Jabur
Keur pamingpin musik: Dumasar kana ”Kembang Bakung”. Jabur karangan turunan Korah.+ Maskil.* Lagu cinta.
45 Haté abdi kageuing lantaran ngadéngé béja hadé.
Ceuk abdi, ”Lagu* abdi téh ngeunaan hiji raja.”+
Mugia létah abdi lir péna+ nu dipaké ku tukang nyalin* nu ahli.+
2 Di antara manusa, anjeun téh nu pangkasépna.
Kekecapan nu kaluar tina biwir anjeun téh mani pikaresepeun.+
Éta sababna Allah ngaberkahan anjeun salamina.+
3 Anjeun nu perkasa,+ beulitkeun pedang anjeun+ kana cangkéng.
Anjeun téh mulya jeung agung.+
4 Témbongkeun yén anjeun téh sakitu agungna, rebut kaunggulan.+
Maju, tumpak kuda, béla jalma nu rendah haté sarta béla bebeneran jeung kaadilan.+
Ku panangan katuhu anjeun, laksanakeun perkara-perkara nu matak tajub.
5 Panah-panah anjeun sareukeut, narancleb kana jajantung musuh-musuh raja.+
Bangsa-bangsa tingjaloprak payuneun anjeun.+
6 Allah masihan kawasa ka anjeun pikeun jadi raja* salalanggengna.+
Tongkat pamaréntahan anjeun téh tongkat kaadilan.+
7 Anjeun cinta kana naon-naon nu bener+ jeung ijid kana naon-naon nu jahat.+
Éta sababna Allah, Allah anjeun, tos ngalantik anjeun+ ku minyak sarta masihan kabagjaan+ nu leuwih gedé ka anjeun tibatan ka raja-raja séjén.
8 Sakabéh baju anjeun seungit ku emur,* kayu gaharu,* jeung kayu manis.*
Anjeun gumbira lantaran ngadangu sora alat-alat musik nu maké senar ti istana gading nu megah.
9 Putri-putri raja aya di antara wanita-wanita nu dihormat ku anjeun.
Praméswari* nangtung katuhueun anjeun, bari maké perhiasan emas Ofir.+
10 Nun Putri, dangukeun jeung perhatikeun cariosan abdi.
Popohokeun bangsa anjeun jeung kulawarga bapa anjeun.
11 Raja bakal sono kana kageulisan anjeun.
Pék sujud ka raja
Lantaran anjeunna téh panutan anjeun.
12 Kota Tirus bakal datang mawa hadiah.
Jalma-jalma nu pangbeungharna bakal meuli haté anjeun.
13 Putri raja aya di jero istana, pakéanana dihias ku emas,
Mani éndah katingalina.
14 Anjeunna nganggé anggoan tinun warna-warni,* seug dijajap ka raja.
Para mojang nu ngiringkeun anjeunna dijajap ogé ka payuneun raja.*
15 Sadayana dibawa asup ka istana raja
Bari suka bungah jeung gumbira.
16 Nun Raja, anak-anak anjeun bakal ngaganti karuhun anjeun.
Anjeun bakal ngalantik maranéhna jadi pamingpin di sakuliah bumi.+
17 Abdi bakal nyaritakeun nami anjeun supaya terus diémut ti jaman ka jaman.+
Éta sababna, bangsa-bangsa bakal muji anjeun salalanggengna.