 Di Hébron, manéhna maréntah Yéhuda salila 7 taun 6 bulan. Di Yérusalém,+ manéhna maréntah sakabéh Israél jeung Yéhuda salila 33 taun. 6 Geus kitu, Raja jeung pasukanna indit ka Yérusalém rék merangan urang Yébus+ nu matuh di dinya. Maranéhna moyokan Daud, ”Manéh mah moal bisa lah asup ka dieu! Ku nu lolong jeung ku nu pincang gé manéh tangtu bisa diusir.” Ceuk pamikir maranéhna, ’Daud moal bisa asup ka dieu.’+ 7 Tapi Daud ngarebut bénténg Zion, nu ayeuna jadi Kota Daud.+ 8 Poé éta, Daud ngomong kieu ka nu rék nyerang urang Yébus, ”Jig asup liwat torowongan cai tuluy serang urang Yébus. Serang kabéh jalma, kaasup ’nu lolong jeung nu pincang’. Kuring geuleuh ka maranéhna.” Éta sababna jalma-jalma sok ngomong kieu, ”Nu lolong jeung nu pincang moal bakal asup ka imah.” 9 Tuluy éta bénténg dicicingan ku Daud sarta disebut* Kota Daud. Daud ngawangun témbok jeung wangunan-wangunan séjén di Pasir*+ sarta di tempat-tempat séjén di éta kota.+ 10 Ku kituna, Daud beuki kuat.+ Manéhna gé disarengan ku Yéhuwa, Allah pangawasa pasukan sorga.+
11 Hiram+ raja Tirus ngirim utusan ka Daud. Manéhna gé ngirimkeun kai aras,+ tukang kai, jeung tukang batu keur ngawangun témbok. Maranéhna mulai ngawangun istana Daud.+ 12 Daud nyaho yén Yéhuwa geus ngukuhkeun manéhna salaku raja Israél,+ sarta geus ngalantarankeun karajaan manéhna beuki kuat+ demi Israél umat-Na.+
13 Sanggeus Daud pindah ti Hébron ka Yérusalém, selir+ jeung pamajikan Daud beuki loba. Manéhna gé boga leuwih loba anak lalaki jeung anak awéwé.+ 14 Anak-anak Daud nu lahir di Yérusalém téh nyaéta Syamua, Syobab, Natan,+ Sulaéman,+ 15 Ibhar, Élisyua, Néfég, Yafia, 16 Élisyama, Éliada, jeung Élifélét.
17 Waktu urang Filistin ngadéngé yén Daud geus dilantik jadi raja Israél,+ maranéhna kabéh datang rék nyerang Daud.+ Ngadéngé kitu, bral Daud indit ka panyumputan.+ 18 Urang Filistin datang tuluy nyebar di Lebak Réfaim.+ 19 Daud nanya ka Yéhuwa,+ ”Abdi kedah maju ngalawan urang Filistin atanapi ulah? Gusti bakal nyerahkeun maranéhna ka abdi moal?” Yéhuwa ngajawab, ”Sok maju, Kuring pasti nyerahkeun urang Filistin ka manéh.”+ 20 Jadi, Daud indit ka Baal-pérazim tuluy ngéléhkeun urang Filistin di dinya. Pok Daud ngomong, ”Yéhuwa tos ngéléhkeun musuh-musuh+ kuring hareupeun kuring, kawas cai nu ngabobol témbok.” Ku kituna, éta tempat dingaranan Baal-pérazim.*+ 21 Urang Filistin ninggalkeun berhala-berhalana di dinya, tuluy ku Daud jeung baladna dicarokotan.
22 Teu lila ti dinya, urang Filistin daratang deui tuluy nyebar di Lebak Réfaim.+ 23 Daud nanya ka Yéhuwa, tapi dijawab ku Anjeunna, ”Ulah nyerang maranéhna ti hareup. Muter wéh, serang ti tukang. Serang maranéhna hareupeun gumplukan rungkun baka.* 24 Waktu manéh ngadéngé sora kawas sora barisan prajurit luhureun rungkun baka, gancang maju, sabab Yéhuwa geus aya di hareupeun manéh pikeun ngéléhkeun pasukan Filistin.” 25 Jadi, Daud ngajalankeunana percis sakumaha paréntah Yéhuwa. Manéhna ngéléhkeun urang Filistin+ ti Géba+ terus nepi ka Gézér.+